Karéta api Galunggung
| KA Galunggung Logo.png | |
|---|---|
| Karéta api Galunggung | |
| KA Galunggung anu ditarik CC206 keur eureun di stasion Cicaléngka | |
| Informasi | |
| Sistem | Karéta api lokal jarak menengah |
| Status | Beroperasi |
| Lokal | Daop 2 Bandung |
| Stasion terminus | Kiaracondong Tasikmalaya |
| Jumlah stasion | 7 |
| Operasi | |
| Dibuka | 26 Désémber 2018 |
| Dipiboga ku | PT Kereta Api Indonesia |
| Operator | Daérah Operasi II Bandung |
| Lokomotip | CC201, CC203 atawa CC206 |
| Data téhnis | |
| Lébar sepur | 1067 mm |
| Listrik | - |
| Gancangna operasional | 60 - 90 km/jam |
| Titik pangluhurna | +848 (Stasion Nagrég) |
Karéta api Galunggung nyaéta karéta api lokal jarak menengah anu ngalayanan ruteu Kiaracondong - Tasikmalaya.[1] Karéta ieu ngagunakeun rangkéan KA Kahuripan anu idle keur beurang. Layanan KA Galunggung ieu mimiti dioperasikeun tanggal 26 Désémber 2018.[1] Dioperasikeunna KA Galunggung ieu sangkan bisa ngagampilkeun masarakat Priangan Wétan utamana Tasikmalaya indit ka daérah Bandung, atawa sabalikna, ku sabab KA anu ngalayanan ruteu éta ngan KA jarak jauh.[1] Stasion anu dieureunan ku karéta api ieu nyaéta Stasion Rancaékék, Cicaléngka, Lélés, Cibatu, jeung Cipeundeuy.[1]
Salila périodeu 26 Désémber 2018, nepi ka 25 Januari 2019, tikét KA Galunggung diharatiskeun.[1] Calon panumpang bisa langsung meuli tikét di stasion anu dieureunan KA Galunggung, sarta bisa mesen mimiti H-7 kaberangkatan.[1]
Ngaran Galunggung dicokot tina ngaran Gunung Galunggung anu perenahna di Kabupatén Tasikmalaya.
Jadwal lalampahan
[édit | édit sumber]Ieu jadwal lalampahan KA Galunggung per 6 Januari 2019[1]
| Nomor KA | KLB 12400 | Nomor KA | KLB 12355 |
|---|---|---|---|
| Jurusan | Kiaracondong - Tasikmalaya | Tujuan | Tasikmalaya - Kiaracondong |
| Stasion | Kaberangkatan | Stasion | Kaberangkatan |
| Kiaracondong | 06.05 | Tasikmalaya | 10.35 |
| Rancaékék | 06.30 | Cipeundeuy | 11.53 |
| Cicaléngka | 06.41 | Cibatu | 12.30 |
| Lélés | 07.30 | Lélés | 12.59 |
| Cibatu | 07.51 | Cicaléngka | 13.39 |
| Cipeundeuy | 08.37 | Rancaékék | 13.54 |
| Tasikmalaya | 09.25 (datang) | Kiaracondong | 14.11 (datang) |
Rujukan
[édit | édit sumber]- ↑ a b c d e f g PT KAI luncurkan Karéta Galunggung Relasi Kiaracondong-Tasikmalaya[tumbu nonaktif], PRFM News.com, diakses tanggal 25 Desember 2018
Tumbu kaluar
[édit | édit sumber](id) Situs resmi PT Karéta Api Indonesia[tumbu nonaktif]
| Artikel ngeunaan karéta api ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |