Ki cacangkir
Ki cacangkir | |
---|---|
Ki cacangkir, Abroma augusta di kampus IPB Darmaga, Bogor | |
Klasifikasi ilmiah | |
Karajaan: | |
(unranked): | |
(unranked): | |
(unranked): | |
Ordo: | |
Kulawarga: | |
Génus: | |
Spésiés: | A. augusta
|
Ngaran binomial | |
Abroma augusta | |
Sinonim | |
Sinonim selengkapnya pada: The Plant List[6] |
Ki cacangkir; (Abroma augusta (L.) L.f.) nyaéta tutuwuhan anu asalna tina kulawargga Malvaceae.[7] Tangkal ki cacangkir hirup nyebar ti mimiti India, Asia Ngidul, Tiongkok kidul, ngaliwatan Nusantara nepi ka Pasifik.[7] Dina basa Inggris, Ki cacangkir disebutna Devil’s cotton, perennial Indian hemp, atawa cotton abroma.[7]
Ngaran daérah
[édit | édit sumber]Ngaran daérah ki cacangkir aya sababaraha rupa, kayaning:
- Melayu : kapas hantu[8]
- Sunda : ki kecangkir, ki cacangkir, kaworo
- Jawa : kapasan, lawé
- Minang : baréh-baréh
- Lampung : rĕbong pĕngayoh
- Ternaté:amé-amé
- Halmahéra : jaba oto (Halmahera)
- Pulo Buru : runa (Buru).[9] [10]
Ciri mandiri
[édit | édit sumber]Rungkun anu ajeg ngawujud tangkal leutik, jangkungna bisa nepi ka 10 m;[7] tapi anu remen katempo 2–3 m.[10] Tangkal sareng régang baruluan anu matak ateul mun keuna kana kulit.[7]
Daun-daun tunggal, selang-seling, gagang daun panjang, puhuna kawas jantung, tungtungna méncos; deukeut puhu régang buleud kentob 3-5, lk. 20–37 cm garis tengahna, sareng anu deukeut tungtung régang buleud endog panjang kalawan tungtungna rérégéan.[10]
Kembang ngumpul di jero wadah anu wujudna kawas cangkir (cyme) ditungtung régran atawa pasingareup-singareup jeung daun, eusina 1-4 kuntum, cupat cangkir lk. 1–3 cm, daun panyalindungna (braktea) 6–8 mm. Kembangna ngagantung, diaméter 3–5 cm, kelamin ganda, lobana-5, gagangna panjang 1–3,5 cm. Kelopak kembang bertaju-5 bagéan dalam, menyegitiga, 15–20 mm × 6 mm, semu héjo. Daun mahkota 5 lambar, wujudna sendok, 2–3,5 cm × 1 cm; bungur kolot, beureum atawa konéng kalayan puhuna celong jeung bodas; leuleus ngagantung .[7] Tempat benang sari wujudna kawas pariuk, putik sari 15, pajulang-jaling unggal 3 putik sari jeung 1 staminodium.[10]
Buah wujud locéng atawa aseupan tibalik, jangjangna 5, engkéna baris meleték muka sorangan milu kan sikatanna.[10] ukuran lk. 4–5 cm × 3–4 cm.[7] Biji buleud aya agé anu lonyod kawas endog, 3–4 mm × 2 mm.[7]
Agihan jeung ékologi
[édit | édit sumber]Ki cacangkir nyebar ti mimiti India, Asia Tenggara, ka wétan Tiongkok kidul jeung Kepuloan Solomon, jeung ka kidul nepi ka Australia kalér.[7] Di Asia Tenggara, ki cacangkir aya hirup kapanggih di Thailand, Vietnam, Malaysia, Indonesia, jeung Pilipina.[11] Di India, Asia Tenggara, jeung Afrika (Kongo katut Uganda) ngahaja dipelak pikeun diarah haramayna.[7]
Rungkun ki cacangkir remen katempo hirup di sisi susukan, ogé di leuweung anu caang, di tegalan; anu perenahna 5-1.100 m dpl.[10] aya ogé hirup liar dina taneuh anu teu kaurus, sisi kampung , sarta sisi jalan karéta api. Wilayah nyebarna ka daérah anu kaayaan suhuna lk. 27–30 °C dina usum halodo tarik, rata-rata turun hujan sahenteuna 1500 mm dina satauna.[7]
Manfaat
[édit | édit sumber]Tina pepagan;kulit jerona ngahasilkeun harambay;selulosa, anu kasebut leuleus pikeun digintir dijieun tali (benang) useup, jaring lauk, jaring tempat saré (kulambu), tambang, jeung bahan pakéan.[7] Ieu harambay ki cacangkir mibanda kualitét anu alus pikeun dijieun bahan kabutuhan sapopoé.[12] Di Lampung, harambayna dimangpaatkeun pikeun nyieun buuk palsu bakat ku alus leuleus liat.[9] Pikeun ngarah harambay ki cacangkir, numutkeun Rumphius urang Bali dimimitian neukteukan heula tangkan ki cacangkir, tuluy dikeueuman heula 2 nepi ka 3 poé sangkan rada buruk jadi leuwih gampil migawéna, kakara kulit luarna dikerok, bakal katembong harambay anu bersih bodas tulu baé disuay-suay sangkan bisa diarah harambayna. Rumphiusnyebut kana ki harambay "capas antu" (Lat.: Gossypium daemonis, atawa Bld.: Duivels cattoen).[8]
Timimiti akar, tangkal, daun jeung anu séjén dimangpaatekun pikeun ubar.[13] Ki cacangkir digunakeun ubar tradisional di India jeung Bangladesh pikeun ngubaran gangguan mangsa datang haid, pikeun ubar (afrodisiak) sarta anti-kesuburan, nyageurkeun kasakit kencing nanah (gonore) jeung kencing manis (diabetes), kitu deui bisa ngubaran penyakit kulit.[7][13][14] Di zaman Rumphius, akarnya dipergunakan sebagai obat kudis.[8]
Ki cacangkir sakapeung ngahaja dipelakeun pikeun pepelakan hias, mapaés buruan sangkan tambah éndah .[11]
Catatan kaki
[édit | édit sumber]- ↑ Linné, Carl von. 1767. Caroli Linnaei...Systema naturae per regna tria naturae :secundum classes, ordines, genera, species, cum characteribus, differentiis, synonymis, locis. Editio decima tertia, ad editionem duodecimam reformatam Holmiensem. t.3: 233. Vindobonae :Typis Ioannis Thomae, 1767-1770.
- ↑ Linné, Carl von. 1782. Supplementum plantarum Systematis vegetabilium editionis decimae tertiae, Generum plantarum editionis sextae, et Specierum plantarum editionis secunda. p.341. Brunsvigae [Braunschweig] :Impensis Orphanotrophei, 1781.
- ↑ Jacquin, NJ. 1776. Hortus botanicus Vindobonensis [...] Vol. III: 3, Tab.1. Vindobonae : typis Josephi Michaelis Gerold, aulae imperialis typographi, 1776-1777.
- ↑ Aiton, WT. 1812. Hortus Kewensis [...] The second edition [...] Vol. IV: 409. London : Longman, Hurst, Rees, Orme, and Brown, Paternoster Row (printed by Richard Taylor and Co. Shoe-Lane, London) 1812
- ↑ Miquel, FAW. 1859. Flora van Nederlandsch Indië. Vol. 1(2): 183. Amsterdam :C.G. van der Post; [etc.] 1855-60.
- ↑ The Plant List: Abroma augusta (L.) L.f.
- ↑ a b c d e f g h i j k l m Wabuyele, E., 2011. "Abroma augusta (L.) L.f." [Internet] Record from PROTA4U. M. Brink & E.G. Achigan-Dako (Editors). PROTA (Plant Resources of Tropical Africa / Ressources végétales de l’Afrique tropicale), Wageningen, Netherlands. <http://www.prota4u.org/search.asp Archived 2013-11-08 di Wayback Machine>. Accessed 20 November 2015.
- ↑ a b c Rumpf, G.E. 1743. Herbarium Amboinense: plurimas conplectens arbores, frutices, ... Pars IV: 38; Tab 14. Amstelaedami:apud Franciscum Changuion, Hermannum Uttwerf. MDCCXLIII.
- ↑ a b Heyne, K. 1987. Tumbuhan Berguna Indonesia 3: 1347. Jakarta: Badan Litbang Kehutanan, Departemen Kehutanan. (versi berbahasa Belanda -1917- III: 232-3, sebagai Abroma augusta L., A. fastuosa R.Br. dan A. mollis DC.).
- ↑ a b c d e f Steenis, CGGJ van. 1981. Flora, untuk sekolah di Indonesia: 301. Jakarta: PT Pradnya Paramita.
- ↑ a b Useful Tropical Plants: Abroma augustum(L.) L.f.
- ↑ Hanelt, P. 2001. Mansfeld's Encyclopedia of Agricultural and Horticultural Crops: (Except ... p.1578. Berlin: Springer Science & Business Media.
- ↑ a b Medicinal Plants of Bangladesh: Abroma augusta L. Archived 2016-05-15 di Wayback Machine (kandungan kimiawi).
- ↑ Quattrocchi, U. 2012. CRC World Dictionary of Medicinal and Poisonous Plants: Common Names ... p.6. Boca Raton: CRC Press.
Pranala luar
[édit | édit sumber]- FAO Ecocrop: Abroma augustum Archived 2012-05-21 di Wayback Machine
- Philippine Medicinal Plants: Anabo, Ambroma augusta Linn.
- Project Gutenberg: Abroma augustum