Lompat ke isi

Kaso beurit

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Kaso beurit
Jukut kaso beurit, Thysanolaena latifolia
Simalungun, Sumatra Utara
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
(unranked):
(unranked):
(unranked):
Ordo:
Kulawarga:
Tribus:
Thysanolaeneae

Génus:
Thysanolaena

Nees[1]
Ngaran binomial
Thysanolaena latifolia
(Roxb. ex Hornem.) Honda[2]
Type species
Thysanolaena agrostis
Nees[1]
Sinonim
  • Melica latifolia Roxb. ex Hornem.[3] (basionym)
  • Agrostis maxima Roxb.
  • Arundo minutiflora Brongn.
  • Myriachaeta arundinacea Zoll. & Moritzi
  • Myriachaeta glauca Moritzi ex Steud.
  • Panicum acariferum Trin.
  • Sporobolus scoparius J.Presl
  • Thysanolaena agrostis Nees[1]
  • Thysanolaena assamensis Gand.
  • Thysanolaena birmanica Gand.
  • Thysanolaena malaccensis Gand.
  • Thysanolaena sikkimensis Gand.
  • Vilfa gigas Steud.

Sinonim selengkapnya: The Plant List[4]

Kaso beurit ; (Thysanolaena latifolia) nyaéta jukut gedé anu asalna tina kulawarga Poaceae.[5] Loba kapanggih hirup di wewengkon India, Indochina, Nusantara, nepi ka Tiongkok kidul jeung Pasifik. Gagang kembangna dikumpulkeun, dimangpaatekun pikeun nyieun sapu.[5]

Ngaran daérah

[édit | édit sumber]

Kaso beurit ieu ogé dipikanyaho ku sababaraha rupa ngaran daérah sapertos: awis, kaso beurit, tamiang balu, tangtang angin (Sd.); menjalin wuwu (Jw.); lantebung, tabu popo (Mak.); jeung lolo (Gal., Ternate).[5] Dina bahasa Inggris ieu jukut disebut tiger grass.

Ciri mandiri

[édit | édit sumber]
Habitus

jmpl|kiri|180px|Malai kembang Hirup nahun sareng ngarungkun. Tangkalna ajeg, jangkung 200–400 cm,[6] heuras, teu mibanda dahan, remen katempo melenod ;[7] tangkal;buluh pejel, padet teu molongo.[6] Ligula (létah palapah) wujud membran teu buluan, panjang 1–2 mm,[6] rompang.[7] Lambaran daun wujudna lanset-lonyod rubak, siga jangat,[7] heuras, nepi ka 30–60 × 3–7 cm; kalayan urat daun anu jelas katempo.[6]

Kembang ngumpul dina malai ageung sareng kabuka dina tungtung (terminal), lonjong atanapi buleud endog, 30–60 × 15–30 cm.[6] Régang-régang anu utama 1-3 di unggal nodus (titik percabangan), sumbuna buluan pendék, bagéan handap bébas spikelet, régang panghandapna nepika 30 cm, mibanda gagang lk. 2 mm.[7] Spikelet (bunga rumput) tunggal atawa sapasang, 1,5–1,8 mm.[7] Kariopsis (bulir buah) lonyod, lk. 0,5 mm.[7]

Agihan sareng ékologi

[édit | édit sumber]
Puhu daun

Kaso beurit loba kapanggih hirup di Asia tropis jeung subtropis[6]: Pakistan, Nepal, India, Srilangka, Bangladesh, Burma, Indochina, Tiongkok tengah jeung kidul, wewengkon Malesia, Taiwan, Filipina, nepi Nugini. Kaso beurit ieu ogé ngarandapan naturalisasi di Mauritius, Seychelles, Zambia, Tanzania, Hawaii, California, Hindia Barat jeung Brazil.[6][7][8][9]

