Buntil

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Loncat ke navigasi Loncat ke pencarian
Buntil

Buntil nyaéta kadaharan anu dijieuna tina pucuk gedang, pucuk sampeu, atawa pucuk taleus.[1] Jerona dieusian ku kalapa beunang marud anu dihijikeun jeung teri, lauk, atawa rebon.[1] Rasana gurih, loyog pisan dipaké deungeun sangu.[2] Buntil anu kasohon ku ngeunah rasana ti daérah Magelang jeung Yogyakarta.[3] Nyieuna buntil ogé kawilang gampang, anu rada hésé téh mangsa mungkus adonan pikeun eusina.[1][4]

Bahan-bahan[édit | édit sumber]

  1. Dua beungkeut pucuk gedang kurang leuwing 20-30 lambar, dua beungkeut pucuk daun sampeu kurang leuwih 50 lambar, satengah liter cipati anu kuled.[4]
  2. Bungbu kuah anu direndos kayaning : cabé kriting 5 siki, céngék 5 siki, bawang beureum 4, bawang bodas ogé 4 siki, konéng jeung jahé sabuku, séréh 2 tangkal, jeung muncang 5 siki.[4]
  3. Bahan pikeun eusi buntil, direndos ogé kayaning: cikur 2 buku, cabé kriting 5 siki, céngék 3 siki, bawang bodas 4 siki, tarasi beunang meuleum saséndok, daun jeruk purut 3 lambar, uyah 2 séndok, gula beureum 2 séndok, jeung cai asem 2 séndok.[4] h
  4. Bahan eusi buntil anu henteu diréndos, kayaning kalapa ngora beunang marud sahulu, dua canggeum atawa 100 gram siki peuteuy sélong atawa urang Jawa mah nyebutna malading, jeung 60 gr teri jeung ki.[4]

Cara nyieun[édit | édit sumber]

  1. Kulub daun sampeu atawa daun gedang anu geus diberesihan, di mana geus leumpeuh tuluy baé dijait tur di tuhurkeun.[5]
  2. Galokeun bungbu pikeun eusi buntil nepika rata (parud kalapa, teri, jeung daun jeruk).[5]
  3. Cokot daun gedang beunang nuhurkeun salabar, amparkeun, tuluy tundaan luhurna ku eusi buntil kurang leuwih dua séndok.[5]
  4. Tilep-tilep daun gedang anu geus dieusian bieu, nepika eusina buni henteu katembong.[5] Sangkan henteu leupas deui, tuluy baé dibeungkeut makè kantéh atawa tali rapia.[5]
  5. Saenggeus réngsé dibungkusan eusi buntil, tuluy waé buntil nu geus baruni tadi diseupan salila 30 menit.[5]

Sabot kitu, sayagikeun minyak goréngna: tuluy goréng bungbu anu tadi beunang ngaréndos, asupkeun ogé daun salam, sabada geus kaangseu seungit.[5] Asupkeun cipatina tuluy galokeun nepika ngagolak, satuluyna asupkeun buntil beunang nyeupan, leutikan seuneuna sangkan bungbuna nyerep, di mana cipatina geus kuled, kakara buntil téh dijait.[5]

Dicutat tina[édit | édit sumber]

  1. a b c D. Sastrapradja, Setijati (2012). Perjalanan Panjang Tanaman Indonesia. Depok: Yayasan Pustaka Obor Indonesia. p. 58. ISBN 9789794618301. Ditempo 23 Oktober 2017
  2. Gardjito ,Amaliah, Murdijati- (2009). Jalan-Jalan Kuliner Aseli Jogja. Yogya: Media Pressindo. p. 64. ISBN 9789797880682. Ditempo 23 Oktober 2017
  3. Gardjito ,Amaliah, Murdijati- (2012). Resep Rahasia Turun Temurun Sumatera, Jawa & Sulawes. Yogyakarta: Galangpress Publisher. p. 114. ISBN 9786028696647. Ditempo 23 Oktober 2017
  4. a b c d e Indriani, Endang (2015). 90 Masakan Rumahan Untuk Sebulan. Depok: Kawan Pustaka. p. 104. ISBN 9789797576295. Ditempi 23 Oktober 2017
  5. a b c d e f g h Nurmala, Dwi (2014). Paket Menu Hemat. 9789790822245: DeMedia. p. 8. ISBN 9789797576295. Ditempi 23 Oktober 2017
Nulis.jpg