Awi buluh

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Loncat ke navigasi Loncat ke pencarian
Awi buluh
Awi buluh, Schizostachyum brachycladum
ti Kampus IPB Darmaga, Bogor
Klasifikasi ilmiah
Karajaan: Plantae
(unranked): Angiosperms
(unranked): Monocots
(unranked): Commelinids
Order: Poales
Kulawarga: Poaceae
Tribe: Bambuseae
Génus: Schizostachyum
Spésiés: S. brachycladum
Ngaran binomial
Schizostachyum brachycladum
(Kurz) Kurz[1]
Sinonim
  • Arundarbor cratium Rumph.[2]
  • Arundo cratium Oken
  • Melocanna brachyclada Kurz[3] (nom.inval.)
  • Melocanna zollingeri var. brachyclada Kurz ex Munro
  • Schizostachyum brachycladum var. auriculatum Holttum

Sumber: The Plant List[4]

Awi buluh, (Schizostachyum brachycladum)[5] nyaéta tangkal awi anu biasa dipaké ngaleumeung.[6] Loba kapanggih hirup di wewengkon Malesia jeung Indocina[7], awi buluh atawa dina basa Indonesia bambu lemang disababaraha daérah disebut ogé : buluh nèhè (Sm.); buluh sèro (Mlk.); pĕrréng bulu, p. lampar (basa Madura); bulo talang (basa Makassar).[8] Tangkalna (forma) mibada kelir konéng méh sarimbag jeung awi haur konéng, awi buluh sok disebut ogé awi konéng atawa bambu bali,[6] disebut ogé bambu kuning bali.[6] Dina basa Inggris awi buluh disebutna Sacred Bali bamboo atawa Golden Bali bamboo.[9]


Ciri Mandiri[édit | édit sumber]

Awi buluh hirupna ngadapur, tangkalna kékép tur ajeg kaluhur; iwungna konéng aya ogé anu héjo, disimbutan ku bulu-bulu miang kelirna coklat tur jarocong.[10] Tangkalna laleceng ka luhur, jangkungna bisa nepi ka 8-15 m melenoy ka tungtungnakeun; sirung tangkalna bijil tina jero taneuh; dina sadapur tangkal awi buluh aya kana 25-30 tangkal ukuranna méh sarua gedé kitu deui jangkungna.[10] Panjang buku 35-50 cénti buleudan tangkalna 8–10 cm, awi buluh mah kawilang ipis kandel tangkalna ngan saukur 4 mili; kelirna héjo sakapeung semu paul aya ogé anu konéng paselang jeung guratan héjo, tangkalna anu masih kénéh ngora baruluan ieu bulu baris ragrag mangsa tangkalna geus manjing déwasa.[6][10]


Salumpitna heuras tur henteu gancang ragrag; gedéna 12-27 × 18–35 cm; beulah luarna baruluan; kelirna coklat ngora nepika coklat kolot.[10] Palapah daun segitilu tungtungna méncos tur heuras gedéna 4-18 × 4–10 cm, biasana mah henteu buluan ngan katempo kawas uratan.[6][10]

Variétas anu mibanda ceuli salumpit leuwih panjang tur rubak mimiti kapanggih hirup di Singapura mibanda ngaran var. auriculatum Holttum.[11]

Daun anu dina régangna lanset, 20-40 × 4–7 cm, beulah handapna keusrak lantaran buluan, luhurna mah henteu; palapah dauna leutik panjangna 1 mm, palebah puhuna 0,7 mm; ligula rata, panjangna 1 mm, lokos.[6]


Tempat hirup jeung ekologi[édit | édit sumber]

Awi buluh kayahoan loba hirup tur nyebar di wewengkon Asia Tenggara; ti mimiti Thailand, Semenanjung Malaya, Sumatera, Kalimantan, Jawa, Bali, Sulawesi, Maluku, nepi ka Luzon di Filipina.[10] Loba hirup liar sisi leuweung atawa sisi sawah, arang langka kapanggih hirup dijero leuweung, anu mibanda tempat 600 m luhureun beungeut cai laut (dpl).[10] Awi buluh loba ngahaja dipelak di pilemburan, teu saeutik ogé anu hirup kitu waé di sisi jalan, sisi walungan, jeung sajabana.[10] Forma tangkalna anu héjo semu paul loba kapanggih hirup di Sumatera, Kalimantan, Sulawesi jeung Maluku anu luhur tempatna 250 m tana beungeut cai laut (dpl).[10]


Manfaat[édit | édit sumber]

Awi buluh loba pisan guna jeung mangpaatna saperti : turus pepelakan, karajinan, kuluwung, hateup, wadah leumeung, dijieun wadah inuman, di Toraja ieu awi dijieun bahan pikeun lalangit, di Bali awi buluh dipaké dina upacara ti mimiti anu lahiran nepikeun ka aya anu maot.[10]

Forma tangkalna anu konéng loba dimangpaatkeun pikeun papaés buruan imah jeung kantor.[10] Aya ogé anu ngahaja dipelak sisi gawir pikeun nyingkahan taneuna urug atawa longsor, kitu ogé iwungna bisa dimangpaatkeun pikeun sayuran sanajan rasana semu pait.[10]

Daptar pustaka[édit | édit sumber]


Dicutat tina[édit | édit sumber]

  1. Kurz. 1870. “On some new or imperfectly known Indian plants”. Journal of the Asiatic Society of Bengal. Vol. 39 (pt. 2, Nat. Hist.): 89, Pl. VI fig. 2. Calcutta :Bishop's College Press [Part 2 no 2: June 1870]
  2. Rumpf, G.E. 1743. Herbarium Amboinense: plurimas conplectens arbores, frutices, ... Pars IV: 5. Amstelaedami :apud Franciscum Changuion, Hermannum Uttwerf. MDCCXLIII.
  3. Teijsmann, J.E. & S. Binnendijk. 1866. Catalogus plantarum quae in Horto Botanico Bogoriensi coluntur. Catalogus van 's Lands Plantentuin te Buitenzorg: 20. Batavia :ter Lands-Drukkerij. [1866]
  4. The Plant List: Schizostachyum brachycladum (Kurz) Kurz
  5. KBBI daring: bambu
  6. a b c d e f Widjaja, E.A. 2001. Identikit jenis-jenis bambu di Jawa: 83-5. L.f. 29. Bogor: Puslitbang Biologi LIPI.
  7. GrassBase: Schizostachyum brachycladum
  8. Heyne, K. 1987. Tumbuhan Berguna Indonesia I: 345-6. Badan Litbang Kehutanan, Departemen Kehutanan. Jakarta. (versi berbahasa Belanda -1922- I: 287-8.)
  9. Bambus Lexicon: Schizostachyum brachycladum f. luteum
  10. a b c d e f g h i j k l Dransfield, S. 1995. "Schizostachyum brachycladum Kurz". in Soejatmi Dransfield & E.A. Widjaja (Eds). Plant Resources of South-East Asia No. 7 Bamboos: 132-3. Bogor :PROSEA (Plant Resources of South-East Asia) Foundation. [Internet] Record from Proseabase. Accessed 13-May-2016
  11. Holttum, R.E. 1958. "The bamboos of the Malay Peninsula". Garden's Bulletin Singapore, 16: 47, 1958.
Nulis.jpg



Pranala luar[édit | édit sumber]

Wikimedia Commons logo
Wikimedia Commons mibanda média séjénna ngeunaan