Jaat

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Jaat
Kecipir, Psophocarpus tetragonolobus
Padabeunghar, Pasawahan, Kuningan
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
Divisi:
Kelas:
Ordo:
Kulawarga:
Subfamili:
Génus:
Spésiés:
P. tetragonolobus
Ngaran binomial
Psophocarpus tetragonolobus
Sinonim[6]

Jaat (Psophocarpus tetragonolobus (L.) D.C.) nyaéta salah sahiji tangkal anu ngarambat anggota tina kulawarga Fabaceae (Leguminosae). Pucuk jeung buah ngorana (polong) dimangpaatkeun pikeun sayuran ogé lalab. Di Sumatera jaat téh ngarana kacang botol atawa kacang belingbing (Sumatera beulah kulon, jeung Minangkabau[7]), kacang embing sebutan urang (Palembang), Unggal daérah béda-béda nyebutkeun ieu jaat di antarana waé ; cipir, cicipir, kěcipir (basa Jawa); kělongkang (basa Bali), jeung biraro (Manado, Ternate);[8] kacang botor, k. botol, jeung k. kumbotor (Basa Melayu Pontianak). Dina basa Inggris katelah Winged bean, Winged pea, Four-angled bean (ieu dumasar kana wujudna); aya ogé dingaranan Goa bean jeung Asparagus pea.

Ciri mandiri[édit | édit sumber]

Gambar jaat dijieun ku Blanco

Tutuwuhan ieu hirupna ngarambat, meulit kana turus, wujudna ngarungkun. Dina budidaya atawa ngahaja melak sok dipaké turus pikeun ngarambat, Tapi umpamana diantepkeun ngampar bisa nguyupuk nutupan taneuh atawa lahan mangpaatna bisa waé pikeun ngahalangan jukut atawa hama supaya henteu bisa ngarekahan. Tangkalna buleud, aya bukuan (ruasan), hampos henteu jadi kai, Panjangna bisa nepikeun ka 4 m. Akarna loba, ngapar handapeun taneuh ieu akar ogé sakapeung ngagedéan mangrupa beuti (umbi).

Kembang anu ngaranggeuy

Daun-daun selang seling dina sagagang ngajéjér tilu lambar; gagang daun 3–12 cm, rakis 1,5–5,5 cm. Anak-anak daun lonyod rada tirus mangrupa segitilu, 4–15 cm × 3.5–12 cm, sakapeung aya ogé anu rada buleud, méncos ka tungtungnakeun; kelirna héjo. kembang jiga kukupu, dina sagagang kembang eusina 2–10 kembang anu bijil tina sela-sela gagang daun jeung tangkal, Kembangna anu ngaranggeuy dina gagang panjangna kurang leuwih 5–15 cm, rakisna 1–10 cm, aya buluan saeutik. Kembangna (klaminan) dua, gagang kembang panjangna 5 mm; Palapah kembang jiga pipa panjangna 4–6 mm, wujuda henteu rampak (sarua), antara 2 mm, héjo nepika beureum -bungur kolot; mahkota biru, biru pias, krém, atawa rada beureum, benang sari 10, dina dua tukal (9 + 1); pibuaheuna nongtot. Buah polong guguratan manjang sakapeung lonyod, wujudna segi opat kalawan unggal juruna mibanda samodél jang-jang anu rérégéan, 6–40 cm × 2–3,5 cm, kelirna héjo dina mangsa ngora tuluy robah jadi hideung jeung ngagaringan dina mangsa geus kolot, sikina aya 5–21 siki. Ku lantaran buahna aya samodél jangjangan jeung rérégéan tungtungna, sakapeung ieu buah jaat sarimbagan jeung buah balingbing, malahan di Sumatera mah ieu buah dipiwanoh ngarana ku kacang bělingbing (Basa Minangkabau).[7] Sikina buleud ukurana 5–10 mm, kelirna aya anu konéng, coklat aya ogé anu hideung, sakapeung ogé aya anu bodas, ieu buah Jaat sawaréhna aya nu totolan (berbintik).

