Lompat ke isi

Sawo manila

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas


Sawo Manila
Buah sawo manila
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
Divisi:
Kelas:
Ordo:
Kulawarga:
Génus:
Spésiés:
M. zapota
Ngaran binomial
Manilkara zapota
(L.) P. Royen
Sinonim

Achras zapota L., 1753 (ngaran invalid)

Sawo manila (Manilkara zapota) nyaéta tutuwuhan nu buahan sarta umurna panjang. Tangkal sarta buahna dipikawanoh ogé kalayan ngaran-ngaran kawas sawo (basa Indonésia, basa Sunda, basa Jawa), sauh atawa sauh manila, atawa ciku (basa Malayu).[1]

Ngaran-ngaran séjénna nyaéta: chico (Filipina), ciku (Malaysia), chikoo atawa sapota (India), sofeda (Bangladés), xa pô chê atawa hồng xiêm (Viétnam), rata-mi (Sri Lanka), lamoot (ละมุด) di Thailand, Laos sarta Kamboja, níspero (Vénézuela), sugardilly (Kapuloan Bahama), naseberry (India Kulon), sapote (Nikaragua), sapoti (Brazil), sapotillier (basa Perancis) sarta sapodilla (basa Inggris).

Gambaran

[édit | édit sumber]
Tangkal sawo
Gambar:Manilzapot 060416 4939 rwg.jpg
Kembang-kembang sarta buah sawo anu ngora
Sawo, lukisan nurutkeun Adolphus Ypey
Gambar:Mysore woman balancing baskét.jpg
Padagang sawo di India

Tangkal anu badag sarta leubeut, bisa tumuwuh nepi ka saluhur 30-40 m. Kalayan dahan nu pondok, tangkal sawo manila boga kulit nu teuas nu warnana kulawu semu hideung nepi ka coklat kolot. Sakumna bagian tangkal ngandung lateks, nyaéta geutah warna bodas susu anu kentel.

Daun sawo mangrupa daun tunggal, perenahna sulang-seling, mindeng ngumpul dina tungtung régang. Heulayan daun boga sisi nu rata, saeutik buluan, héjo kolot hérang, wangunna bundar-endog jorong nepi ka rada “lanset”, 1,5-7 x 3,5-15 cm, puhu sarta tungtungna ngawangun baji, gagangan 1-3,5 cm, tulang daun utama nonjol dina sisi palebah handap.

Kembang sawo mangrupa kembang tunggal nu perenahna dina kélék daun deukeut tungtung régang, gagangan 1–2 cm, mindeng ngagantung, diaméter kembang nepi ka 1,5 cm, sisi luarna buluan semu coklat, jumlahna 6. Kongkolak biasana kasusun ku dua bunderan; makutana ngawangun loncéng, bodas, babagi nepi ka satengah panjang silinder.

Buahna boga gagang pondok, buleud, buleud endog atawa jorong, 3-6 x 3–8 cm, coklat semu beureum nepi ka semu konéng di luarna kalawan sisit-sisit teuas nu warnana coklat anu gampang leupas, mindeng bareng jeung sésa gagang putik anu jadi garing dina tungtungna. Boga kulit ipis, kalawan daging buah anu hipu, coklat semu beureum nepi ka semu konéng, amis sarta ngandung réa sari buah. Sikina nepi ka 12 jumlahna, tapi lolobana kurang ti 6, lonjong gepéng, hideung atawa semu coklat hérang, panjang leuwih kurang 2 cm, siki boga warna bodas lilin.

PAmangpaatan

[édit | édit sumber]

Sawo manila mangrupa buah anu pohara populer di Asia Tenggara. Wewengkon ieu téh produsén sarta sakaligus konsumén utama buah ieu di dunya. Sawo dipikaresep utamana alatan rasana anu amis sarta daging buahna anu hipu.

Lolobana buah sawo manila didahar dina kaayaan seger (tanpa diasakan). Tapi sawo bisa ogé dikokolakeun jadi serbat (sherbet), dicampurkeun kana és krim, atawa dijadikeun selé. Sari buah sawo bisa dikentelkeun jadi sirop, atawa dipeuyeum jadi anggur atawa cuka.

Geutah tangkal sawo disadap di Amérika, dikentelkeun jadi chicle anu mangrupa bahan peremén karét alami. Geutah ieu ogé dikokolakeun jadi rupa-rupa bahan baku industri minangka gaganti geutah perca sarta bahan panambal huntu.

