Betok
Betok / Papuyu | |
---|---|
Lauk betok, Anabas testudineus | |
Klasifikasi ilmiah | |
Karajaan: | |
Filum: | |
Kelas: | |
Ordo: | |
Kulawarga: | |
Génus: | |
Spésiés: | A. testudineus
|
Ngaran binomial | |
Anabas testudineus (Bloch, 1792)
|
Betok (Anabas testudineus) nyaéta lauk darat anu asalna tina kulawarga anabantidae.[1][2] Lauk betok loba kapanggih hirup di nagara : Laos, Malaysia, Myanmar, Nepal, Pakistan, Singapura;, Srilanka; Thailand; Viet Nam, jeung nagara Asia tenggara séjénna.[3]
Mangsa kulah, balong, atawa rawa tempat hirupna saat ku lantaran usum halodo lauk betok mah bisa pindah tempat néangan kulah anu aya cai, ku jalan hanjat kadarat ngarayap dina leutak atawa taneuh garing ngagunakeun cécépétna, nu matak betok disebut ogé climbing gourami atawa walking fish.[4] Sagigireun éta lauk betok mah mibanda dua organ pikeun ngambekan (ngarenghap) anu ngajadikeun ieu lauk bisa langsung nyokot hawa/oksigén ti luar, ku kituna lauk betok mah bisa hirup dina kaayaan kurang hawa/oksigén.[5]
Lauk betok kaasup lauk leutik, ukuran awakna anu déwasa panjangna ngan nepika 23 cm kalawan beurat 200 gr, ieu lauk disebut ogé papuyu ; balang balang.[5] Di Kalimantan, Sumatera jeung Sulawesi ieu lauk dipikaresep pisan malahan hargana leuwih onjoy ti batan lauk lélé.[5] Ngan hanjakal sakapeung sok langka aya di pasar ku lantaran ngandelkeun beubeunangan ngala ti susukan, kulah, jeung rawa.[5] Lauk betok anu ngahaja dipiara di balong, mikabutuh waktu 5 - 6 bulan nepika waktuna dipanén.[5] ti mimiti melak binih lauk betok anu panjangna 5 - 8 cénti méter, ieu lauk baris dipanén jadi lauk betok déwasa anu ukuranna hijina 80-100 gram atawa 10-15 siki dina sakilo.[5]
Ciri mandiri
[édit | édit sumber]- Betok mibanda organ pikeun ngambekan anu ngajadikeun ieu lauk bisa langsung nyokot hawa/oksigen ti luar.[5]
- Kaasup kana lauk omnivora (sagala dihakan) sagigireun ngadahar dangdaunan jeung lukut, sakapeung sok ngahakan larong, cacing jeung lauk leutik.[5]
- Sisit dina awakna semu héjo, palebah pundukna mah semu bodas ngagurilap.[5]
- Bisa ngarayap dina leutak jeung taneuh garing ngagunakeun cécépétna pikeun pindah tempat/kulah.[4]
-
Lauk betok bisa ngarayap didarat -
Cucuk lauk betok
-
Lauk betok beunang nyamaraan
-
Gambar lauk betok anu aya di University of Amsterdam
Dicutat tina
[édit | édit sumber]- ↑ Rigg, Jonathan (1862). Rigg. Universitas Harvard: Lange. p. 52. ISBN - Check
|isbn=
value (bantuan). Disungsi29 Januari 2022 - ↑ Baru - W. van Hoeve, Ichtiar (1988). Ensiklopedi Indonesia. Seri fauna: Burung Seri fauna. Jakarta: Universitas Michigan.
- ↑ "Anabas testudineus". iucn. 2007-03-28. Diakses tanggal 2017-08-07.
- ↑ a b Allaby, Michael (2003). A Dictionary of Zoology. London: Oxford University Press. ISBN 9780198607588.
- ↑ a b c d e f g h i H. Kordi K, M. Ghufran (2010). Panduan Lengkap Memelihara Ikan Air Tawar di Kolam Terpal. Jakarta: Penerbit Andi. ISBN 9789792914115.
Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |