Ki ciyat

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Loncat ke navigasi Loncat ke pencarian
Ki ciyat
Ki ciyat, Ficus septica
di Darmaga, Bogor
Klasifikasi ilmiah
Karajaan: Plantae
(unranked): Angiospermae
(unranked): Eudikotil
(unranked): Rosidae
Order: Rosales
Kulawarga: Moraceae
Génus: Ficus
Subgénus: Sycomorus
Spésiés: F. septica
Ngaran binomial
Ficus septica
Burm.f., 1768[1]
Sinonim

Ki ciyat (Ficus septica) nyaéta tutuwuhan nu asalna tina kulawarga Moraceae, kalawan masih kénéh barayana tangkal caringin.[2] Kasebut tatangkalan liar (henteu ngahaja dipelak), tangkalna ngarungkun teupati gedé, remen katempo hirup di sisi leuweung, sisi wahangan, tegalan, sisi gunung, jeung tempat séjéna.[2] Lamun seug pites atawa katurih, tangkal ki ciyat sok ngaluarkeun geutah kelirna bodas semu konéng.[3] Ieu geutah sok dimangpaatkeun pikeun ngubaran raheut sarta panyakit kulit séjena, nyeri beuteung, kitu deui weureu (keracunan), geutah tangkal ki ciyat aya disakabéh bagéan tangkal, daun, jeung akarna.[2]

Ki ciyat mibanda ngaran daérah nubéda, saperti: urang Jawa nyebutna awar-awar, di Bali disebutna tangkal bar-abar, urang Ambon nyebutna sirih popar, urang Bugis nyebutna dausalo, di Makasar disebut tobo-tobo, Urang Ternaté, minahasa nyebutna tagalolo.[2]

Ciri mandiri[édit | édit sumber]

Pucuk daun ki ciyat

Tangkalna ngarungkun, ajeg, jangkungna 1-5 m[4], sanajan kitu ieu ki ciyat nu hirup dileuweungmah jangkungna bisa nepika 25 m.[5]. Regang jeung tangkalna buleud, kelirna héjo, dijero aya haténa (bagéan nu kosong) utamana numasih kénéh ngora kawas tangkal kaliki.[4]

Dauna rubak gedéna 9-30 × 9–16 cm semu buleud, mencos ka tungtungna.[4] Dauna bijil tina régang, sapasang (pasanghareup-sanghareup), panjang cupat daun 2,5-5 cm. Kelirna héjo kolot, mibanda tulang daun semu bodas lobana 6-12 tulang, tungtung dauna rata.[4]

Buahna ngaranggeuy, dina saranggeuy aya 3~4 aya ogé buahna nu ngan sacupat.[4] Cupatna pondok, kalawan mibanda daun pelindung kelirna héjo ngora aya ogé nu héjo kolot.[4]

Tempat hirup atawa ékologi[édit | édit sumber]

Buah ki ciyat

Ki ciyat loba kapanggih hirup ti mimiti pulo Ryukyu kalér , Taiwan, Pulo-pulo Solomon nepika Vanuatu, sarta Queensland di Australia beulah kalér.[6] Tangkal ki ciyat remen katempo hirup di sisi leuweung, dina sagala kaayaan taneuh ti imimiti 1800 m dpl.[6] Sakapeung katembong hirup sisi jalan, sisi susukan, tegalan .[4]

Ficus septica kembangna sok di eunteupan nyiruan ku spesies agonid tina marga Ceratosolen.[3] nu mana ieu nyiruan tara eunteup dina sambarangan tangkal, malahan aya spesies Ficus nu sok dieunteupan ngan ku saspesies nyiruan wungkul.[3] Pikeun spesies Ficus septica, kanyahoan sok dieunteupan ku tilu spesies nyiruan, hasil panalungtikan nudiayakeun di Taiwan kidul[3] sarta dua spesies di Filipina.[7]

Sagigireun dieunteupan nyiruan, buah ki ciyat ogé jadi kadaharan pikeun 22 spesies sato, 14 spesiesna tayalian ti lalay. Lalay nu sok ngakan bungbuahan atawa codot (Megachiroptera) ogé mangrupa vektor pikeun nyebarna siki tangkal Ki ciyat ka tempat séjén nu leuwih jauh.[8]

Spesies lalay nu sok ngakan buah ki ciyat, tayalian:

Mangpaat[édit | édit sumber]

