Dadap

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Jump to navigation Jump to search
Dadap
Dadap, Erythrina variegata.
digambar ku Blanco.
Klasifikasi ilmiah
Karajaan: Plantae
Divisi: Magnoliophyta
Kelas: Magnoliopsida
Order: Fabales
Kulawarga: Fabaceae
Subfamily: Faboideae
Tribe: Phaseoleae
Génus: Erythrina
Spésiés: E. variegata
Ngaran binomial
Erythrina variegata
L.
Sinonim

E. indica Lam.
E. variegata var. orientalis (L.) Merr.

Dadap (Erythrina variegata) nyaéta tangkal anu asalna tina kulawarga Fabaceae.[1] Loba kapanggih dimangpaatkeun pikeun pager hirup jeung tangkal pangiuhan di sisi jalan.[1] Urang Jawa nyebut dadap téh dadap ayam atawa dadap laut; urang Madura nyebutna theutheuk ; di Bali disebutna dalungdung; di Timor disebutna deris; urang Maluku nyebutna galala itam.[1]

Di sababaraha Nagara Asia, tangkal dadap ogé loba kapanggih hirup kalawan mibanda ngaran atawa sebutan anu béda-béda: dapdap, andorogat (Fil.); th'ong banz (Laos (Sino-Tibetan)); thong baan, thong laang laai, thong phueak (Thai); penglay-kathit (Burma); Indian coral tree, variegated coral tree, tiger's claw (Ingg.); arbre au corail, arbre immortel (Fr.) jeung réa-réa deui.[1]

Tangkal dadap hirup kalawan subur di daérah anu jemlék rada garing meueusan, kalawan turun hujan 800 – 1500 mm dina sataun atawa 5-6 usum hujan. Loba kapanggih hirup ti mimiti sisi basisir anu perenahna 1500 m dpl (luhureun beungeut cai laut). Dadap bisa hirup dina taneuh anu keusikan, ngandung uyah, taneuh anu mindeng kakeueum ku cai, kitu ogé taneuh apu.[2]

Pedaran[édit | édit sumber]

Tangkal dadap déwasa jangkuna kurang leuwih 15–20 m kalawan gedé tangkalna 50–60 cm.[3] Tangkalna anu masih ngora kénéh kelirna héjo semu paul, coklat ngora, aya ogé semu bodas.[3] Mangsa geus ngolotan tangkalna bijil cucuk laleutik (1–2 mm) kelirna hideung.[3] Dadap mah tangkalna henteu pati kékép, dauna ngajumpluk, tur ngarangrangan mangsa datang usum halodo.[3]

Daun bijil tilu lambar dina cacupat, kelirna héjo tur hejo ngora mangsa pucuk kénéh, gagang daun ka cupatna panjang kurang leuwih 10–40 cm.[4]

Kembangna bijil tina tungtung régang, ngaranggeuy wanguna lencop, ngéntép dina sikatanna, ieu kembang téh ilaharna merentis mangsa daunna ngarangrangan.[4] kelirna beureum euceuy nepika beureum kolot, mangsa geus ligar gedena 5,5-8 × 8 cm.[4] Sikina aya dina jero polong anu kandel tur kelirna semu hideung, ngarempet ngawangun siki-siki anu aya disajerounna, 15–20 cm × 1.5–2 cm, dina unggal polong aya 5-10 siki wanguna kawas endog lalonyod, kelirna kopi, aya ogé anu beureum, gandaria kolot.[2]

Kagunaan[édit | édit sumber]

Tangkal dadap dimangpaatkeun pikeun pangiuh di kebon-kebon kopi jeung coklat, tangkal rambatan pedes, seureuh, paneli atawa hui gadung.[2] Bisa waé dipaké tihang-tihang pager hirup.[2] Di daérah pasifik mah tangkal dadap dimangpaatkeun pikeun ngurangan tarikna angin.[3]

Tangkal dadap ngahasilkeun kai anu kelirna bodas, watekna hampang (BJ 0,2-0,3), hipu, sok dimangpaatkeun pikeun nyieun kukumbul, soko boboko, peti-peti wadah buah, pigura, jeung rupa-rupa kaulinan budak.[1] Kadieunakeun kai dadap geus dicoba ogé pikeun nyieun bubur kertas pulp.[2] Kai dadap mah teubisa dipaké pikeun suluh ku lantaran besem tur ngelun haseupna.[1][2]

