Lompat ke isi

Abdul Halim Syatari

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Pikeun mantan Perdana Menteri Indonesia kalayan ngaran nu sarua, tingali: Abdul Halim.

Abdul Halim atawa K.H. Abdul Halim, atawa kakoncara K.H. Abdul Halim Majaléngka (gumelar di Desa Ciborélang, Kecamatan Jatiwangi, Majalengka, Kabupatén Majaléngka, Jawa Barat, 26 Juni 1887 – tilar dunya di Majalengka, 7 Méi 1962 dina umur 74 taun) ngarupikeun Pahlawan Nasional dumasar Kaputusan présidén Republik Indonesia, Susilo Bambang Yudoyono Nomor: 041/TK/taun 2008 tanggal 6 November 2008.[1]. Saurang tokoh pergerakan nasional, tokoh organisasi Islam, jeung ulama anu kasohor toléran dina nyanghareupan beda paham/ pamadegan antara ulama tradisional jeung ulama modérnis.[2][3][4].

Biografi

[édit | édit sumber]

Kiai Abdul Halim putrana K.H. Muhammad Iskandar, lahir dinamian Otong Syatori.[5][6] Ia merupakan anak terakhir dari delapan bersaudara dari pasangan K.H. Muhammad Iskandar dan Hj. Siti Mutmainah.[6]

Salain ngasuh pasantrén, ramana ngarupikeun panghulu di Kawadanan, Jatiwangi, Majaléngka. Minangka nonoman nu dilahirkeun di lingkungan kulawarga pesantren, Kiai Halim geus narima pendidikan agama ti kulawarga jeung masyarakat.[2] Ramana pupus nalika Kiai Halim masih alit, diasuh ku ibu jeung kakak-kakakna.[2]. Dina umur 21 taun, Kiai Halim nikah jeung Siti Murbiyah puteri K.H. Muhammad Ilyas (Panghulu Landraad Majaléngka).[2][6] Pernikahan méré ka dikaruniai tujuh orang anak.[2]

Salah sawios putuna nu aktif di organisasi Islam saperti jadi pengurus BP4 Pusat,[7], BMOIWI (Badan Musyawarah Organisasi Islam Wanita Indonésia), GUPPI (Gerakan Usaha Pembaharuan Pendidikan Islam), miwah Wanita PUI nyaéta Dra. Hj. Dadah Cholidah, M.Pd.I. Presidium BMOIWI (2015-2016).

Silsilah K.H. Abdul Halim

[édit | édit sumber]
  • K.H. Abdul Halim/ Otong Syatori Iskandar bin
  • Abdullah Iskandar bin
  • Abdullah Qomar bin
  • Tubagus Nursalim bin
  • Sultan Muhammad Arif Zainal Asiqin bin
  • Sultan Muhammad Waasi' Zainal Alimin bin
  • Sultan Syarifudin Ratu Syarifa bin
  • Sultan Muhammad Syifa Zainal Arifin bin
  • Sultan Abul Mahasin Zainul Abidin bin
  • Sultan Abdul Fadl bin
  • Sultan Abun-Nashor Abdul Qohar bin
  • Sultan Ageng Tirtoyoso (Abdul Fatah) (1651) bin
  • Sultan Abdul Mufahir Mahmud Abdul Qodir bin
  • Maulana Muhammad bin
  • Maulana Yusuf bin
  • Maulana Hasanudin (Pangéran Sabakingkin) bin
  • Sunan Gunung Djati/ Syarif Hidayatulloh (1458-1578 M)[8]

Masantrén

[édit | édit sumber]

Ti leuleutik Kiai Halim kaasup murangkalih anu resep nyiar élmu.[2] Buktosna anjeunna loba maca élmu-élmu kaislaman ogé élmu-élmu kamasyarakatan.[2] Nalika umur 10 taun Kiai Halim diajar al-Qur'an jeung Hadis ka K.H. Anwar, minangka guru munggaran di luar kulawargana.[2] K.H. Anwar merupakan séorang ulama terkenal dari Ranji Wetan, Majalengka.[2] Ku resepna nyiar élmu, Kiai Halim ngalap élmu liana, teu mandang guruna téh saaliran (Islam) atawa béda, asal aya manfaat pikeun perjuangan kelak.[2] Contona Kiai Halim diajar Basa Walanda jeung huruf latin ka Van Hoeven, saurang pendéta jeung misionaris di Cideres, Majalengka.[2]

Nincak umur sawawa, Kiai Halim mimiti mondok di Pasantrén di wilayah Jawa Barat.[2] Di antarana pasantrén tempat ngulik élmu Kiai Halim nyaéta :[2]

Di sela-sela sibukna masantren, Kiai Halim ogé dagang.[5] anjeunna jualan minyak wangi, batik, jeung kitab-kitab palajaran agama.[5]

Nyiar élmu di Mekkah

[édit | édit sumber]

Sabada masantrén, Kiai Halim miang Mekkah neuleuman élmu-élmu kaislaman.[2] Di Mekah, Kiai Halim guguru ka ulama di antarana, Syeikh Ahmad Khatib al-Minangkabawi, saurang ulama asal Indonésia anu tumetep di Mekah jeung Imam di Masjidil Haram.[2][11] Salila nyiar élmu di Mekkah, Kiai Halim saangkatan jeung K.H. Mas Mansur engkéna jadi Ketua Umum PP Muhammadiyah jeung K.H. Abdul Wahab Hasbulloh salah saurang anu ngadegkeun Nahdlotul 'Ulama jeung Rois 'Am Syuriyah (Ketua Umum Dewan Syuro) PBNU organisasi kasebut sabada Kiai Hasjim Asy'ari pupus dina taun 1947.[2] ku lantaran Kiai Halim deukeut reujeung dua sobatna anu béda pamadegan, nu hiji modérnis dan nu hiji deui tradisional, ku kituna anjeunna jadi ulama anu kacida toleran.[2]

Salian ti ngélmu ka Syeikh Ahmad Khatib al-Minangkabawi, Kiai Halim ogé maca kitab-kitab ulama sanésna, saperti kitab anggitan Syékh Muhammad Abduh, Syékh Muhammad Rasyid Ridlo, jeung ulama modérnis (anu nganut paham modérn -dina pamikiran Islam)sanésna.[2] Selain itu Kiai Halim juga banyak membaca majalah al-Urwatul Wutsqo maupun al-Manar yang membahas tentang pemikiran kedua ulama tersebut.[2].

Pasantrén Santi Asromo

[édit | édit sumber]

Aya dua titinggal K.H. Abdul Halim anu masih lastari nepi ka kiwari, yaéta: pesantren Santi Asromo dan organisasi Persatuan Umat Islam (PUI) anu ilubiung dina agama, pangatikan, sosial jeung budaya. Santri Asromo ngarupikeun pasantrén anu mekelan santrina ku katerampilan. “Ngélmu di Santi Asromo aya tukang panday, nyuling minyak kayu putih, tatanén kopi dan sahang jeung ngingu hayam, embé jeung ngingu lauk”, saur Dadah Cholidah, incu K.H. Abdul Halim ti putrina, Halimah Halim. nepi ka kiwari Pasantrén Santi Asromo anu legana 12 héktar geus jadi fasilitas pasantrén, MI PUI, SMP Prakarya, tur SMA Prakarya.

Sekretaris Jénderal Persatuan Umat Islam (PUI) Pusat période 2009 - 2014[12], Ahmadie Thoha nyaur, modél pangatikan Santri Asromo anu ngajarkeun santri entrepreneurship maju ngaheulaan zamanna. “Mangsa harita aya mesin jait jeung percétakan. Jadi bisa dibayangkeun mangsa harita geus modern”, ceuk Kang Ahmadie.

Perserikatan Ulama Indonesia/ Persatuan Umat Islam

[édit | édit sumber]

Sabada tilu taun nyiar élmu di Mekkah, Kiai Halim mulih ka Indonesia. Dina 1911, sajolna ti Mekah anjeunna ngadegkeun Majlis Ilmi (Lembaga Pangatikan) di Majalengka pikeun ngadidik santri di daérah kasebut.[2] Sataun sabada lembaga Majlis Ilmi sumebar, Kiai Halim ngadegkeun organisasi Hayatul Qulub, anu Majlis Ilmi bagian ti antarana.[2]

Hayatul Qulub (Hayat al-Qulub) diadegkeun taun 1912 organisasi kasebut lain dina widang pangatikan wungkul, nanging dina widang ekonomi.[2] ku sabab Kiai Halim hoyong ngamajukeun widang pangatikan ogé perdagangan.[2] ku kituna anggotana sanés santri, guru, kiai tapi patani jeung tukang dagang.[2] di mana sodagar urang Cina leuwih hasil dina widang perdagangan.[2] karana pemerintah Hindia Belanda leuwih ngabéla sodagar Cina anu dibéré status hukum leuwih kuat ti batan kelompok pribumi.[2]

Dina tanggal 16 Mei 1916, Kiai Halim ngadegkeun lembaga pangatikan anyar Jam’iyah al-I’anat al-Muta’alimin.[2] Sataun kakocap HOS Cokroaminoto méré dukungan terus dirobah jadi Perserikatan Ulama atawa katelah PUI (Perserikatan Ulama Indonésia).[2] Perserikatan kasebut mibanda panti asuhan, percétakan, jeung hiji pertinunan.[11].

Pergerakan Nasional

[édit | édit sumber]

Dina mangsa dijajah ku Jepang, Kiai Abdul Halim diangkat jadi anggota Cuo Sangi In (semacam dewan perwakilan). Dina bulan Mei 1945, anjeunna diangkat jadi anggota Badan Penyelidik Usaha Persiapan Kamerdékaan Indonésia (BPUPKI) anu tugasna nyiapkeun sagala anu patali jeung ngadegkeun negara. Dina BPUPKI ieu K.H. Abdul Halim jadi anggota Panitia Pembélaan Nagara.

