Harashas

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Harashas
Harashas, Scirpodendron ghaeri
Pasirtinggi, Teupah Selatan, Simeulue
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
Divisi:
Kelas:
Ordo:
Kulawarga:
Génus:
Spésiés:
Scirpodendron ghaeri
Ngaran binomial
Scirpodendron ghaeri
Sinonim
  • Chionanthus ghaeri Gaertn.[2]
  • Pandanus caricosus Rumph.[3]
  • Scleria macrocarpa Wall. (nom. nudum)
  • Hypolytrum costatum Thwaites
  • Scirpodendron pandaniforme Zipp. ex Kurz (nom. inval.)
  • Scirpodendron sulcatum Miq.

Sumber: The Plant List[4]

Harashas; Rumbai; (Scirpodendron ghaeri) nyaéta hiji tutuwuhan anu asalna tina kulawarga Cyperaceae. [5] Harashas/ pandan air kagolongkeun tutuwuhan sabangsaning teki, ieu tutuwuhan loba kapanggih di rawa - rawa. Nyebar ti mimiti Srilanka, Semenanjung Malaya, Filipina, Nusantara nepi ka Australia jeung Pasifik.

Ngaran séjén[édit | édit sumber]

Harashas mibanda ngaran-ngaran daérah, kayaning: pandan ayĕr (Mly.); rumbai, sĕding ayĕr (Bk.); rumbai latah, piĕs (Lamp.); lasial, lasiatal (Amb.); séa-séa (Ternate); séwés, sasaréwén, sasaréwu, héhéwéhé ( di Halmahera).[6] ; garingging (Simeulue); bilis, gàas, baroñgis (aneka bahasa di Filipina).[7]

Ciri mandiri[édit | édit sumber]

Malai/ranggeuyan buah
Plat botani

Tutuwuhan anu sarimbag pisan jeung pandan. Akar tinggal (rizoma) kandel, meulit rapet pisan, disimbutan ku sisit-sisit anu tungtungna méncos jeung ngéntép patumpang tindih, atawa ku potongan-potongan sésana. Tangkalna lemes, 30-60 cm × 5-10 mm. Daun-daun jumlahna loba; ngawujud pita atawa kawas pedang, 1-4 m × 2-5 cm, tungtungna ngala geday, liat kawas kulit, nilep/nikel mibanda tilu tulang daun utama anu sajajar; tungtung jeung sisi daun seukeut, Kitu ogé dina sisi handap tulang daun tengah; méncos ka tungtungnakeun , tilu-siku, 15-25 cm; palapah palebah handap coklat nepika coklat kolot.[7]

Kembang dina wujud malai bijil dina tungtung gagangna, lonyod panjang, (5-)10-20 × -7 cm di mana geus ngajadi buah; dahan pondok, kandel, déngdék ka luar; daun pelindung/salumpit (braktea) panghandapna panjang, (30-)60-150 cm, anu pangluhurna buleud endog rubak méncos ka tungtungnakeun, sisina keusrak tur seukeut. Spikelet dina puhu anu rékép, buleud endog. Gluma (salumpit kembang) buleud endog, mintul, kawas jarami semu héjo, lk. 1 cm panjangna. Kembang leuwih heureut tibatan gluma. Buah wujudna gelendong (elipsoid) kawas aseupan, tungtungna méncos,lk. 6 siku manjang anu kurang lebih karadak, coklat kusam, 1-1½ × lk. 1 cm; sukuna kurang leuwih 10 jeung ngahiji di bagiaan luhur.[7]

Ékologi jeung agihan[édit | édit sumber]

Harashas nyebar ti mimiti Srilangka, Semenanjung Malaya (Thailand jeung Malaysia), Pilipina (Palawan, Luzon, Polillo, Leyte, Biliran, Mindanao), Australia (Queensland), Polinesia (Fiji, Samoa), jeung New Hebrides di Pasifik. Di Indonesia, tumbuhan ini didapati di Sumatra jeung pulo-pulo sabudeureun (Simeulue, Mentawai, Bangka); Jawa Barat ogé Tengah; Kalimantan; Sulawesi Tenggara; Maluku (Halmahera, Ternate, Sulu, Buru, Seram, Amboina); sarta Papua (Sorong).[7]

Harashas utamana hirup di rawa-rawa pasang-surut, hutan rawa pasang-surut, wates leuweung babakoan mangrove, ogé dibasisir estuaria. Tutuwuhan ieu remen katempo hirup dina jumlah anu loba ngawangun vegetasi, kékép méh teu bisa ditorobos. Buah-buahna dirintahkeun ku cai banjir, ogé beurit anu sok ngahakan bagean luarna anu kawas busa/gabus.[7]

Mangpaat[édit | édit sumber]

Daunna dimangpaatkeun pikeun bahan nyieun anyaman wawadahan atawa samak. Rumphius nyebutkeun cenah pandang ayer mangsa harita dimangpaatekun pikeun nyieun samak ku masarakat Amboina, Seram jeung pulo-pulo di sabudeureun.[3] Kitu deui di Palembang jeung Jambi, daunna loba dimangpaatekun. Saatos dipiceunan bagian anu seukeutna, daun harashas dipoé heula salila opat poé, sateuacanna dibagi kana lambaran anu langkung alit, sareng dilemeskeun angkan janten gampang nalika dianyam. Salian dijieun samak, lambaran ieu ogé dianyam dijieun wadah béas sareng sababaraha rupa wadah anu sanés. Kualitas sareng daya tahan samak tina harashas masih handap kualitasna dibandingkeun sareng pandan anu biasana.[6]

Dicutat tina[édit | édit sumber]

  1. Merrill, ED. 1914. Philippine Journal of Science. Section C (Botany) 9: 268. Manila :Bureau of Science.
  2. Gaertner, J. & JG. Sturm. 1788. De Fructibus et Seminibus Plantarum: accedunt seminum centuriae quinque priores cum tabulis Aeneis LXXIX. I: 190. Tab. 39, fig. 6a-e. Stutgardiae :Sumtibus Auctoris, Typis Academiae Carolinae, 1788-1791.
  3. a b Rumpf, G.E. 1743. Herbarium Amboinense: plurimas conplectens arbores, frutices, ... Pars IV: 154. Amstelaedami :apud Franciscum Changuion, Hermannum Uttwerf. MDCCXLIII.
  4. The Plant List: Scirpodendron ghaeri (Gaertn.) Merr.
  5. KBBI Daring: rumbai (2)
  6. a b Heyne, K. 1987. Tumbuhan Berguna Indonesia I: 358. Badan Litbang Kehutanan, Departemen Kehutanan. Jakarta. (versi berbahasa Belanda -1922- I: 209)
  7. a b c d e Kern, J.H. 1974. "Cyperaceae". Flora Malesiana. Ser. I Vol 7(3): 456-8, Fig. 3. Jakarta:Noordhoff-Kolff, 1948-

Tutumbu ka luar[édit | édit sumber]