Kabinét Pamaréntahan Indonésia
Kabinét nyaéta hiji lembaga nu ngawengku pajabat pamaréntahan senior, biasana ngawakilan cabang éksékutif.[1] Kabinét ogé bisa disebut minangka Déwan Menteri, Déwan Éksékutif atawa Komite Éksékutif sesebutana gumantung sistim pamaréntahan sarta dipupuhuan ku présidén atawa perdana menteri minangka pupuhu kabinét.[1] Sahenteuna ti taun 1945 geus aya 41 kabinét pamaréntahan di Indonésia.[1]
Sajarah
[édit | édit sumber]Sanggeus proklamasi, Indonésia mimiti nata sistim pamaréntahana kalawan sistim présidénsial, nyaéta hiji pamaréntahan nu pupuhu nagarana boga pungsi minangka kepala pamaréntahan.[1] Sanajan karék merdika, usaha ngamekarkeun kahirupan politik nu démokratis tutuluyan dilakukeun ku pamingpin nagara jeung pamaréntah.[1] Kaping 2 Séptémber 1945 Présidén nyieun kabinét saluyu jeung UUD 1945, kabinét nu diwangun nyaéta Kabinét Présidénsial.[1] Saterusna kaping 1 Nopémber 1945 pamaréntah ngaluarkeun maklumat politik.[1] Dina maklumat éta diébréhkeun yén pamaréntah hayang pangakuan nagara jeung Pamaréntah RI ti pihak sarékat (sekutu) atawa pihak Walanda.[1] Pamaréntah ogé bakal malikeun milik asing atawa ngaganti rugi ka sakabéh hak milik asing nu dikawasaan ku pamaréntah RI.[1]
Kaping 3 Nopémber 1945 pamaréntah ngaluarkeun maklumat ngeunaan dijieuna partéy pulitik.[1] Salila bulan nopémber, Désémber 1945 nepi ka Januari 1946 geus aya sapuluh partéy pulitik.[1] Pikeun nyingkahan pamadegan yén Indonésia boga pamaréntahan nu diktator, sarta dina raraga meunangkeun pangakuan kadaulatan, ku kituna pamaréntah ngaluarkeun maklumat nomor 14 kaping 14 Nopémber 1945 nu ngarobah sistim présidénsial ku sistim parleméntér.[1] Kalawan sistim parleméntér pupuhu pamaréntahan nyaéta perdana menteri, minangka perdana menteri munggaran nyaéta Sutan Syahrir.[1]
Taun 1945 kaayaan puseur dayeuh di Jakarta geus beuki ripuh.[1] Nepi ka puseur dayeuh dipindahkeun ka Yogyakarta kaping 4 Januari 1946.[1] Ku kituna, Présidén Sukarno jeung Moh. Hatta sarta sababaraha menteri pindah ka Yogyakarta.[1] Sedengkeun perdana menteri angger di Jakarta.[1] Perdana Menteri Syahrir minangka tokoh nu satuju ku cara diplomasi, ngayakeun diskusi antara Indonésia jeung Inggris sarta Walanda kaping 10 Pébruari 1946.[1] Inggris diwakilan ku Sir Archibald Clark Keer sarta Walanda ku Van Mook.[1] Dina diskusi éta Van Mook nepikeun pamadegan pulitik nu kungsi diébréhkeun ku Ratu Walanda nu eusina nyaéta:[1]
- Indonésia dijadikeun nagara persemakmuran di lingkung Karajaan Walanda.[1]
- Masalah di nagri diurus ku Indonésia sedengkeun luar nagri ku pamaréntah Walanda.[1]
- Saméméh kawangun nagara persemakmuran baris diwangun pamaréntahan pengalihan salila sapuluh taun.[1]
- Indonésia baris diasupkeun minangka anggota PBB.[1]
Indonésia can méré usul balesan patalina jeung usulna van Mook.[1] Ngan hiji gabungan organisasi nu dingaranan Persatuan Perjuangan (PP) pupuhuna Tan malaka ngalakukeun oposisi.[1] Persatuan Perjuangan nungtut diskusi jeung Walanda atawa Inggris bisa diayakeun ku dasar pangakuan 100% ka ayana RI.[1] Ti dieu bisa disebut yén pamuda jeung tangtara ngritik kateutegasan Syahrir nyanghareupan Inggris jeung Walanda.[1] Ku kituna, KNIP ngadesek présidén sangkan ngarobah susunan kabinét.[1] Syahrir tuluy turun jabatan sarta disatujuan ku présidén tanggal 28 Pébruari 1946.[1] Présidén tuluy nyieun deui kabinét anyar sarta nunjuk Syahrir deui minangka perdana menteri.[1] Kabinét Syahrir II diwangun kaping 12 Maret 1946.[1] Saterusna nyusun usulan waleran dina ngaréngsékeun parundingan jeung pihak Walanda.[1]
Daptar Kabinét Pamaréntahan Indonésia[2]
[édit | édit sumber]No | Ngaran Kabinét | Mimiti Mangsa Gawé | Ahir Mangsa Gawé | Pupuhu Kabinét | Kalungguhan | Jumlah |
---|---|---|---|---|---|---|
Mangsa Perjuangan Kamerdikaan | ||||||
1 | Présidénsial | 2 Séptémber 1945 | 14 Nopémber 1945 | Ir. Soekarno | Présidén | 21 urang |
2 | Sjahrir I | 14 Nopémber 1945 | 12 Maret 1946 | Sutan Syahrir | Perdana Menteri | 17 urang |