Mangpaat[édit | édit sumber]

Buah Jaat ngora (Polong) siap di sayur

Di Indonesia, jaat ngahaja dipelak pikeun dipanén buah ngorana, pucuk jeung daun ngora pikeun lalab jeung bahan pecel, urab, atawa campuran sayuran séjéna [8][9] Numutkeun Rumphius, beuti (umbi) tina akar jaat bisa di dahar tapi saméméhna kudu dikulub heula, jeung ieu beti jaat téh kudu diala saméméh buahna karolot [8]. Rasa beuti jaat sarua jeung bangkuang .[9] Siki jaat anu karolot bisa ogé didahar tapi saméméhna kudu disangray heula (Sd. botor, Jw. cipir) [8].

Daunna mibanda hasiat pikeun ubar. Ekstrak daun jaat baheula bisa dipaké ngubaran panon bareuh jeung ngubaran nyeri ceuli. Daun jaat anu dirieus terus dicampurkeun jeung buah adas pulasari dipaké pikeun ngubaran bisul.[8] Siki jeung daunna mibanda flavonoid, saponin, jeung tanin.

Jaat digolongkeun kana tutuwuhan anu dimangpaatkeun pikeun nutupan taneuh bisa ogé pikeun dijieun gemuk héjo (organik) anu alus tur eféktif ku sabab gancang jadina tur kaasup kana pameungkeut nitrogen anu hadé. Dina prakna budidaya, tangkal jaat henteu mikabutuh gemuk sama sakali.

Kandungan kimiawi[édit | édit sumber]

Siki jaat mibanda kandungan protein anu loba (27,8-36,6%), ogé kandungan lemakna (14,8-17,9%), zat-zat ieu sarua dipibanda ogé ku kacang kadelé. Malahan siki jaatmah mibanda kandungan séjén nyaéta fosfor, kalsium,[7] jeung magnesium. Kandungan kalsium anu panglobana ayana dina daunna.[10] Tangkal jaat ogé mibanda karbohidrat, vitamin C, tur tocopherol mangrupa antioksidan anu mangaruhan kana awak leuwih loba nyerep vitamin A anu alus pikeun kaséhatan panon.[7] Unggal 100 g polong ngora ogé ngandung vitamin A (340-595 SI), zat beusi (0,2-12,0 mg), vitamin C (21-37 mg), ogé sababaraha vitamin sareng mineral penting sanésna. [11] Salaku sayuran, polong ngora henteu ngan ukur unggul dina hal gizi, tapi ogé dina rasa anu khas. Dibandingkeun sareng bagian sanésna, siki jaat anu kolot ngagaduhan komposisi nutrisi anu pangsaéna, tapi sanaos kitu kirang dikonsumsi tibatan tina polong ngorana. Sikina anu kolot seueur dianggo salaku binih tibatan kadaharan. [11]

Sikina kacang jaat ngandung nutrisi sapertos protéin , gajih , karbohidrat , vitamin sareng mineral anu lumayan luhur upami dibandingkeun sareng polong ngorana, beuti , kitu ogé daun . [11] Kandungan protéin sareng karbohidrat tina siki jaat malah dipalar bisa ampir sami sareng kécap. [11]

Asal muasalna[édit | édit sumber]

Beuti tangkal jaat dijual dipasar lokal Burma.

