Lompat ke isi

Kapuloan Andaman

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas

Citakan:Use Indian English Citakan:Verification

Andaman Islands
Géografi
LokasiBay of Bengal
Koordinat12°30′N 92°45′E / 12.500°N 92.750°E / 12.500; 92.750Koordinat: 12°30′N 92°45′E / 12.500°N 92.750°E / 12.500; 92.750
KapuloanAndaman and Nicobar Islands
Jumlah pulo572
Pulo gedéNorth Andaman Island, Little Andaman, Middle Andaman Island, South Andaman Island
Lega6,408 km² (2,4741 mil²)
Élévasi pangluhurna732 m (2.402 ft)
Titik pangluhurnaSaddle Peak
Administrasi
Union territoryAndaman and Nicobar Islands
Puseur dayeuh cityPort Blair
Administrative regionYangon Region
Puseur dayeuhYangon
Demografi
Pangeusi343,125 (2011)
Kapadetan pangeusi48 /km² (124 /mil²)
Kelompok sukuBamar
Mainland Indians
Jarawa
Onge
Sentinelese
Great Andamanese
Informasi tambahan
Zona wanci
 • Summer (DST)
Ramatlokawww.andaman.nic.in
Peta lengkep
ti Kapuloan Andaman sareng Nicobar

Kapuloan Andaman (/ˈændəmən/) nyaéta hiji kapuloan, diwangun ku 200 pulo, di kalér-wétaneun Samudra Hindia perenahna aya kana 130 km kidul-kulon ti basisir Myanmar Wewengkon Ayeyarwady. Bareng jeung Kapuloan Nikobar ka kidul maranéhna, Andaman jadi salaku hiji wates maritim antara Teluk Benggala ka kulon jeung Laut Andaman ka wétan. Kalolobaan pulo mangrupa bagian tina Kapuloan Andaman sareng Nikobar, tayalian hiji Kumpulan Wewengkon ti India, sedengkeun Kapuloan Coco jeung Pulo Preparis mangrupa bagian ti Wilayah Yangon Myanmar.

Kapuloan Andaman mangrupa imah pikeun bangsa Andaman, sakumpulan masarakat pribumi anu diwangun ku sababaraha étnis, kaasup Jarawa jeung Sentinelese.[1] Sawaréh ti sababaraha pulo bisa didatangan kalawan ménta heula idin saméméhna, kajaba Pulo Sentinel Kalér ieu teumeunang didatangan sarta dilarang ku hukum teumeunang sagawayah jalma luar asup ka éta pulo. Urang Sentinelese umumna ngamusuhan ka sémah kitu deui ka jalma didinya anu kungsi saeutik kontak jeung urang luar. Pamaréntah India sareng patugana ogé milu ngajaga basisirna pikeun ngamumulé hak privasina urang Sentinelese.[2][3][4]

Sajarah

[édit | édit sumber]
Babandingan sumebarna masarakat pribumi Andaman, sateuacan abad ka-18 sareng ayeuna

Étimologi

[édit | édit sumber]

Dina abad ka-13, ngaran Andaman muncul dina Ahir Cina Tengah salaku ʔˠanH dɑ mˠan (晏陀蠻, diucapkeun yàntuómán dina Mandarin Chinese modern ) dina buku Zhu Fan Zhi ku Zhao Rukuo.[5] Dina buku Bab ka 38 , Countries in the Sea, Zhao Rukuo negeskeun yén angkat ti Lambri (Sumatra) ka Ceylan, tapi angin tarik nyéréd kapalna dugi ka antukna anjog ka Kapuloan Andaman ieu.[5][6]Citakan:Better source needed Dina abad ka-15, Andaman kacatet salaku "Andeman Mountain" (安得蠻山, diucapkeun āndémán shān dina Mandarin Chinese modérn) salila Balayarna Zheng He dina Peta Mao Kun tina Wu Bei Zhi.[7]

Pangeusi anu mimiti

[édit | édit sumber]

Bukti arkéologis pangkolotna pikeun maluruh saha anu nempatan éta pulo dina Milénium ka-1 SM. Bukti génetik nunjukkeun yén pribumi bangsa Andaman timana pituinna, sarta yén anu netep di pulo ieu dina 26,000 taun ka pengker, meureun di ahir Période glasial, nalika tingkat cai laut leuwih handap anu bisa jadi ngurangan jarak antawis Kapuloan Andaman jeung daratan Asia,[8] kalawan sawangan génetik dipercaya yén dua grup linguistik utama papisah dina sabudeureun 16.000 taun ka tukang.[9] Bangsa Andaman mangrupikeun kumpulan anu béda sacara génetik malahan béda pisan sareng urang Asia anu sanés.[10][11]

Kapuloan Andaman di Teluk Benggala disebut dicicingan ku jalma-jalma anu sirahna ajag, anu digambarkeun dina "buku kaajaiban" anu diproduksi di Paris dina awal abad ka-15.

Kakaisaran Chola

[édit | édit sumber]

Rajendra I ngarebut Kapuloan Andaman sareng Nikobar.[12]Anjeunna nganggo Kapuloan Andaman sareng Nikobar salaku pangkalan angkatan laut stratégis pikeun ngalancarkeun ékspédisi ngalawan éta Karajaan Sriwijaya. Chola menyebutn pulo Ma-Nakkavaram ("Nembrak/Taneuh buligir"), Kapanggih tina prasasti Thanjavur taun 1050 kalender kiwari/CE. Tukang ngalalana urang Éuropa Marco Polo (Abad ka 12–13) ogé disebut pulo ieu salaku Necuverann (teu katutupan) sareng wujud rusak tina nami Tamil Nakkavaram engkena baris disebut dina mangsa modérn Nikobar salami jaman kolonial Inggris.[13]

Jaman kolonial Inggris

[édit | édit sumber]

Dina taun 1789, Kaprésidénan Bengal ngadegkeun pangkalan angkatan laut sareng penjara koloni di pulo Chatham]] di bay [[tenggara] ti Andaman gedé. Patempatan ayeuna katelah Palabuhan Blair (sanggeus éta létnan Kelautan Bombay Archibald Blair anu ngadegkeun na). Sanggeus dua taun, koloni éta pindah ka Andaman gedé sarta dingaranan palabuhan Cornwallis sanggeus Admiral William Cornwallis. Kituna ku alatan, aya loba panyakit jeung anu maot dina hukuman koloni jeung pamaréntah ngeureunkeun éta operasina dina Méi 1796.[14][15]