Dauna bisa dimangpaatkeun pikeun ibu-ibu anu keur nyusuan sangkan loba cai susuna, ngubaran anu hése saré, kembangna ogé bisa dimangpaatkeun pikeun ngalancarkeun datang bulan atawa haid.[5] Nginum cai peresan daun dadap tuluy dicampurkeun jeung madu bisa nyageurkeun panyakit cacingeun jeung peujit murilit (disentri).[2] Daun beunang ngaleumpeuh (didéang dina seune lepika layu) tuluy ditaplokeun kanu karasa nyeuri alatan reumtik.[2]

Daun-daun dadap ogé dimangpaatkeun pikeun parab ingon-ingon ogé gemuk pepelakan.[6] Ieu alatan dina daun dadap mibanda protein jeung nitrogen kawilang loba.[6] Dadap anu gedé mejeuhna bisa dituar 3-4 kali dina sataun, kalawan ngahasilkeun 15-50 kg parab ingon-ingon dina sataun.[6] Salila ieu daun dadap tacan aya kabejakeun ngabalukarkeun weureu pikeun ingon-ingon (toksik) .[2] Melak tangkal dadap diburuan bisa ngabantu nyuburkeun taneuh ku sabab, bakteri Bradyrhizobium anu aya dina tangkal dadap bisa neundeun nitrogen tina hawa diluar.[1] Dadap ogé bisa dipaké pikeun ngabasmi hama Inséktisida .[6]

Kandungan Racun[édit | édit sumber]

Hasil panalungtikan dina taun 1980-an nétélakeun yén dina daun, tangkal, jeung buah dadap mibanda sababaraha racun anu disebut asam hidrosianida, eritrina, alkaloid , jeung hipaforin.[6] Sahenteuna kungsi dipecakan ka Bangkong, anu dibéjakeun cenah éta bangkong leuwih tanginas dina luncatna.[6] Ngan waé engké dina turunan éta bangkong (derivative-na), di mana kainum cai dadap bisa ngabalukarkeun éta bangkong jadi lumpuh.[6]

Katangtuan melak[édit | édit sumber]

Melak tangkal dadap bisa tina siki atawa potongan tangkalna.[2] Siki-siki dadap saméméhna pelakkeuneun kudu dikeueum heula dina cai haneut (80 °C) kurang leuwih 10 menit, tuluy dikeueuman ku cai biasa sapeuting, kakara isukana dibungbun (dicecebkeun kana taneuh).[2] ieu siki baris kaluar sirung sabada 8-10 poé, téréh gedé tur jangkung dina waktu 8-10 minggu jangkungna geus nepi ka 30–50 cm dalam.[2] Melak ku jalan distek tangkalna, teukteuk dahan dadap kurang leuwih panjang 2–3 m jeung gedéna 2–5 cm, tunda heula sapoé sapeuting sangkan henteu gancang buruk diserang supa. isukna kakara ditancebkeun.[2]

Dicutat tina[édit | édit sumber]

  1. a b c d e f g ICRAF Agroforestry Tree Database: Erythrina variegata L.
  2. a b c d e f g h i j k l m NFTA. 1994. Erythrina variegata: more than a pretty tree. NFTA 94-02. Waimanalo.
  3. a b c d e Jensen, M. 1999. Trees Commonly Cultivated in Southeast Asia: an illustrated field guide. 2nd Ed. FAO - RAP Publication: 1999/13
  4. a b c Steenis, CGGJ van. 1981. Flora, untuk sekolah di Indonesia. PT Pradnya Paramita, Jakarta. Hal. 234-215.
  5. Heyne, K. 1987. Tumbuhan Berguna Indonesia, jil. 2. Yay. Sarana Wana Jaya, Jakarta. Hal. 1031-1033.
  6. a b c d e f g Dharma, AP (1987). Indonesian Medicinal Plants [Tanaman Obat Indonesia]. hal.60. Jakarta:Balai Pustaka. ISBN 979-407-032-7.
Nulis.jpg



Tutumbu kaluar[édit | édit sumber]

Wikimedia Commons logo
Wikimedia Commons mibanda média séjénna ngeunaan