Muara

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
(dialihkeun ti Muhara)
Luncat ka: pituduh, paluruh
Gambar:Muara Bangbayang.png
Muara di Kampung Mandalakasih Garut ditempo ti Satelit[1]

Muara atawa muhara nyaéta hiji tempat patepungna cai walungan jeung cai laut,[2] muara bisa mibanda harti ogé hiji tempat di mana ngocorna cai susukan paamprok reujeung susukan séjén anu leuwih gedé, bisa ogé amprok jeung balong atawa situ.[3][4][5]

Pedaran[édit | édit sumber]

Basa Inggrisna muara téh Estuaries (estuary)[6] ekosistem muara mibanda mangpaat anu pohara lobana utamana taneuhna anu subur loba ngandung nutrisi[6], Daérah muara biasana loba kapanggih leutak, embel (rawa)[5], lempung jeung keusik anu kabawa palid tigirang tuluy namper dimuara jadi (sedimen)[5] , sasatoan anu hirup dimuara saperti rupa-rupa cacing, haremis, keuyeup,[6] rupa-rupa lauk gedé lauk leutik[7], sidat,[8] kuya[9], malahan disawaréh muara dicicingan ku sato galak saperti buaya muara.[10]

Rupa-rupa muara[édit | édit sumber]

Ditempo tina ngocorna cai, muara dibédakeun kana dua rupa taya lian muara asli (limnetik) jeung muara limnokren.[9] Muara asli maksudna tempat anu ngalegok sisi basisir tur salawasna kakeueum ku cai anu nyaéta leberan cai tisusukan, muara limroken maksudna tempat anu ngalegok ayana disisi basisir tur paamprok jeung cai laut , cai anu ngeueum éta legokan bisa cai limnetik atawa cai anu ngaburial / ciburial anu aya handapeun éta legokan.[9]

Tatangkalan muara[édit | édit sumber]

Tatangkalan anu hirup di muara kudu bisa nyaloyogkeun hirupna/beradaptasi utamana mangsa cai naék anu ngabalukarkeun tangkana kakeueum ku cai laut [7] Komunitas tutuwuhan anu hirup dimuara saperti jujukutan, ganggeng, jeung fitoplankton.[7] Muara nyaéta daérah pindahna/transisi cai susukan anu ngocor ti darat kalaut,[9] , didaérah tropis anu mibanda usum hujan anu panjang tur hawa anu jemlék muara dikuriling ku leuweung babakoan[9], tangkal nipah/dahon, pandan, sagu, jeung tatangkalan rawa anu séjénna.[11]

Sasatoan muara[édit | édit sumber]

Dina habitat tatangkalan anu aya di muara kapanggih jutaan sasatoan/Organisme anu hirup gumantung kana ayana ieu muara.[7] komponén biotikna sacara garis badagna bisa digolongkeun kana:

Organisme autotrop[7][édit | édit sumber]

nyaéta organisme anu hirupna tina kamampuana pikuen ngarobah bahan organik jadi anorganik (bisa nyieun kadaharan sorangan) organisme sarupa kieu aya dua rupa :

  • Fotoautotrop : organisme anu mibanda kamampuan ngarobah energi cahaya pikeun ngarobah bahan anorganik jadi bahan organik.[rujukan?] Contona tatangkalan anu mibanda daun hejo.[7]
  • Kemoautotrop : organisme anu bisa ngamangpaatkeun Energi tina ayana réaksi kimia pikeun nyadiakeun kadaharana tina bahan organik.[7]

Organisme heterotrop[7][édit | édit sumber]

Organisme ieu kacukupan organismena tina organisme anu sejen, contona : sasatoan, supa, jeung baktéri non autotrop.[rujukan?] Muara nyaéta tempat anu loba nyayagikeun kabutuha hirup organisme saperti teritip (Krustasea, Cirripedia), haremis jeung tutut (Bivalvia jeung Gastropoda) anu hirup handapeun beungeut cai, aya anu hirup jero leutak seperti cacing, ogé prédator badag : Baronang, Kerapu, Kapiting, Cucut, jeung Salmon.[7]

Organisme Pangurai atawa dekomposer[7][édit | édit sumber]

Pengurai atau dekomposer taya lian organisme menguraikan/ngaliyurkeun bahan organik anu asalna tina organisme paéh.[rujukan?] Pengurai disebut ogé konsumén makro (sapotrof) kulantaran kahakananna mibanda ukuranan leuwih gedé. Kaasup kana Organisme anu kieu saperti kapiting, rupa-rupa haremis, baktéri, cacing laut, jeung supa.[7]

Dicutat tina[édit | édit sumber]

  1. "Muara satelit". Diakses tanggal 2017-05-2. 
  2. "Muara". Diakses tanggal 2017-05-2. 
  3. "Ngaran Patempatan dina Basa Sunda". 
  4. "Muara". 
  5. a b c "Geografi: Membuka Cakrawala Dunia". books.google.co.id. Diakses tanggal 2017-05-2. 
  6. a b c "Ekosistem Muara". translate.com=2017-05-5. 
  7. a b c d e f g h i j k "Ekosistem muara". http://biologinatural.blogspot.co.id. Diakses tanggal 2017-05-5. 
  8. "Sidat". books.google.co.id. Diakses tanggal 2017-05-2. 
  9. a b c d e "Ekologi". books.google.co.id. Diakses tanggal 2017-05-2. 
  10. "Air Sungai, Danau dan Laut". books.google.co.id. Diakses tanggal 2017-05-2. 
  11. "Manajemen Hutan". books.google.co.id. Diakses tanggal 2017-05-2. 

Baca Ogé[édit | édit sumber]

  1. Muara
  2. Ekosistem muara


Nulis.jpg



Wikimedia Commons logo
Wikimedia Commons mibanda média séjénna ngeunaan