Luksemburg
| Grand-Duché de Luxembourg Großherzogtum Luxemburg Groussherzogtum Lëtzebuerg |
||||
|---|---|---|---|---|
| Motto Mir wëlle bleiwe wat mir sinn (Luxemburg: "Kuring hayang tetep aya di mana kuring ayeuna") |
||||
| Lagu Ons Heemecht |
||||
![]() |
||||
| Ibu kota (jeung kota panggedéna) | Kota Luxemburg | |||
| Basa resmi | Perancis, Jérman, Luxemburg1 | |||
| Pamaréntah | Kadipatén Ageung | |||
| - | Adipati | Adipati Henri | ||
| - | Perdana Menteri | Luc Frieden | ||
| Kamerdékaan | ||||
| - | Ti Kakaisaran Perancis | 9 Juni 1815 | ||
| - | Traktat London Kahiji | 19 April 1839 | ||
| - | Traktat London Kadua | 11 Méi 1867 | ||
| - | Ahir Uni pribados | 23 Nopémber 1890 | ||
| Aréa | ||||
| - | Total | 2.586 km² (167) mil² |
||
| - | Cai (%) | bisa teu dipadulikeun | ||
| Populasi | ||||
| - | Perkiraan 2011 | 511.840 (169) | ||
| - | Sénsus 2001 | 439.539 | ||
| GDP (PPP) | Perkiraan 2005 | |||
| - | Total | US$28,91 miliar (94) | ||
| - | Per kapita | US$87.955 (1) | ||
| Mata uang | Euro 2 (EUR) |
|||
| Zona wanci | (UTC+1) | |||
| - | Usum panas (DST) | (UTC+2) | ||
| TLD Internét | .lu | |||
| Kode telepon | +352 | |||
| 1. Basa Luksemburg mangrupa basa de jure ti 1984. 2. Mata uang saméméh 1999 nyaéta Franc Luksemburg. |
||||
Luksemburg, atawa resmina Kadipatén Ageung Luksemburg (Basa Prancis: Grand-Duché de Luxembourg, Basa Jérman: Großherzogtum Luxemburg, basa Luksemburg: Groussherzogtum Lëtzebuerg) mangrupa hiji nagara nu teu boga wates laut nu aya di Éropa bagian kulon-kalér, tepung wates jeung Perancis (73 km), Jérman (138 km), jeung Bélgia (148 km).
Géografi
[édit | édit sumber]
Luxemburg mangrupa salah sahiji nagara pangleutikna di Éropa. Nagara ieu aya dina tingkat ka-167 dina daptar nagara dumasar kana legana. Nagara ieu legana kira-kira 2.586 km². Di kalér, bagian-bagian ti Ardennes, raloba pasir jeung gunung kalawan luhurna nu handap. Buurgplaatz mangrupa titik pangluhurna dina 559 m.
Wates wétan Luksemburg diwangun ku tilu walungan, Moselle, Sauer/Sûre, jeung Our.
Basa
[édit | édit sumber]Kaayaan basa di Luxemburg dicirian ku praktik jeung pangakuan kana tilu basa resmi: basa Perancis, basa Jérman, jeung basa Luxemburg, hiji basa Franconi ti wewengkon Moselle nu mirip jeung basa Jérman.
Kira-kira 10% padumukna mangrupa séké-sélér Portugis jeung nyaturkeun basa Portugis.
Agama
[édit | édit sumber]87% padumuk Luksemburg pangagem Katolik Roma jeung 13% mangrupa Protéstan, Yahudi, jeung Islam.
Tempo ogé
[édit | édit sumber]Tumbu kaluar
[édit | édit sumber]
Tempo ogé Luksemburg di Wikivoyage
- (fr) Situs resmi
- (en) Situs resmi pariwisata
| Artikel ngeunaan géografi ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |

