Areuy kidang

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Areuy kidang
Daun-daun kidang kalayan tangkal anu ngarambat, Derris elliptica;


ti Teupah Selatan, Simeulue, Aceh

Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
Divisi:
Kelas:
Ordo:
Kulawarga:
Génus:
Derris
Spésiés:
D. elliptica
Ngaran binomial
Derris elliptica

Areuy kidang (basa Indonésia: tuba) nyaéta hiji tutuwuhan anu asalna tina kulawargga Fabaceae. [1] Areuy kidang loba kapanggih hirup di wewengkon Asia Tenggara sarta kapuloan di Pasifik kulon-ngétan, kasohor alatan geutah tina akarna sok remen dipaké ngaracun lauk. [1]

Ngaran séjén[édit | édit sumber]

Areuy kidang disebut béda-béda di unggal wewengkon, saperti : tuba akar, tuwa laleur, areuy kidang (Sd.), jenu, jelun, tungkul (Jw.), tobha, jheno, mombul (Md.) jeung sajabana.[1][2]

Kandungan kimia[édit | édit sumber]

Areuy kidang mibanda kandungan kimia anu disebut rotenona (rotenone), mangrupa hiji racun anu matih pikeun gegeremet (insektisida) sumawona lauk.

Ciri mandiri[édit | édit sumber]

Akar kidang ngarambat kana tangkal séjén

Tangkal ngawujud areuy anu ngarambat kana tangkal séjén, panjangna bisa nepi ka 10m. Régang-régang anu geus kolot kelirna semu coklat, ngajarendil; lentisel serupa kawas jarawat.[2]

Daun-daun majemuk bijil kénca jeung katuhu dina cupatna, anak daun 7-15 lambar, gagangna 13-23 cm; anak daun cupatna pondok, manjang nepika wujudna lanset atawa buleud endog tibalik, 4-24 × 2–8 cm, kalayan sisi habdap semu kulawu atawa semu paul, remen katempo loba buluna ; daun anu ngora coklat-wungu.[2]

Kembang ngumpul dina ranggeuyan; tandan, kalayan sumbuna loba buluan, gagangna 12–26 cm. Kelopak kembang ngawujud mangkok, baruluan kelirna coklat, panjang 6-8 mm, ngan palebah handap anu jadi sampurna. Bandéra (mahkotana) héjo kelirna bungur pias, loba bulu di luarna, buleud endog nepika lonyod rubak, lk. 2 cm gurat tengahna, dina puhuna mibanda 2 kawas ceuli anu muter tibalik.[2]

Buah polong wujudna lonyod nepika manjang, 3,5-7 × 2 cm, aya kawas jang-jang di tungtung handapna, henteu meleték. Biji 1-2, jarang 3.[2]

Hirup kalawan liar di jero rungkun-rungkun deukeut sisi leuweung, sisi susukan, jeung sakapeung aya nu melak di kebon atawa pakarangan. Di Jawa kapanggih ogé di leuweung-leuweung landeuh nepika tonggoh anu perenahna dina 1500 m dpl.[1]

Kagunaan[édit | édit sumber]

Daun-daun areuy kidang
Kimia Rotenona

Racun akar kidang baheula di piwanoh derrids kiwari dipikanyaho rotenona. Ieu bahan aktif téh dipibanda dina akarna kadar kandunganna 2½-3%, paling loba kapanggih dina kulit akar. Derrids ampir teu bisa leyur dina cai.[1]

Areuy kidang dimangpaatkeun pikeun ngaracun lauk. Carana ku jalan, akarna dikali tuluy diteukteuk saperluna, digaringkeun heula kurang leuwih ( 3-4 poé). Ieu akar tuluy dibebek saenggeus lembut tuluy dicampur jeung cai engké baris ngahasilkeun cai bodas kawas susu. Campuran cai jeung bubuk akar ieu tuluy dicicikeun ka sédong disusukan atawa tempat anu baris diarah laukna; atawa sakapeung, lamun susukanna leutik, areuy kidang dibebek langsung di tengah-tengah susukan anu arék diala laukna.

Ngala lauk ku jalan kieu dipikaresep mangrupa hiburan, malahan sok diiluan ku jalma réa.[1] Lauk-lauk anu weureu ku racun kidang bakal ngarambang sarta gampil pisan di taréwak ku jalma-jalma anu marilu ngala lauk. Ieu racun tumerapna ngan sababaraha jam, gumantung kana gedé henteuna cai anu ngaliwatan éta susukan kaayaan baris normal sabihara-bihari.

Kadieunakeun, racun areuy kidang dimangpaatkun ogé pikeun insektisida ngaracun kutu-kutu jeung hileud anu jadi hama di perkebunan. Racun areuy kidang diarah sari patina;diekstrak kujalan ngabebek akar anu masih kénéh seger atawa anu geus digaringkeun, tuluy dikeueuman sapeuting (bisa ogé, digodog sababaraha jam). Ieu sari pati tuluy diéncérkeun, dicampur jeung cai sabun tuluy waé disemprotkeun kana pepelakan ieu tarékah sangkan pepelakan henteu diserang ku hana. Sagigireun pikeun ngaracun hama dikebon-kebon bako jeung kol, ieu racun bisa dimangpaatkeun ogé pikeun ngabasmi caplak jeung kutu dina anjing, sieur dina hayam, gangguan laleur jeung sajabana.[1]

Jinis anu sarua[édit | édit sumber]

Derris trifoliata Lour., dipiwanoh tuba laut, tuwa awewe (Sd.), ketower (Jw.) jeung sajabana, ogé mangrupa racun pikeun lauk, sanajan kakuatanna leuwih lemah tibatan arey kidang D. elliptica. D. trifoliata, baheula dipiwanohna D. heterophylla Back., remen katempo hirup di leuweung babakoan jeung leuweung basisir séjénna, utamana rawa-rawa.[1][3]

Dicutat tina[édit | édit sumber]

  1. a b c d e f g h Heyne, K. 1987. Tumbuhan Berguna Indonesia, jil. 2. Yay. Sarana Wana Jaya, Jakarta. Hal. 1005-1007.
  2. a b c d e Steenis, CGGJ van. 1981. Flora, untuk sekolah di Indonesia. PT Pradnya Paramita, Jakarta. Hal. 243-244.
  3. Derris trifoliata[tumbu nonaktif] pada ICRAF AgroForestryTree Database.

Tutumbu ka luar[édit | édit sumber]