Dina taun 1824, Palabuhan Cornwallis nyaéta tempat ngarumpulna armada nu mawa tentara ka Perang Burma Kahiji.[16] Dina taun 1830-an jeung 1840-an, awak kapal anu titeuleum badarat di Andaman mindeng diserang jeung ditelasan ku pribumi pulo jeung ogé miboga réputasi sok ngahakan jalma cannibalism.[17] Leungitna tina Runnymede ogé Briton dina taun 1844 ngarandapan badéy sarua, bari ngangkut barang jeung panumpang antara India jeung Australia, Sarta terus terusan ngayakeun serangan ku pribumi, anu salamet dilawan, nyieun hariwang Pamaréntahan British.[18] Dina taun 1855, pamaréntah diusulkeun pakampungan sejen dina kapuloan, Kaasup lembaga pamasyarakatan, ngan waé Pemberontakan India tahun 1857 kapaksa ngeureunan dina pangwangunan na. Sanajan kitu, alatan ieu barontak ngabalukarkeun Inggris loba nahan tawanan, éta dijieun pakampungan Andaman anyar jeung panjara kalintang dipikabutuh. Pangwangunan dimimitian dina bulan Nopémber 1857 di ''Port Blair'' ngagunakeun tanaga narapidana, kalayan nyingkahan sabudeureun rawa-rawa uyah nu sigana tidieu pisan sumber loba masalah saméméhna di palabuhan Cornwallis.[4].[rujukan?]

Patempuran Aberdeen ieu perang dina 17 Méi 1859 antara Bangsa Andaman jeung Inggris. Kiwari, hiji pangéling-éling nangtung di kompléks olahraga cai Andaman salaku pangajén ka jalma anu maot dina peperangna. Sieun ku niat Inggris jeung kalayan bantuan ti narapidana kabur ti penjara, Urang Andaman gedé ngajorag pakampungan Inggris, tapi aranjeunna éléh jumlahna antukna loba ngarandapan anu jadi korban. Engké, ieu dicirikeun yén aya hiji narapidana anu bisa kabur ngarannaDudhnath Tewari geus robah pamadegan sarta jadi aya di pihak Britania kalayan jadi anu mérébéja ngeunaan rencana pribumi pikeun ngayakeun ieu serangan.[19][20][21]

Dina taun 1867, éta kapal dagang Nineveh geus ancurdi batu karang di Pulo Sentinel Kalér. 86 korban salamet hasil nepika basisir dina parahu kapal. Dina poé katilu, maranéhna diserang maké tumbak anu tungtungna beusi ku pangeusi éta pulo anu dina kaayaan masih kénéh dibuligir . Saurang tina éta kapal téh bisa kabur make parahu anu séjéna disalametkeun ku kapal Angkatan Laut Karajaan Inggris.[22]

Pikeun sawatara waktu, panyakit jeung anu palastra loba pisan, tapi réklamasi rawa jeung nuar tatangkalan di leuweung tuluy dilaksanakeun. Koloni Andaman jadi kasohor alatan kajadian ditelasanna Raja Anom Richard Southwell Bourke, 6th Earl of Mayo, nalika nganjang ka pakampungan dina (8 Pébruari 1872), ku urang Pashtun ti Afghanistan, Sher Ali Afridi. Dina taun anu sarua, dua grup pulo Andaman jeung kapuloan Nikobar, dihijikeun dina pangriksa komisaris utama anu cicing di Port Blair.[16]

Markas panjara Pulo Ross, 1872
Lalaki, awéwé sareng murangkalih urang Andaman anu harébat, 1876

Ti nalika waktos pangwangunanna di 1858 di handapeun panalingaan James Pattison Walker, sarta dina nyingareupan tina ayana barontak taun saméméhna, pakampungan ieu mimitina jeung utamana mangrupakeun tempat pikeun nunda sajumlah tahanan pulitik. Penjara di Port Blair, nalika réngsé dina 1910, kaasup 698 sél disayagakeun pikeun ngurungan; unggal sél diukur 4.5 by 2.7 m (15 by 9 ft) kalayan jandéla ngan hiji 3 metres (10 ft) perenahna di luhur.[rujukan?]

Urang India anu dipenjara di dieu nyebutkeun pulo jeung penjarana salaku Kala Pani ("Cai hideung");[23] hiji film taun 1996 anu pamandanganna di ieu pulo nyokot istilah éta salaku judulna, Kaalapani.[24] Jumlah tahanan anu tilar dunya di ieu kamp disawang bisa nepika rébuan lobana.[25] Kalolobaan anu tilardunya alatan pagawéan anu kacida beurat sarta kasarna laku lampah ka sakumna tahanan.[26]

Penjara Rantai Viper di Kapuloan Viper ditujukeun pikeun tahanan anu kacida ngabahayakeun jeung ogé mangrupakeun tempat ngalaksanakeun hukuman gantung. Dina abad ka 20, éta jadi tempat anu merenah pikeun imah sakumna anggota anu kakoncara tina gerakan gerakan kamerdikaan India.[27][28][29]

Penjajahan Jepang

[édit | édit sumber]
Netaji Subhash Chandra pulo Bose dina taun 2004
Kapuloan Andaman

Kapuloan Andaman sareng Nikobar éta dijajah ku Jepang salila Perang dunya II.[30] Kapuloan anu sacara nominally nempatkeun dina otoritas ti Arzi Hukumat-e-Azad Hind (Pamaréntah Samentara Kamerdékaan India) dipingpin ku Subhas Chandra Bose, anu ngadatangan kapuloan nalika perang, sarta diganti ngaranna jadi Shaheed (Martyr) & Swaraj (Self-rule). Dina 30 Désémber 1943, dina mangsa penjajahan Jepang, Bose, anu sekutu jeung Jepang, pangheulana ngangkat bandéra kamerdikaan India. Umum Loganathan, ti Indian National Army, nyaéta Gubernur Kapuloan Andaman sareng Nikobar, anu parantos dianéksasi ku Pamaréntah Samentara. Numutkeun Werner Gruhl: "Méméh ninggalkeun kapuloan, urang Jepang mengumpulkan jeung ngaéksékusi 750 jalma teu boga salah Japanese war crimes."[31]

Pasca Perang Dunia II

[édit | édit sumber]

Nalika Perang Dunya II eureunna, pamaréntah Britania ngumumkeun niat na pikeun nutup pakampungan penal. Pamaréntah boga pamikiran pikeun ngusulkeun ngamangpaatkeun tanaga urut narapidana pikeun ngembangkeun usaha perikanan di ieu pulo, kai, jeung sumberdaya tatanén. Salaku gantina, narapidana ieu baris dibéré izin pikeun balik deui ka daratan India, atawa hak pikeun netep di kapuloan. J H Williams, salah sahiji pajabat senior Pausahaan Bombay Burma, dikirim pikeun ngalaksanakeun panalungtikan kai di ieu pulo-pulo kalayan nggagunakeun tanaga ti urut narapidana. Anjeunna ngarékam papanggihan na jeung The Spotted Deer (diterbitkeun dina 1957 ku Rupert Hart-Davis).

