Kabupatén Pidie

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas

Kabupatén Pidie nyaéta kabupatén nu asup ka wewengkon propinsi Acéh.[1] Puseur dayeuh Kabupatén Pidie nyaéta Sigli.[1]


Kabupatén Pidie
Sumatera Acéh



Lambang

Jargon: Pang Ulee Buet Ibadat, Pang Ulee Hareukat Meugoe

Peta lokasi Kabupatén Pidie
Puseur Dayeuh Sigli
Lega Wilayah 2.605,908 Ha
Kordinat 4,300-4.600 LS jeung 95.750-96.200 BT
Pangeusi
 · Jumlah
 · Kapadetan
 
441.559 jalma(2016)
10,803 jiwa/km²
Démografi
 · Séké Sélér

Agama
Islam (99,95%),

Katolik (0,01%),
Protéstan (0,01%),
Hindu (0,01),
Buddha (0,02%)

Basa

Administratif
 · Kacamatan
 · Désa/kal
 
23
94 kemukiman, 730 gampong
Dasar hukum
Milangkala
Bupati Roni Ahmad
Zona Waktu
Kode telepon
WIB
0653
DAU Rp. 850.490.420.- (2021)
Tutuwuhan Idéntitas
Sato Idéntitas

Situs web resmi: http://pidiekab.go.id/

Sajarah[édit | édit sumber]

Kahirupan Mangsa Pedir / Poli[édit | édit sumber]

Numutkeun M. Junus Jamil dina bukuna "Silsilah Tawarick Radja-Radja Kerajaan Acéh" nyebatkeun ogé ngeunaan sajarah Nagara Pidie / Sjahir Poli.[2] Karajaan ieu digambarkeun minangka dataran handap nu luas kalawan taneuhna nu subur, nepi ka kahirupan di sakuliah nagara makmur.[2] Wates karajaana sorangan ngawengku:[2]

  1. Beulah wétan nyaéta Karajaan Samudra / Pasai
  2. Beulah kulon nyaéta Karajaan Acéh Darussalam
  3. Beulah kidul nyaéta pagunungan
  4. Beulah kalér nyaéta selat Malaka[2]

Dina kisah lalayaran bangsa Portugis, maranéhna nyebut Pidie téh Pedir.[2] Sedengkeun dina kisah lalayaran bangsa Tiongkok nyebut Pidie téh Poli.[2] Asumsi mangsa harita nyaéta urang Tiongkok teu bisa nyebutkeun kecap Pidie sakumaha urang nyebutkeun.[2] Dina catetan Tiongkok disebutkeun yén Karajaan Pedir luasna 100 x 200 mil atawa 50 poé lamun lalampahan ti wétan ka kulon jeung 20 poé lamun lalampahan ti kalér ka kidul.[2] Dina buku ogé disebutkeun yén séké sélér nu nempatan karajaan éta nyaéta asalna ti Mon Khmer nu datangnna ti Asia Tenggara nyaéta ti nagara Campa.[2] Séké sélér ieu datang ka Poli sababaraha abad saméméh maséhi.[2] Rombongan ieu dipingpin ku Sjahir Pauling nu saterusna dipikawanoh ku Sjahir Poli.[2]

Maranéhna tuluy ngahiji jeung masarakat nu leuwih tiheula nempatan wewengkon éta.[2] Sanggeus balabuh jeung netep di wewengkon éta, Sjahir Poli tuluy ngadegkeun karajaan nu dingaranan Karajaan Sama Indra.[2] Mangsa harita maranéhna masih ngagem ageman Budha Mahayana atawa Himayana tuluy disebutkeun ti agama éta asup ogé pangaruh Hindu.[2] Sanggeus éta Karajaan Sama Indra runtag jadi sababaraha karajaan leutik salasahijina Karajaan Indra Purwa (Lamuri) jadi Karajaan Indrapuri, Indrapatra, Indrapurwa jeung Indrajaya nu dipikawanoh minangka karajaan Panton Rie atawa Kantoli di Lhokseudu.[2] Mangsa harita Karajaan Sama Indra boga musuh Karajaan Indrapurba (Lamuri) di beulah kulon jeung karajaan Plak Plieng (karajaan Panca Warna) di belah wétan.[2]