Geutahna, dipercaya mibanda hasiat pikeun ngubaran rupa-rupa kasakit.[6] Di Filipina, daunna dimangpaatkeun pikeun ngubaran rematik, ogé pikeun ngarangsang kaluarna késang (sudorifika) pikeun ngurangan kasakit nyeri sirah. Getahna peuheur/tajam, bisa ngabalukarkeun bisul lamun seug keuna kana kulit.[9] Tapi bisa ogé dimangpaatkeun pikeun ngubaran herpes, kurap atawa panyakit kulit séjénna nu geus hésé diubaran.[9]

Akarna sok dipaké naplokan palebah nu raheut atawa ngubaran kulit nu kabeuleum, kitu deui cai pangulubanna dimangpaatkeun pikeun ngubaran hésé kahampangan (diuretika).[6][9] Di Papua Nugini, daunna dimangpaatkeun pikeun ngubaran salésma pilek, batuk, galingging, sarta panyakit anu dibalukarkeun kuayana bakteria sarta .[6] Sagigireun kitu, akarna dimangpaatkeun pikeun antidota tayalian ngubaran weureu (keracunan), umpana baé weureu tas ngadahar lauk, kapiting, hui gadung, jeung sajabana.[6] Carana, ieu akar dicampur jeung akar cau suanggi ditambah akar eurih. Baheula geutah ki ciyat sok dipaké ngubaran nyeri ceuli, carana geutah ki ciyat dipanaskeun heula di mana geus tiis tuluy dikecerkeun kana liang ceuli nu nyeri.[2] Akarna bisa ogé dimangpaatkeun pikeun ngubaran raheut, kayaning kacugak atawa kasura ku cucuk lauk nu aya peurahan.[2]

Dicutat tina[édit | édit sumber]

  1. Burman, N.L. 1768. Flora Indica: cui accedit series zoophytorum Indicorum, nec non prodromus florae Capensis: 226. Amstelaedami :Apud Johannem Schreuderum ;1768.
  2. a b c d e f Heyne, K.. 1987. Tumbuhan Berguna Indonesia II: 695-6. Badan Litbang Kehutanan, Departemen Kehutanan. Jakarta. (versi berbahasa Belanda -1916- 2:68-9; sebagai Ficus leucantatoma Poir.)
  3. a b c d Lin, R.-C., Yeung, C.K.-L., Fong, J.J., Tzeng, H.-Y. & Li, S.-H. (2011). "The lack of pollinator specificity in a dioecious fig tree: sympatric fig-pollinating wasps of Ficus septica in southern Taiwan". Biotropica 43: 200-07. doi:10.1111/j.1744-7429.2010.00686.x. 
  4. a b c d e f g van Steenis, C.G.G.J. 1981. Flora, untuk sekolah di Indonesia. PT Pradnya Paramita. Jakarta. Hal. 177.
  5. Berg, C.C. & Corner E.J.H. (2005). "Moraceae". Flora Malesiana. I 17 (6). ISBN 1-930723-40-7. 
  6. a b c d e f Rojo, J.P., F.C. Pitargue, & M.S.M. Sosef. 1999. Ficus L. in Padua, L.S., N. Bunyapraphatsara, & R.H.M.J. Lemmens (Eds.) Plant Resources of South-East Asia 12(1) - Medicinal and poisonous plants 1: 288. Prosea Foundation, Bogor.
  7. L. Conchou, L. Cabioch, L. J. V. Rodriguez, F. Kjellberg (2014). "Daily rhythm of mutualistic pollinator activity and scent emission in Ficus septica: Ecological differentiation between co-occurring pollinators and potential consequences for chemical communication and facilitation of host speciation". PLoS ONE 9: e103581. doi:10.1371/journal.pone.0103581. 
  8. Shanahan, M.; Compton, S. G.; So, S. & Corlett, R. (2001). PDF fulltext "Fig-eating by vertebrate frugivores: a global review". Biological Reviews 76 (4): 529-72. doi:10.1017/S1464793101005760. PMID 11762492. http://web.archive.org/web/20091026232430/http://us.geocities.com/mikeshanahan/figglobalreview.pdf PDF fulltext. 
  9. a b c Rumpf, G.E. 1743. Herbarium Amboinense: plurimas conplectens arbores, frutices, ... Pars III: 153, Tab. 96. Amstelaedami :apud Franciscum Changuion, Hermannum Uttwerf. MDCCXLIII.

Tutumbu kaluar[édit | édit sumber]

Wikimedia Commons logo
Wikimedia Commons mibanda média séjénna ngeunaan