Kai sawo boga kualitas nu alus, kagolongkeun kai nu teuas sarta beurat, kalawan tékstur lemes sarta pola warna anu narik ati. Kai ieu utamana dipikaresep pikeun dijadikeun bahan parabot sarta ukir-ukiran, kaasup pikeun nyieun patung, alatan sipatna anu gampang dipigawé sarta gampang dipelitur jeung hasilna anu alus. Kai sawo mibanda daya tahan anu alus, tahan ku serangan hama sarta sarangga.

Kulit kaina ngahasilkeun tanin, anu sacara tradisional dipaké pamayang jadi bahan panyelup layar sarta pakakas pancing. Sawatara bagian tangkal sawo ogé dipaké jadi bahan ubar tradisional pikeun nungkulan diaré (tanin), panas tiris (tanin jeung siki), sarta bahan wedak pikeun nyageurkeun awak satutas ngalahirkeun (kembang).

Ekologi sarta pemanenan

[édit | édit sumber]

Sawo manila réa dipelak di wewengkon padataran handap, sanajan bisa tumuwuh kalawan alus nepi ka padataran nu jangkungna kira-kira 2500 m luhur beungeut laut lbl. Tangkal sawo tahan nyanghareupan halodo, salinitas anu rada luhur, sarta tiupan angin nu tarik. Taneuh anu pangcocogna pikeun sawo nyaéta taneuh lempung nu keusikan anu subur sarta boga tata cai nu alus.

Sawo bisa kembangan sarta buahan sapanjang taun, tapi ilaharna aya hiji atawa dua usum mangsa ieu tangkal buahan réa pisan. Di Thailand, usum puncakna buahan nyaéta antara bulan Séptémber nepi ka Désémber, sedengkeun di Filipina antara Désémber – Pébruari.

Di India, buah sawo baris asak dina umur kira-kira 29 minggu. Buah ieu biasana dipanén kalawan ati-ati tina gagangna, disimpen luhureun taneuh atawa dikeueum cai sangkan geutahna béak kaluar, tuluy dikumbah sarta digosokan kulitna pikeun miceun sisit-sisit di bagian luarna.

Buah anu anyar dipetik éta teuas kénéh, sarta perlu ditunda 3-7 poé sangkan jadi asak sarta beyé, antukna ngeunah didaharna. Buah anu dijualbeulikeun biasana asak dina lalampahanana ka pasar. Lamun disimpen dina suhu tiis bisa manjangkeun waktu simpen buah sawo.

Asal-usul sarta sumebarna

[édit | édit sumber]

Tutuwuhan ieu dianggap asalna ti wewengkon Guatemala, Méksiko sarta India Kulon. Para pangjajah bangsa Spanyol mawa sawo ti Méksiko ka Filipina, sarta jigana ti dinya sumebar ka Asia Tenggara.

Kiwari sawo manila geus dipelak di réa wewengkon tropis di dunya. Koleksi plasma nutfah sawo manila aya di Los Banos (Filipina), Queensland (Australia), India, Kuba, Brazil, Kosta Rika, Florida sarta Hawaii (Amérika Sarikat) sarta sawatara nagara séjénna.

Tempo ogé

[édit | édit sumber]

Rujukan

[édit | édit sumber]
  1. Priyadi, H., Takao, G., Rahmawati, I., Supriyanto, B., Nursal, W. I., Rahman, I. (2010). Five hundred plant species in Gunung Halimun Salak National Park, West Java: a checklist including Sundanese names, distribution and use. CIFOR, Bogor, Indonésia. ISBN 978-602-8693-22-6 [1]

Baca ogé

[édit | édit sumber]
  • Soerianegara, I. sarta RHMJ. Lemmens (eds.). 2002. Asal Daya Nabati Asia Tenggara 5(1): Tangkal penghasil kai perdagangan anu utama. PROSéa – Balé Pustaka. Jakarta. ISBN 979-666-308-2.
  • Verheij, E.W.M. sarta R.E. Coronel (eds.). 1997. Asal Daya Nabati Asia Tenggara 2: Buah-buahan anu bisa dimakan. PROSéa – Gramedia. Jakarta. ISBN 979-511-672-2.

Tumbu ka luar

[édit | édit sumber]