Lompat ke isi

Kabupatén Aceh Tenggara

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Kabupaten Acéh Tenggara

Lambang Kabupaten Acéh Tenggara
Masjid Agung At-Taqwa Kutacane
Sungai Alas

{{{caption}}}

Peta lokasi Kabupaten Acéh Tenggara
Motto Sepakat segenep
Citakan:Lang icon Kompak dan toleran
Propinsi Aceh
Ibukota Babussalam (Kutacane)
Lega Wilayah {{{lega}}}
Kordinat {{{kordinat}}}
Pangeusi
 · Jumlah
 · Kapadetan
 
{{{pangeusi}}}
{{{kapadetan}}} jiwa/km²
Administratif
 · Kacamatan
 · Désa/kal
 
16
{{{kalurahan}}}
Dasar hukum UU Nomor 4 Tahun 1974[1]
Tanggal 4 Juni 1974[1]
{{{kapala daerah}}} {{{nami kapala daerah}}}
{{{kapala daerah1}}} {{{nami kapala daerah1}}}
Kode aréa 0629
DAU Rp. 558.735.916.000 2023 [2]

Ramatloka: acehtenggarakab.go.id

Kabupatén Acéh Tenggara nyaéta hiji kabupatén anu aya di Propinsi Acéh, Indonésia. Puseur pamaréntahanna aya di Kota Kutacane, Kabupatén ieu diwangun ku dataran luhur kaasup dijerona Taman Nasional Gunung Leuser, sarta wilayah dataran landeuh anu aya di Lembah Alas. Pernahna ieu Kabupatén aya di wewengkon kidul ngulon/tenggara Propinsi Acéh anu watesna langsung jeung propinsi Sumatera Utara. Dina ahir taun 2023, jumlah warga pangeusi Acéh Tenggara lobana 231.331 jiwa.[3]

Sajarah

[édit | édit sumber]

Sajarah Kabupatén Acéh Tenggara dimimitian ti diadegkeuna pamaréntahan di sakuliah wewengkon Acéh dina mimiti taun 1946 kujalan ngagolongkeun daérah-daérah anu aya dina wewengkon tengah Acéh, tayalian Takengon, Gayo Lues, jeung Tanah Alas ka jero hiji "keluhakan" anu disebut Keluhakan Acéh Tengah. Puseur dayeuh keluhakan direncanakeun giliran unggal genep bulan éwang ti mimiti Takengon, Blangkejeren, sarta Kutacane.

Jarak anu kacida jauh sarta waktu anu kacida lila ti Kutacane Takengon, kurang leuwih 250 km lamun leumpangnepika 5-8 poe, lamun seug ngagunakeun kandaraan kudu ngaliwata Aceh Timur jeung Aceh Utara kalawan jarak kurang leuwih 850 km, anu ngabalukarkeun dina prakna ngajalankeun pamarentahan henteu bisa lumangsung éféktif alatan kitu dina tanggal 21 Séptémber 1953 sababaraha inohong anu asalna ti Sumatera Kaler nyoba ngasupkeun daérah Tanah Alas ka jero wilayah Sumatera Kaler.

Ngan waé ieu upaya henteu meunang pangrojong ti rakyat di Tanah Alas sarta ditolak ku Daud Beureueh salaku pingpinan militér Acéh. Hal ieu ngarojong pingpinan di Tanah Alas jeung Gayo Lues pikeun ngawujudkeun kabupaten sorangan, tur leupas ti Kabupatén Acéh Tengah. Sabada ngaliwatan parjuangan tur babalagempagan anu panjang, antukna Wali kota Syahadat hasil ngajadikeun Pangkowilhan I Letjend. Koesno Oetomo sacara de facto ngalegalkeun Daérah Tanah Alas jeung Gayo Lues ngajadi Kabupatén Acéh Tenggara dina tanggal 14 Novémber 1967.

Dina taun 1974, sabada bajuang salila 17 taun tisaprak 1956, Pamarantah tungtungna medalkeun UU No. 4 taun 1974 ngeunaan ngawujudkeun Kabupatén Acéh Tenggara anu diresmikeun ku Menteri Dalam Negeri, Amir Machmud dina tanggal 26 Juni 1974 dina hiji acara anu dilaksanakeun di Kutacane. Dina poé eta ogé Gubernur Daérah Istiméwa Acéh A. Muzakkir Walad ngalantik/ngistrénan Wali kota Syahadat salaku Pajabat Bupati Kabupatén Acéh Tenggara. Dina tanggal 24 Juli 1975 Wali kota Syahadat sacara definitif diangkat salaku Bupati Acéh Tenggara anu munggaran.

Kadieunakeun dina tanggal 10 April 2002, 57% tina wilayah Kabupatén Acéh Tenggara dimekarkeun pikeun ngawujudkeun Kabupatén Gayo Lues dumasar kana Undang-Undang Nomor 4 Taun 2002.

Géografi

[édit | édit sumber]

Wates wilayahna

[édit | édit sumber]

Citakan:Batas USBT

Pamaréntahan

[édit | édit sumber]
 Artikel utama: Daptar Bupati Acéh Tenggara.
No Bupati Mulai menjabat Akhir menjabat Ket. Wakil Bupati
* 100px Syakir
(Penjabat)
11 Oktober 2022 Petahana [4] Lowong

Dewan Perwakilan

[édit | édit sumber]

Dewan Perwakilan Rakyat Daerah Kabupaten Aceh Tenggara

Kacamatan

[édit | édit sumber]

Daftar kecamatan dan gampong di Kabupaten Aceh Tenggara

Démografi

[édit | édit sumber]

Kabupatén Aceh Tenggara dieusi ku dua sékésélér asli di wilayah ieu, tayalian urang Alas anu nyicingan sabagian gedé wilayah Acéh Tenggara sarta suku Karo anu nyicingan wewengkon wétan jeung tenggara anu watesna langsung jeung propinsi Sumatera Utara.