Koloni penal ahirna ditutup dina 15 Agustus 1947 nalika India meunang kamerdékaan dina taun 1947. Ti saprak éta, tempat ieu dimangpaatkeun salaku museum independence movement.[32]

Kalolobaan Kapuloan Andaman jadi bagian tina Républik India dina taun 1950 sarta dinyatakeun salaku hiji union territory ti nagara dina taun 1956, sedengkeun Pulo Preparis sarta Pulo Coco janten bagian tina Yangon Region ti Myanmar dina taun 1948.[33]

Ahir abad ka-20 - abad ka-21

[édit | édit sumber]

Indit ka luar

[édit | édit sumber]

Dina bulan April 1998, fotografer Amérika John S. Callahan ngayakeun kagiatan selancar anu munggaran di kapuloan andaman, mimiti ti Phuket di Thailand jeung the assistance of Southeast Asia Liveaboards (SEAL), parusahaan anu nyéwakeun parabot teuleum milik Inggris.[rujukan?] Kalawan patugas selancar profésional internasional, aranjeunna meuntas Laut Andaman dina parahu pelesir Crescentjeung ngaliwatan pamaliksaan resmi di Port Blair. Rombongan nuluykeun ka kapuloan Andaman anu laleutik, di mana maranéhna salila sapuluh poé ulin selancar di sababaraha tempat di éta kapuloan pikeun anu munggaran, kaasup Jarawa Point deukeut Hut Bay jeung long right reef point di tungtung kidul-kulon pulo, ngarana Kumari Point. Artikel anu dihasilkeun dina Surfer Magazine, "Quest for Fire" ku wartawan Sam George, nempatkeun kapuloan Andaman dina peta selancar pikeun waktu anu munggaran.[34] Rékaman ombak Kapuloan Andaman oge katempo dijero film Thicker than Water, dirékam ku anu produksi documentary film tayalian Jack Johnson.[rujukan?] Callahan kadieunakeun nuluykeun nyieun sababaraha proyék selancar lianna di Kapuloan Andaman, kaasup lalampahan ka Kapuloan Nikobar di taun 1999.[rujukan?]

In November 2018, John Allen Chau, an American missionary, traveled illegally with the help of local fishermen to the North Sentinel Island off the Andaman Islands chain group on several occasions, despite a travel ban to the island. He is reported to have been killed.[35] Despite some relaxation introduced earlier in 2018 to the stringent visit permit system for the islands, North Sentinel Island was still highly protected from outside contact. Special permission to allow researchers and anthropologists to visit could be sought.[36] Chau had no special clearance and knew that his visit was illegal.[36][35]

Sanajan sistim katangtuan asup ka pulo-pulo di Andaman ieu kiwari geus teupati hésé kawas saméméhna, kalawan warga nagara salian-India henteu kudu maké ngantongan ijin pikeun asup ka polo-pulo ieu anu tadina Restricted Area Permit (RAP), sémahna asing tetep kedah nunjukkeun pasporna di Imigrasi di Bandara Port Blair sareng Pelabuhan pikeun divérifikasi. Warga Afganistan, Cina jeung Pakistan, atawa warga nagara asing séjénna anu asalna salah sahiji nagara ieu, Citakan:Em masih diperlukeun pikeun ménta RAP pikeun nganjang Kapuloan Andaman jeung Nicobar. Nya kitu deui, warga ti Myanmar anu hoyong nganjang Mayabunder atawa Diglipurogé kedah ngajukeun lamaran ka RAP. Dina kasus ieu, idin kudu tos disatujuan saméméh datangna di Port Blair.[37]

Musibah alam

[édit | édit sumber]

Nalika 26 Désémber 2004, basisir Kapuloan Andaman ancur ku kajadian tsunami anu jangkungna 10-metre-high (33 ft) datang ti Samudra Hindia, saméméhna mangrupa lini pangpanjangna anu kungsi kacatet, lumangsung salila 500 nepika 600 detik.[38] Kabiasaan kuat mepelingan kucara cumarita/lisan di lingkungan pangeusi pulo-pulo di daérah ieu ngeunaan pentingna geuwat nyingkah ka gunung jeung ngajauhan basisir sabada ayana lini ieu jadi hiji kayakinan loba jiwa anu salamet tina ieu kajadian.[39]Sabada ieu kajadian, leuwih ti 2,000 jalma tilar dunya sarta leuwih ti 4,000 barudak kaleungitan kolot jeung kulawargana. Sarta teu kurang ti 40,000 kaleungitan imah anu antukna samentara kapaksa nyaricingan heula kémah pangungsian.[40] Nalika tanggal 11 Agustus 2009, aya lini anu kakuatanna 7 skala Richter perenahna di kapuloan Andaman, anu ngabalukarkeun peringatan tsunami dibewarakeun. Kitu deui dina tanggal 30 Maret 2010, aya deui lini anu kakuatanna 6,9 skala Richter puseurna ogé deukeut jeung kapuloan Andaman.

Géografi jeung Géologi

[édit | édit sumber]

Kapuloan Andaman mangrupakeun tutugan sagara ti kapuloan Burma [[Arakan Yoma range]] di kalér jeung ti kapuloan Indonésia di kidul. Ieu mibanda 325 pulo anu legana 6,408 km2 (2,474 sq mi),[41] kalayan Laut Andaman ka wétan aya pulo-pulo jeung basisir Burma.[15] Pulo Andaman Kalér téh 285 kilometres (177 mi) kiduleun Burma, sanajan sababaraha pulo Burma leutik leuwih deukeut, kaasup tilu Kapuloan Coco.

Ten Degree Channel nyaéta Sapuluh Darajat mangrupakeun saluran anu misahkeun Kapuloan Andaman jeung Kapuloan Nikobar perenahna di Teluk Benggala. Andamans ti Kapuloan Nikobar ka kidul. Titik pangluhurna aya di Pulo Andaman Kalér (Saddle Peak) di 732 m (2,402 ft)).[41]:33

Géologi kapuloan Andaman dasarna diwangun ku Jurasik ahir ka Eosen Awal ofiolit jeung batuan sédimen (argillaceous jeung ganggang apu), robah wujudna ku lobana ngerelep/faults jeung kasurungkeun/thrust kalawan ultramafic igneous intrusions.[42] Sahenteuna aya 11 gunung anu ngaluarkeun leutak/mud volcano di ieu kapuloan.[42] Aya dua pulo vulkanik, kapuloan Narcondam jeung Barren Island, nu geus dihasilkeun basalt jeung andesite. Kapuloan Barren mangrupa hiji-hijina gunung seuneuan anu masihkénéh hirup di anak benua Indiajeung bitu panganyarna dilaporkeun dina Désémber 2022, ngarah kana poténsi pikeun geotourism.[43][44]

Iklim anu has pulo-pulo tropis kalawan gurat lintang anu sarua. Salawasna haneut, kalawan angin laut anu tarik. Hujan turun henteu tangtu, ilaharna garing nalika angin muson kalér-wétan, Sarta kacida baseuh nalika muson kidul-kulon.[45]

Tutuwuhan

[édit | édit sumber]
Leuweung tropis, Pulo Shaheed
Tangkal babakoan di basisir, Pulo Havelock

Palabuhan Andaman Tengah lolobana beueus leuweung anu daunna ngarangrangan (gugur). Ari Andaman Kalérmah mibanda leuweung anu héjo sapanjang taun, sarta dipinuhan ku tatangkalan anu ngarambat kana éta tatangkalan.[rujukan?]

