Lompat ke isi

Cukahkéh

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Cukahkéh
Status konservasi
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
Filum:
Kelas:
Ordo:
Kulawarga:
Génus:
Spésiés:
T. chloris
Ngaran binomial
Todiramphus chloris
(Boddaert, 1783)
Sinonim
  • Halcyon chloris
  • Todirhamphus chloris

Cukahkéh basa Latinna Todirhamphus chloris nyaéta spesies manuk tina kulawarga Alcedinidae, genus Todirhamphus. Cukahkéh hirup di daérah anu deukeut ka cai saperti : susukan, situ, balong, kebon, sisi leuweung, dina tempat anu pernahna 1.200 m dpl. Kahakananna kayaning : Hileud, simeut, cacing, kadal, lauk, keuyeup, jeung sajabana, saméméh dihakan mangsana/buruan sok dibanting-banting heula sangkan paéh. Henteu kaasupkeun kana manuk langka malahan loba kapanggih jeung mibanda ambahan aréa anu kawilang lega [2].

Ciri mandiri

[édit | édit sumber]

Pangawakan cukahkéh kawilang sedeng ukurana kurang leuwih (24 cm). Kelir buluna bulao jeung bodas. Jangjang, hulu, tonggong, jeung buntut kelirna bulao hinyay/berkilau semu héjo. Polét hideung meuntasan tina pamatuk kana kongkolak panon. Palebah beuheung jeung pundukna bodas. Palebah dada nepika handap kelirna bodas nyacas. Gado pamatuk coklat, pamatuk luhur abu-abu kolot, pamatuk handap abu-abu ngora, cékérna hawuk. Eunteup atawa nyéngclé dina batu jeung dahan tatangkalan anu bulistir. Mangsa bacéo ampir sapopoé disada gandéng jeung tarik sorana.

Mangsa keur ngincer/nungguan hakananeun cukahkeh bisa euntep ngajentul salila-lila henteu usik malik, tempona mangsa/buruan geus méré nah cukahkéh gentak nyirorot ka handap macok mangsana, beunang jeung henteu, cukahkéh geuwat hiber deui kaluhur, eunteup dina dahan atawa batu di mana mangsana meunang bari ngabuntang banting mangsana maké pamatuk kana batu atawa dahan anu dipaké pangeunteupan sangkan téréh paéh atawa henteu kabur deui.

cukahkéh nyieun sayang ku jalan ngaliang, biasana dina taneuh gawir sisi susukan jeung handapeu tangkal anu hésé kahontal atawa hara haraeun, endogna bodas jumlahna dua nepi ka tujuh siki digolerkeun kitu waé dina taneuh henteu maké amparan, disileungleuman pilih ganti ku bikang jeung jaluna, unggal poé nepika endogna megar, anakna diparaban piliganti ku indung jeung bapana nepika umur 44 poé ilaharna anak cukahkéh geus bisa hiber sorangan, usum baranahan bulan Maret-Juni, September-Desember.

Tempat hirup

[édit | édit sumber]

Cukahkéh loba kapanggih di sisi basisir, utamana dirawa-rawa babakoan, teu saeutik kapanggih di kebon jeung sisi leuweung, ogé di tegalan. Mindeng kapanggih eunteup dina kabel, batu, jeung dahan anu ngarangrangan.

Di kulon daérah Eurasia / daratan Afrika tayalian tina spesies T. c. abyssinica, Afrika wétanna daérah Eritrea kapanggih di rawa-rawa babakoan direkam ogé di Sudan jeung Somalia, sanajan saeutik jumlahna aya ogé kapanggih di Saudi, di Khor Shinass nagara Oman cukahkéh malahan geus dicobaan diingu tur dipegarkeun sangkan baranahan. Di sabudeureun basisir laut India, Bangladesh jeung Andaman katut Nikobar.

Di Indonesia mah cukahkéh ampir kapanggih di unggal pulo saperti : Sumatera, Kalimantan, Jawa, Bali, Sulawesi, Maluku, nepika Papua.

Dicutat tina

[édit | édit sumber]

Tutumbu kaluar

[édit | édit sumber]
  1. Ngeunaan Cukahkéh
  2. Spesies Cukahkéh