Lompat ke isi

Jérman

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
(dialihkeun ti Germany)
Bundesrepublik Deutschland
Républik Féderal Jérman
Bandéra Jérman Jérman
[[Jérman |]]
Motto
Einigkeit und Recht und Freiheit
(Jérman: "Kasatuan jeung Kaadilan jeung Kamerdékaan”)
Lagu
Das Lied der Deutschen (stanza ka-3)
disebut ogé Einigkeit und Recht und Freiheit
Location of Jérman
Location of Jérman
Ibu kota
(jeung kota panggedéna)
Bérlin
52°31′N 13°24′E
Basa resmi Jérman 1
Pamaréntah Républik Féderal
 -  Présidén Frank-Walter Steinmeier (SPD)
 -  Chancellor Olaf Scholz (CDU)
 -  Vice Chancellor Robert Habeck (Grüne)
Ngadeg
 -  Kakaisaran Romawi Suci 843 (Perjangjian Verdun
 -  Unifikasi 18 Januari 1871 
 -  Républik Féderal 23 Méi 1949 
 -  Réunifikasi 3 Oktober 1990 
Asup ka
 Uni Éropa
25 Maret, 1953
(Jérman Kulon)
Aréa
 -  Total 357,588 km² (ka-62)
137,847 mil² 
 -  Cai (%) 1.27
Populasi
 -  Perkiraan  2021 83,129,285 (ka-14)
 -  Sénsus 2011 N/A 
 -  Kapadetan 232 /km² (ka-50)
600.9 /mil²
GDP (PPP) Perkiraan 2021
 -  Total $4.743 trillion (ka-5)
 -  Per kapita $56,956 (ka-15)
HDI (2019) 0.947 (luhur) (ka-6)
Mata uang Euro (€) 2 (EUR)
Zona wanci CET (UTC+1)
 -  Usum panas (DST) CEST (UTC+2)
TLD Internét .de
Kode telepon +49
1 Danish, Low German, Sorbian, Romany and Frisian are officially recognised and protected as minority languages by the ECRML. 2 Prior to 1999: Deutsche Mark

Républik Féderal Jérman (Basa Jérman: Bundesrepublik Deutschland) nyaéta hiji nagara di Éropa, diwawatesanan ku nagara Belanda, Bélgia, Luksemburg, Perancis, Swiss, Austria, Céko, Polandia jeung Dénmark. Jérman mangrupa nagara penting di Uni Éropa sarta mangrupa nagara anggota nu mibanda jumlah pangeusi panglobana. Lian ti éta, Jérman ogé mangrupa anggota NATO jeung G7.

Sajarah

[édit | édit sumber]

Ahir Perang Dunya II (1945)

[édit | édit sumber]

Talukna Jérman dina 7 jeung 8 Méi 1945 nandaan panungtung tina Perang Dunya II di buana Éropa. Dina taun éta, pamingpin Nazi, nyaéta Hitler, Goebbels, Himmler, jeung Bormann geus bunuh diri. Salian ti éta, Sakutu ngadilan 24 pamingpin utama Nazi nu harirup kénéh di Nuremberg kusabab kajahatan perang anu geus dilakukeun; 10 di antarana beunang hukuman mati, sésana dipenjara saumur hirup. Pamingpin anu boga jabatan luhur anu dihukum mati, di antarana menteri luar negeri Joachim von Ribbentrop jeung kepala Luftwaffe Hermann Göring. Pengadilan Nuremberg ogé loba ngadilan anggota Nazi anu pangkatna leuwih handap jeung méré hukuman anu leuwih singkat. Prosedur denazifikasi dilarapkeun ka loba urang Jérman, nyaéta pamariksaan sajarah jeung masa lalu anjeunna anu pakait jeung Nazi tuluy dididik ulang.[1]