Végétasi alami Andaman tayalian leuweung tropis, kalawan tangkal babakoan ngampar di sisi basisir. Leuweung hujan tropis di dieu mibanda komposisi anu mirip jeung leuweung hujan tropis di basisir kulon Burma. Sabagian gedé leuweungna hejo sapanjang taun, tapi aya ogé wewengkon anu leuweungna ngaragrangan (gugur) di Andaman Kalér, Andaman Tengah, Baratang anu mangrupakeun bagian ti Pulo Andaman Kidul. Leuweung Andaman Kidul mah loba pisan tutuwuhan anu napel ka tutuwuhan séjén epiphytic, lolobana pakis jeung anggrek.

Di dieu Leuweung Andaman téh sabagian gedé masih kénéh weuteuh tur alami, sanajan aya leuweung anu ditaluaran alatan dipikabutuh tisaprak loba imigrasi ti wilayah daratan India, Andaman Leutik, Narcondam, Andaman kalér jaung Andaman kidul. Tapi, maksudna tina proyék téh pikeun ngalestarikeun basisir jeung sato-sato laut, lain pikeun ngababad leuweung hujan.[46]Di Pulo Interview jeung Andaman Kalér Ancaman pikeun sato-sato liar datang ti spésiés anu dipikawanoh kaasup beurit, anjing, ucing jeung gajah.

Para élmuwan manggihan spésies anyar ganggang héjau di kapuloan Andaman, ngarana Acetabularia jalakanyakae. "Jalakanyaka" mangrupa kecap Sanskerta anu hartina "putri duyung".[47]

Rumah panggung di perkebunan kayu Andaman

Leuweung Andaman mibanda 200 malahan leuwih spésiés tangkal anu ngahasilkeun kai, aya kurang leuwih 30 jinis dianggap mibanda harga anu mahal. Spésiés kai komérsial utama tayalian Gurjan (Dipterocarpus spp.) jeung Padauk (Pterocarpus dalbergioides). Kai hias dihandap ieu dipiwanoh alatan wangun tina urat kai anu hadé:

Kai Padauk leuwih kuat tibatan kai jati sarta loba dimangpaatkeun pikeun nyiun parabot imah/furniture.

Aya wujud kai kayu cucuk jeung akar penopang di Padauk Andaman. Potongan panggédena anu kungsi dipikanyaho ti leuweun andaman tayalian méja makan anu ukuranna 13 ft × 7 ft (4.0 m × 2.1 m). Potongan kai cucuk anu dijieun méja makan ieu bisa dipaké ku dalapan urang.

Tangkal Rudraksha (Elaeocarps sphaericus) jeung tangkal damar Dhoop anu kaangseu seungit/aromatik ogé kapanggih hirup didieu.[48]

Sasatoan

[édit | édit sumber]
Batu karang Havelock di Andaman

Kapuloan Andaman téh imah pikeun sajumlah sato, loba diantarana sato éndemik. Kapuloan Andaman jeung Nikobar téh imah pikeun 10% ti sakabéh spésiés sasatoan India.[49] Kapuloan ieu legana ngan 0,25% tina lega géografis ieu nagara, tapi mibanda 11.009 spésiés, numutkeun hiji publikasi ti Survei Zoologi India.[49]

Mamalia

[édit | édit sumber]

Mamalia éndemik pulo ieu antarana:

Céléng (Sus scrofa vittatus), ogé dipiwanoh salaku babi leuweung Andaman ogé kungsi dianggap salaku subspésiés éndemik,[50] ditangtayungan ku Undang-Undang Perlindungan Satwa Liar taun 1972 (Sch I). aya ogé peucang, uncal (Axis axis), mencek (Muntiacus muntjak) ogé uncal (Rusa unicolor) maranéhna katempi hirup di ieu kapuloan.

Pulo Interview (suaka margasatwa pang gedéna di wewengkon ieu) perenahna di Andaman Tengah loba kapanggih hirup monyét liar gajah, anu dibawa ku pagswé pausahaan nalika ngabukbak leuweung sarta dileupaskeun didieu alatan pausahaanna tutup. Populasi ieu geus jadi subjék pikeun panalungtikan.

Manuk éndemik atawa ampir éndemik di antawisna:

Pulo anu mibanda guha anu loba, saperti anu aya di Chalis Ek tayalian tempat nyayang pikeun rupa-rupa manuk anu bisa diarah sayangna swiftlet, sayangna dihargaan mahal pisan di Tiongkok salaku bahan nyieun sop /bird's nest soup.[52]

Réptil jeung amphibi

[édit | édit sumber]

Kapuloan ieu ogé mibanda sajumlah spésiés réptil éndemik, bangkong jeung bancét, aya ogé kobra Andaman (Naja sagittifera), oray krait Andaman Kidul/kawas iray welang (Bungarus andamanensis) jeung bayawak cai Andaman (Varanus salvator andamanensis).

Aya tempat panyalindungan 72 km (45 mi) ti kapuloan Havelock pikeun buaya cai laut. Salila 25 taun katukang geus aya kana 24 kali serangan anu dilancarkeun ku buaya kalawan aya 4 anu geus jadi korbanna, kaasup maotna turis Amérika Lauren Failla. Ku ieu kajadian pameréntah dikritik alatan gagal méré nyaho wisatawan ngeunaan tempat garawatan buaya jeung bahayana. sakaligus ngapromosikeun pariwisata.[53]

Buaya henteu ngan kapanggih di jero suaka margasatwa, tapi ogé di sakabéh kantétan pulo kalayan kapadatan anu rupa-rupa. Habitat maranéhanana teu loba, matakna populasina stabil tapi henteu loba. Populasina kapanggih di sakabéh habitat babakoan anu sayagi di sakabeh pulo gedé, kaasup sababaraha anak susukan di Havelock. Spésiés ieu ngagunakeun laut salaku sarana transportasi tiap susukan jeung muara anu béda, matakna maranéhanana henteu ilahar katempo di tengah laut. Sabalikna ulah ngojay di deukeut daérah babakoan atara muara susukan; ngojay di tengah laut kuduna leuwih aman, tapi sabalikna kudu aya anu nalingakeun di tempat sabudeureun.

