Cabé jawa

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Cabé jawa
Cabé jawa
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
Divisi:
Kelas:
Ordo:
Kulawarga:
Génus:
Spésiés:
P. retrofractum
Ngaran binomial
Piper retrofractum

Cabé jawa; cabé areuy; cabé jamu; Piper retrofractum Vahl nyaéta tangkal nu asalna tina kulawarga Piperaceae.[1] Cabé jawa mibanda ngaran daérah séwang-séwangan, urang Sumatra nyebutna lada panjang; cabai jawa, urang Jawa nyebutna cabean; cabe alas, urang Makasar nyebutna cabia, urang Madura nyebutna cabe solah, jeung réa-réa deui.[1]

Kaasup tatangkalan asli ti Indonesia ilaharna ngahja dipelak di buruan, kebon, atawa di tegalan.[1] cabé jawa bisa hirup kalawan subur dina taneuh nu perenahna 600 m dpl, utamana mikaresep taneuh nu ngandung lempung atawa keusik saperti di daérah sabudeureun basisir.[1] Ngarekahkeun atawa melakna bisa ku jalan nancebkeun binih tina tangkalna/areuy beunang motong (stek), bisa ogé ngipuk tina sikina.[1]

Di Indonésia hususna tangkal cabé jawa bisa hirup dina kaayaan taneuh nu kumaha waé, naha di daérah pigunungan atawa daérah landeuh.[2] Béda jeung cabé beureum atawa céngék, cabé jawa mah mingkin kolot umurna mingkin loba waé buahna.[2]

Ciri mandiri[édit | édit sumber]

Daunna salambar bijil tina cupatna, wujudna lonyod, palebah puhuna semu buleud kalawan méncos ka tung-tung nakeun, palebah luhur daun leucir sedengkeun nu handapna borontok, panjang 8,5 – 30 cm rubak 3 – 13 cm, kelirna héjo.[1]

Tangkana nahun, hirup ngarambat ngawangun areuy bisa mapay kana tangkal kai atawa ngahaja maké turus.[2] jangkungna bisa nepi ka 10 méter.[1] Cabé jawa bisa buahan leubeut utamana di wewengkon nu mibanda PH taneuh 5,5-7,5 kalawan lobana hujan 1200-2500 ml dina sataun, taneuhna ngeprul kalawan perenahna 1600 dpl sarta dina kaayaan jemlék 40-80%.[2]

Buahna buleud panjang méncos ka tung-tungna, reregetan, panjang 2–7 cm, cupatna panjang, buah nu ngora kénéh kelirna héjo, teuas sarta racana lada, tuluy engkéna robah jadi konéng mangsa geus ngolotan robah deui kelirna jadi beureum, hipu tur rasana amis, sikina buleud garepéng, teuas, kelirna coklat semu hideung.[1]

Hasiat jeung kagunaan[édit | édit sumber]

Buah cabé jawa nu tacan asak geus tibaheula dimangpaatkeun pikeun ngubaran nyeri (analgesik), diuretik , ngurangan rasa tiris, ngala késang (diaforetik), hésé hitut (karminatif), afrodisiak, jeung sajabana.[1][3]

Akarna ogé mibanda rasa haneut tur bisa dimangpaatkeun pikeun nambahan tanaga (tonik), diuretik, stomakik, sarta ngalancarkeun datang bulan (emenagog).[1]

Ku ieu hasiatna, cabé jawa kaasup salah sahiji bahan pikeun nyieun ubar jeung jajamu.[4] Utamana masyarakat di Jawa, Madura, Sulawesi, jeung Ambon geus ti baheula kénéh ngagunakeun cabé jawa pikeun bungbu.[4]

Sababaraha kasakit bisa diubaran maké campuran Cabé jawa, kayaning:

Kandungan kimia[édit | édit sumber]

Rasa lada dina cabé jawa, ku lantaran aya zat nungarana piperine, ogé ngandung zat séjén kayaning: chavicine, palmitic acids, tetrahydropiperic acids, 1-undecylenyl-3, 4-methylenedioxy benzene, piperidin, minyak asiri, N-isobutydeka-trans-2-4-dienmide, jeung sesamin.[4][5]

Cara melak jeung miara[édit | édit sumber]

Bibit[édit | édit sumber]

Binih cabé jawa bisa ngagunakeun sikina atawa neukteuk tangkal/areuyna.[2] Binih beunang nyeték, hadéna mah ditancebkeun dina taneuh beunang nyokot tina deukeut susulur.[2] Tangkal nu baris di sték kudu sehat, mibanda buah leubeut, kalawan henteu ku hama.[2]

Tempat[édit | édit sumber]

Tempat melakeun cabé jawa bisa dina taneuh urut sawah atawa kebon, jieun heula kamalirna kurang leuwih 30 cm panjangna mah gumantung panjang lahan.[2] Gunana pikeun nyingkahan cai sangkan henteu naneum, kulantarn bakal goréng kana tangkalna (bisa jadi buruk) malahan nepika paéhna.

