Lompat ke isi

Pacikrak

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Pacikrak
Pacikrak (ngora kénéh)
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
Filum:
Kelas:
Ordo:
Kulawarga:
Génus:
Spésiés:
P. familiaris
Ngaran binomial
Prinia familiaris
Horsfield, 1821

Pacikrak (Prinia familiaris) disebut ogé ciblek nyaéta manuk nu asalna tina kulawarga Cisticolidae (sawaréh buku masih ngagolongkeun ieu manuk kana kulawarga Sylviidae). Dina basa Inggris ieu manuk disebutna bar-winged Prinia, duméh aya gurat bodas dina unggal jangjangna.[1]

Pangawakan

[édit | édit sumber]

Kasebut manuk leutik, Panjang sakujur awakna (tina tungtung pamatuk nepika tungtung buntutna) kurang leuwih 13 cm. Bulu dina sakujur awakna coklat semu héjo-zaitun, kajaba Beuheung jeung harigu kelir buluna bodas, Beuteung nepika bujurna semu konéng, Harigu beulah sisina semu hawuk. Nu jadi ciri mandirina Jang-jangna ngagurat garis bodas kénca jeung katuhu, sarta buntutna panjang kalawan tungtungna mibanda kelir hideung jeung bodas.

Pamatukna mencos tur seukeut, beulah luhurna semu hideung, beulah handapna mah semu konéng. Cékérna leutik tur ranggoas kelirna semu hideung aya ogé nu semu coklat.

Tempat hirup jeung kabiasaan

[édit | édit sumber]

Pacikrak kaasup manuk nu tanginas tur récét disada, loba kapanggih hirup ditempat-tempat nu negrak kayaning taman, buruan, sisi sawah, leuweung, kapanggih ogé hirup di leuweung babakoan, kebonentéh, jeung sajabana.[2] Dina sabubuhan paling loba opat siki mangsa hiber kawas paudag-udang, nyiar hakaneun dina rungkun-rungkun nua aya kituna téh teu eureun récét disarada cwuit-cwuit-cwuit.. ciblek-ciblek-ciblek-ciblek.. ! barijeung buntutna bentik kaluhur.[2]

Kahakananna gegeremet, hileud, jeung rupa-rupa sato leutik, Pacikrak nyiar hakaneun ti mimiti nu hirup luhureun taneuh nepika pucuk tatangkalan.[3] Pacikrak nyieun sayang dina rungkun jeung jujukutan nu jangkungna 1,5 méter luhureun taneuh.[3] Wangunna semu buleud, dijieun tina anyaman jujukutan jeung kalakay nu gararing.[3]

Pacikrak loba kapanggih hirup tur matuh di pulo Sumatra, Jawa jeung Bali.[4] Pacikrak nu kapanggih hirup di pulo Sumatra hirup ti mimiti daérah nu perenahna 900 m dpl, sedangkan di Jawa jeung Bali ilaharna kapanggih ti daérah nu perenahna 1.500 m dpl.[4]

Kalumangsungan hirup

[édit | édit sumber]

Saméméh taun 1990-an, ieu manuk masihkénéh loba kapanggih hirup bébas kalayan henteu mibanda niléy ékonomi, sarua jeung manuk goléjra atawa manuk piit.[2] Malahan jumlahna ogé kawilang loba, sagigireun henteu ogoan dina mangsa baranahan ieu manuk ogé teu pati kaganggu hirup pagilinggisik jeung manusa, nu matak ieu manuk gancang baranahan.[2]

Kiwari ieu manuk mibanda niléy ékonomi nu henteu saeutik, hanjakal kahirupan mimiti kaganggu lantaran loba nu moro.[2] Aya nu diposong, dileugeut, dipitapak, malahan diboro peuting-peuting maké batré mangsa ieu manuk keur mondok disayangna, jeung sajabana.[2] Ieu ngabalukarkeun populasina ngorotan kalawan gancang. Malahan mah di daérah pasisian Jakarta jeung Bogor, kawas geus hésé nempo ieu manuk hirup liar kalawan bébas.[2]

Pacikrak beunang néwak mah gampang paéh alatan sawan (stres), komo deui manuk nu ditewakna geus déwasa.[2] Katurug nginguna tacan mibanda pangalaman atawa henteu rapékan, ieu manuk gancang pisan paéhna. Pacikran nu dikandangan ilaharna diparaban kroto, sireum kararanggé, hileud Hongkong, jeung pélét (voer).[2]

Bédana pacikrak jalu jeung bikang, salah sahijina tina pangawakan. Pacikrak jalu leuwih gedé pangawakanna batan nu bikang, sarta bacéona leuwih ramé. Buntutna ogé leuwih panjang sarta kelir bulu jang-jangna leuwih poék.[2]

Ditempo tina pamatukna ogé bisa dibedakeun:

Pamatuk handapna leuwih pias éta pacikrak bikang
Pamatuk handapna bodas tapi tungtungna semu hideung éta pacikrak ngora/jajangkar
Pamatukna hideung kabéh éta pacikrak jalu [2]

Baca ogé

[édit | édit sumber]
  • MacKinnon, J., K. Phillipps, B. van Balen. 2000. Burung-burung di Sumatera, Jawa, Bali dan Kalimantan. LIPI dan BirdLife IP. Bogor.

Paribasa

[édit | édit sumber]

Pacikrak ngalawan merak, hartina rahayat leutik ngalawan anu gedéé kakawasaana.[5]

Tutumbu kaluar

[édit | édit sumber]

Dicutat tina

[édit | édit sumber]
  1. Dewanto & Maloedyn Sitanggang, Anang (2009). Buku Pintar Merawat dan Melatih Burung Kicauan. Jakarta: AgroMedia. ISBN 9789790062160. 
  2. a b c d e f g h i j k Turut, Rusli (1862). Burung Ocehan Populer. Jakarta: PT Niaga Swadaya. ISBN 9789790024427. 
  3. a b c Iskandar, Johan (1992). Ekologi perladangan di Indonesia: studi kasus dari daerah Baduy, Banten Selatan, Jawa Bara. Universitas Harvard: Djambatan. 
  4. a b Jonathan, Herwasono (2009). Situs keramat alami: peran budaya dalam konservasi keanekaragaman hayati : prosiding lokakarya, Kebun Raya Cibodas, Cianjur, Jawa Barat, 30-31 Oktober 2007. Jakarta: Soedjito, Y. Purwanto, Endang Sukara. ISBN 9789794617427. 
  5. Sudaryat, M.Hum., Prof. Dr. H. Yayat (2016). Pakeman Basa Sunda: Ulikan Idiomatik Sunda. Jakarta: Dunia Pustaka Jaya. p. 97. ISBN 9789794197073. Diakses tanggal (disungsi – 21 Maret 2021).