Kabupatén Bireuen

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Loncat ke navigasi Loncat ke pencarian

Kabupatén Bireuen nya éta salasahiji kabupatén nu aya di Provinsi Acéh, Indonésia.[1] Bireuen minangka puseur dayeuh ti Kabupatén Bireuen.[2] Kabupatén Bireuen mimitina nya éta bagéan ti Kabupatén Acéh Kalér.[3] Dina catetan sajarah, Kabupatén Bireuen dipikawanoh ogé ku Jeumpa.[4] Taun 1934 Kabupatén Bireun asup ka Afdeeling Nord Kust van Aceh minangka Onder Afdeeling Bireuen.[5] Kabupatén Bireuen dibéré sesebutan minangka Kota Juang.[6] Kabupatén Bireuen kungsi jadi puseur dayeuh Indonésia nalika Yogyakarta kaéréh ku Walanda di kaping 18 Juni 1945 kalawan mangsa pamaréntahana ukur saminggu.[6] Ti sénsus 2020, jumlah penduduk di Kabupatén Bireuen nya éta 436.418 penduduk kalawan lalaki 215.282 jeung awéwé 221.136.[3]

Sajarah[édit | édit sumber]

Mangsa Karajaan[édit | édit sumber]

Di taun 777 M (abad ka-8/156 H) Karajaan Islam munggaran ngadeg di Acéh kalawan ngan karajaan nya éta Karajaan Jheumpa.[7] Lokasi persis Karajaan Jheumpa aya di Désa Blang Seupeung, Kacamatan Jeumpa, Kabupatén Bireuen kiwari.[7] Karajaan ieu geus ngadeg saméméh Islam jadi ageman.[7] Karajaan mimitina ngagem agama lokal (animismeu-dinamismeu) nu dipingpin ku Meurah.[7] Jeumpa nu geus ngadeg di taun 7 M geus boga hubungan padagangan jeung Cina, India, Arab jeung sajabana.[7] Asupna Islam munggaran ku lantaran datangna Syahrianshah Salman/Sasaniah Salman.[7] Tokoh nu tungturunan Persia ieu jatukrami jeung putri istana Jeumpa, Mayang Seludang kalawan sanggeus éta Salman teu milu rombongan niaga Persia pikeung ngalanjutkan palayaran ka Selat Malaka.[7]

Rombongan Salman datang ka puseur karajaan di Blang Seupeung kalawan kapal niaga pikeun badagang sanajan misi utamana nya éta da'wah.[7] Informasi alternatif nyebutkeun yén kadatangan Salman minangka kaburna sacara politik sabab diudagna ku kaum dzurrian (aliwiyyin) ku pangawasa Dinasti Umayyah.[7] Salman asuk ka nagara Blang Seupeung ngaliwatan laut liwat Kuala Jeumpa.[7] Di lokasi ieu Salman ngajrék tuluy nyiarkeun Islam.[7] Rahayat nagara éta geus narima Islam kusabab paripolah, sipat, jeung karakter Salman nu sopan jeung ramah.[7] Sabab éta, Salman diangken jadi minantu nu satuluyna diistrénan jadi raja jeung dibéré kakawasaan kalawan ngaran Karajaan Jeumpa.[7]

Mangsa Diéréh[édit | édit sumber]

Di tahun 1511 M, Portugis datang ka Malaka anu disusul ku Walanda. Sacara de facto Walanda ngawasaan Acéh di taun 1904 nalika Walanda ngawasaan bénténg Kuta Glee di Batee Iliek bagéan kulon Kabupatén Bireuen.[7] Sanggeus éta kalawan SK Vander Guevernement General van Nederland Indie kaping 7 September 1934 dibagi ku genep Afdeeling (kabupatén) nu dipingpin ku Asistén Résidén.[7] Salasahijina nya éta Afdeeling Noord Kust van Acéh (Kabupatén Acéh Kalér) nu dibagi ku tilu Onder Afdeeling (kawedanan).[7] Kawedanan dipingpin ku Countroleur (wedana) nya éta: Onder Afdeeling Bireuen (kiwari Kabupatén Bireuen), Onder Afdeeling Lhokseumawe (kiwari Dayeuh Lhokseumawe) jeung Onder Afdeeling Lhoksukon (kiwari jadi Kota Acéh Kalér).[7] Iwal ti Onder Afdeeling éta, aya ogé sababaraha Ulee Balang (Zelf Bestuur) nu bisa maréntah sacara mandiri wewengkon jeung rahayatnya nya éta Ulee Balang Keureutoe, Geureugok, Jeumpa jeung Peusangan nu dipingpin ku Ampon Chik.[7]

