Cau badak

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Loncat ke navigasi Loncat ke pencarian
Cau badak (Musa acuminata)
Tangkal cau badak
Klasifikasi ilmiah
Karajaan: Plantae
(unranked): Angiosperms
(unranked): Monocots
(unranked): Commelinids
Order: Zingiberales
Kulawarga: Musaceae
Génus: Musa
Spésiés: acuminata
Ngaran binomial
Musa acuminata
Colla 1820
Daérah asal muasal M. acuminata kelirna héjo jeung M.balbisiana kelirna oranye.[1]
Sinonim[2]
  • Musa cavendishii Lamb.
  • Musa chinensis Sweet, nom. nud.
  • Musa corniculata Kurz
  • Musa nana Lour.
  • Musa × sapientum var. suaveolens (Blanco) Malag.
  • Musa rumphiana Kurz
  • Musa simiarum Kurz
  • Musa sinensis Sagot ex Baker

Cau badak (Musa acuminata) nyaéta spésiés cau anu asalna ti Asia Tenggara.[3][4] Genom : Triploid AAA (dessert), kaasup kana Musa Paradisiaca Var Sapientum jeung Musa Nona L atawa Musa Cavendishii, (di mana geus asak cauna bisa langsung dikonsumsi).[5] Henteu kudu diolah heula saméméhna : (diseupan, digoréng, dibeuleum, jeung sajabana), biasana disayagikeun pikeun buah seger (dessert).[6]

Pedaran[édit | édit sumber]

Cau badak mibanda ngaran anu béda diunggal nagara, saperti : But Jainaleka (Fiji); Kaina Vavina (Papua Nugini); Dwarf Cavendish (Australia) ; Sulay Baguio (Philipina); Pisang Serendeh (Malaysia); Kluai Hom Khico Khom (Thailand); Chuoi Tieu Lun (Vietnam) ; Dwarf Cavendish (International).[7][8]

Cau badak ti mimiti melak nepi ka bisa kaala buahna ngabutuhkeun waktu 13 -15 bulan, kembangna anu sok disebut jantung kelirna beureum ati.[9] Kembang jalu jeung bikang ngahiji, kembang bikang anu napel kana turuy (anu engkena baris jadi cau), kembang jaluna aya di beulah luhurna (engkéna bakal murag).[9] Komposisi jeung kandungan kimia anu dipibanda ku cau badak saperti: dextrose, sucrose, levulose, zat tipung, lemak, vitamin jeung mineral.[9] Cau badak bisa dimangpaatkeun pikeun bahan konsumsi ogé mibanda mangpaat pikeun ubar.[9]

Tempat hirup[édit | édit sumber]

Cau badak bisa jadi kalawan subur di iklim tropis jeung subtropis anu perenahna 0 nepi ka 2.000 m dina luhureun beungeut cai laut.[5]

Musa acuminata asalna ti wewengkon biogeographical Malesia loba kapanggih hirup di Indonesia.[10] Mikaresep iklim tropis baseuh beda jeung Musa balbisiana, hibridisasi éksténsif tina ieu spésiés téh jadi cikal bakalna ampir kabéh kultivar tangkal cau anu aya kiwari.[11] Saterusna ieu spésiés nyebar ka luar kiwari geus teu murni deui ku ayana campur tangan manusa.[10]

Kultivar cau # AAB anu nyebar di sabudeureun Pilipina 4000 taun anu geus kaliwat, ngajadi hiji sabab kaluarna kultivar cau anu béda tur dipikawanoh salaku Maia Maoli atawa Popoulo ieu cau-cau anu hirup di kapuloan Pasifik.[10] Ti Afrika Kulon, maranéhanana diwanohkeun di kapuloan Kanaria anu dibawa ku urang Portugis dina abad ka-16.[10] Ti harita diwanohkeun deui ka Hispaniola (Haiti modérn jeung Républik Dominika) dina taun 1516.[10]

Ciri mandiri[édit | édit sumber]

Cau badak mibanda ciri anu mandiri:

  1. Cangkangna rada kandel, kelirna konéng mibanda totol hideung.[12]
  2. Daging buahna bodas semu konéng.[12]
  3. Buahna amis ngan semu haseum ogé kurang seungit.[12]
  4. Dina saturuy aya 7-9 sikat, beurat dina sasikat 18–14 kg.[12]
  5. Daun cau badak anu kakara ligar beulah luarna katempo kawas belang kelirna beureum ati ieu baris leungit mangsa daunna geus ngolotan.[13]

Mangpaat pikeun ubar[édit | édit sumber]

Cau badak sarua jeung cau séjéna anu ilahar dikonsumsi, sagigireun loba mibanda vitamin jeung mineral.[9] Cau badak ogé mibanda mangpaat séjén:

  • Ngalancarkeun miceun jeung nyingkahan konstipasi.[14]
  • Nurunkeun asam lambung jeung ngubaran gangguan lambung séjénna.[14]
  • Antioksidan jeung antikangker.[14]
  • Nurunkeun kadar kolesterol dina getih.[14]
  • Alus tembahna pikeun getih jeung jajantung.[14]
  • Ngajaga kasaimbangan cai dina awak.[14]

Subspésiés[édit | édit sumber]

Cau badak (Musa acuminata) geus dipelak tur direkahkeun dina mangsa anu kacida heubeulna, ieu taya lian cikal bakal tina cau anu kiwari loba dipiara, mibanda sababaraha subspésiés.[15][16] Aya kana genep nepi ka salapan spésiés anu béda diantarana:[17]

  • Musa acuminata subsp banksii (F. Muell.) Simmonds. = Musa banksii F. Mueller  : Di Samoan dipikawanoh salaku Fa'i Taemanu, kapanggih di kapuloan Indonésia kalér, Papua Nugini, Queensland kalér, sarta Samoa. Hal ieu dianggap mibanda sipat kolotna maternal siga bapa tina subgroup Popoulou jeung maternal indungna tina subgroup cau Maoli.[18]
  • Musa acuminata subsp burmannica Simmonds = Musa acuminata subsp burmannicoides De Langhe : Kapanggih di Burma, India kidul, sarta Sri Langka.[18]
  • Musa acuminata subsp errans Argent = Musa errans Teodoro, Musa troglodyatarum L. var. errans, Musa errans Teodoro var. botoan dipikawanoh ogé ku sebutan cau monyét (saging matsing) jeung (saging chonggo) (duanana hartina cau monyét),[19][19] saging na ligao ( 'cau liar'), di Philipina disebutna agutay.[18] Ieu téh karuhun tina cau-cau anu loba dikonsumsi tina golongan (AA jeung grup AAA) sarta kaasup kana subspésiés anu pikaresepeun alatan kelirna (bulao, gandaria, jeung héjo).[19]
  • Musa acuminata subsp malaccensis (Ridley) Simmonds = Musa malaccensis Ridley Kapanggih dina semenanjung Malaysia jeung Sumatra.[17]
  • Musa acuminata subsp microcarpa (Beccari) Simmonds = Musa microcarpa Beccari Kapanggih di Kalimantan. Ieu téh karuhunna tina cultivar 'Viente Cohol'.[17]
  • Musa acuminata subsp siamea Simmonds Kapanggih di Kamboja, Laos, jeung Thailand.[17]
  • Musa acuminata subsp truncata (Ridley) Kiew
  • Musa acuminata subsp zebrina (Van Houtte) R. E. Nasution: Ilahar disebut cau getih s. Pituin ti pulo Jawa. Dibudidayakeun pikeun tutuwuhan hias.[17] Gebogna ipis, buahna mibanda siki. Ieu salah sahiji cau anu mimiti nyebar ka Pasifik wétan sarta ka Afrika ieu ogé karuhun cau anu aya di Afrika kalér.[17] Di Hawaii ieu cau katelah Mai'a 'oa' , sarta dimangpaatkeun pikeun ubar tradisional .[17]

Dicutat tina[édit | édit sumber]

