Saéran gunting

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Srigunting hitam
Status konservasi
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
Filum:
Kelas:
Ordo:
Kulawarga:
Génus:
Spésiés:
D. macrocercus
Ngaran binomial
Dicrurus macrocercus
(Vieillot, 1817)
Subspecies

D. m. macrocercus (Vieillot, 1817)[2]
D. m. albirictus (Hodgson, 1836)[3]
D. m. minor Blyth, 1850[4]
D. m. cathoecus Swinhoe, 1871[5]
D. m. thai Kloss, 1921[6]
D. m. javanus Kloss, 1921[6]
D. m. harterti Baker, 1918[7]

Approximate distribution of the Black Drongo
Sinonim

Buchanga atra
Bhuchanga albirictus[8]

Saéran gunting (Dicrurus macrocercus Vieillot) nyaéta manuk anu asalna tina spesies dicruridae. [9] Manuk saéran kelirna paul semu hideung, pamatuk jeung cékérna ogé hideung, buntutna nyagak kawas gunting, panjang awakna kurang leuwih 29 cm. [9][10] Sagigireun di nagara urang, manuk saéran ogé loba kapanggih hirup tur baranahan di nagara séjén saperti: Afganistan; Bangladesh; Bhutan; Kamboja; Cina; India; Republik Demokratik Rakyat Laos; Malaysia; Myanmar; Nepal; Pakistan; Singapura; Sri Langka; Taiwan, Thailand; jeung Viet Nam.[11]

Sanajan hirup di kebon-kebon, saéran mah henteu kasebut hama pikeun pepelakan.[10] Kahakanna kayaning simeut, papatong, kukupu, rinyuh, jeung sajabana.[12] Malahan baheula manuk saéran mah sok dimangpaatkeun pikeun cicirén, mangsa aya monyét atawa sato séjén nu ngadon ngaruksak pepelakan.[12] Pareng aya monyét asup ka kebon, manuk saeran récét disarada ngagareuwahkeun patani mun pareng keur di jero saung sangkan gura-giru kaluar.[10] [10]

Manuk saéran sok euntrup dina tonggong munding, ngadon ngala kutu atawa piteuk nu nyongcongan ka munding. [12] Ku munding ogé tara ieuh dipaliré manuk nu anjeucleu dina tonggongna téh, ku lantaran pada-pada méré kauntungan jeung mangpaat séwang-séwangan. [12] Manuk seubeuh ngakan kutuna, atuh munding senang pédah henteu dicongcongan waé kutu atawa piteuk nu matak arateul. [12] Manuk saéran sanajan leutik tapi lébér ku wawanén, entong-entong manuk saukuran awakna dalah heulang nu ukuranna leuwih gedé sieuneun ku manuk saéran mah.[12] Saha baé nu ngaganggu, sok tuluy dibeberik bari dipacokan.[10][12]

Dicutat tina[édit | édit sumber]

  1. BirdLife International (2012). "Dicrurus macrocercus". IUCN Red List of Threatened Species. Version 2012.1. International Union for Conservation of Nature. Diakses tanggal 16 July 2012. 
  2. Vieillot, Louis Jean Pierre (1817). Nouveau Dictionnaire d'Histoire Naturelle Appliquée aux Arts 9: 588. 
  3. Hodgson, Brian Houghton (1836). The India Review and Journal of Foreign Science and the Arts 1 (8): 326. 
  4. Blyth, Edward (1850). The Journal of the Asiatic Society of Bengal 19: 255. 
  5. Swinhoe, Robert (1871). Proceedings of the Scientific Meetings of the Zoological Society of London for the Year 2: 377. 
  6. a b Kloss, Cecil Boden (1921). Journal of the Federated Malay States Museums. 10 pt. 3: 208. 
  7. Baker, Edward Charles Stuart (1918). "Some Notes on the Dicruridae". Novitates Zoologicae 25: 299. http://biodiversitylibrary.org/page/3857129. 
  8. Neave, Sheffield A., ed. (1939). Nomenclator Zoologicus; a List of the Names of Genera and Subgenera in Zoology from the Tenth Edition of Linnaeus, 1758, to the End of 1935 (with supplements). Volume 1. Zoological Society of London, London. p. 425. 
  9. a b Tri Marawati, Endang (1986). Burung Indonesia Barat. Universitas Michigan: Proyek Studi Potensi Sumber Daya Alam Indonesia. p. 93.  Ditempi ping 12 November 2017
  10. a b c d e Antar, Yori (2010). Pesan dari Wae Rebo: kelahiran kembali arsitektur Nusantara : sebuah pelajaran dari masa lalu untuk masa depan. Jakarta: PT Gramedia Pustaka Utama. p. 47. ISBN 9789792259148. 
  11. "Dicrurus macrocercus". REDLIST. 2016-01-01. Diakses tanggal 2017-11-12. 
  12. a b c d e f g Wahyu sulistiana, N. (2010). Pujian Dan Doa 70 Binatang. Jakarta: Kanisius. p. 104. ISBN 9789794977293.  Ditempi ping 12 November 2017