Tali korang

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Loncat ke navigasi Loncat ke pencarian


Tali korang
Klasifikasi ilmiah
Karajaan: Plantae
(unranked): Angiospermae
(unranked): Monokotil
(unranked): Commelinids
Order: Commelinales
Kulawarga: Commelinaceae
Subfamily: Commelinoideae
Tribe: Commelineae
Génus: Commelina
Spésiés: C. benghalensis
Ngaran binomial
Commelina benghalensis
L.[1]

Tali korang disebut ogé géwor (Commelina benghalensis) nyaéta jukut/herba tina kulawarga Commelinaceae. Kaasup kana gulma ku lantaran ngaganggu tur nurunkeun hasil panen, biasana kapanggih dina galengan sawah, kebon, tambakan balong, sisi susukan sakapeung katempo ogé dina jajalaneun ka kebon atawa ka huma.[2]

Pedaran[édit | édit sumber]

Tali korang/géwor di saban daérah béda ngarana saperti : pĕtungan di Jawa; rĕbha moksor di Madura; fangalu di Minahasa; rulonga loötili Gorontalo. Dina basa Inggris, Tali korang/ géwor disebutna Benghal dayflower, tropical spiderwort, wandering Jew, .[3] Jukut ieu dianggap gulma pikeun pepelakan ku lantaran ieu tangkal bisa hirup subur utamana dina taneuh kebon "nematoda Meloidogyne incognita" di wewengkon Sahara Afrika, India, Sri Lanka, jeung sabagéan gedé Asia[4] ieu jukut geus ngabalukarkeun turunna hasil tatanen utamana : sampeu, kopi, suuk, jeung sajabana.[5]

Ciri Mandiri[édit | édit sumber]

Sadapur Tangkal Tali korang/géwor)

Hirup di daérah anu mibanda iklim tropis. Tangkalna buleud leutik sagedé puhu nyéré, nguyupuk luhureun taneuh panjangna kurang leuwih saméter nepi ka 2 méter, kelirna héjo tur mibanda buku jeung buluan, bukuna kalimpudan ku palapah daun anu kelirna semu héjo.[6]

Daun anu ngora mibanda bulu anu lemes, kelirna héjo ngora semu konéng di mana geus ngolotan dauna mibanda kelir héjo bagedod. Daun beulah luhurna katémbong kawas guguratan ngagambarkeun tulang daun anu aya beulah handapna. Wujudna lonyod jiga endog tur méncos ka tungtungnakeun, sisi-sisi dauna rata tungtung dauna ngararingkel, 2.5-7.5 cm panjang, 1.5–4 cm lébar.[6]

Kembangna bijil tina tungtung tangkal anu geus manjing déwasa, mibanda dua nepikeun ka opat palapah kelirna bulao, ditengahna aya benang sari 4 siki di mana unggal tungtungna mibanda kelir konéng ngararingkel beulah tungtungna saliwat mah kawas kukupu. Ogé mibanda putik sari tilu nepi ka opat, kelirna semu bulao tur ngajendul beulah tungtungna, buahna lonyod kelirna coklat, dijerona aya dua siki gedéna kurangleuwih ngan 2 mm.[7]

Akarna semu coklat serabut nyeceb kana taneuh tapi henteu jero kurang leuwih 20 centi, akarna anu geus kolot bakal ngaluarkeun beuti kelirna semu bodas, nyatina ieu beuti dinawaktuna bakal bijil sirung jeung akaran, saterusna hirup ngagedéan nepika jadi talikorang/gewor déwasa.[8]

Mangpaat[édit | édit sumber]

Mangrupa bahan tambahan pikeun parab ingon-ingon kayaning domba, embé, sapi, kelenci jeung réa-réa deui, ieu jukut bisa dipanén deui dina mangsa genep minggu nepikeun ka 14 minggu ti saprak diarit atawa dibabad. Tali korang mibanda cukup nutrisi pikeun panambah suplemen parab.[9].

Daun tali korang kacida hadéna pikeun ngubaran raheut, bisul, karinget buntet, jarawat. ku jalan ngarieus dauna nepi ka lembut tuluy waé ditaplokkeun dina tempat anu raheut atawa bisul tadi. Bisa ogé dipaké ngubaran galingging ku jalan ngagodog daun tali korang kurang leuwih 7 lambar dicampur maké pedes jeung siki jinten, sanggeus tiis tuluy diinum.[10]

Tutumbu kaluar[édit | édit sumber]

Dicutat tina[édit | édit sumber]

  1. Linné, C. von & L. Salvius. 1753. Species plantarum :exhibentes plantas rite cognitas, ad genera relatas, cum differentiis specificis, nominibus... Tomus I: 41. Holmiae :Impensis Laurentii Salvii.
  2. Heyne, K. 1987. Tumbuhan Berguna Indonesia I: 512-3. Badan Litbang Kehutanan, Departemen Kehutanan. Jakarta. (versi berbahasa Belanda -1922- I: 464
  3. Quattrocchi, U. CRC World Dictionary of Plant Names: Common Names, Scientific Names, Eponyms. Synonyms, and Etymology. CRC Press, 1999. p.594. ISBN 978-0-8493-2673-8
  4. Tempat dimana kapanggih Tali korang
  5. Faden, Robert B. (2012), "Commelinaceae", di Beentje, Henk, Flora of Tropical East Africa, Richmond, Surrey: Royal Botanic Gardens, Kew, pp. 200–203, ISBN 978-1-84246-436-6 
  6. a b Ciri mandiri tali korang
  7. Buah Tali korang
  8. Cara Tali korang ngarekahan
  9. Suplemen tambahan pikeun parab ingon-ingon
  10. Dimangpaatkeu pikeun ubar(Ditempo 19 April 2016)
Nulis.jpg