Dimangsa éréhan Jepang, istilah Afdeeling diganti ku Bun, Onder Afdeeling diganti ku Gun, Zelf Bestuur disebut Sun.[7] Sedengkeun mukim sebut Kun jeung gampong diganti ku Kumi.[7]

Mangsa Sanggeus Kamerdikaan[édit | édit sumber]

Sanggeus Indonésia merdika di taun 1945, Acéh Kalér disebut Luhak nu dipingpin ku Kepala Luhak nepi ka taun 1949.[7] Sanggeus Walanda ngaku kadaulatan Indonésia ngaliwatan Konperénsi Méja Bundar di kaping 27 Désémber 1949, diadegkeun Nagara Républik Indonésia Sarékat (RIS) kalawan sababarahan nagara bagéan.[7] Salasahijina nya éta nagara bagéan Sumatéra Wétan, Acéh jeung Sumatera Kalér nu digabungkeun di Provinsi Sumatera Kalér.[7]

Kalawan ngaliwatan Undang-undang Darurat nomor 7 taun 1956 ngeunaan Pembentukan Daérah Otonom Setingkat Kabupatén di Provinsi Sumatera Utara, ti dinya diadegkeun Daerah Tingkat II Acéh Kalér.[7] Di kaputusan éta, kawedanan Bireuen diwengku ku 6 wewengkon nya éta Samalanga, Djeunieb, Peudada, Djeumpa, Peusangan jeung Gandapura.[8] Ayana Acéh di Provinsi Sumatera Kalér nimbulkeun rasa teu puas ti masarakat Acéh.[7] Tokoh Acéh nungtut sangkan Acéh jadi propinsi sorangan.[7] Hal éta ngalantarankeun pemberontakan Darul Islam/Tentara Islam Indonésia (DI/TII) taun 1953.[7] Pemberontakan ieu bisa ditumpes sanggeus kaluar Kaputusan Perdana Menteri Républik Indonésia kalawan Nomor 1/Missi/1957 ngeunaan Pembentukan Provinsi Daérah Istiméwa Acéh jeung Acéh Kalér sebagai Salah Satu Daerah Tingkat Dua, Bireuen asup ka wewengkon Kabupatén Acéh Kalér. [7]

Di taun 1999 ngaliwatan Undang Undang Nomor 48 taun 1999 Bireuen jadi Kabupatén nu leupas ti Acéh Kalér minangka kabupatén induk.[7] Kabupatén Bireuen merenahna di jalur Banda Acéh - Médan nu dihapit ku tilu kabupatén nya éta Kabupatén Bener Meriah, Kabupatén Pidiy Jaya jeung Kabupatén Acéh Kalér nu ngajadikeun Bireuen minangka wewengkon transit nu maju.[7]

Géografi[édit | édit sumber]

Kabupatén Bireun boga luas wewengkon 1.798,25 km2 atawa 3,16% ti luas Provinsi Acéh. [2]

Wates Wewengkon[édit | édit sumber]

Perenahna Kabupatén Bireuen

Ti taun 2004, sacara administratif Kabupatén Bireuen miboga 17 kacamatan nu ngawengku 609 désa jeung 75 kemukiman kalawan watesna sakumaha ieu di handap:[3]

Kalér Selat Malaka
Wétan Kabupaten Acéh Kalér
Kidul Kabupatén Acéh Tengah jeung Kabupatén Bener Meriah
Kulon Kabupatén Pidie Jaya jeung Kabupatén Pidie

Kacamatan[édit | édit sumber]