Satuntas Républik Indonésia ngadeg, Abdul Halim diangkat jadi anggota Badan Pekerja Komite Nasional Indonésia Daérah (PB KNID) Cirebon. Dina waktu Belanda ngalancarkeun agrési militér kadua 19 Desember 1948, Abdul Halim aktif ngabantu kebutuhan logistik pikeun pasukan TNI jeung para gerilyawan. Résidén Cirebon kungsi ngangap anjeunna jadi Bupati Majalengka.

Taun 1928, anjeunna diangkat jadi pengurus Majelis Ulama anu diadegkeun ku Sarékat Islam babarengan jeung K.H.M Anwaruddin ti Rembang, K.H. Abdullah Siradj ti Yogyakarta. anjeunna ogé jadi anggota pengurus MIAI (Majlis Islam A’la Indonésia) anu diadegkeun 1937 di Surabaya.

Sabada perang kamerdékaan lekasan, K.H. Abdul Halim tetep aktif dina organisasi kaagamaan jeung ngabina Santi Asromo. Nanging minangka ulama anu berwawasan kabangsaan dan persatuan, anjeunna teu satuju gerakan Darul Islam pimpinan Kartosuwiryo, sanajan cicing di tempat nu dikawasa ku Darul Islam. Ogé anjeunna salah saurang tokoh nu nungtut dibubakeunana Nagara Pasundan ciptaan Belanda.

Dina taun 1950-an K.H. Abdul Halim pernah jadi anggota Déwan Perwakilan Rakyat Daérah Jawa Barat dan terus jadi anggota Konstituante (DPR Pusat, kiwari).

Wafatna

[édit | édit sumber]

K.H. Abdul Halim, mugia Alloh yaghfiru wayarham ulama tanah Pasundan ieu mulang ka rohmatulloh 7 Mei 1962 dina yuswa 74 taun jeung dikurebkeun di Majaléngka. Kacida picontoeun lir Rosul Muhammad s.a.w. anu muli ka jati mulang ka asal teu nyandak anging lawon saraket awak miwah amal anu mapat pahalana satungtung zaman diprakkeun: “Ngantunkeun harta banda diwakafkeun keur madrosah keur institusi pangatikan/ pendidikan. Malih bumi pribadi anjeuna diwakafkeun ka PUI”, saur putuna, Dra. Hj. Dadah Cholidah, M.PdI, ogé anggota Déwan Pertimbangan Wanita PUI Pusat.[13][14]

Pahlawan Nasional Ti Majaléngka

[édit | édit sumber]

Ku jasa-jasa anjeunna, Pamaréntah Républik Indonésia, Présidén Susilo Bambang Yudoyono nganugrahkeun Gelar Pahlawan Nasional dumasar Kaputusan Présidén Républik Indonésia Nomor : 041/TK/taun 2008 tanggal 6 November 2008.[15]

Referensi

[édit | édit sumber]
  1. http://pahlawancenter.com/pahlawancenterbaru/?p=2055
  2. a b c d e f g h i j k l m n o p q r s t u v w x y z aa ab H.M. Bibit Suprapto (2009). Ensiklopedi Ulama Nusantara. Gelegar Media Indonesia. ISBN 979-980-6611-14-5. 
  3. Asvi Warman Adam (2010). Menguak Misteri Sejarah. Penerbit Buku Kompas. ISBN 978-979-709-504-8. 
  4. Ajip Rosidi (2010). Mengenang hidup orang lain: sejumlah obituari. Kepustakaan Populer Gramedia. ISBN 978-979-9102-22-5. 
  5. a b c www.pondokpesantren.net: K.H. Abdul Halim Archived 2014-04-13 di Wayback Machine.
  6. a b c www.pelitatangerang.xtgem.com: K.H. Abdul Halim, Majalengka.
  7. ^ http://bimasislam.kemenag.go.id/post/berita/menag-pendidikan-pra-nikah-perlu-dijadikan-gerakan-nasional-
  8. Dari Hj. Dadah Cholidah, Cucu KH Abdul Halim dari puterinya, Halimah Halim
  9. ^^^Nina Herlina, Sejarah Perkembangan Islam di Jawa Barat, (Bandung: Pustaka UNPAD, 2011), hlm. 37-38.
  10. http://aseprohim70.blogspot.com/2015/02/sejarah-pesantren-penyebaran-pesantren.html
  11. a b M Saleh Putuhena (2007). Historiografi Haji Indonesia. LKiS. ISBN 978-979-25-5264-5. 
  12. http://pui.or.id/tentang-pui/susunan-pengurus-2009-2014/susunan-pengurus-2009-2014/[tumbu nonaktif]
  13. http://www.hijarpui.org/2015/07/perintis-kemerdekaan-dari-majalengka.html Archived 2016-03-31 di Wayback Machine
  14. http://puipusat.org/halaman/wanita-pui Archived 2016-07-25 di Wayback Machine
  15. https://www.kemsos.go.id/modules.php?name=Pahlawan&opsi=mulai-2 Archived 2017-01-20 di Wayback Machine