Lompat ke isi

Jeungjing

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Jeungjing
Pohon jeungjing, Paraserianthes falcataria
dari Darmaga, Bogor
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
Divisi:
Kelas:
Ordo:
Kulawarga:
Subfamili:
Génus:
Spésiés:
P. falcataria
Ngaran binomial
Paraserianthes falcataria
Sinonim

Albizia falcataria (L.) Fosberg
Falcataria moluccana (Miq.) Barneby & J.W.Grimes

Jeungjing, albasiah, atawa séngon laut nyaéta ngaran salan sahiji tatangkalan nu ngahasilkeun kayu, anggota suku Fabacéae. Tangkal nu diaku miboga pertumbuhan panggancangna di dunya ieu, bisa ngahontal jangkung 7m dina wanci sataun, ngaran ilmiahna nyaéta Paraserianthes falcataria.[1] Jeunjing ngahasilkan kayu hampang kelir bodas, cocog keur konstruksi hampang, peti-peti kemas, papan partikel (particle board) katut papan lapis (blockboard).

Ngaran liana nyaéta sika, selawaku (Maluku), bae, bai, wai, wahogon (Papua), batai (Mly.), kalbi, albasiah atau albise (Jw.. Dina basa Inggris mah disebutna Moluccan sau, falcata, atawa white albizia.[1][2][3]

Pangwanoh

[édit | édit sumber]
Semai (anak tangkal) jeungjing

Tangkal, sedeng nepikeun ka rada gedé, jangkungna bisa nepi ka 40m sarta gedéna tepi ka 100cm atau lebih. Catang utama umumna lempeng tur silindris, kalayan jangkung catang tanpa dahan (clear bole) nepikeun ka 20m. Kulit luarna euweuh akaran, kelirna kulawu atawa semu bodas, leucir atawa rada kutilan, bari aya jajaran léntisél.[1] Makutana ngarunggunuk, wanguna siga payung, tur carang.[4] Rangrangna nu ngora mah aya segian, tur rambutan.

Daun majemuk nyirip ganda, anak daunna laleutik, gampang rontok,[4] kalayan sakalenjar atawa leuwih dina puhu atawa porosna, 23–30 cm. Cécépét daun jumlahna 6-20 pasang, masing-masing eusina 6-26 pasang anak daun nu lonyod manjang, kalayan tungtungna nu kacida déngdékna, tur seukeut, 0,6-1,8 × 0,5 cm.[5]

Kembangna leutik, bodas semu konéng, buluan,[4] kelamina dua, ngumpul dina untun bulir nu nyagak, 10–25 cm, perenahna dina kélék daun. Wilanganana 5, kongkolak kembang rogés jangkungna lk. 2mm. Tabung makutana wangun corong, bodas tuluy semu konéng, rambutan, jangkungna lk. 6mm. Benangsari jumlahna loba, bodas, mucunghul kaluar tina makuta, dina puhuna ngahiji jadi tabung.[5]

Buah polong ipis siga pita, lempeng, 6-12 × 2 cm, gagangna 0,5–1 cm. Polong baris meulah sapanjang kampuhna nalika geus kolot. Sikina 16 atawa kurang.[4][5]

Pasipatan kayu

[édit | édit sumber]

Kayu galeuhna ampir bodas atawa soklat ngora; kayu gubalna ampir teu bisa dibédakeun tina kayu galeuh.[2]

Kayu jeungjing beungeutna leucir atawa méh leucir, tur ngagurilap; kalayan tékstur nu rada kasar tur rata. Kayu nu seger kénéh bauna kawas peuteuy, nu beuki lila beuki leungit lamun garing.[2]

Jeungjing kaasup kayu hampang, beurat jinisna kurang leuwih 0,33. Ieu kayu kaasup kana kelas kuat IV-V, tur kelas awét IV-V. Kayu jeungjing cukup gampang diawétkeunana (sedeng) tur gampang ogé digaringkeun, sok sanajan dina kayu nu seratna henteu lempeng mah gampang jadi melengkung atawa muntir ogé. Ngagaringkeun papan sacara alami nu kandelna 2,5 cm tepi ka kadar caina 20% ngabutuhkeun wanci kurang leuwih 33 poé.[2]

Kayu jeungjing relatif gampang dipigawé: diragaji, disugu, diwangun, dihampelas, tur dibubut. Lamun diebor atawa dijieun liang pasagi mah, kadang-kadang hasilna kurang nyugemakeun.[2]

Mangpaat

[édit | édit sumber]
Ngaragaji kayu jeungjing di Jasinga, Bogor

Sacara tradisional, kayu jeungjing di Jawa Kulon loba dipaké minangka bahan keur nyieun imah: papan, kaso, balok, tihang jeung sajabana. Di Maluku mah, jaman baheulana kayu jeungjing biasa dipaké keur bahan nyieun taméng sabab hampang, liat tur hésé totos. Pamakéanana loyog jeung kelas sarta kualitas kayu, nyaéta keur bahan wangunan hampang atawa keur kaperluan séjén nu sipatna sampurna. Kiwari kayu jeungjing biasa dipaké keur nyieun papan, peti-peti pangemas, venir, pulp (bubur kayu), papan serat (fiber board), papan partikel (particle board), papan lapis (blockboard), korék api, kelom, peti sabun, parabotan rumah tangga, bahan kaulinan, bahan pamungkus, keretas -kadang-kadang ogé keur nyieun sampang- jeung suluh.[2][4]