  1. Edmond de Langhe & Pierre de Maret (2004). "Tracking the banana: its significance in early agriculture". Di Jon G. Hather. The Prehistory of Food: Appetites for Change. Routledge. p. 372. ISBN 978-0-203-20338-5. 
  2. "Build checklist for Musa". World Checklist of Selected Plant Families. Royal Botanic Gardens, Kew. Diakses tanggal 2013-01-22. 
  3. Genetic Diversity of the Wild Banana Musa acuminata Colla in Malaysia as Evidenced by AFLP, by Carol Wong, Ruth Kiew, Jin Phang Loh, Leong Huat Gan, Ohn Set, Sing Kong Lee, Shawn Lum and Yik Yuen Gan
  4. Jonathan, Rig (1862). A Dictionary of the Sunda Language of Java. Batavia: Lange & Co. 
  5. a b Kuswanto, Drs (1995). Bertanam Pisang. Jakarta: Ganeca Exact. 
  6. Santoso, Hieronymus Budi (1995). Teknologi Tepat Guna CUKA PISANG. Yogyakarta: Kanisius. ISBN 979-497-439-0. 
  7. T. K., Lim (2012). Edible Medicinal And Non Medicinal Plants: Volume 3, Fruits. New York: Springer Science & Business Media. ISBN 978-94-007-2533-1. 
  8. Valmayor, R.V; S.H. Jamaludin, B.Silayoi, S.Kusumo, L.D. Danh, O.C. Pascua, and R.R.C Espino (2000). Banana cultivar names and synonyms in Southeast Asia. Philipina: Bioversity International. ISBN 971-91751-2-5. 
  9. a b c d e A. N. S., Thomas (1989). Tanaman obat tradisional, Volume 2. Yogyakarta: Kanisius. ISBN 979-413-809-6. 
  10. a b c d e Molina, A.B. (2000). Advancing Banana and Plantain R and D in Asia and the Pacific. Philipina: Bioversity International. p. 57-60. ISBN 971-91751-3-3. 
  11. Noël Kingsbury (2009). Hybrid: the history and science of plant breeding. University of Chicago Press. pp. 31–32. ISBN 978-0-226-43704-0. 
  12. a b c d Cahyono, Bambang; - (2009), Pisang, Usaha Tani dan Penanganan Pascapanen, Kanisius, ISBN 978-979-21-2037-0 
  13. N.W. Simmonds (1962). "Where our bananas come from". New Scientist (Reed Business Information) 16 (307): 36–39. ISSN 0262-4079. https://books.google.com/books?id=ooQ6YhL3rtMC&lpg=PA1&pg=PA36#v=onepage&q&f=false. Diakses pada June 11, 2011. 
  14. a b c d e f Satriaty Wirakusumah, Emma (2006). Jus buah & sayuran: 148 resep jus untuk menjaga kesehatan dan kebugaran anda. Jakarta: Niaga Swadaya. ISBN 979-3927-04-6. 
  15. Chandramita Bora. "History of Bananas". Buzzle. 
  16. http://www.clas.ufl.edu/users/krigbaum/6930/mbida_etal_jas_2000.pdf
  17. a b c d e f g Randy C. Ploetz; Angela Kay Kepler; Jeff Daniells; Scot C. Nelson (2007). "Banana and plantain — an overview with emphasis on the Pacific island cultivars". Species Profiles for Pacific Island Agroforestry (Traditional Tree Initiative). http://www.agroforestry.net/tti/Banana-plantain-overview.pdf. Diakses pada June 5, 2011. 
  18. a b c Valérie Kagy & Françoise Carreel (2004). [www.ethnobotanyjournal.org/vol2/i1547-3465-02-029.pdf "Bananas in New Caledonian Kanak Society: Their Socio-Cultural value in Relation with their Origins"]. Ethnobotany Research & Applications 2: 29–35. www.ethnobotanyjournal.org/vol2/i1547-3465-02-029.pdf. Diakses pada June 5, 2011. 
  19. a b c "Progenitors of Edible Bananas". Guide to Growing Bananas. November 1, 2010. Diakses tanggal January 12, 2011. 


Nulis.jpg