Lompat ke isi

Skizofrénia

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Lukisan karya Louis Wain anu miboga panyakit skizofrenia.

Skizofrénia nyaéta gangguan jiwa anu parna[1]. Ieu panyakit ngalantarankeun jalma ngalaman halusinasi, délusi, boga pamikiran anu kacau, sarta robahna tingkah laku[1]. Skizofrénia disababkeun ku héséna ngabédakeun kaayaan nyata anu didadasaran ku fakta jeung pikiranana sorangan[1].

Kasang tukang[édit | édit sumber]

Nepi ka ayeuna, kasang tukang panyakit Skizofrénia can kapanggih[2]. Tapi aya sababaraha factor anu jadi kasang tukang Skizofrénia, di antarana:

Faktor Génétik[édit | édit sumber]

Kulawarga anu boga kasang tukang pernah skizofrénia, miboga risiko 10% leuwih luhur pikeun ngalaman hal anu sarupa[2]. Ieu risiko bakal ningkat jadi 40% nalika indung jeung bapana sarua miboga panyakit skizofrénia[2].

Komplikasi nalika Hamil jeung Ngajuru[édit | édit sumber]

Skizofrénia bisa dilantarankeun nalika keur hamil, akibatna bisa ditinggali nalika budak lahir[2]. Ieu kondisi dilantarankeun racun, virus, indung anu boga panyakit diabétes, jeung kakurangan nutrisi nalika hamil[2].

Faktor Kimia dina Uteuk[édit | édit sumber]

Teu saimbangna serotonin jeung dopamin dina uteuk ngalantarankeun salah sahijina ningkatkeun risiko keuna panyakit skizofrénia[2]. Éta hal mangrupa dua zat kimia anu miboga fungsi pikeun ngirimkeun sinyal dina sél-sél uteuk salaku bagéan tina neurotransmitter[2].

Jalma anu boga panyakit skizofrénia miboga struktur jeung funsi uteuk anu béda. Hal-hal anu jadi béda di antarana:

Risiko[édit | édit sumber]

Panyakit skizofrénia boga risiko leuwih pikeun rumaja jeung jalma anu rék nyangharepan yuswa 20 taun[3]. Aya sababaraha risiko akibat panyakit skizofrénia di antarana:

Gejala[édit | édit sumber]

Skizofrénia miboga dua gejala, nyaéta:

  • Négatif, tuwuh lantaran sikep jeung kamampuh anu dipiboga ku jalma normal[4]. Contona, konséntrasi, pola istirahat, jeung motivasi pikeun hirup ngaleungit[4]. Hal séjén anu dirasa nyaéta hésé pikeun gaul jeung batur[4]. Ciri-ciri jalma anu keuna ku skizofrénia negatif nyaéta apatis, émosina goréng, teu maliré kana diri sorangan, sarta mindeng nyorangan[4].
  • Positif, ngalantarankeun jalma jadi délusi, halusinasi, pikiran jadi kacau, sarta robahna tingkah laku[4].

Diagnosis[édit | édit sumber]

Umumna dokter bakal ngalakukeun pamariksaan fisik heula[1]. Lian ti éta, dilakukeun pamariksaan ka kulawarga[1]. Diagnosis séjén dilakukeun tés darah, pamariksaan CT scan atawa MRI pikeun ngaleungitkeun sabab organik tina gejala skizofrénia[1]. Contona, kawas tumor uteuk, atawa gagal metabolik anu miboga gejala halusinasi kawas skizofrénia[1].

Cara Ngubaran[édit | édit sumber]

Skizofrénia bisa diubaran ku sababaraha cara, kawas ngombinasikeun obat-obatan ngaliwatan térapi psikologi[1]. Obat anu dibéré nyaéta antipsikotik anu mangaruhan zat neurotransmitter dina uteuk[1]. Éta obat mampuh nurunkeun rasa hariwang atawa nahan sangkan teu halusinasi[1].

Cara séjén pikeun ngubaran skizofrénia nyaéta ku éléktrokonvulsif (ECT)[1]. Ieu cara digunakeun ku méré aliran listrik éksternal ka uteuk[1]. Kondisi jalma kudu geus di anastési sangkan teu sadar[1]. Ieu cara digunakeun sangkan ngurangan éfék halusinasi[1].

Daftar Référénsi[édit | édit sumber]

  1. a b c d e f g h i j k l m n "Skizofrenia". Alodokter. Diakses tanggal 2021-04-27. 
  2. a b c d e f g h i j k "Gangguan Skizofrenia dalam Dunia Medis". Bethsaida Hospital (dalam en-US). Diakses tanggal 2021-04-27.  Archived 2021-04-27 di Wayback Machine
  3. a b c d e f g h "4 Faktor Risiko Skizofrenia yang Tidak Banyak Diketahui • Hello Sehat". Hello Sehat (dalam id-ID). Diakses tanggal 2021-04-27. 
  4. a b c d e "Skizofrenia | Tanda dan Gejala, Penyebab, Cara Mengobati, Cara Mencegah". SehatQ (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2021-04-27.  Archived 2021-04-27 di Wayback Machine