Jeungjing bakal leuwih awét jeung tahan sanggeus diecét jeung dikapuran atawa dibéré perlakuan séjén nu dianggep perlu.[4]

Jeungjing ogé mindeng dipelak minangka pepelakan hias, tangkal pangiuhan jeung pelindung dipakébonan, keur ngadalikeun érosi, gemuk héjo, sarta ngahasilkeun suluh. daunna bisa dimangpaatkeun keur kahakanan sato piaraan (hayam jeung embé). Kulit luarna ngahasilkeun zat keur nyamak, sarta bisa dipaké keur nyelep kecrik.[1][3]

Turunan katut kulawarga deukeut

[édit | édit sumber]

Paraserianthes falcataria boga tilu anak jinis[1]:

  • P.f. falcataria, aslina sumebar di Maluku jeung Papua
  • P.f. salomonensis Nielsen, ti Kapuloan Solomon
  • P.f. fulva (Lane-Poole) Nielsen (sinonim: Albizia fulva Lane-Poole jeung Albizia eymae Fosberg), ti pagunungan Papua.

Jeungjing dibawa ka Kebon Raya Bogor ku Johannes Elias Teijsmann ti Pulo Banda tur ti taun 1871 ieu pepelakan mulai sumebar ka sababaraha wewengkon di Nusantara.[3] Kiwari jeungjing geus dipelak di nagara-nagara tropis, utamana keur produksi kayuna; leuwih-leuwih di Jawa Kulon. Jeungjing tuwuh diJawa, Sumatera, Sulawesi, Papua, jeung Filipina.[4]

Di Papua Nugini bagéan kidul wétan, aya jinis Paraserianthes pullenii (Verdc.) Nielsen. Ieu tangkal ngahasilkan kayu nu siga P. falcataria.[1] Kemlandingan gunung (Paraserianthes lophanta (Willd.) Nielsen) nyaéta tangkal leutik nu kapanggih sumebar di pagunungan-pagunungan di Sumatra, Jawa, Bali, Lombok katut Florés, tuluy luncat ka Australia kidul kulon.[6]

Ékologi katut silvikultur

[édit | édit sumber]
Tangtungan jeungjing di Darmaga, Bogor

Habitat asli P. falcataria nyaéta leuweung-leuweung primér, tapi tuluy sering kapanggih di leuweung sekundér jeung dataran banjir di sisi walungan, sarta kadang-kadang di leuweung basisir.[1] Umumna, ieu jinis aya di deukeut pakampungan, sisi jalan, sisi walungan, huma, galengan sawah, pakebonan entéh, kopi, sarta di tegalan. Jeungjing ogé hirup di tempat nembrak tur taneuh porang, nu luhurna 1650 mdpl.[4]

Jeungjing cocog di tempat nu iklimna baseuh tepi ka rada garing, mulai ti padataran handap tepikeun ka pagunungan nu luhurna 1.500 m dbl. Ieu tangkal bisa tuwuh dina taneuh nu henteu subur, taneuh bPohon ini dapat tumbuh pada tanah yang tidak subur, taneuh ceubrik atawa taneuh nu rada asin.[2]

Rujukan

[édit | édit sumber]
  1. a b c d e f g Soerianegara, I. dan RHMJ. Lemmens (eds.). 2002. Sumber Daya Nabati Asia Tenggara 5(1): Pohon penghasil kayu perdagangan yang utama. PROSEA – Balai Pustaka. Jakarta. ISBN 979-666-308-2. Hal. 343-349
  2. a b c d e f g Martawijaya, A., I. Kartasujana, Y.I. Mandang, S.A. Prawira, K. Kadir. 1989. Atlas Kayu Indonesia, jilid II: 59-64. Badan Litbang Kehutanan, Departemen Kehutanan. Bogor.
  3. a b c Heyne, K. 1987. Tumbuhan Berguna Indonesia, jil. 2. Yay. Sarana Wana Jaya, Jakarta. Hal. 869-870.
  4. a b c d e f g h Sastrapradja, Setijati; Kartawinata, Kuswata; Soetisna, Usep; Roemantyo; Wiriadinata, Hari; Soekardjo, Soekristijono (1981). Kayu Indonesia. 14:38 – 39. Jakarta:LBN - LIPI gawé bareng jeung Balai Pustaka.
  5. a b c Steenis, CGGJ van. 1981. Flora, untuk sekolah di Indonesia. PT Pradnya Paramita, Jakarta. Hal. 214-215 (sebagai Albizzia falcàta Backer).
  6. Steenis, CGGJ van. 2006. Flora Pegunungan Jawa. Puslit Biologi LIPI, Bogor. Lembar gambar 26 (sebagai Albizia lophanta (Willd.) Benth.)

Tumbu kaluar

[édit | édit sumber]