Démografi

[édit | édit sumber]
The von Eickstedts di Andamans 1926
Hiji kulawarga Andaman di pulo Andaman gedé taun 2006

, the population of the Andaman was 343,125,[54] Sanggeus tumuwuh tina 50.000 taun 1960. Seuseueurna populasi asalna ti imigran anu datang ka pulo saprak jaman kolonial, utamana urang Bengali, Hindustan, Telugu [1], Tamil backgrounds.[55]

Étnis Andaman

Hiji étnis Andaman anu saeutik jumlahna tayalian urang aboriginal inhabitants (adivasi) di ieu pulo. Nalika maranéhna munggaran muka diri ka jalmi diluar taun 1850-an ti harita ngeureuyeuh ngawangun hubungan, kurang leuwih aya kana 7.000 jalmi, diantawisna Andaman Besar, Jarawa, Jangil (atawa Rutland Jarawa), Onge, jeung Sentinelese. Andaman gedé diwangun ku 10 étnis anu anggotana aya 5.000 jalma. Dibarung ku ngaronjatna pangeusi di daratan utama (anu mimitina sabagian gedé urut tahanan sarta buruh kontrak anu henteu sukarela, kadieunakeun ngahaja digawékeun sangkan mantuan patani), Andaman kungsi ngalaman ngurangan populasi alatan kaserang ku panyakit anu népa datangna ti luar, parebut taneuh ku anu nyaricingan, jeung pacogrégan. [3]

Kapuloan Andaman téh imah pikeun bangsa Sentinelese , étnis anu tacan kungsi ka saba ku jalma luar.[56]

Alatan pulo maranéhna anu hésé kasaba, masarakat Andaman sabagéan gedé byingkahan ayana hubungan jeung jalma luar. Basa maranéhna mangrupakeun gambaran gedé tina ieu hal, linguistik maranéhna béda tur mibanda ciri-ciri morfologi anu kuat – kecap dasar, mimiti, panungtung– tur saeutik pisan mibanda hubungan jeung jalma luar sarta géografis disabudeureuna .[57]

Nincak akhir abad ke-20 diperkirakeung anu nyesa tinggal 400–450 étnis Andaman di éta pulo, sarta ngan 50 anu masih keneh maké basa Jangil geus tumpur. sabagian gedé étnis Andaman gedé geus tumpur, anu masih kénéh hirup kiwari, kurang leuwih 52, sawaréhna ngaromong maké bahasa Hindi.[58] Etnis Onge ngurangan kiwari nepika nyesa kurang ti 100 jalma. Ngan étnis Jarawa jeung Sentinel anu masih kénéh hirup pengkuh dina kamandirianna sarta nolak tina sabagian gedé usaha pikeun muka hubungan; jumlahna teu pasti tapi kawasna ngan sababaratus urang.[48]

Basa-basa asli sakumna disebut salaku basa Andaman, nanging ti kitu aranjeuna ieu diwangun ku dua kulawarga anu henteu sarua, sarta aya lusinan basa basa-basa asli secara anu kiwari geus tumpur atawa ampir tumpur.

Sabagian gedé masarakat suku di Kapulauan Andaman jeung Nikobar ngagem kayakinan anu tiasa disebat salaku animisme monoteistik. Masarakan di pulo-pulo ieu percaya yén Puluga nyaéta hiji-hijina déwa anu tanggungjawab kana sagala rupa anu kajadian di luhureun dunya.[59] Kapercayaan urang Andaman sarta diwariskeun katurunana yén Paluga cicingna di Saddle Peak Kapuloan Andaman jeung Nikobar. Jalma-jalma di pulo ieu sabisa-bisa nyingkahan naon wae lampah anu matak henteu pikaresepeun Paluga. Jalma-jalma anu ngagem kana ieu kapercayaan bakal nyurup hiji jiwa, jurig, jeung roh. maranehna ogé kacida percayana kana kajadian dina ngimpi. Nya tina ngimpi ieu manranéhna nangtukeun hirup rék kamana jeung kumaha.[60]

Mitologi Andaman nyebatkeun cenah manusa lalaki asalan bijil tina beulah awi, sedengkeun anu awéwéna dijieun tina taneuh liat (tela).[61] Salah sahiji carita anu kapanggih ku Alfred Reginald Radcliffe-Brown nyebutkeun cenah, manusa anu pangheulana tilar dunya éta mangkat ka surga, dunya anu matak pikabetaheun, nanging ieu kabetah jeung ka bungah téh sirna ku alatan ngalanggah hiji pantangan, hususna nuang sayuran anu dicarang pikeun di tuang.[62] Antukna ditarajang ku bala bencana, tisaprak harita pangesi anu hirup jadi leuwih padet sarta henteu pengkuh kana aturan Puluga. Ku alatan kitu, nya datang Banjir gedé anu ngabalukarkeun tinggal opatan anu salamet, tapi kaleungitan seuneu maranéhna.[63][64]

Kayakinan sejen anu diagem di kapuloan Andaman jeung Nikobar tayalian, dumasar kan lobana anu muhit, Hindu, Kristen, Islam, Sikhism, Buddha, Jainism and Baháʼí Faith.[65][66]

Pamaréntah

[édit | édit sumber]
Puseurdayeuh kapuloan Andaman, Port Blair

Port Blair tayalian komunitas anu utama di pulo-pulo ieu, jeung jadi puseur administrasi wewengkon persatuan. Kapuloan Andaman diwangun ku hiji distrik administratif di jero wewengkon Persatuan, district Andaman (Kapuloan Nikobar dipisahkeun sarta ditetepkeun salaku distrik Nikobar geus dipisahkeun tisaprak taun 1974).

Angkutan

[édit | édit sumber]

Hiji-hijina bandara komérsial nyaéta Veer Savarkar International Airport di Port Blair, nu geus dijadwalkeun jasa pikeun Kolkata, Chennai, New Delhi, Bengaluru, Hyderabad jeung Visakhapatnam. Bandara ini aya dina pang riksa Angkatan Laut India. Saméméh taun 2016 ngan meunang operasi tibeurang wungkul; Ngan, tisaprak 2016 peuting ogé geus diijinan .[67] Aya hiji lapangan udara leutik, kurang leuwih panjangna 1,000 metres (3,300 ft), perenahna di deukeut basisir wétan Andaman kalér deukeut dekat Diglipur.