Ékonomi

[édit | édit sumber]

Komoditi Séktor Peternakan[5]

[édit | édit sumber]
  1. Sapi: 35.137 ekor/thn
  2. Munding: 3.386 ekor/thn
  3. Embé: 7.998 ekor/thn
  4. Domba: 8.341 ekor/thn
  5. Hayam Negeri: 302.906 ekor/thn
  6. Hayam Pedaging: 39.380 ekor/thn
  7. Meri: 182.003 ekor/thn
  8. Kuda: 198 ekor/thn

Komoditi Séktor Bungbuahan[6]

[édit | édit sumber]
Nomor Nama Komoditas Jumlah (Ton/Tahun) Persentase
1. Cau 1.205
2. Salak 1.078
3. Rambutan 707
4. Buah 621
5. Durén 605
6. Manggu 277
7. Dukuh/Langsat 273
8. Nangka/Campedak 106
9. Alpuket 95
10. Gedang 89
11. Tangkil 69
12. Peuteuy 62

Komoditi Séktor Perkebunan[6]

[édit | édit sumber]
Nomor Nama Komoditas Jumlah (Ton/Tahun) Persentase
1. Paré 70.31
2. Coklat 10.491
3. Kalapa Sawit 4.595
4. Karét 2.891
5. Muncang 1.282
6. Cabé gedé 264
7. Céngék 228
8. Kacang Panjang 101
9. Terong 67
10. Bawang Bodas 46
11. Bawang Beureum 24
12. Bonténg 19

Komoditi

[édit | édit sumber]

Kabupatén Acéh Tenggara salaku daérah anu ngahasilkeun Coklat panggedéna di Propinsi Acéh anu legana 19.994  héktar kalawan lobana produksi 8.843 ton/héktar kalawan hasil produktipitas 455 Kg/héktar/taun tina 21.623 jumlah patani. Sagigireun éta Kabupatén Acéh Tenggara ogé dipiwanoh salaku anu ngahasilkeun muncang pang gedéna di Acéh jeung salah sahiji leuit pare henteu waé pikeun Propinsi Acéh tapi ogé pikeun propinsi Sumatera Utara. Komoditas unggulan séjéna tayalian karet, kai golondongan, lauk darat legana Darat 3782.84 ton sarta susukan 1583.21 ton.[7]

Pariwisata

[édit | édit sumber]

Tempat Wisata

[édit | édit sumber]
  • Benteng Kuta Reh
  • Taman Nasional Gunung Leuser
  • Arung Jeram Sungai Alas
  • Air Terjun Lawe Gurah (Simpur Jaya, Ketambe)
  • Air Terjun Ketambe
  • Air Terjun Lawe Dua
  • Air Terjun Gulo
  • Air Terjun Bakbahu (Deleng Pokhisen)
  • Air Terjun Pokhisen (Jambur Lateng)
  • Air Terjun Sampuran Manuk
  • Air Terjun Lawe Sikap (Mbarung)
  • Festival Seni Gayo-Alas
  • Bukit Cinta (Bukit Mbarung)
  • Pemandian Air Panas Lawe Ger-ger
  • Pemandian Air Panas Uning Sigugur
  • Jamur Mamang
  • Pantai Goyang
  • Pantai Barat
  • Pantai Timur
  • Masjid Agung At-Taqwa
  • Intan Waterboom
  • Pondok Jamniz
  • Pondok Wisata Batu Mbogoh
  • Alas Hills (Bukit Mbarung)

Dicutat tina

[édit | édit sumber]
  1. a b "Pembentukan Daerah-Daerah Otonom di Indonesia s/d Tahun 2014" (PDF). www.otda.kemendagri.go.id. Diarsipkan dari versi asli (PDF) tanggal 12 Juli 2019. Diakses tanggal 8 Desember 2021. 
  2. Tim redaksi djpk.kemenkeu.go.id (September 2022). "Rincian Dana Transfer Umum Tahun Anggaran 2023 Menurut Provinsi/Kabupaten/Kota" (PDF). djpk.kemenkeu.go.id. Diarsipkan (PDF) dari versi asli tanggal 2023-06-16. Diakses tanggal 24Agustus 2023. 
  3. "Visualisasi Data Kependudukan Kementerian Dalam Negeri - Dukcapil 2023" (Visual). www.dukcapil.kemendagri.go.id. Diakses tanggal 28 Januari 2024. 
  4. Redaksi. "Kemendagri Tunjuk Drs, Syakir M.Si Pj Bupati Aceh Tenggara | Rakyat Aceh" (dalam en-US). Diakses tanggal 2023-01-18. 
  5. "Salinan arsip". Diarsipkan dari versi asli tanggal 2015-07-07. Diakses tanggal 2015-12-09.  Archived 2015-07-07 di Wayback Machine
  6. a b "Salinan arsip". Diarsipkan dari versi asli tanggal 2015-12-26. Diakses tanggal 2015-12-26. 
  7. "Salinan arsip". Diarsipkan dari versi asli tanggal 2018-06-12. Diakses tanggal 2015-12-09. 

Tutumbu ka luar

[édit | édit sumber]

Citakan:Kabupaten Aceh Tenggara Citakan:Aceh