Karinding

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Karinding awi (panjang) jeung karinding kawung (pondok)

Karinding nyaéta salah sahiji alat musik tradisional Sunda anu cara maénna dibetrik ku tungtung ramo bari diteundeun dina baham. Ieu waditra téh kaasup jinis lamelafon atawa idiofon. Biasana dijieun tina bahan palapah kawung atawa tina awi. Karinding mangrupa waditra tina kulawarga harpa mulut, masih kénéh sajenis jeung génggong (Bali), ogé kuriding ti (Kalimantan Kidul).[1]


Sumebarna[édit | édit sumber]

Karinding sumebar kalawan lega di wewengkon Banten jeung Jawa Kulon. Ari di Banten, utamana aya di kampung Gajéboh wewengkon adat Baduy. Di Jawa Kulon aya sababaraha wewengkon nu dipikawanoh minangka wewengkon nu ngahasilkeun karinding, nya éta: Citamiang, Pasirmukti, Cineam, Tasikmalaya, Lingkung Karinding Sadulur (Kasalur), Cikunten Mangkubumi, (Tasikmalaya), Lingkung Karinding Tunggal Ciamis, Lewo Malangbong, (Garut), jeung Cikalongkulon (Cianjur) nu nyieun karinding tina palapah kawung. Di wewengkon Limbangan jeung Cililin mah, karinding téh dijieunna tina awi, ieu téh minangka calecer taun dijieunna, jeung nu makéna gé para wanoja istri. Hal ieu katitén tina wangunna nu jiga cucuk gelung nu gampil ditancebkeun dina gelung para wanoja rambut. Karinding tina kawung lolobana dipaké ku lalaki, wangunna leuwih pondok ngarah bisa diselapkeun dina wadah bako. Wangun karinding aya tilu buku (ruas).

Cara Nabeuhna[édit | édit sumber]

Karinding disimpen dina biwir, terus tepak bagian paneunggeulna ngarah kacipta résonansi sora. Karindng biasana ditabeuh sacara solo atawa grup (2-5 urang). Hiji di antarana disebut juru kawih anu ngatur ritem. Di wewengkon Ciawi, baheulana karinding diulinkeun jeung takokak (pakakas musik bentukna kawas daun). Kiwari, nabeuh karinding diinovasi dibarungan ku pakakas musik séjénna.

Sangkan jadi wirahma, karinding ditabeuhna ku cara semu ditiup ku hawa tina baham. bédana nabeuh karinding jeung waditra jenis mouth harp séjénna nya éta lebah tepakan. Ari nu séjénna mah ditoél. Nya ku cara ditepak loba kapanggih wirahma anu béda-béda. Ketukan tina waditra karinding disebutna Rahél, nyaéta keur ngabédakeun saha anu kudu nepak tiheula jeung satuluyna. Nu tiheula maké rahél kahiji, anu kadua maké rahél kadua, jeung saterusna.

Euyeubna sora nu dihasilkeun ku karinding nimbulkeun rupa-rupa sora anu mirip sora wirahma waditra séjén, antarana baé sora kendang, goong, saron bonang atawa bass, rhytm, melodi jeung sajabana. Malah karinding mah bisa nyieun lagu sorangan, sabab cara nepakna anu béda jeung sora tina baham nu bisa divariasikeun, ku kituna ngagampangkeun urang ngahasilkeun sora nu warna-warni. Ceuk kolot baheula mah ngalagu téh bisa ku karinding, upama urang geus mahér ngulinkeun sora karinding, bakal manggihan atawa ngahasilkeun sora pikeun nyarita, tapi sora anu kaluarna sada sora robotik.

Mangpaatna[édit | édit sumber]

Karinding téh dipercaya boga mangpaat pikeun pikeun ngusir hama di sawah. Sora anu dihasilkeun tina ke leterna jarum karinding kaitung sora nu handap low decible. Sorana dihasilkeun tina ditabeuhna gagang karinding ku tungtung curuk nu ditepak-tepakkeun. éta sora nu kaluar téh ngan kadéngé ku sabangsa sasatoan insékta, kayaning wereng, simeut, jangkrik, manuk, jeung sajabana. Kiwari, éta sora téh disebutna ultrasonik. Sanajan kitu, can aya panalungtikan ilmiah anu husus ngulik perkara sora karinding patali jeung mangpaatna kana ngusir hama. Sajaba ti éta, mangpaat karinding ogé pikeun ngabeberah manah, sangkan betah waktu jaga sawah atawa huma.

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. Jonathan, Rigg (1862). A Dictionary of the Sunda Language of Java. Universitas Harvard: Bataviaasch Genootschap van Kunsten en Wetenschappen.