Awi surat

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Awi surat
Awi surat, Gigantochloa pseudoarundinacea
ti Dukuhmaja, Luragung, Kuningan
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
(unranked):
(unranked):
(unranked):
Ordo:
Kulawarga:
Tribus:
Génus:
Spésiés:
G. pseudoarundinacea
Ngaran binomial
Gigantochloa pseudoarundinacea
Sinonim
  • Bambusa pseudoarundinacea Steudel[3] (basionym)
  • Gigantochloa verticillata (Willd.) Munro[4] (p.p.)
  • Gigantochloa maxima Kurz[5]

Sumber: Widjaja, 1987[1]

Awi surat (Gigantochloa pseudoarundinacéa) nyaéta tangkal awi anu kelirna héjo ngora paselang jeung gurat-gurat konéng, ukuranna leuwih badag tur mindeng dimangpaatkeun pikeun bahan bangunan, parabot, konstruksi, jeung pakakas rumah tangga.[2][6][7]

Pedaran[édit | édit sumber]

Awi surat hususna di Indonesia loba kapanggih hirup ampir di unggal daérah, saperti Jawa kulon, Jawa tengah, jeung Bali.[8] Dina basa daérah awi surat disebut ogé awi gombong ; pring gombong, pring andong, pring surat (basa Jawa); tiying jajang suwat (bahasa Bali); buluh batuang danto (basa Minangkabau).[1][2][9][10] Dina basa Inggris awi ieu disebut greater giant bamboo.[2] Awi surat bisa jadi kalawan subur dina taneuh anu keusikan, patempatanna 1200 méter (dpl) kalawan dina sataun turun hujan 2350–4200 mm; suhu 20-32 derajat celsius; kalembaban kurang leuwih 70%.[11]

Di Indonesia aya kana 170 rupa tangkal awi, tapi anu bisa dimangpaatkeun pikeun bahan wangunan anu dianggap hadé ngan tilu rupa : Awi tali, awi bitung, jeung awi surat.[12]

Dapuran awi surat

Ciri mandiri[édit | édit sumber]

Awi surat hirupna ngadapur, tangkalna leceng ka luhur jangkungna bisa nepikeun ka: 30 méter; buleudan tangkalna 15 cm ; bisa hirup dina Iklim tropis ogé subtropis ; mikaresep kana tempat anu negrak kasorot ku panon poé.[13] Jarak buku ka buku kurang leuwih 40–45 cm kelirna héjo ngora paselang jeung gurat-gurat konéng.[11]

Habitat awi surat anu aya di Kuningan, Jawa kulon, Indonesia

Saméméhna spésiés awi surat Gigantochloa pseudoarundinacea digolongkeun kana G. verticillata Willd., babarengan jeung G. atter (Hassk.) Kurz (bambu ater), G. atroviolacea Widjaja (awi wulung), jeung G. robusta Kurz (bambu mayan).[6] Kiwari mah geus dipisah dumasar kana spésiés masing-masing.[9]

Mangpaat[édit | édit sumber]

Awi surat utamana dimangpaatkeun pikeun bahan wangunan, konstruksi, kuluwung (pipa), parabot rumah tangga, Balé-balé, bilik, ogé aya anyaman-anyaman sabangsa karinjang.[1] Bisa ogé pikeun bahan nyieun alat musik tradisional.[9] Dina ukuran industri, awi surat mangrupa bahan pikeun nyieun sumpit jeung tusuk gigi paranti nyeuhil.[9] Iwungna ogé bisa dimangpaatkeun pikeun sayuran.[10][12] Calung salah sahiji alat musik anu dijieun tina awi surat, calung geus dipiwanoh di sababaraha daérah saperti Jawa kulon, Jawa tengah, jeung Bali.[8]

Séjéna[édit | édit sumber]

