Lompat ke isi

Karéta api Tegal Arum

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Tegal Arum
Informasi
SistemKaréta api jarak jauh
KelasÉkonomi
StatusTeu Beroperasi
LokalDaop 4 Semarang
Stasion terminusStasion Pasar Senén
Stasion Tegal
Operasi
Dipiboga kuKereta Api Indonesia
OperatorDaérah Operasi IV Semarang
KarakterLintas datar
LokomotipCC201, CC206
Data téhnis
Lébar sepur1.067 mm
Gancangna operasional70-100 km/jam

Karéta api Tegal Arum nyaéta karéta api kelas ékonomi anu ngalayanan rute Stasion Tegal - Stasion Pasar Senén.[1] Karéta ieu maké Lokomotip CC201 atawa CC203, 6-7 karéta ékonomi (K3), 1 karéta makan pembangkit (KMP3), jeung 1 karéta bahasi (B).[1] Karéta ieu eureun di Stasion Brebes, Stasion Babakan, Stasion Cirebon Prujakan, Stasion Arjawinangun, Stasion Jatibarang, Stasion Haurgeulis, Stasion Pegadénbaru, jeung Stasion Jatinegara.[1] Karéta ieu ogé tara telat.[1] Karéta ieu indit ti Tegal isuk-isuk, nepi di Pasar Senén beurang, indit deui ti Pasar Senén soré, nepi di Tegal peuting.[2]

Ti tanggal 4 April 2016, karéta api Tegal Arum teu beroperasi, sabab rangkéan KA Tegal Arum dihibahkeun keur operasional Karéta api Tawang Jaya pikeun dijadikeun rangkéan panjang, nu ruteuna Semarang-Jakarta, pp. Sanggeus dihentikeuna KA Tegal Arum, maka Karéta api Tegal Éksprés ngajadikeun altérnatif panggantina KA kelas ékonomi keur ruteu Jakarta-Tegal, pp, sareng waktu mangkat ti Stasion Pasar Senén dina poé isuk jeung ti Stasion Tegal dina poé béurang.

Rujukan

[édit | édit sumber]
  1. 1 2 3 4 Informasi KA Tegal Arum (id) diakses tanggal 5 Februari 2016
  2. KA Tegal Arum[tumbu nonaktif] (id) diakses tanggal 5 Februari 2016