Di abad ka-14 maséhi masarakat karajaan Sama Indra geus pindah ageman ti kawitna Hindu Buddha jadi Islam sanggeus karajaan diserang ku karajaan Acéh Darussalam nu dipingpin ku Sultan Mansyur Syah (1354 - 1408 M).[2] Saterusna pangaruh Islam nu dibawa ku urang karajaan Acéh Darussalam terus ngagerus kayakinan ageman Hindu jeung Buddha di wewengkon éta.[2] Nalika karajaan Sama Indra taluk ka karajaan Acéh Darussalam, Sultan Mahmud II Alaiddin Johan Sjah ngangkat raja Husein Sjah minangka sultan ngora di nagara Sama Indra nu statusna otonom di handap karajaan Acéh Darussalam.[2] Karajaan Sama Indra tuluy ganti ngaran jadi Karajaan Pedir anu kalilaan jadi Pidie sakumaha nu dipikawanoh ayeuna.[2] Sanajan minangka karajaan otonom, peran raja nagara Pidie bisa disebut penting pisan.[2] Ieu dibuktikeun yén unggal kaputusan Majelis Mahkamah Rahayat Karajaan Acéh Darussalam, sultan moal méré cap Geulanteu (stempel halilintar) saméméh meunang kasatujuan ti Laksamana Raja Maharaja Pidie.[2] Maharaja Pidie jeung Ulee Balang Syik di Karajaan Acéh Darussalam boga hak ngatur wewengkon kakawasaanna numutkeun putusan balé rahayat nagarana séwang-séwangan[2].

Prof. D. G. E Hall ti Inggris ngaliwatan bukuna "A History of South East Asia" ngagambarkeun Pidie minangka hiji nagara nu maju di ahir abad ka-15.[2] Hal éta dumasar ana catetan urang Portugal Ludovico di Varthema nu kungsi datang ka Pidie di ahir abad ka-15.[2] Dina catetan Varthema sakumaha disalin ku Muhammad Said (Pangarang Buku Acéh Sapanjang Abad) dina "Wajah Acéh dina Lintasan Sajarah" di abad éta Pedir masih disebut nagara Pedir nyaéta salasahiji nagara maju nu unggal tahun didatangan sakurang kurangna 18 nepi ka 20 kapal asing pikeun ngangkut lada nu saterusna diangkut ka Tiongkok.[2] Ti palabuan Pedir ogé diekspor menyan jeung sutra produksi masarakat Pidie dina jumlah nu loba.[2] Sabab éta ogé, loba nu datang ti bangsa asing pikeun badagang ka palabuan Pedir.[2] Hal éta nu ngalantarankeun ngaronjatna ékonomi warga palabuan mangsa harita. Varthema ngagambarkeun yén di jalan deukeut palabuan Pedir aya 500 urang nu bisa nukeur mata uang asing.[2]

“So extensive was it's trade, and so great the number of merchants resorting there, that one of it's street contain about 500 honderd moneychanger,”-Varthema

Vartema ku Muhammad Said disebutkeun sarua siga Snouck Horgronje sabab agemana Islam pikeun tujuan panalungtikan ngeunaan dunya Muslim.[2] Saméméh ka Pedir, manéhna ogé geus diajar élmu kaislaman di Mekkah.[2] Dina catetana Varthema nyebutkeun ahéng ka nagara Pedir mangsa harita sabab geus maké duit emas, pérak jeung tambaga minangka alat jual jeung meuli, sarta aturan hukum nu geus jalan kalawan hadé nu disebutna "Strict Administration of Justice".[2] Iwal ti éta Varthema ogé nuliskeun ngeunaan kapal-kapal pamayang gedé disebutna tongkang nu boga dua kamudi.[2] Manéhna ogé nalungtik kalawan rinci ngeunaan kaahlian di widang industri rahayat Pedir nu geus bisa nyieun sanjata api.[2] Dina riwayat Tiongkok disebutkeun yén taun 413 Maséhi, musafir Tiongkok Fa Hian ngadatangan Yeep Po Ti jeung singgah di Poli.[2] Fa hian nyebutkeun yén Poli téh nagara makmur, rajana boga kendaraan gajah, boga pakéan sutra kalawan mahkota emas.[2] Pikeun ngajalin hubungan diplomatik jeung Tiongkok, Raja Poli di taun 518 maséhi ngirimkeun utusana ka Tiongkok.[2] Hubungan ieu terus lumangsung nepi ka taun 671 maséhi, I Tsing ti Tiongkok ngadatangan Poli.[2] Disebutkeun dina catetan manéhna cicing di nagara éta salila lima taun jeung cicing di genep karajaan basisir Sumatera ngawitan ti Karajaan Lamuri (Acéh Besar), Poli (Pidie), Samudra jeung Pasai (Acéh Kalér), Pereulak (Acéh Wétan) jeung Dangroian.[2]