Alatan panjangna rute jeung saeutikna jumlah maskapai anu hiber ka pulo-pulo éta, harga tikét pesawat sacara historis kawilang mahal, sanajan leuwih murah pikeun warga lokal tibatan sémah anu datang. Harga tikét pesawat mahal salila usum puncak usum semi jeung usum tiris, sanajan harga tikét pesawat geus ngurangan hargana bareng jeung waktu anu sarua ngalegaanna industri penerbangan sipil di India. Penerbangan pribadi ogé diizinkeun eunteup di ieu bandara Port Blair kalawan kudu ménta ijin heula saméméhna.

Aya ogé jasa kapal ti Chennai, Visakhapatnam sareng Kolkata. Perjalanan butuh tilu dinten dua wengi, sareng gumantung kana cuaca.

Rujukan budaya

[édit | édit sumber]

Citakan:Perbaikan bagian Pulo-pulo ieu sacara husus diguar sajereun misteri Sherlock Holmes taun 1890 hasil ti Arthur Conan Doyle.[68][69] Hakim di Lady Gregory Drama Menyebarkan Berita saméméhna dipidangkeun di kapuloan ieu.[70]

M. M. Kaye 1985 novel Death in the Andamans[71] ogé Marianne Wiggins' 1989 novel John Dollar disetél di ieu kapuloan.[72] Anu pandeuri dimimitian ku ékspedisi ti Burma pikeun ngareuah-reuah tepung taun Raja George, tapi robah jadi hiji carita hirup kumaha sangkan bisa tetep hirup sabada ditarajang Lini jeung Tsunami.

Priyadarshan 1996 film Kaalapani (Malayalam; Sirai Chaalai di Tamil) ngagambarkeun perjuangan kabebasan India jeung kahirupan tahanan di Cellular Jail di Port Blair.[73]

Island's End nyaéta hiji novel taun 2011 ti Padma Venkatraman ngeunaan latihan dukun pribumi. Tokoh utama dina ieu novel Six Suspects ku Vikas Swarup asalna ti Kapuloan Andaman. The Last Wave (2014) ku Pankaj Sekhsaria ogé nyaritakeun ieu kapuloan. Brodie Moncur, Protagonis utama ti William Boyd's taun 2018 dina novel Love is Blind, nyéépkeun waktos di Kapuloan Andaman dina taun-taun awal abad ka-20. Kapuloan Andaman dina période saméméhna, salila jeung ngan sanggeus Perang Dunya Kadua nyaéta setting pikeun Uzma Aslan Khan 'The Miraculous True History of Nomi Ali'. Taun 2023, kapuloan Andaman dipidangkeun dina séri netflix anu dingaranan Kaala Paani dumasar kana wabah panyakit fiksi dina taun 2027..[rujukan?]


Tempo ogé

[édit | édit sumber]

Dicutat tina

[édit | édit sumber]