Di Indonesia, Kaso beurit ieu nyebar di kapuloan Sunda Gedé, Sulawesi, Nusa Tenggara, Maluku nepi ka Papua.[6] Mikaresep tempat-tempat anu teu pati negrak, kaso beurit biasa kapanggih hirup ngarungkun sajumpluk atawa hirup jeng tangkal séjén saperti di leuweung hati, kebon awi.[10] Kaso beurit hirup di pipir pasir, gawir , di sela-sela batu, jero rungkun, sisi susukan, kebon jukut, jeung sisi kebon dina jangkung patempatan palebah 150-2.000 m dpl.[7] [10]

Mangpaat

[édit | édit sumber]
Sapu tina malai kaso beurit

Heyne nyebutkeun cenah di Jawa Tengah, mĕnjalin wuwu ini ngahaja dipelak di lamping-lamping anu nangtawing pikeun nahan érosi jeung nyingkahkeun tanah longsor; sagigireun éta dipelak pikeun pager.[5]

Daun-dauna anu ngora dimanfaatkeun pikeun campuran parab ingon-ingon; sareng di Jawa Kulon, malai kembangna dimangpaatkeun pikeun nyieun sapu.[5] [7][10][11]

Catetan taksonomis

[édit | édit sumber]

Thysanolaena latifolia tayalian hiji-hijina anggota marga Thysanolaena anu dipiwanoh; sagigireun éta ogé mangrupi hiji-hijina anggahota Ztribus Thysanolaeneae.[1][12][13].

Dicutat tina

[édit | édit sumber]
  1. a b c d Nees von Esenbeck, C.G.D. 1835. "New genera of Indian grasses." Edinburgh New Philosophical Journal 18: 180. Edinburgh:A. and C. Black [etc.]
  2. Honda, M.. 1930. Journal of the Faculty of Science, Imperial University of Tokyo. Section III (Botany), 3: 312.
  3. Hornemann, J.W. 1819. Supplementum Horti Botanici Hafniensis: 117. Hafniae.
  4. The Plant List: Thysanolaena latifolia (Roxb. ex Hornem.) Honda. Diaksés pada 18/X/2016.
  5. a b c d e Heyne, K. 1987. Tumbuhan Berguna Indonesia I: 206-7. Badan Litbang Kehutanan, Departemen Kehutanan. Jakarta. (versi berbahasa Belanda -1922- I: 150, sebagai T. maxima)
  6. a b c d e f g h RBG Kew - GrassBase: Thysanolaena latifolia. Diakses pada 18/X/2016.
  7. a b c d e f g h i Flora of China: Thysanolaena latifolia (Roxburgh ex Hornemann) Honda Archived 2022-12-12 di Wayback Machine. Diakses pada 18/X/2016.
  8. Hsu, Chien-Chang. 2000. Flora of Taiwan, 2nd ed. 5: 336.
  9. e-Monocot: Thysanolaena latifolia (Roxb. ex Hornem.) Honda Archived 2016-10-20 di Wayback Machine
  10. a b c Manidool, C. 1992. Thysanolaena latifolia (Roxb. ex Hornem.) Honda. In: Mannetje, L.'t and R.M. Jones (Eds). Plant Resources of South-East Asia. No. 4 (Forages): 224-225. PROSEA (Plant Resources of South-East Asia) Foundation, Bogor, Indonesia. (Internet) Record from Proseabase Archived 2016-10-20 di Wayback Machine. Diakses pada 18/X/2016.
  11. FAO: Thysanolaena latifolia (Roxb. ex Hornem.) Honda Archived 2016-04-12 di Wayback Machine
  12. Kew World Checklist of Selected Plant Families: Thysanolaena Nees[tumbu nonaktif]. Diakses pada 18/X/2016.
  13. Flora of China: Poaceae Tribe Thysanolaeneae. Diakses pada 18/X/2016.

Tutumbu ka luar

[édit | édit sumber]
Wikimedia Commons logo
Wikimedia Commons logo
Wikimedia Commons mibanda média séjénna ngeunaan