Lompat ke isi

Gadung

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Gadung
Daun jeung watang gadung, Dioscorea hispida
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
Divisi:
Kelas:
Ordo:
Kulawarga:
Génus:
Spésiés:
D. hispida
Ngaran binomial
Dioscorea hispida

Gadung; Dioscorea triphylla nyaéta tangkal anu sok diarah [[beutina]] tur mangrupa bahan kadaharan anu can loba dipikawanoh ku masarakat, utamana masarakat kota.[1] Gadung biasana tumuwuh dina rungkun atawa di leuweung.[1] Arang kénéh jalma anu ngamangpaatkeun gadung pikeun bahan kadaharan, sabab ngandung racun dioscorin, diosgenin jeung dioscin anu bisa nyababkeun gangguan syaraf, balukarna bakal ngarasa lieur jeung hayang utah.[1]
[2] Gadung asalna ti India beulah kulon, tuluy sumebar ka Asia Tenggara.[3] Tumuwuh dina taneuh datar nu luhurna nepi ka 850 dpl, tapi bisa ogé kapanggih dina dataran anu luhurna 1.200 m dpl.[3] Tangkal gadung ieu umumna ogé teu acan dibudidayakan sacara teratur.[3] Minangka dipelak cukup teratur téh di wewengkon Jawa Barat, Jawa Timur jeung Lampung.[3] Umumna di wewengkon Sumatera Barat, Jambi, Riau, Kalimantan Selatan, Sulawesi Selatan, Sulawesi Tenggara, Sulawesi Tengah jeung Maluku teu acan aya prosés budidaya gadung.[3]

Kandungan

[édit | édit sumber]

Beuti gadung anu bisa didahar kira-kira 85%.[1] Upama dibandingkeun jeung sampeu, beuti gadung anu baseuh ngandung leuwih saeutik karbohidrat, tapi ngandung cai jeung protein anu leuwih gedé.[1] Gadung ogé ngandung alkaloid dioskorina, diosgenina, saponin, furanoid norditerpena, zat pati, jeung tanin.[4]

Aya sawatara rupa gadung, nyaéta:

  1. Gadung Bunga Wangi.[4]
  2. Gadung Kuning.[4]
  3. Gadung Kelan.[4]
  4. Gadung Padi (bunga tidak berbau).[4]

Cara ngaleungitkeun racun gadung

[édit | édit sumber]

Di Indonesia, hususna di pilemburan, loba cara pikeun ngaleungitkeun racun anu aya dina gadung, nyaéta ku cara ngeueum beuti gadung kana larutan uyah atawa lebu, tuluy dipoé, sanggeus dipoé keukeum dina cai nu ngamalir salila sapoé, atawa saupama dikeukeum dina cai anu teu ngamalir, caina kudu diganti unggal 4 jam sakali, tuluy diwasuh ku cai anu ngamalir salila 2 poé.[1]

Mangpaat

[édit | édit sumber]

Salian ti digunakeun sabagé bahan kadaharan poko, gadung ogé bisa dipaké ubar keputihan, kencing manis, kusta, nyeri beuteung, nyeri hamperu, sumilangeun, radang kandung hamperu, reumatik (nyeri sendi), jeung kapalan (obat luar).[4] Salian ti éta gadung ogé bisa dimangpaatkeun pikeun bahan péstisida pikeun nungkulan hama hileud, carana nyaéta 2 siki beuti gadung jeung 1 kg daun mimba ditumbuk nepi ka lemes, ditambahan ku 20 léter cai sabun, kocék nepi ka rata, antepkeun sapeuting, tuluy saring, péstisida nabati siap dipaké.[5]

Kadaharan olahan tina gadung

[édit | édit sumber]
  1. Kiripik atawa gaplék,[6]
  2. Pounded yam,[6]
  3. Fried yam balls.[6]

Referensi

[édit | édit sumber]
  1. a b c d e f Tanaman Gadung[tumbu nonaktif] (id) (Diakses ping 14 Oktober 2011)
  2. Jonathan, Rigg (1862). A Dictionary of the Sunda Language of Java. Universitas Harvard: Bataviaasch Genootschap van Kunsten en Wetenschappen. 
  3. a b c d e Tanaman Gadung[tumbu nonaktif] (id) (Diakses ping 23 November 2011)
  4. a b c d e f Gadung Archived 2011-10-21 di Wayback Machine (id) (Diakses ping 14 Oktober 2011)
  5. Gadung sebagai pestisida nabati Archived 2012-01-04 di Wayback Machine (id) (Diakses ping 27 November 2011)
  6. a b c Gadung Archived 2011-01-06 di Wayback Machine (id) (Diakses ping 14 Oktober 2011)