Kumeli jawa

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Kumeli jawa (Kentang hitam)
Kembang kumeli jawa
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
Divisi:
Kelas:
Ordo:
Kulawarga:
Génus:
Spésiés:
P. rotundifolius
Ngaran binomial
Plectranthus rotundifolius
(Poir.) Spreng.
Sinonim

Referensi:[1][2][3][4]

  • Coleus dysentricus Baker
  • C. pallidiflorus A. Chev.
  • C. parviflorus Benth.
  • C. rugosus Benth.
  • C. tuberosus Bth. non Rich.
  • Plectranthus coppinii Heckel
  • P. coppinii Cornu
  • P. tuberosus Blume
  • Solenostemon rotundifolius (Poir.) J.K. Morton

Kumeli jawa; hui jawa; hui kentang; (Plectranthus rotundifolius) nyaéta ngaran hiji tutuwuhan anu asalna tina kulawarga lamiaceae. [5]Ieu tutuwuhan kagolongkeun terna tangkalna ngampar luhureun taneuh, kalawan beutina bisa dimangpaatkun salaku gaganti sangu. Bagéan tina ieu tutuwuhan anu remen dimangpaatkeun tayalian beutina, remen dimangpaatkeun pikeun bahan campuran sayur lodéh, sayur asem, sarta olahan séjénna. Ilaharna kumeli jawa dipelak sabada réngsé melak paré.[1]

Ngaran séjén[édit | édit sumber]

Kumeli jawa mibanda ngaran anu rupa-rupa, kayaning : gombili (Gy.), ogé kěntang jawa (Mly.), hombili (Btk.), kěmbili (Ac. sarta Mng.), kĕntang kĕmbili, kĕntang kumĕli (Btw.), hui kěntang (Sd.), kambili, jeung daun sabrang (Jatim), gombili, ogé obi sola (Madura), sabrang (Bali),[2] gěmbili, kěntang irěng, kumbili jawa, kěntang klici (Jawa), kombili (Maluku), sěbrang (Lombok),[1][4][6]

Ciri mandiri[édit | édit sumber]

Kumeli jawa atawa anu katelah kentang hitam mangrupa beubeutian anu tangkalna ngampar luhureun taneuh sakapeung ngarungkun jangkung 40–100 cm.[4] Tangkalna ajeg, rada katempo ngarambat, lubak, masagi opat, kandel, sarta rada bau.[2]

Daun-daunna nunggal, kandel, bermembran, bijil pasingareup-singareup paselang seling, wujudna buleud endog, palebah luhur kelirna héjo kolot sarta héjo ngora palebah handapna. Panjang 2–4 cm sarta rubak 3–6 cm, rada buluan, tulang daun kawas cucuk lauk/menyirip.[2]

Kembangna laleutik kelirna bungur, gagangna panjang kurang leuwih 1–2 mm, ogé buluan. Kelopak wujudna béntang, mahkota wujudna kawas biwir, kelirna bungur kolot aya ogé anu ngora, kalawan panjangna 7-10(-12) mm wujudna kawas solobong rada ménkol. Kembangan di bulan Pébruari-Agustus. Beutina leutik, kelirna coklat, jeung daging beutina bodae. Panjangna 2–4 cm. Akarna serabut.[1][2][4]

Sebaran, habitat, jeung ngarintahkeun[édit | édit sumber]

Beuti kumeli jawa anu dirabut
Kembang kumeli jawa

Ieu tutuwuhan pituin ti nagara India, tuluy nyebar ka Madagaskar, jeung Malaysia. Pilipina, dan Maluku. Di Indonesia, loba kapanggih dipelak di Banten, Jakarta, Magelang, Sumatra, Jawa, Yogya, jeung Bali. Hirup kalawan subur di daérah anu perenahna 40-1300 mdpl mikaresep daérah anu iklimna panas. Anu puguh mah, Rumphius nyebutkeun cenah ieu tutuwuhan geus dipelak dina waktu anu geus lila.[1][4] Numutkeun ka Heyne nuliskeun ceuk Rumphius, ieu tutuwuhan utamana loba dipelak di Jawa jeung Bali. Sakali deui, Heyne ogé nyokot tulisan Rumphius de Bie (De Landbouw der Inladsche Bevolking op Java [Pertanian dlm Masyarakat Jawa], 1901-02, jilid I:107), Yén tutuwuhan ieu loba dipelak di persawahan Batavia (kiwari Jakarta).[6]

Kumeli jawa anu geus diberesihan

Kumeli jawa dirintahkeun atawa dipelakeun kujalan di seték tanhkalna, dina waktu saminggu ogé ieu tutuwuhan geus sirungan. Setekan tangkal Kumeli pibiniheun sahenteuna kudu mibanda tilu buku, panjangna kurang leuwih 15 cm, sarta dipelakeun dina mimiti datang usum hujan. Taneuh anu bakal dipelakan saméméhna kudu dijieun gundukan. Jarak unggsl gundukan kurang leuwih 50 cm. Bisa ogé dibinihkeun tina beutina anu ngora kénéh, tuluy dicecebkeun dina lombang taneuh anu hipu jarakna kurang leuwih : 30 × 30 cm, unggal lombang dieusian 3 siki.[6][7] Dimana umurna nincak sabulan atawa leuwih , jukut-jukut anu jaradi kudu dirambétan. Mangsa umurna nincak 2 bulan, sagigireun jukut jukut a anu diberesihan ogé kudu bari dibumbun. Nincak umurna opat bulan, Kumeli jawa kakara bisa diarah hasilna beuti na.[6][7]