Kacamatan Peudada mangrupa kacamatan nu pangluasna kalawan luas wewengkon 312,81 km2 sedengkeun kacamatan pangleutikna nya éta Kacamatan Kota Juang nu luas wewengkona nya éta 16,91 km2.[3] Kalawan Bireuen minangka puseur dayeuh Kabupatén Bireuen jeung puseur pamaréntahan sarta puseur padagangan jeung bisnis di Kabupatén Bireuen.[3] Kacamatan di Kabupatén Bireuen sakumaha ieu di handap:[3]

No Kacamatan Jarak ka Puseur Dayeuh Kabupatén (Kota Bireuen)
1 Samalanga 36 km
2 Simpang Mamplam 28 km
3 Pandrah 23 km
4 Jeunieb 20 km
5 Peulimbang 16 km
6 Peudada 12 km
7 Juli 12 km
8 Jeumpa 4 km
9 Kota Juang 0 km
10 Kuala 3 km
11 Jangka 16 km
12 Peusangan 10 km
13 Peusangan Kidul 17 km
14 Peusangan Siblah Krueng 18 km
15 Makmur 29 km
16 Gandapura 23 km
17 Kuta Blang 17 km

Iklim[édit | édit sumber]

Kabupatén Bireuen boga karakter iklim nu unik sabab salila taun 2020, suhu di Kabupatén Bireuen aya di skala 21,2oC - 34,6oC.[3] Sacara umum, rata-rata hujan nu pangluhurna di Kabupatén Bireuen salila taun 2020 nya éta di bulan Méi nya éta 344 mm kalawan jumlah poé turun hujan panglobana nya éta bulan Désémber nya éta 15 poé.[3]

Pamaréntahan[édit | édit sumber]

Lambang Wewengkon[3][édit | édit sumber]

Logo Kabupatén Bireuen
No Harti Lambang
1 Béntang segi lima nya éta ngalambangkeun sila Ketuhanan Yang Maha Ésa
2 Kubah masigit nya éta ngalambangkeun Kaislaman jeung Syareat Islam
3 Kembang Jeumpa nya éta ngalambangkeun Seungit jeung Kasucian
4 Buku nya éta ngalambangkeun Daya Cipta jeung Sumber Daya Manusa
5 Tugu kalawan jumlah tangga opat nya éta ngalambangkeun proyéksi Bireuen minangka Kota Juang
6 Paré kalawan jumlahna 10 jeung kapas nu jumlahna 9 nu kénca jeung 9 nu katuhu ngalambangkeun Kasuburan jeung Kamakmuran
7 Réncong nya éta ngalambangkeun Kapahlawanan Rahayat
8 Timbangan nya éta ngalambangkeun simbol Kaadilan minangka cita-cita sakabéh rahayat.

Sumber[édit | édit sumber]

  1. Kementerian Dalam Negeri Indonesia (2018-12-29). Permendagri No. 137 Tahun 2017. 
  2. a b Bireuen, Pemerintah Kabupaten. "DEMOGRAFI". www.bireuenkab.go.id. Diakses tanggal 2021-03-07. 
  3. a b c d e f g h i "Badan Pusat Statistik Kabupaten Bireuen". bireuenkab.bps.go.id. Diakses tanggal 2021-03-07. 
  4. Bireuen, Pemerintah Kabupaten. "SEJARAH". www.bireuenkab.go.id. Diakses tanggal 2021-03-07. 
  5. "Sejarah". Humas Pemkab Aceh Utara (dalam id-ID). Diakses tanggal 2021-03-07. 
  6. a b Nazzai, Silvira. "Bireuen, Ibukota Ketiga Republik Indonesia ( 1948 ) – Universitas Abulyatama" (dalam en-US). Diakses tanggal 2021-03-07. 
  7. a b c d e f g h i j k l m n o p q r s t u v w x y z aa ab ac ad Dhurorudin, Mashad (2020). Muslim Papua: Membangun Harmoni Berdasar Sejarah Agama di Bumi Cendrawasih. Jakarta: Pustaka Al-Kautsar. 
  8. Departemen Penerangan, Indonesia (1953). Propinsi sumatera Utara Volume 11 dari Republik Indonesia, Indonesia. Departemen Penerangan. Jakarta: Kementerian Penerangan.