Notes

  1. "Police face-off with Sentinelese tribe as they struggle to recover slain missionary's body". News.com.au. 2018-11-26. https://www.news.com.au/travel/travel-updates/incidents/police-faceoff-with-sentinelese-tribe-as-they-struggle-to-recover-slain-missionarys-body/news-story/a88d3780059939a5e11ebcfb556327ac. Diakses pada 26 November 2018 
  2. "Andaman & Nicobar". The Internet Archive. A&N Administration. Diarsipkan dari versi asli tanggal 11 June 2016. Diakses tanggal 13 February 2017.  Archived 18 Pébruari 2015 di Wayback Machine
  3. a b Horace Man, Alexander John Ellis, Edward (1880). The Aboriginal Inhabitants of the Andaman IslandsHorace Man, Alexander John Ellis. New Delhi: Mittal Publication. pp. Xi.  Disungsi 12 Agustus 2024
  4. a b William Alsager Pollock, Arthur (1869). Colburn's United Service Magazine and Naval Military Journal, Volume 119William Alsager Pollock. London: H. Colburn,. p. 57.  Disungsi 12 Agustus 2024
  5. a b Chau Ju-kua: His Work on the Chinese And Arab Trade in the Twelfth And Thirteenth Centuries, Entitled Chu-fan-chï. St. Petersburg, Printing office of the Imperial academy of sciences. 1911. p. 147. When sailing from lan-wu-li to si-lan, if the wind is not fair, ships maybe driven to a place called Yen-to-man. This is a group of two islands in the middle of the sea, one of them being large, the other small; the latter is quite uninhabited. ... The natives on it are of a colour resembling black lacquer; they eat men alive, so that sailors dare not anchor on this coast. 
  6. Cordier, Henri; Yule, Henry (1920). Ser Marco Polo : notes and addenda to Sir Henry Yule's edition, containing the results of recent research and discovery. London: John Murray. p. 109. 
  7. "Wu Bei Zhi Map 17". Library of Congress. Diarsipkan dari versi asli tanggal 21 December 2019. Diakses tanggal 1 August 2019. 
  8. Chaubey, Gyaneshwer; Endicott, Phillip (June 2013). "The Andaman Islanders in a Regional Genetic Context: Reexamining the Evidence for an Early Peopling of the Archipelago from South Asia". Human Biology 85 (1/3): 153–172. doi:10.3378/027.085.0307. ISSN 0018-7143. PMID 24297224. https://bioone.org/journals/human-biology/volume-85/issue-1_2f_3/027.085.0307/The-Andaman-Islanders-in-a-Regional-Genetic-Context--Reexamining/10.3378/027.085.0307.full. 
  9. Sitalaximi, T.; Varghese, N.; Kashyap, V.K. (February 2023). "Genetic differentiation of Andaman Islanders and their relatedness to Nicobar Islanders" (dalam bahasa en). Human Gene 35: 201148. doi:10.1016/j.humgen.2023.201148. https://linkinghub.elsevier.com/retrieve/pii/S2773044123000074. 
  10. Mondal, Mayukh; Casals, Ferran; Xu, Tina; Dall'Olio, Giovanni M; Pybus, Marc; Netea, Mihai G; Comas, David; Laayouni, Hafid et al. (September 2016). "Genomic analysis of Andamanese provides insights into ancient human migration into Asia and adaptation" (dalam bahasa en). Nature Genetics 48 (9): 1066–1070. doi:10.1038/ng.3621. ISSN 1061-4036. https://www.nature.com/articles/ng.3621. 
  11. Jinam, Timothy A.; Phipps, Maude E.; Aghakhanian, Farhang; Majumder, Partha P.; Datar, Francisco; Stoneking, Mark; Sawai, Hiromi; Nishida, Nao et al. (August 2017). "Discerning the Origins of the Negritos, First Sundaland People: Deep Divergence and Archaic Admixture" (dalam bahasa en). Genome Biology and Evolution 9 (8): 2013–2022. doi:10.1093/gbe/evx118. ISSN 1759-6653. PMC 5597900. PMID 28854687. http://academic.oup.com/gbe/article/9/8/2013/3952725/Discerning-the-Origins-of-the-Negritos-First. 
  12. Krishnan, Madhuvanti S. (2017-05-04). "Happy in Havelock" (dalam bahasa en-IN). The Hindu. ISSN 0971-751X. https://www.thehindu.com/children/happy-in-havelock/article18376630.ece. Diakses pada 4 November 2019 
  13. Government of India (1908). The Andaman and Nicobar Islands: Local Gazetteer. Superintendent of Government Printing, Calcutta. https://books.google.com/books?id=rrwBAAAAYAAJ. "... In the great Tanjore inscription of 1050 CE, the Andamans are mentioned under a translated name along with the Nicobars, as Nakkavaram or land of the naked people." 
  14. Chisholm 1911, pp. 957–958.
  15. a b Blaise, Olivier. Andaman Islands, India. PictureTank. Diarsipkan on 15 July 2011. Kesalahan: If you specify |archivedate=, you must also specify |archiveurl=. http://www.picturetank.com/___/series/ff5d5b4d962b08bc130471b877292c58/en/Andaman_Isl.,_India_(1).html. Diakses pada 16 November 2008. 
  16. a b Chisholm 1911, p. 958.
  17. John Mouat, Frederic (2007). Adventures and Researches Among the Andaman Islanders, Bagian 8John Mouat. Universitas Oxford: Hurst and Blackett, 1863. p. 37.  Disungsi 12 Agustus 2024
  18. Kingston, W.H.G. (1873) Shipwrecks and Disasters at Sea. George Routledge sareng putrana, London.
  19. "The Rise and Fall of the Great Andamanese". Confessions of a Linguist!. 8 April 2012. Diarsipkan dari versi asli tanggal 17 December 2014. Diakses tanggal 16 January 2015. 
  20. "Who are heroes of Battle of Aberdeen?". oneindia.com. 17 May 2007. Diarsipkan dari versi asli tanggal 9 July 2015. Diakses tanggal 16 January 2015. 
  21. sanjib (15 May 2012). "Tribute at the Memorial of "Battle of Aberdeen" Today". andamansheekha.com. Diarsipkan dari versi asli tanggal 10 July 2015. Diakses tanggal 16 January 2015. 
  22. "The Last Island of the Savages". American Scholar. 2000-09-22. http://www.accessmylibrary.com/coms2/summary_0286-28578579_ITM. Diakses pada 14 June 2009 
  23. "History of Andaman Cellular Jail". Andamancellularjail.org. Diarsipkan dari versi asli tanggal 9 February 2010. Diakses tanggal 14 May 2010. 
  24. "Kala Pani (1996)". Imdb.com. 12 April 1996. Diarsipkan dari versi asli tanggal 12 November 2010. Diakses tanggal 14 May 2010. 
  25. "Andaman Islands Political Prisoners". Andamancellularjail.org. Diarsipkan dari versi asli tanggal 6 September 2010. Diakses tanggal 14 May 2010. 
  26. "Opinion / News Analysis: Hundred years of the Andamans Cellular Jail". The Hindu (Chennai, India). 2005-12-21. http://www.hindu.com/2005/12/21/stories/2005122107881100.htm. Diakses pada 14 May 2010 
  27. "Discover the dark history of Viper Island : Where punishment was harsh and retribution was swift". ExploreAndaman. Explore Andaman. 13 April 2023. Diarsipkan dari versi asli tanggal 2023-10-16. Diakses tanggal 2023-10-16. 
  28. "Viper Chain Gang Jail In Andaman And Nicobar". India Tourism > Andaman And Nicobar Tourism > Places to visit in Andaman And Nicobar. Thomas Cook. Diarsipkan dari versi asli tanggal 2023-02-03. Diakses tanggal 2023-10-16. 
  29. "Jail at Viper Island". Mountain Edge Tours and Holidays Pvt. Ltd. Diarsipkan dari versi asli tanggal 2023-10-16. Diakses tanggal 2023-10-16. 
  30. L, Klemen (1999–2000). "The capture of the Andaman Islands, March 1942". Forgotten Campaign: The Dutch East Indies Campaign 1941–1942. Diarsipkan dari versi asli tanggal 26 July 2021. Diakses tanggal 30 March 2021. 
  31. Gruhl, Werner (2007) Imperial Japan's World War Two, 1931–1945 Archived 9 Désémber 2015 di Wayback Machine, Transaction Publishers. Galat skrip: tidak ada modul tersebut "Catalog lookup link".Galat skrip: tidak ada modul tersebut "check isxn".. p. 102.