Sajarah[édit | édit sumber]

Numutkeun kana sajarahna, baheula urang Portugis manggihan ieu tutuwuhan loba hirup di basisir Koromandel ogé katempo hirup di Sailan, sanajan teupati loba. Bisa waé ieu tutuwuhan dibawa ku urang Arab nepi ka India, kitu deui ku urang Portugis dibawa nepi ka Malaka. Urang Portugis mawa kumeli Jawa salaku kadaharan impor anu hadé dipelak di iklim garing.[8]

Guna jeung mangpaat[édit | édit sumber]

Ceuk Karel Heyne dina bukuna "De nuttige " (IV:133-34) nyebutkeun cenah urang Indonésia melak kumeli jawa pikeun campuran sayur. Kumeli jawa gedéna timimiti sagedé kaléci nepi keun ka sagedé peureup budak, ieu kumeli wujudna pating jarendul. Kulit beuti kelirna hideung, ari jerona mah bodas. Daunna remen dimangpaatkeun pikeun campuran nyieun ubar. [6] Salaku zat pati, Kumeli jawa bisa dipaké pikeun opieun/penganan soré anu saméméhna diasakan heula .[7] Kumeli jawa/kentang hitam bisa ogé langsung didahar pikeun lalapan.

Kumeli ngora jeung Kumeli kolot béda dina pamangpaatanna anu ngora mah dipaké pikeun campuran sayur lodéh, sayur asem, jeung sajabana. Kumeli nu kolotna dikeueum an heula dina cai apu, dikulub, kakara bisa didahar. [1] H. Keng geus nyatet (1978) dina "Flora Malesiana", nyebutkeun cenah Kumeli nu kolotna dipaké gaganti kentang sarta disiksikan salaku bakso. Kumeli jawa ulah didahar loba teuing, bisi nyeri beuteung atawa bunghak.[4]

Dina hubunganna jeung ubar, kumeli bisa dimangpaatkeun pikeun ubar bareuh, kucara diparud heula tuluy beunang marudna ditaplokeun palebah anu bareuh. Numutkeun panalungtikan, dipikanyaho beuti jeung daun kumeli jawa mibanda saponin, flavonoida, jeung polifenol.[2] Kumeli jawa ogé mibanda antioksidan anu natural sarta antikanker anu ayana tina sari pati etanol daging jeung kulitna kitu deui antioksidan sarta aktivitas antiproliferatif anu dijieun tina sari pati etanol kulit kalawan dosis anu ditangtukeun. Sagigireun éta, kumeli Jawa ogé mibanda fitosterol jeung asam maslinat (maslinic acid).[9]

Dicutat tina[édit | édit sumber]

  1. a b c d e f Sastrapradja, Setijati; Soetjipto, Niniek Woelijarni; Danimihardja, Sarkat; Soejono, Rukmini (1981). Proyek Penelitian Potensi Sumber Daya Ekonomi:Ubi-Ubian 7:46 - 47. Jakarta:LBN - LIPI bekerja sama dengan Balai Pustaka. OCLC 66246398
  2. a b c d e f "Coleus tuberosus Benth." (PDF). Departemen Kesehatan. 14 November 2001. Diakses tanggal 23 Mei 2014.  Archived 7 Désémber 2008 di Wayback Machine
  3. "Plectranthus rotundifolius (Poir.) Spreng.". The Plants List. Diakses tanggal 21 May 2014.  Archived 16 Séptémber 2019 di Wayback Machine
  4. a b c d e f Keng, H. (1974 – 78). "Labiatae". Flora Malesiana (Belanda: Sijthoff & Nordhoff International Publisher) 8 (1): 301 – 94. https://archive.org/stream/floramalesiana83stee#page/388/mode/2up. 
  5. Karl Hasskarl, Justus (1845). Aanteekeningen over het nut, door de bewoners van Java aan eenige planten van dat eiland toegeschreven. Universitas Oxford: J. Müller. p. 84.  Disungsi8 April 2021
  6. a b c d e Heyne, Karel (1913). De nuttige planten van Nederlandsch-Indië 4:133 – 34. Batavia:Ruygrok & Co.
  7. a b c Soeseno, Slamet (1985). Sayur-Mayur untuk Karang Gizi. hal.104-105. Jakarta:Penebar Swadaya.
  8. "LAMIACEAE: Solenostemon". Plants for Use. Diakses tanggal 25 Mei 2014. 
  9. Nugraheni, M.; Santoso, U.; Suparmo; Wuryastuti (2011). "Potential of Coleus tuberosus as an antioxidant and cancer chemoprevention agent". International Food Research Journal 18 (4): 1471 – 1480. http://www.ifrj.upm.edu.my/18%20(04)%202011/(37)IFRJ-2011-288.pdf. 

Tutumbu ka luar[édit | édit sumber]

Citakan:Tumbuhan-stub