Poli minangka Pidie mangsa kiwari numutkeun H. M. Zainuddin dina bukuna "Tarikh Acéh jeung Nusantara" disebutkeun ku ahli sajarawan kuno Winster minangka hiji nagara nu makmur jeung jaya.[2] Numutkeun manéhna sanggeus Sriwijaya jeung Pasai, Poli minangka bandar palabuan nu kawéntar, Palabuan Poli disebut boga bentuk genting atawa ku H. M. Zainuddi disebutna muhara nu ayeuna dipikawanoh ku Kuala Batee.[2] Numutkeun Varthema sumber Portugis nyebutkeun yén Sultan Ma'ruf Syah Raja Pidie (Pedir, Sjir, Duli) kungsi ngaéréh Acéh Besar di taun 1479.[2] Mangsa harita diangkat dua wawakil ti Acéh nu hiji di Acéh sedengkeun nu hiji deui di Daya.[2] Mimitina Pidie diéléhkeun ku Raja Acéh Besar jeung di éréh ku Wali Nagara (Gubernur) di Pidie nyaéta Raja Ali jeung adina Ibrahim.[2] Tuluy Raja Ibrahim nu jadi Wali Nagara Raja Acéh di Pidie.[2] Kalawan paréntah lanceukna, nyerbu bénténg Portugis nu karek pisan diwangun di Kuala Gigieng.[2] Carita séjén nyebutkeun yén Kuta Asan Pidie nyaéta urut dayeuh nu diwangun ku Portugis.[2] Saterusna kalawan sanjata nu dicokot ti Portugis, Raja Pidie nyerang Raja Acéh Besar taun 1514 kalawan Sultan Salahuddin Ibnu Muzzaffar Syah diturunkeun ti tahta.[2] Raja Ali naék jadi raja kalawan gelar Sultan Ali Mughayat Syah jeung adina Raja Ibrahim jadi Laksamana.[2]

Aspek Sosial Ekonomi[édit | édit sumber]

Kahirupan mangsa harita nyaéta tatanén kalawan panén lumangsung dua kali sataun.[3] Disebutkeun ogé nagara ieu subur dibuktikeun ku tumuwuhna tangkal kayu nu héjo.[3] Nagara ieu ngahasilkeun ogé jenis batu mulia nu ku urang Tiongkok disebut ku istilah kampara.[3] Laut di nagara Poli loba ngahasilkeun jenis kerang jeung lauk.[3] Hasil istiméwa nu kungsi dibawa ka Tiongkok nyaéta manuk béo nu dingaranan manuk Siri (gracula religiosa).[3] Pasar dibuka nepi ka peuting jeung jalan di nagara ieu luas jeung bersih.[3] Papakéan nu dipaké rahayatna nyaéta kupa (kapas) kalawan pakéan nu alus disebut t'iek.[3] Ti jenis upeti nu dikirim ka nagara Tiongkok ku raja Poli kalawan ngaran Pin-ka di taun 523 dipikawanoh ogé hasil séjén ti Poli nyaéta manuk kakatua bodas, parabot imah ti gelas, pakéan katun, cangkir nu dijieun ti karang laut, minyak seungit, obat jeung sajabana.[3]

Géografi[édit | édit sumber]

Luas jeung Wates Wewengkon[édit | édit sumber]

Luas wewengkon Kabupatén Pidie nyaéta 3.567,14 km2. Kalawan wates wilayahna sakumaha ieu di handap:[4]

Kalér Selat Malaka
Wétan Kabupatén Pidie Jaya jeung Kabupatén Bireuen
Kidul Kabupatén Acéh Kulon jeung Kabupatén Acéh Jaya
Kulon Kabupatén Acéh Besar

Kacamatan[édit | édit sumber]

Kacamatan di Kabupatén Pidie nyaéta 23 kacamatan kalawan daptarna sakumaha ieu di handap:[4]

No Kacamatan Luas Area (km2)
1 Geumpang 657,07
2 Mane 675,04
3 Glumpang Tiga 54,84
4 Glumpang Baro 12,12
5 Mutiara 16,75
6 Mutiara Wétan 31,24
7 Tiro/Truseb 174,69
8 Tangse 786,58
9 Keumala 49,30
10 Titeue 27,42
11 Sakti 38,52
12 Mila 35,32
13 Padang Tiji 257,59
14 Delima 24,99
15 Grong-Grong 7,77
16 Indrajaya 25,41
17 Peukan Baro 17,29
18 Kembang Tanjong 28,87
19 Simpang Tiga 24,86
20 Kota Sigli 6,56
21 Pidie 26,09
22 Batee 46,11
23 Muara Tiga 160,03

Sumber[édit | édit sumber]

  1. a b Kementerian Dalam Negeri Indonesia (2019-10-25). Permendagri No. 72 Tahun 2019. 
  2. a b c d e f g h i j k l m n o p q r s t u v w x y z aa ab ac ad ae af ag ah ai aj ak al am an ao ap aq ar as at au av aw "PAHLAWAN PIDIE". Pemerintah Kabupaten Pidie (dalam id-ID). Diakses tanggal 2021-03-08.  Archived 2021-04-16 di Wayback Machine
  3. a b c d e f g h Proyek Penelitian dan, Pencatatan Kebudayaan Daerah (1977). Sejarah Daerah Propinsi Daerah Istimewa ACEH. Jakarta: Direktorat Jenderal Kebudayaan. 
  4. a b "Badan Pusat Statistik". pidiekab.bps.go.id. Diakses tanggal 2021-03-08.  Archived 2021-08-02 di Wayback Machine