Lompat ke isi

Plasa

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Plasa/Palasa
plasa, Butea monosperma
di Taman Nasional Baluran, Jawa wétan
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
(unranked):
(unranked):
(unranked):
Ordo:
Kulawarga:
Génus:
Spésiés:
B. monosperma
Ngaran binomial
Butea monosperma
(Lam.) Taub., 1894[1]
Sinonim

Erythrina monosperma Lam. (1786)[2]
Butea frondosa Roxb. ex Willd. (1795)[3]

Plasa; palasa (Butea monosperma) nyaéta hiji tutuwuhan anu asalna tina kulawargga Fabaceae.[4] Tangkal ieu kembangan beureum éndah katempona, hirup sumebar lega dimitian ti India, Asia Tenggara, nepi ka Indonésia daérah Kulon. Dina basa Inggris disebut Flame of the Forest.[4]

Ngaran séjén

[édit | édit sumber]

Tangkal Plasa ieu ngagaduhan sababaraha nami sapertos dina basa India disebat dhaak, palash, palaash, palah, palashpapra, polash, polashi, porasum, parasu, modugu, kela[5]. Di Asia Tenggara, tutuwuhan disebatna pouk-pen (Burma); chaa (Kamboja); chaan (Laos); thong kwaao, thong thammachaat (Thai)[4]. Sababaraha ngaran dérahna, di antawisna, plasa (Sd.), plåså (Jw.), jeung palasa (Md.)[6].

Ciri mandiri

[édit | édit sumber]
Tangkal

Tangkal leutik nepi ka sedeng, 5–12(–20) m jangkungna, ngarangrangan daun. Tangkalna biasana parungkal-paréngkol, kalayan kulit tangkal/pepagan kasar tur rarengat/rorombéheun, coklat kulawu, geutahna beureum. Régang anu ngora buluan rapet.[4]

Daun-daun majemuk anak daun tilu, cupatna lk. 7,5–20 cm, daun penumpu ukuranna leutik. Anak daun kurang leuwih menjangat/nyoplok, anu disi buleud endog miring, palebah tungtungna buleud endog tibalik nepika belah kupat, 12–27 cm x 10–26 cm, tungtungna mintil, bulenek, puhuna buleud, dauna tulangan 7–8 pasang.[4]

Daun

Bunga-bunga ngumpul dina ranggeuyan/tandan panjangna 5–40 cm anu perenahna deukeut tungtung régang, ilaharna teu mibanda daun. Kelopak ngawangun saperti tabung kawas locéng aya-4 taju pendék. Mahkota panjangna 5–7 cm; oranyeu-beureum caang, jarang konéng; uluan rapet. Benang-benang sari terbungkus lunas, 9 berlekatan dan 1 lepas; bakal buah menumpang, dengan tangkai putik melengkung. Buah polong tidak memecah, (9–) 17–24 cm × (3–)4–6 cm, bertangkai, tertutup rambut pendek kecokelatan, coklat konéng pias mun geus asak jadi kulawu pucat atau kulawu, bawahnya rata, berisi satu biji yang terletak hampir di ujung. Siki semu gepéng, rada lonyod/jorong, panjangna 3 cm.[4]

Ékologi jeung agihan

[édit | édit sumber]

Palasa kapendak tumbuh secara alami di tegalan anu teukaurus aya ogé di leuweung campuran. Di Himalaya, tangkal ieu kapendak nepika palebah tonggoh anu luhurna 1.200 m dpl.; ari di Jawa, ploso nkapanggih hirup di daéeah anu garing utamana beulah wétan pulo, nepika palebah tongoheun 1.500 m dpl. Plasa kuat najan kahalodoan, kalawan bisa hirup kalawan subur dina taneuh-taneuh anu ngandung uyah sarta kaayaan kakurangan cai.[4] Plasa loba kapanggih hirup di Pakistan, India, Nepal, Sri Lanka, Bangladesh, Burma, Thailand, Laos, Kamboja, Vietnam, Malaysia, jeung Indonesia kulon.[3]

Mangpaat

[édit | édit sumber]
Bunga

bahan nyieun kelir

[édit | édit sumber]

Geutahna semu beureum bakal neuasan upama ditunda di luar jadi gom, anu katelah kino Benggala atawa gom Butea. Gom; Permén karét ieu tiasa dianggo salaku agén dina mangsa nyelep lawon, bahan penyamak, sarta sebagai bahan pengelat (astringensia) ina ubar tradisional, anu geus dikanyaho ubar pikeun nyeri beuteung /diaré.[4]

Tina kembangna bisa dijieun bahan nyieun kelir konéng, kayas, jeung beureum kolot. [6] Engkéna dipaké pikeun nyelep sutera jeung sakapeung lawon katun[4]. Kelir ieu ogé dimangpaatkeun dina ageman Hindu pikeun méré tanda dina tarang. [4] Subtansi kimiawi tina kelir ieu dingaranan butein[4]. Di India, plasa mangrupikeun tangkal penting pikeun dipiara, anu ngahasilkeun sirlak.[4]


Ubar tradisional

[édit | édit sumber]

jmpl|kiri|180px|Buah Geutahna/Gom biasa dipaké ngubaran ngeureunkeun méncrét. [4] Sikina dijantenkeun ubar cacingeun[6]; siki ieu nunjukkeun aya pangaruh antélmintik (anti cacing), bakterisida, sarta fungisida. [4] Minyak sikina ogé dijantenkeun ubar [6]. Daun ngora anu ibebek/tutu dianggo ngubaran bareuh alatan diseureud kalajengking jeung gegeremet séjén. [6] Kembangna dipaké pikeun ngubaran gangguan dina ati[4].

kagunaan séjén

[édit | édit sumber]

Numutkeun kana laporan Heyne, kai palasa henteu tiasa dianggo sabab gampang beulah, marieus, ogé gampil ka serangan rinyuh gegeremet; paling ogé pikeun suluh[6]. Palasa ogé dianggo dina upacara kaagamaan Hindu[4].

Kusabab kembangna éndah, palasa remen ngahaja dipelak salaku tangkal hias, di taman atau di sisi jalan[4]. Plasa ogé dipelak pikeun ngahéjokeun taneuh anu ngandung uyah, anu biasana hésé dipelakan ku tangkal séjén. [4]

Dicutat tina

[édit | édit sumber]
  1. Engler, H.G.A. & K.A.E. Prantl. 1894. Nat. Pflanzenfam. 3(3):366.
  2. Lamarck, J.B. 1786. Encycl. 2: 391.
  3. a b "Butea monosperma (Lam.) Taub.". Germplasm Resources Information Network. United States Department of Agriculture. 2006-05-18. Diakses tanggal 2009-10-24. 
  4. a b c d e f g h i j k l m n o p q r Chayamarit, K. 1991. Butea monosperma (Lamk) Taubert Archived 2016-03-04 di Wayback Machine In: Lemmens, R.H.M.J. and N. Wulijarni-Soetjipto (Editors). Plant Resources of South-East Asia No. 3: Dye and tannin-producing plants. Pudoc, Wageningen, The Netherlands, pp. 56-57
  5. Cowen, D. V. (1984). Flowering Trees and Shrubs in India, Sixth Edition. Bombay: THACKER and Co. Ltd. p. 3. 
  6. a b c d e f Heyne, K. 1987. Tumbuhan Berguna Indonesia 2: 1033. Badan Penelitian dan Pengembangan Kehutanan, Bogor.



Wikimedia Commons logo
Wikimedia Commons logo
Wikimedia Commons mibanda média séjénna ngeunaan