Bango
Bango | |
---|---|
Bango keur macok lauk leutik | |
Klasifikasi ilmiah | |
Génus: | Ardea
|
Spésiés: | alba
|
Subspésiés: | modesta
|
Konéng: baranahan, héjo: unggal taun, bulao: henteu baranahan | |
Sinonim | |
Ardea modesta |
Bango (Egretta Alba Modesta) nyaéta manuk jangkung anu asalna tina kulawarga Ardeidae mibanda bulu kelirna bodas.[1] Dina basa Inggris sok disebut ogé eastern great egret; Great White Egret; Large Egret; Great White Heron atawa Common Egret. [1]Loba kapanggih hirup di daérah anu mibanda iklim tropis tur haneut.[1] Panjang awakna 83-103 cm (33-41 in) beurat 0,7-1,2 kg (1,5-2,6 lb) buluna bodas, sukuna panjang kelirna hideung.[2]
Di Éropa ogé aya ngan teu pati loba utamana hirup di Éropa beulah kidul. Di Amérika kalér loba kapanggih di daérah anu kaliliwatan khatulistiwa jeung leuweung hujan di Amérika beulah kidul.[1] Ieu manuk mimiti ditalungtik ku John Edward Gray saurang ahli ornithologist urang Inggris dina taun 1831.[3]
Pareng ngadodoho hakaneun, bango ngajentul kawas tunggul nangtung dina luhureun cai anu déét, tempona hakaneun geus deukeut kakara pamatukna sakiceup macok ka jero cai.[3] Bango mah bisa ancrub ka sawah atawa rawa-rawa anu aya caian alatan mibanda suku anu jangkung matak awakna henteu nepi kabaseuhan.[3] Kitu deui pamatukna anu mencos tur panjang, bisa ngahontal atawa macok mangsa anu aya di jero cai. Beuheungna ogé kawilang panjang ieu ngajadikeun manuk bango bisa newak lauk atawa kahakananna anu jauh atawa di jero cai.[4] Sato anu diburu kayaning sasatoan ampibi, reptil, lauk, keuyeup, jeung sajabana.[4]
Populasi bango loba kapanggih hirup jeung baranahan di Australia, Bangladesh, China, India, Indonésia, Jepang, Koréa, Myanmar, Selandia Baru, Pakistan, Papua Nugini, Rusia, Kapuloan solomon, Sri Langka, Thailand. [5]
Usum begér manuk bango mah ngan sataun sakali, mimindengna mah dina bulan Maret nepika Méi.[5] Mangsa endogan bango sok nyieun sayang dina luhureun tatangkalan jangkuna kurang leuwih 25 méter tina luhureun taneuh, sayangna nemprak dijieun tina régang tatangkalan anu aya di sabudeuren tempat nyayangna.[5] Sakali usum ngendog, ilaharna ngahasilkeun opat nepika genep endog, kelirna bulao ngora semu pias wangunna lonyod gedéna kurang leuwih 52 x 36 mm.[5]
Manuk bango mibanda opat subspésiés :
- Egretta alba alba (Éropa) Ardea alba alba
- Egretta alba egretta (Amerika) Ardea alba egretta
- Egretta alba melanorhynchos (Aprika) Ardea alba melanorhynchos
- Egretta alba modesta (India, Asia Kidul) Ardea alba modesta
-
Keur maraban anakna dina sayang
-
Ngadodoho mangsa
-
Keur anjeucle dina daun kalapa
-
Bango mangsa keur hiber
-
Bango sawah
-
Bango sawah 1
Dicutat tina
[édit | édit sumber]- ↑ a b c d "Great Egret, Ardea alba". redorbit. 1 Januari 2002. Diakses tanggal 01 Oktober 2017.[tumbu nonaktif]
- ↑ Kotuku, the white heron
- ↑ a b c "Ardea modesta - Eastern Great Egret". Species Profile and Threats Database. Canberra: Department of the Environment, Water, Heritage and the Arts, Commonwealth of Australia. February 12, 2010. Diakses tanggal 2017- 10-01).
- ↑ a b Gon Kim, Kwi- (2013). The Demilitarized Zone (DMZ) of Korea: Protection, Conservation and Restoration of a Unique Ecosystem SpringerLink : Bücher. Seoul: Springer Science & Business Media. ISBN 9783642384639.
- ↑ a b c d Beruldsen, Gordon (2003). Australian Birds: Their Nests and Eggs. Kenmore Hills, Qld: self. p. 184. ISBN 0-646-42798-9.
Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |