Lompat ke isi

Daréngdéng

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Daréngdéng
Kĕdot, Cyperus malaccensis
ti Muaragembong, Bekasi
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
(unranked):
(unranked):
(unranked):
Ordo:
Kulawarga:
Génus:
Spésiés:
C. malaccensis
Ngaran binomial
Cyperus malaccensis
Sinonim
  • Cyperus fortunei Steud.
  • Cyperus incurvatus Roxb.
  • Cyperus neesii D.Dietr. [nom. illeg.]
  • Cyperus spaniophyllus Steud.
  • Cyperus tegetiformis Benth. [nom. illeg.]
  • Cyperus wallichii Nees

Sinonim salengkapna, dina The Plant List [2]

Daréngdéng; Wlingi laut (Cyperus malaccensis) nyaéta tutuwuhan anu asalna tina kulawargga Cyperaceae. Daréngdéng kaasup kana jukut anu hirup di rawa, kasebut gulma; hama pepelakan sanajan kitu ieu jukut remen dimangpaatkeun pikeun bahan anyaman.[3]

Ngaran daérah

[édit | édit sumber]

Ngaran lokal daréngdéng, di antawisna, bunjung (Mly.)[4]; bundung (Banj.); daréngdéng (Sd.); kědot, sukĕt dĕm (Jw.); nanaiang wolangitan (Sangihe); paya-paya (Mongondow); péa-péa (Goront., Buol, Palu)[5]. Ogé, kumbu (kumbuh) (Sum.); rumput kuluwing (Sulw.); jeung geida (Papua)[4]

Ciri mandiri

[édit | édit sumber]

Tutuwuhan daréngdéng mangrupa terna (tangkalna hipu henteu mibanda kai) hirupna nahun, jangkung 60-175 cm, kalayan pibeutieun;geragih hipu kelirna pias katutupan ku sisit badag buleud endog anu napel pageuh, siga mémbran, coklat poék; geragih jadi teuas ngajadi beuti; rimpang ekena kawas [[kai], coklat poék sareng seueur dahan. Tangkal buluan rapet, jeceng ka luhur, tengahna kawas busa;spons, wujudna nyegi tilu sikuna seuket utamana di palebah luhur, kulit tangkal semu ngahelob ka jero, lemes, garis tengah lk 12(-15) mm. Daun jarang; daun di bagéan handap tangkal anu kembangan katempo kawas palapah anu henteu miboga daun (lk. berupa seludang), kulawu semu hideung, di jerona sarupa spons; busa, daun pang luhurna mibanda palapah nepika 20 cm, sarta lambaran daun anu kacida pondok; daun pangluhurna mibanda palapah nepika satengah panjang tangkal; daun dina dahan steril ngawujud ngagurat, rubak 5-10(-18) mm, mencos ka tungtung, kasar di palebah luhur. Kembang di pucuk, majemuk, kawas payung, ilaharna leuwih rubak tibatan panjang, sakapeung katempo rékép pisan, nepi ka 10 × 15 cm; kalayan 2-4 daun pelindung anu ipis kawas daun, kalayan tungtung na méncos, tungtung beralur, kasar, jauh leuwih panjang tibatan perbungaan/cupat kembang, sisi luhurna héjo ngagurilap, sisi handap kulawu, 10-30 cm × 8-15 mm.[3]

Kembang majemuk buleud endog rubak, kalayan gagangna lemes. Spikelet 6-12 siki, napel nurutkeun bulirna, saperti gurat, remen rada melengkung, ampir buleud buluh, 1-3 cm × 1¼-1¾ mm, eusina 16-20(-40) kuntum kembang. Buah ngawujud bulir semu juru tilu, lonyod purek, rada dempak di sisi dorsal, saeutik mucuk, coklat kolot nepika hideung, 1¾-2 × ½ mm.[4]

Agihan jeung ékologi

[édit | édit sumber]

Daréngdéng menyebar kalawan lega di wewengkon wétan; mimiti ti Mesopotamia, India, nepi ka Cina kidul, Australia beulah kalér jeung Polinesia[4]. Remen kapanggih di sakabéh wewengkon Malesia; di Indonesia katempo di sakabéh kapuloan, kajaba Nusa Tenggara jeung Maluku[3].

Jukut ieu hirup dina taneuh baseuh, utamana dina tempat anu aya cai anta atawa ka campuran cai laut. Minuhan kuala anu jadi leutak, tempat anu aya leutakna, atawa di biwir basisir anu loba mibanda keusik; di dieu remen kapanggih hirup kalawan subur[4]. Walingi laut remen katempo hirup disisi muara, atawa sawah-sawah anu ngarandapan caah jeung saat caina, daréngdéng ngawangun vegetasi rapet di sisi muara, di tukangeun basisir; ogé di sawah pasang-surut, anu mana ieu jukut bisa waé nimbulkeun gangguan/ gulma, sanaja kagolongkeun gulma minor;teusabaraha[3].

Mangpaat

[édit | édit sumber]

Tangkalna dipake pikeun nyieun samak murah jeung sabangsaning tali, aya ogé dijieun anyaman pikeun wawadahan, karinjang, sendal, jeung sajabana.[5] Tangkal darengdeng diala mun geus kembangan. Saenggeus salah sahiji juruna dipiceun, tuluy waé dipoe dinu manceran panonpoe kurang leuwih kana tilu poe. Mun geus garing geuwat di jait tuluy ditunda barang sapeuting, Ieu tangkal-tangkal nugeus garing tuluy di leles maké awi sapotong ngarah demprak tur rata. Kakara ieu bahan bisa dimangpaatkeun pikeun rupa-rupa karajinan gumantung pangabutuh, di daérah Batang samak tina bahan daréngdéng katelah tikar got. Ngan waé ditempo tina kualitétna samak tina daréngdéng éléh alus tibatan samak tina purun danau. Tangkalna anu masih kénéh seger sok dimangpaatkeun pikeun tali di pasar-pasar tradisional di Jakarta.[5]

Dicutat tina

[édit | édit sumber]
  1. Lamarck, J.B. 1791. Tableau encyclopédique et méthodique des trois régnes de la nature. Botanique. Tome I(1): 146. A Paris :Chez Panckoucke ..., 1791-1823.
  2. The Plant List: Cyperus malaccensis Lam.
  3. a b c d Kostermans, A.J.G.H., S. Wirjahardja, and R. J. Dekker. 1987. "The weeds: description, ecology and control": 180-1, in M. Soerjani, A.J.G.H. Kostermans, and G. Tjitrosoepomo, (eds.). Weeds of Rice in Indonesia. Jakarta:Balai Pustaka.
  4. a b c d e Kern, J.H. 1974. "Cyperaceae". Flora Malesiana. Ser. I Vol 7(3): 613-6. Jakarta:Noordhoff-Kolff, 1948-
  5. a b c Heyne, K. 1987. Tumbuhan Berguna Indonesia I: 348-9. Badan Litbang Kehutanan, Departemen Kehutanan. Jakarta. (versi berbahasa Belanda -1922- I: 290)


Tutumbu ka luar

[édit | édit sumber]
Wikimedia Commons logo
Wikimedia Commons logo
Wikimedia Commons mibanda média séjénna ngeunaan