Para ahli tacan méré kacindekan anu buleud ngeunaan asal muasal ieu tangkal jaat; utamana tacan dipanggihan/kapangging tangkal jaat anu hirupna liar, kabéh anu kapanggih mangrupa hasil tina budidaya. Panglobana ruma tangkal jaat Indonésia ayana diPapua, diwilayah pagunungan wetan nagara India, ogé wilayah Burma anu mangrupa tatanggana; ku lantaran ieu ogé para élmuwan boga panyangka yén wilayah-wilayah éta pisan mangrupa puseur domestikasina. Tapi numutkeun Setijati Sastrapradja, Jaat téh asalmuasalna ti Indonesia jeung Papua Nugini. Kecipir loba kapanggih dibudidayakeun di Asia Tenggara Salian taneuhna subur ogé cukup cahaya panon poe. Tangkal Jaat bisa alus dipelakeun dina 1000 mdpl.[9] Dina taun '80-an di Indonesia, jaat ieu dipaké pepelakan sela tanaman sela di antara pepelakan di pakarangan. Patani-patani geus apal kana harga jaat anu alus, Hanjakal dina témpo ngajual henteu ramé jiga engkol atawa kangkung, antukna tangkal jaat ieu henteu penah dipelak dina ukuran loba jeung lega.[7] Sawaréh para ahli boga kayakina anu mana ieu tangkal jaat kaasup kana kulawarga Psophocarpus snu lisn ti Afrika, aya deui anu nyebutkeun jaat dina mangsa liarna aya di Asia tapi kiwari geus tumpur.




Referensi[édit | édit sumber]

  1. de Candolle, A.P. & A. de Candolle 1825. Prodromus systematis naturalis regni vegetabilis, sive, Enumeratio contracta ordinum generum specierumque plantarum huc usque cognitarium, juxta methodi naturalis, normas digesta. Pars 2: 403. Parisii :Sumptibus Sociorum Treuttel et Würtz,1824-73.
  2. Rumpf, G.E. 1741-50. Herbarium Amboinense :plurimas conplectens arbores, frutices, herbas, plantas terrestres ... Pars 5: 374, Tab. 133. Amstelaedami : Apud Fransicum Changuion, Hermannum Uytwerf.
  3. Linne, C. von. 1759. Systema naturae per regna tria naturae :secundum classes, ordines, genera, species, cum characteribus, differentiis, synonymis, locis.. T. 2: 1162. Editio Decima, Reformata. Holmiae : Impensis Laurentii Salvii.
  4. Kuntze, C.E.O. 1891. Revisio Generum Plantarum: vascularium omnium atque cellularium multarum secundum leges nomeclaturae internationales cum enumeratione plantarum exoticarum in itinere mundi collectarum ... 1: 162. Leipzig.
  5. Graham, R. 1832. A Numerical List of dried specimens of plants in the East India Company's Museum: collected under the superintendence of Dr. Wallich of the Company's botanic garden at Calcutta. London. n. 5540. [1831-32]
  6. "The Plant List: A Working List of All Plant Species".  Archived 2021-10-23 di Wayback Machine
  7. a b c d e Soeseno, Slamet (1985). Sayur-Mayaur untuk Karang Gizi. hal.28 – 30. Jakarta:Penebar Swadaya.
  8. a b c d e Heyne, K. 1987. Tumbuhan Berguna Indonesia 2: 1068-69. Badan Penelitian dan Pengembangan Kehutanan, Bogor. (edisi 1916: 348)
  9. a b c Sastrapradja, Setijati; Lubis, Siti Harti Aminah; Djajasukma, Eddy; Soetarno, Hadi; Lubis, Ischak (1981). Sayur-sayuran. 6:54 – 55. Jakarta:Balai Pustaka bekerjasama dengan LBN-LIPI.
  10. Ibuki F, M Kotaru, KK Kan, T Ikeuchi, M Kanamori. 1983. Chemical composition of winged bean (Psophocarpus tetragonolobus) varieties. J. Nutr. Sci. Vitaminol (Tokyo). 1983 Oct; 29(5) : 621-9.
  11. a b c d Astawan, MS, Prof. Dr. Ir Made (2009). Sehat Dengan Hidangan Kacang Dan Biji-bijian. Jakarta: Niaga Swadaya. p. 70. ISBN 9789790023666.  Disungsi4 Maret2021

Tutumbu Kaluar[édit | édit sumber]

Wikimedia Commons logo
Wikimedia Commons logo
Wikimedia Commons mibanda média séjénna ngeunaan