Tantara Jérman, anu saacanna geus nguasaan ampir sakabéh wilayah Éropa, geus taluk jeung mundur ti wilayah nu dikuasaanna. Kaitung 7 juta padumuk Jérman tiwas, boh éta prajurit, warga sipil anu jadi korban bom, atawa pangungsi anu kabunuh basa keur kabur ti daérah asalna, utamana anu kabur ti tentara Soviét anu maju ti belah wétan kusabab rék males dendam ka Jérman. Puluhan juta padumuk Jérman anu salamet ngalaman trauma lantaran kondisi perang anu dialaman. Ampir sakabéh kota utama di Jérman geus jadi ruruntuhan, sésa pangeboman jeung patempuran.[1]

Saparapat urut wilayah Jérman jadi bagéan kakuasaan Polandia jeung Uni Soviét, sésana dibagi-bagi jadi opat zona pangdumukan anu tungtungna jadi dua nagara nu misah. Sakitar 10 juta urang Jérman jadi pangungsi tunawisma. Dina kaayaan kitu, loba jelema leungit anu ditéang ku kulawargina. Loba anu bisa papanggih jeung balik deui mangtaun-taun sanggeusna, tapi teu saeutik ogé anu teu balik deui.[1]

Sanggeus Perang Dunya II (1945-1961)

[édit | édit sumber]

Nagara-nagara Sakutu anu jaya dina Perang Dunya II ngabagi-bagi Jérman jadi opat wilayah pangdumukan, nyaéta Amérika Serikat di kidul, Prancis di kulon kidul, Britania di kalér, jeung Uni Soviét di wétan. Sanajan ibukota Bérlin aya di tengah-tengah zona Soviét, éta wilayah angger dibagi dumasar ka babagéan wilayah pangdumukan opat nagara.[1]

Taun 1948, Soviét ngablokade aksés darat Amérika, Britania, jeung Prancis ka daérah kantong masing-masing di jero ibukota Bérlin, anu tujuanna jang maksa tilu nagara Sakutu Kulon éta ambéh ninggalkeun daérah kantong. Nagara-nagara éta tuluy males liwat operasi udara Berlin sarta ngirim pasokan ka Bérlin liwat udara salila ampir sataun nepi ka Soviét taluk jeung ngeureunkeun blokade di taun 1949.[1]

Masarakat

[édit | édit sumber]

Démografi

[édit | édit sumber]
 Artikel utama: Démografi Jérman.
Hamburg nyaéta kota panggedéna kadua di Jérman (foto ieu nunjukeun puseur Hamburg saméméh perang dunya I)

Jérman boga loba pisan kota nu gédé nanging mung tilu kota nu dieusian jalma leuwih ti sajuta: Berlin dieusi 3,4 juta jalma, Hamburg dieusi 1,8 juta jalma, sarta München dieusi 1,4 juta jalma. ku kituna populasi henteu museur teuing atawa ngoriéntasi di hiji kota nu gedé wungkul lamun dibandingkeun jeung nagara-nagara Éropa lianna. Kota gedé lianna nyaéta Köln, Frankfurt am Main, Stuttgart, Dortmund, Essen, Düsseldorf, Bremen, Duisburg sarta Hannover. Kota panggedéna nyaéta région Rhine-Ruhr nu kaasup kana distrik Düsseldorf-Köln.

Dina taun 2004, kira-kira 6,7 juta jalma non-warganagara nyicingan Jerman. Panglobana daratang ti Turki, dituturkeun ku Italia, Yunani, Kroasia, Walanda, Sérbia dan Monténégro, Spanyol, Bosnia dan Hérzégovina, Austria, Portugal, Viétnam, Maroko, Polandia, Macedonia, Lebanon tur Perancis [1]. Kira-kira duapertiluna geus nyicingan ieu nagara salila 8 taun atawa leuwih, ku kituna bisa ngalakukeun naturalisasi jadi warganagara. [2]

Jérman téh mangrupa tujuan utama kénéh pikeun pangungsi pulitik (nu ménta suaka) jeung ékonomi ti loba pisan nagara berkembang, ngan jumlahna turun dina jeroning sawatara taun ka dieukeun, nu ngahontal kira-kira 50.000 dina taun 2003.

