Lompat ke isi

Bangkong héjo

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Bangkong héjo
Status konservasi
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
Filum:
Kelas:
Ordo:
Kulawarga:
Génus:
Spésiés:
Ngaran binomial
Pelophylax kl. esculentus
Sinonim

Pelophylax esculentus (Linnaeus, 1758)
Rana esculenta Linnaeus, 1758

Bangkong héjo (Pelophylax); Edible frog nyaéta bangkong anu sabagian gedé tina awakna mibanda kelir héjo paselang kelir coklat.[1] Bangkong héjo endemik ti Indonésia (pituin), dagingna semu konéng, loba kapanggih hirup di sawah, rawa, jeung susukan.[1] Di alam bébas bangkong héjo panjangna bisa nepikeun ka 15 cm.[1] Bangkong héjo aya ogé anu ngahaja dipiara dimangpaatkeun pikeun bahan ''konsumsi'' anu disebut swike.[2] [3]

Sanajan lain komoditas unggulan, bangkong héjo kaasup kana komoditas ékspor hususna di Sumatra Kidul.[4] Henteu kurang ti 500 ton unggal taun bangkong héjo diékspor ka nagara-nagara di Eropa (Walanda, Inggris, Prancis) ogé nepika Amérika Kidul.[4] Bangkong anu diékspor beunang meresihan tur dina kaayaan beku.[4]

Morfologi

[édit | édit sumber]

Bangkong héjo kaasup sato ampibi, habitat hirupna di sawah, rawa, susukan, jeung kamalir.[5] Utamana mangsa usum hujan bangkong jalu sok raéng disarada ngagentraan bikangna.[5] Pikeun sabagéan jalma, raéng na sora bangkong mangrupa tangara kana kaayaan lingkungan anu masih kénah bersih tur séhat henteu ruksak ku polousi.[5]

Sanajan sapopoé bangkong héjo hirupna nyorangan bari jeung nyumput dina liang atawa handapeun dangdaunan, témpona datang usum begér jeung kawin mah, barijil tina panyumputan.[6] Mangsa geus manjing ka peuting garumpul dina kulah, balong, susukan atawa rawa-rawa di mana waé tempat anu mibanda cai bersih.[6] Kituna téh ramé disarada patémbal-témbal jeung pada baturna bari ngarendog.[6] Nepi ka waktuna megar endog robah jadi anak bangkong anu disebut buruy hirupna di jero cai.[6] Sababaraha bulan ti harita buruy téh ngalaman Métamorfosis taya lian parobahan anu aya dina awakna dicirikeun ku bijilna suku hareup jeung tukang, éta buruy robah ngaranna jadi bancét.[5] Hirupna mimiti kaluar ti cai, pindah ti hiji tempat ka tempat séjén ku jalan aclog-aclogan.[6]

Ciri mandiri

[édit | édit sumber]
  1. Mangsa keur nagog, awak bagéan hareupna neuwih jangkung tibatan anu tukang (dangah).<ref name=Kanna>
  2. Suku tukangna leuwih panjang tibatan bangkong séjén.[1]
  3. Kaasup sato ampibi anu hirup nokturnal (liar mangsa peuting)

Dicutat tina

[édit | édit sumber]
  1. 1 2 3 4 Iskandar, A.Md Murtidjo, Kanna (2005). Seri Budi Daya BULLFROG: PEMBENIHAN DAN PEMBESARAN. Yogyakarta: Kanisius. ISBN 9789792106084.
  2. Iswarin Pujaningsih, Retno (2005). Kodok Lembu. Yogyakarta: Kanisius. ISBN 9789792113082.
  3. Puthu Dwi Purwanto Nugroho (2017-04-25). "Setahun 500 Ton Kodok Hijau Diekspor, Rp 72 Ribu per Kilo". Kompas. Diaksés tanggal 2017-08-09.
  4. 1 2 3 jpnn (2015-01-12). "Setahun 500 Ton Kodok Hijau Diekspor, Rp 72 Ribu per Kilo". jpnn. Diaksés tanggal 2017-08-09.
  5. 1 2 3 4 Susanto, Heru (2014). Budi Daya 25 Ikan di Pekarangan. Jakarta: Penebar Swadaya Group. ISBN 9789790026513.
  6. 1 2 3 4 5 Agasyan, A.; Avisi, A.; Tuniyev, B.; Isailovic, J. C.; Lymberakis, P.; Andrén, C.; Cogalniceanu, D.; Wilkinson, J.; Ananjeva, N.; Üzüm, N.; Orlov, N.; Podloucky, R.; Tuniyev, S.; Kaya, U. (2009). "Bufo bufo". IUCN Red List of Threatened Species. Version 2014.2. International Union for Conservation of Nature. Pemeliharaan CS1: Banyak nama: authors list (link)