3 | Sjahrir II | 12 Maret 1946 | 2 Oktober 1946 | Sutan Syahrir | Perdana Menteri | 25 urang |
4 | Sjahrir III | 2 Oktober 1946 | 3 Juli 1947 | Sutan Syahrir | Perdana Menteri | 32 urang |
5 | Amir Sjarifuddin I | 3 Juli 1947 | 11 Nopémber 1947 | Amir Sjarifuddin | Perdana Menteri | 34 urang |
6 | Amir Sjarifuddin II | 11 Nopémber 1947 | 29 Januari 1948 | Amir Sjarifuddin | Perdana Menteri | 37 urang |
7 | Hatta I | 29 Januari 1948 | 4 Agustus 1949 | Mohammad Hatta | Perdana Menteri | 17 urang |
8 | Darurat | 19 Désémber 1948 | 13 Juli 1949 | S. Prawiranegara | Ketua | 12 urang |
9 | Hatta II | 4 Agustus 1949 | 20 Désémber 1949 | Mohammad Hatta | Perdana Menteri | 19 urang |
Mangsa Démokrasi Parleméntér | ||||||
10 | RIS | 20 Désémber 1949 | 6 Séptémber 1950 | Mohammad Hatta | Perdana Menteri | 17 urang |
11 | Susanto | 20 Désémber 1949 | 21 Januari 1950 | Susanto Tirtoprodjo | Pjs Perdana Menteri | 10 urang |
12 | Halim | 21 Januari 1950 | 6 Séptémber 1950 | Abdul Halim | Perdana Menteri | 15 urang |
13 | Natsir | 6 Séptémber 1950 | 27 April 1951 | Mohammad Natsir | Perdana Menteri | 18 urang |
14 | Sukiman-Suwirjo | 27 April 1951 | 3 April 1952 | Sukiman Wirjosandjojo | Perdana Menteri | 20 urang |
15 | Wilopo | 3 April 1952 | 30 Juli 1953 | Wilopo | Perdana Menteri | 18 urang |
16 | Ali Sastriamidjojo I | 30 Juli 1953 | 12 Agustus 1955 | Ali Sastroamidjojo | Perdana Menteri | 20 urang |
17 | Buhanuddin Harahap | 12 Agustus 1955 | 24 Maret 1956 | Burhanuddin Harahap | Perdana Menteri | 23 urang |
18 | Ali Sastroamidjojo II | 24 maret 1956 | 9 April 1957 | Ali Sastroamidjojo | Perdana Menteri | 25 urang |
19 | Djuanda | 9 April 1957 | 10 Juli 1959 | Ir. Djuanda | Perdana Menteri | 24 urang |
Mangsa Démokrasi Terpimpin | ||||||
20 | Kerja I | 10 juli 1959 | 18 Pébruari 1960 | Ir. Soekarno | Présidén | 33 urang |
21 | Kerja II | 18 Pébruari 1960 | 6 Maret 1962 | Ir. Soekarno | Présidén | 40 urang |
22 | Kerja III | 6 Maret 1962 | 13 Nopémber 1964 | Ir. Soekarno | Présidén | 60 urang |
23 | Kerja IV | 13 Nopémber 1964 | 27 Agustus 1964 | Ir. Soekarno | Présidén | 66 urang |
24 | Dwikora I | 27 Agustus 1964 | 22 Pébruari 1966 | Ir. Soekarno | Présidén | 110 urang |
25 | Dwikora II | 24 Pébruari 1966 | 28 Maret 1966 | Ir. Soekarno | Présidén | 132 urang |
26 | Dwikora III | 28 Maret 1966 | 27 Juli 1966 | Ir. Soekarno | Présidén | 79 urang |
27 | Ampéra I | 25 Juli 1966 | 17 Oktober 1967 | Ir. Soekarno | Présidén | 31 urang |
28 | Ampéra II | 17 Oktober 1967 | 6 Juni 1968 | Jend. Soeharto | Pjs Présidén | 24 urang |
Mangsa Orde Baru | ||||||
29 | Pembangunan I | 6 Juni 1968 | 28 Maret 1973 | Jend. Soeharto | Présidén | 24 urang |
30 | Pembangunan II | 28 Maret 1973 | 29 Maret 1978 | Jend. Soeharto | Présidén | 24 urang |
31 | Pembangunan III | 29 maret 1978 | 19 Maret 1983 | Soeharto | Présidén | 32 urang |
32 | Pembangunan IV | 19 Maret 1983 | 23 Maret 1988 | Soeharto | Présidén | 42 urang |
33 | Pembangunan V | 23 Maret 1988 | 17 Maret 1993 | Soeharto | Présidén | 44 urang |
34 | Pembangunan VI | 17 Maret 1993 | 14 Maret 1998 | Soeharto | Présidén | 43 urang |
35 | Pembangunan VII | 14 Maret 1998 | 21 Méi 1998 | Soeharto | Présidén | 38 urang |
Mangsa Réformasi | ||||||
36 | Réformasi Pembangunan | 21 Méi 1998 | 26 Oktober 1999 | B.J. Habibie | Présidén | 27 urang |
37 | Persatuan Nasional | 26 Oktober 1999 | 9 Agustus 2001 | Abdurahman Wahid | Présidén | 36 urang |
38 | Gotong Royong | 9 Agustus 2001 | 21 Oktober 2004 | Mégawati Soekarnoputri | Présidén | 33 urang |
39 | Indonésia Bersatu I | 21 Oktober 2004 | 22 Oktober 2009 | Susilo Bambang Yudhoyono | Présidén | 37 urang |
40 | Indonésia Bersatu II | 22 Oktober 2009 | 20 Oktober 2014 | Susilo Bambang Yudhoyono | Présidén | 38 urang |
41 | Kerja | 27 Oktober 2014 | 20 Oktober 2019 | Joko Widodo | Présidén | 34 urang |
42 | Indonésia Maju | 23 Oktober 2019 | Petahana | Joko Widodo | Présidén | 34 urang |