 Artikel utama: Agama di Jerman.
Martin Luther, Bapak Reformasi Jerman dan pereform bahasa Jerman, 1529

Jérman ogé mangrupa lemah cai ti Réformasi nu dipilampah ku Martin Luther dina abad ka-16 mimiti. Ayeuna, Protéstan (utamana di kalér jeung wétan) ngeusian nepi ka 33% populasi jeung Katolik (utamana di kidul jeung kulon) ogé 33%. Kabéhanana aya kira-kira 55 juta jalma nu ngagem Kristen. Lolobana Protéstan Jerman asup salaku anggota ti Geréja Évangélis Jérman. Geréja Bébas aya boh di kota nu gedé boh di kota nu leutik. Paus Katolik Roma nu ayeuna nyaéta saurang Jérman, katelahna Paus Benediktus XVI.

Salian ti éta aya sababaraha ratus ribu Geréja Ortodoks (utamana Yunani jeung Sérbia, 400.000 Geréja Karosulan Anyar, leuwih ti 150.000 Saksi Yéhova, jeung sababaraha sarikat leutik lianna.

Ogé aya kira-kira 3,7 juta Muslim di Jérman (utamana turunan Turki).

Jérman ayeuna mibanda populasi Yahudi ke-3 panglobana di Éropa. Dina taun 2004, aya dua kali lipet jumlah Yahudi ti nagara urut Uni Soviét nu nyicingan Jérman dibandingkeun jeung anu cicing di Israél. Hal ieu ngajadikeun total Yahudi leuwih ti 200.000 saprak 1991. Kira-kira satengahna nyicingan pamukiman Yahudi, anu ayeuna ieu aya leuwih ti 100, kalawan jumlah anggota 100.000 leuwih; naék ti 30.000 saméméh ngahijina deui Jérman. Sawatara dayeuh di Jerman geus nempo deui balikna budaya Yahudi, utamana di Bérlin. Urang Yahudi mibanda sora dina kahirupan publik Jérman ngaliwatan Zentralrat der Juden in Deutschland.

Di wewengkon urut Jerman Wétan, kahirupan kaagamaan leuwih saeutik dibandingkeun jeung di Kulon. Ngan 5% ngahadiran misa sahenteuna saminggu sakali, dibandingkeun jeung 14% nu di Kulon nurutkeun survey Archived 2004-12-04 di Wayback Machine ka dieunakeun. Kira-kira 30% ti populasi henteu mibanda ageman. Di Wétan angka ieu meureun leuwih luhur.

Geréja sarta nagara kapisah, tapi aya gawé babarengan dina réa widang, utamana dina widang sosial, Geréja sarta komunitas kaagamaan, lamun maranéhanana badag, stabil sarta satia ka konstitusi, bisa meunang status husus ti nagara minangka "pausahaan di handapeun hukum publik" anu ngidinan geréja pikeun ngetip pajeg ti anggotana anu disebut Kirchensteuer (pajeg geréja). Pangasilan ieu dikumpulkeun ku nagara minangka gaganti waragad pikeun ngumpulkeunana. Tempo Status kabébasan ageman di Jerman sarta Pemisahan gereja sarta nagara.

Tempo ogé

[édit | édit sumber]

Tempo ogé

[édit | édit sumber]
 Tempo ogé: Names for Germany.

Citakan:Topics in Germany

Rujukan

[édit | édit sumber]
  1. a b c d e Diamond, Jared (2022). Upheaval. Jakarta: Kepustakaan Populer Gramedia. pp. 211–245. ISBN 9786024818494. 

Tumbu kaluar

[édit | édit sumber]
Pék paluruh émbaran nu leuwih loba ngeunaan Germany ku jalan nyungsi proyék sabaraya Wikipédia
Définisi kamus ti Wiktionary
Buku téks ti Wikibooks
Cutatan ti Wikiquote
Téks sumber ti Wikisource
Gambar jeung média ti Commons
Warta ti Wikinews
Sumber pangajaran ti Wikiversity

Citakan:Cookbook Umum

Facts and figures

Jalan-jalan

   Tempo ogé Jérman di Wikivoyage

Gambar

Koordinat: 51°00′N 9°00′E