Awi surat dina kaayaan baseuh kénéh mibanda beurat jinis kurang leuwih 0,37—0,48; di mana geus garing jadi 0,65, kadar cai dina awi surat anu garing aya kana 16,8%.[9] Specific gravity aya 0.5—0.7 (kaasup bukuna) jeung 0.6—0.8 (henteu kaasup bukuna).[10] Ukuran leuleus liatna (The modulus of elasticity) aya dina angka 19 440—28 594 N/mm2, Kakuatan nahan tekenan nepikeun ka beulah/potong (the modulus of rupture) 171—207 N/mm2, Kakuatan mangsa dibatek nepika sumpung (the tensile strength)128—192 N/mm2. Areng tina tangkal awi surat mibanda énérgi kurang leuwih niléyna 30 000 kJ / kg. [9]

Tempo ogé rupa-rupa awi[édit | édit sumber]

  1. Awi wulung
  2. Awi bunar
  3. Awi haur
  4. Awi buluh
  5. Awi bitung
  6. Awi temen
  7. Awi tali
  8. Awi krisik
  9. Awi tamiang


Dicutat tina[édit | édit sumber]

  1. a b c d Widjaja, E.A. 1987. "A revision of Malesian Gigantochloa (Poaceae - Bambusoideae)." Reinwardtia 10(3): 323. [1987]
  2. a b c d Ohrnberger, D. 1999. The Bamboos of the World: Annotated Nomenclature and Literature of the Species and the Higher and Lower Taxa: 297-8 Amsterdam :Elsevier.
  3. Steudel 1848. Synopsis plantarum glumacearum. vol. 1: 330. Stuttgartiae : J.B. Metzler [1855].
  4. Colonel Munro. 1868. "A monograph of the Bambusaceae, including descriptions of all of the species." Transactions of the Linnean Society of London vol. 26: 124. London :[The Society], 1791-1875.
  5. Kurz, S. 1864. "Korte schets der vegetatie van het eiland Bangka." Natuurkundig tijdschrift voor Nederlandsch Indië Deel 27: 226. Batavia :Lange [1851-...]
  6. a b Ohrnberger, D. (29 Jan 1999), The Bamboos of the World: Annotated Nomenclature and Literature of the Species and the Higher and Lower Taxa, Elsevier, ISBN 0-44-50020-0 Check |isbn= value (bantuan) 
  7. KBBI daring: bambu
  8. a b Sjamsuddin, Helius; Hidayat Winitasasmita (1986), Daeng Soetigna: Bapak Angklung Indonesia, Direktorat Jenderal Kebudayaan 
  9. a b c d e f Widjaja, E.A. 1995. "Gigantochloa pseudoarundinacea (Steudel) Widjaja" Archived 2016-08-21 di Wayback Machine in Soejatmi Dransfield & E.A. Widjaja (Eds). Plant Resources of South-East Asia No. 7 Bamboos: 116-8. Bogor :PROSEA (Plant Resources of South-East Asia) Foundation. [Internet] Record from Proseabase. Accessed 22-Apr-2016
  10. a b c Heyne, K. 1987. Tumbuhan Berguna Indonesia I: 343 [sebagai Gigantochloa verticillata Munro]. Badan Litbang Kehutanan, Departemen Kehutanan. Jakarta. (versi berbahasa Belanda -1922- I: 284-5.)
  11. a b "Gigantochloa pseudoarundinacea (Steudel) Widjaja". http://www.bambubos.com. Diakses tanggal 2017-5-28.  Archived 2017-08-03 di Wayback Machine
  12. a b Akmal, Imelda; Novi Arimbi, Nadia Primasanti (2011), Bambu untuk rumah modern, PT Gramedia Pustaka Utama, ISBN 978-979-22-6899-7 
  13. "Gigantochloa pseudoarundinacea var. 'Gombong Batu'". bambooland. Diakses tanggal 2017-5-28. 
Wikimedia Commons logo
Wikimedia Commons logo
Wikimedia Commons mibanda média séjénna ngeunaan


Daptar Pustaka[édit | édit sumber]

Tutumbu kaluar[édit | édit sumber]