  32. "How India's Cellular Jail was integral in the country's fight for freedom". The Independent. 11 August 2017. Diarsipkan dari versi asli tanggal 10 November 2019. Diakses tanggal 10 November 2019. 
  33. Planning Commission of India (2008). Andaman and Nicobar Islands Development Report. State Development Report series (illustrated ed.). Academic Foundation. ISBN 978-81-7188-652-4. Diarsipkan dari versi asli tanggal 9 December 2015. Diakses tanggal 12 March 2011. 
  34. "Surfer Explores The Andaman Islands". Surfermag.com. Surfer Magazine. 22 July 2010. Diarsipkan dari versi asli tanggal 19 August 2010. Diakses tanggal 28 December 2011. 
  35. a b "Indian authorities struggle to retrieve US missionary feared killed on remote island" (dalam bahasa en-US). CNN. 2018-11-25. https://www.cnn.com/2018/11/25/asia/missionary-john-chau-north-sentinel-island-sentinelese/index.html. Diakses pada 25 November 2018 
  36. a b Jain, Bharti (2018-11-23). "US National Defied 3-tier Curbs & Caution to Reach Island" (dalam bahasa en). The Times of India. https://timesofindia.indiatimes.com/india/us-national-defied-3-tier-curbs-caution-to-reach-island/articleshow/66758172.cms. Diakses pada 31 October 2021 
  37. Andaman and Nicobar Police (29 June 2018). "For Foreign Tourists". police.andaman.gov.in. Diakses tanggal 30 October 2021. ... no RAP is required by foreigners to visit these islands, till 31.12.2022 
  38. Glenday, Craig (2013). Guinness Book of World Records 2014. The Jim Pattison Group. pp. 015. ISBN 978-1-908843-15-9. 
  39. Bhaumik, Subir (2005-01-20). "Tsunami folklore 'saved islanders'". BBC News. http://news.bbc.co.uk/1/hi/world/south_asia/4181855.stm. Diakses pada 1 June 2024 
  40. Strand, Carl; Masek, John, ed. (2007). Sumatra-Andaman Islands Earthquake and Tsunami of December 26, 2004. Reston, VA: ASCE, Technical Council on Lifeline Earthquake Engineering. ISBN 9780784409510. Diarsipkan dari versi asli tanggal 24 October 2013. Diakses tanggal 12 July 2012. 
  41. a b Planning Commission of India (2008). Andaman and Nicobar Islands Development Report. State Development Report series (illustrated ed.). Academic Foundation. ISBN 978-81-7188-652-4. Diarsipkan dari versi asli tanggal 9 December 2015. Diakses tanggal 15 November 2015. 
  42. a b Chakrabarti, P.; Nag, A.; Dutta, S. B.; Dasgupta, S. and Gupta, N. (2006) S & T Input: Earthquake and Tsunami Effects... Archived 9 Désémber 2015 di Wayback Machine, page 43. Chapter 5 in S. M. Ramasamy et al. (eds.), Geomatics in Tsunami, New India Publishing. Galat skrip: tidak ada modul tersebut "Catalog lookup link".Galat skrip: tidak ada modul tersebut "check isxn".
  43. "Andaman Tourism – Science Centre". Diakses tanggal 1 May 2023. 
  44. "Global Volcanism Program – Barren Island". Diakses tanggal 1 May 2023. 
  45. Chisholm 1911, p. 956.
  46. Citakan:WWF ecoregion
  47. "Indian scientists discover new 'mermaid' plant species in Andamans archipelago". The Independent. 17 August 2021. Diarsipkan dari versi asli tanggal 2021-08-17. 
  48. a b Sharma, A. N. (2003). Tribal Development in Andaman IslandsSharma. New Delhi: Sarup & Sons. p. 37. ISBN 9788176253475.  Disungsi 12 Agustus 2024
  49. a b Singh, Shiv Sahay (2018-11-25). "Andaman & Nicobar Islands: home to a tenth of India's fauna species" (dalam bahasa en-IN). The Hindu. ISSN 0971-751X. https://www.thehindu.com/sci-tech/energy-and-environment/andaman-nicobar-islands-home-to-a-tenth-of-indias-fauna-species/article25592134.ece. Diakses pada 10 November 2019 
  50. Srinivasulu, C.; Srinivasulu, B. (2012). South Asian Mammals: Their Diversity, Distribution, and Status. Springer. p. 353. ISBN 9781461434498. 
  51. SALVIN, MA, FRS,, OSBERT (1874). The IbisSALVIN, MA, FRS,. London: Hurst and Blackett, 1863. p. 37.  Disungsi 12 Agustus 2024
  52. Sankaran, R. (1998), The impact of nest collection on the Edible-nest Swiftlet in the Andaman and Nicobar Islands Archived 4 Juli 2010 di Wayback Machine. Sálim Ali Centre for Ornithology and Natural History, Coimbatore, India.
  53. Sacks, Ethan (2010-05-06). "NJ woman killed by crocodile attack while snorkeling off Indian coast". NY Daily News. http://www.nydailynews.com/news/world/nj-woman-killed-crocodile-attack-snorkeling-indian-coast-article-1.445025. Diakses pada 26 April 2017 
  54. "Andaman & Nicobar Islands". india.gov.in. Diarsipkan dari versi asli tanggal 19 June 2010. Diakses tanggal 3 July 2010. 
  55. "Andaman & Nicobar Islands at a glance". Andamandt.nic.in. Diarsipkan dari versi asli tanggal 13 December 2011. Diakses tanggal 14 May 2010.  Archived 13 Désémber 2011 di Wayback Machine
  56. "Everything We Know About The Isolated Sentinelese People Of North Sentinel Island". Forbes. 2018-11-30. https://www.forbes.com/sites/kionasmith/2018/11/30/everything-we-know-about-the-isolated-sentinelese-people-of-north-sentinel-island/ 
  57. Citakan:Kutip jurnal
  58. Malekar, Anosh (2010-04). "Alasan untuk survei linguistik". InfoChange News & Features (India). http://infochangeindia.org/Media/Languages-of-India/The-case-for-a-linguistic-survey.html 
  59. Radcliffe-Brown, A. R. (14 November 2013). The Andaman Islanders. Cambridge University Press. p. 161. ISBN 978-1-107-62556-3. Diarsipkan dari versi asli tanggal 26 April 2017. Diakses tanggal 15 November 2015. 
  60. "People of Andaman and Nicobar Islands". Webindia123.com. Diarsipkan dari versi asli tanggal 1 June 2016. Diakses tanggal 31 January 2016. 
  61. Radcliffe-Brown, Alfred Reginald. The Andaman Islanders: A study in social anthropology . 2nd printing (enlarged). Cambridge: Cambridge University Press, 1933 [1906]. p. 192
  62. Radcliffe-Brown, Alfred Reginald. The Andaman Islanders: A study in social anthropology . 2nd printing (enlarged). Cambridge: Cambridge University Press, 1933 [1906]. p. 220
  63. Radcliffe-Brown, Alfred Reginald. The Andaman Islanders: A study in social anthropology . 2nd printing (enlarged). Cambridge: Cambridge University Press, 1933 [1906]. p. 216
  64. Witzel, Michael E.J. (2012). The Origin of The World's Mythologies. Oxford: Oxford University Press. p. 309-312
  65. "Population by religious communities". censusindia.gov.in. Diarsipkan dari versi asli tanggal 6 January 2019. Diakses tanggal 21 September 2016. 
  66. Baháʼí. "Baháʼí Community of Andaman and Nicobar Islands". Baháʼí Community. Diarsipkan dari versi asli tanggal 17 August 2017. Diakses tanggal 17 August 2017. 
  67. "Maiden night flight arrives in Isles". Andaman Sheekha. 2016-01-21. http://www.andamansheekha.com/2016/01/21/maiden-night-flight-arrives-in-isles-goair-flight-with-155-tourists-lands-at-vsi-airport-to-operate-chartered-flight-between-bengaluru-port-blair/. Diakses pada 21 January 2016 
  68. "LitCharts". LitCharts. Diakses tanggal 2024-04-29. 
  69. Citakan:Kutip jurnal
  70. Citakan:Kutip buku
  71. Kaye, M. M. (2015-12-01). Death in the Andamans. St. Martin's Publishing Group. ISBN 978-1-250-08926-7. 
  72. Wiggins, Marianne (1990). John Dollar. Harper & Row. ISBN 978-0-06-091655-8. 
  73. "Kaala Paani, a Malayalam film banks on lavish budget, freedom movement and multilingual cast". India Today. 1995-06-15. Diakses tanggal 2024-04-29. 

Sources

Tutumbu ka luar

[édit | édit sumber]

Citakan:Ecoregions of India