Bindi

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Jump to navigation Jump to search
Béndi atawa bindi
Buah dewasa dan buah muda béndi
Klasifikasi ilmiah
Karajaan: Plantae
Divisi: Magnoliophyta
Kelas: Magnoliopsida
Order: Malvales
Kulawarga: Malvaceae
Génus: Abelmoschus
Spésiés: A. esculentus
Ngaran binomial
Abelmoschus esculentus
(L.) Moench

Bindi atawa bendi/okra (Abelmoschus esculentus Moench, (Basa Inggris: lady's fingers, okra, atawa gumbo) nyaéta salah sahiji tutuwuhan anu ngahasilkeun buah, mibanda siki anu katutup ku kulit buaha. dina order Malvaceae asalna muasalna ieu tangkal perenahna ti sabudeureun hiji daérah anu kiwari katelah Ethiopia. Ieu tangkal baheulana kaasup kana genus Hibiscus, tapi kiwari dirobah jadi genus Abelmoschus. Loba dipelak di daérah tropis.

Buah[édit | édit sumber]

Ukuran buahna méh sarua jeung cabé gedé, dipinuhan ku bulu lemes sakurilingna, kelirna héjo. Upama dipotong, dijerona bakal katémbong loba siki sakurilingna. Rasana sarua waé jeung térong. Buah bendi biasana diolah pikeun disayur, dijieun balado, campuran salad atawa ditumis. Aya ogé anu mibanda kayakinan cenah buah ieu mibanda hasiat pikeun kaséhatan jeung bisa ngubaran sabaraha panyakit saperti: mersihkeun organ ati (lever), ngajaga kasaimbangan gula dina getih, ngalancarkeun kahampangan jeung miceun, ngariksa tur nyageurkeun kasakit hésé miceun utamana pikeun anu geus umuran atawa kolot, ngarojong kana tumuwuhna baktéri anu hadé pikeun saluran usus baik aya ogé anu ngadahar pikeun ngadatangkeun rasa tingtrim, ngurangan rasa capé, sedih jeung rarasaan anu henteu genah dina pikiran, miara ulcer tur ngurangan rasa hareuras dina tulang sendi, bisa ogé pikeun nyaimbangkeun asam lambung, ngurangan kasakit paru-paru, nyeuri tikoro, ambeien atawa wasir jeung sajabana.

Struktur jeung fisiologi[édit | édit sumber]

Kembang tangkal bindi keur mekar ligar

Spésiés ieu hirupna taunan, jangkung nepi ka 2 méter. Hal ieu patali jeung spésiés kawas kapas, kakao, jeung waru. Panjang daunna 10–20 cm sarta rubak, diaméter kembangna aya 4–8 cm, kalawan mibanda lima palapah kembang anu kelirna bodas nepi ka rada konéng. Dina kembangna mindeng kapanggih titik beureum atawa gandaria nu aya dina dasar unggal lakopna, dijeroeun lakop kembangna ngandung loba siki. Buah mangrupa kapsul anu panjangna nepi ka 18 cm ngawujud pentagonal.

Abelmoschus esculentus dibudidayakeun di sakabéh daérah anu mibanda iklim tropis jeung haneut, ieu mangrupa salah sahiji spésiés sayuran anu pangkuatna nyanghareupan iklim panas, jeung bisa dipelak dina taneuh liat anu beueus jeung intermiten, tapi henteu kuat dina iklim tiis ku lantaran buahna bisa ruksak, antukna moal bisa kaala. Di leuweung hujan di wétaneun Nigéria,[1] patanina geus ngamekarkeun hiji sistem multi-tanaman anu nyayagikeun diversifikasi produksi pikeun kalumangsungan kabutuhan pangan, mekarkeun spesies hui , sampeu, taleus, orka, waluh, cau jagong jeung sajabana ogé sayuran jeung dangdaunnan pikeun nyubadanan kabuhuna kadaharan. Ieu ogé bisa méré jalan kaluar pikeun pola diet jeung ngurangan biaya pikeun panyimpanan jeung karugian dinamangsa hiji daera keur lumangsung panen raya.[2]

Melak tangkal bendi bisa disebut gampang jeung henteu rudet dina miarana. Mimitina binih tangkal bendi anu mangrupa sikina dikeueuman heula sapeuting, isukna kakara binih di ruang dina taneuh kurang leuwih jerona 1 – 2 cm. Biasana dina waktu saminggu ieu bibit mimiti kaluar sirung. Tangkal bendi téréh jangkung jeung buahan utamana kabutuhan caina mayeng jeung cukup. Buah bendi biasana diala dina mangsa geus rada kolot, biasana dipanén pikeun bahan sayureun.[2]

Panyakit anu paling umum dirandapan ku tangkal bindi nyaéta Verticillium layu, ieu panyakit ngabalukarkeun layu daun-daun ngonéngan [3]

Asal muasal[édit | édit sumber]

Tangkal Okra/Bindi mangrupa turunan tina allopolyploid (kasebut kana Abelmoschus ficulneus, A. tuberculatus "diploid" wujudna okra), bener-bener liar nu populasina henteu dipikawanoh jeung spesiésna bisa waé mangrupa hiji cultigen .

Asal muasal tempat géografis okra masih jadi paguneman kénéh, ayana data anu ngarojong ti Asia kalér, bisa ti Ethiopia jeung Afrika Kulon. Bukti anu ngarojong jeung nguatkeun ogé aya di Asia Kidul dumasar kana carita ti kolot baheula. Di Afrika Kulon Beja anu leuwih ngarojong kana asal muasal ieu okra leuwih gede.

Di Saudi, ieu tangkal nyebar disabudeureun basisir laut Meditérania wétan diwanohkeun ka Amérika ku kapal-kapal anu mawa budak beulian di Atlantik,[4] dina taun 1658 ieu tangkal kacatet nepi ka Brazil. Saméméh abad ka -18. Dina taun 1748, geus loba dipelakeun di kalereun Philadelphia. Thomas Jefferson nyatet dina taun 1781 ieu tangkal loba di Virginia. Taun 1980 sakabéh Amérika Sarikat beulah kidul.

Tutumbu Kaluar[édit | édit sumber]


Nulis.jpg



Dicutat tina[édit | édit sumber]


Citakan:Tumbuhan-stub

  1. J. C. Okafor & E. C. M. Fernandes (1987). "Compound farms of southeastern Nigeria: a predominant agroforestry homegarden system with crops and small livestock". Agroforestry Systems 5 (2): 153–168. doi:10.1007/BF00047519. 
  2. a b "Non-wood Forest Products and Nutrition". Diakses tanggal 2012-10-17. 
  3. "Growing okra". Department of Primary Industries and Fisheries, Queensland. 19 September 2007. Diakses tanggal 24 June 2012. 
  4. " Okra gumbo and rice" by Sheila S. Walker, The News Courier, unknown date