Turus[édit | édit sumber]

Turus kawilang penting ku lantaran tangkal cabé jawa mah hirupna ngarambat, Turus jangkungna 2 meter bisa dijieun tina kai, patok beton, atawa tangkal hirup (dadap, kélor, jeung sajabana).[2] Cabé jawa umur 3 bulan, téréh gedé/morontod.[2] Umpama maké turus tina tangkal hirup, kudu ditancebkeun ti saméméhna kénéh geus dipelakeun sangkan teu ka udag ku tangkal cabé.[2]

Melakeun[édit | édit sumber]

  • Sayagikeun liang handapeun turus, ukuranna kurang leuwih 30x30 cm kalawan jerona 20 cm.
  • Asupkeun kompos jeung gemuk organik kana liang
  • Purulukan apu dolomit sangkan taneuh henteu haseup
  • Antepkeu heula saminggu
  • Tanceb keun binih cabé jawa beunang ngipuk saméméhna
  • Kurungan maké gebog cau sangkan binih teu katojo teuing ku panon poé
  • Cébor sangkan taneuh jemlék kurang leuwih dua poé sakali.[2]

Ngagemuk[édit | édit sumber]

Nincak umur 3 bulan ti saprak melak tangkal cabé jawa kudu digemuk, alusna mah maké campuran gemuk organik jeung anorganik.[2]

  • Gemuk Organik (pupuk kandang) : umur tangkal kurang ti sataun, satangkal gemuk na cukup 5 kilo.[2] Mangsa umurna geus leuwih ti sa taun nincak ka dua taun, satangkal gemukna dibere 15 kilo.[2]
  • Gemuk kimia (Anorganik) umur tangkalna kurang ti staun, satangkalna dibere gumuk 50 gr (Oréa, SP36, KCL) bandinganna (1:1:1).[2] Mangsa umurna geus leuwih ti sa taun nincak ka dua taun, satangkal gemukna dibere 75 gr bandinganna dirobah jadi (2:1:2).[2]

Susulur[édit | édit sumber]

Susulur (rambatan) dijieun tina gebog cau, maksudna pikeun pamuntangan tangkal cabé jawa nu kakara jadi atawa ngarambat sangkan meulit kana turusna.[2] Gebog cau mah moal ieuh ngaganggu kana pepelakan ku lantaran engkéna buruk tur pegat.[2]

Baca ogé[édit | édit sumber]

Dicutat tina[édit | édit sumber]

  1. a b c d e f g h i j Dalimartha, Setiawan (1999). Atlas tumbuhan obat Indonesia. Cimanggis, Depok: Direktorat Jenderal Kebudayaan. p. 24. ISBN 9789796610518. Ditempo kaping17 Januari 2018
  2. a b c d e f g h i j k l m n o p q r s "CARA MENANAM CABE JAWA Agar Cepat Berbuah Lebat [Tanaman Herbal Berharga Selangit]". Bertaniorganik. 28 Jan 2017. Diakses tanggal 17 Januari 2018.  Archived 14 April 2018 di Wayback Machine
  3. "6 Manfaat Cabe Jawa Untuk Kesehatan Yang Tidak Terduga". Jamuin. 8 Juli 2017. Diakses tanggal 17 Januari 2018.  Archived 2018-01-28 di Wayback Machine
  4. a b c d Kurniawati, Tim Redaksi Qanita, Nia (2010). Sehat & Cantik Alami Berkat: Khasiat Bumbu Dapur. Cimanggis, Depok: Qanita. p. 24. ISBN 9786028579285. Ditempo kaping17 Januari 2018
  5. Jonathan, Rigg; Jonathan (1862), A Dictionary of the Sunda Language of Java, Universitas Harvard: Bataviaasch Genootschap van Kunsten en Wetenschappen, p. 75