Lompat ke isi

Awi tamiang

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Schizostachyum
(Schizostachyum glaucifolium)
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
(unranked):
(unranked):
(unranked):
Ordo:
Kulawarga:
Subfamili:
Supertribus:
Tribus:
Subtribus:
Génus:
Schizostachyum

Type species
Schizostachyum blumei
Sinonim


Awi tamiang (Schizostachyum) nyaéta tangkal awi leutik anu bukuna paranjang.[1] Tamiang ilaharna dipaké pikeun nyieun suling, toléat, sumpitan, jeung sajabana.[2] Awi tamiang disebut ogé awi ende (Timor), buluh tamiyang (Batak), trieng iges (Aceh), bulo’lan (Kalimantan).[3][1] Awi tamiang baheula dipaké ogé pikeun taropong paranti nunda gulungan kantéh (benang) mangsa keun ninun lawon.[4]


Ciri Mandiri

[édit | édit sumber]

Hirupna nahun; tangkalna ajeg ka luhur (Culms) ngadapur kékép pisan.[5] Rimpang pendék; Pachymorph; panjang 1000-1200 cm; buleudan tangkalna 50-80 mm; buku panjang 65-130 cm.[5] Régangna lateral dendroid; barijil tina palebah tangkal anu luhur; salumpitna buluan panjangna 6 mm; Ligule ngawangun membran eciliate.[5] Daun lonyod; panjang 12,6-24,4 cm; rubak 25-46 mm.[5] Daun palebah luhurna scabrous; keusrak adaxially; daun palebah handapna henteu pati keusrak.[5]


Kagunaan

[édit | édit sumber]
  1. Tamiang dijieun pikeun waditra tiup saperti suling, toléat, bangsing, ogé hatong.[3] [6][7]
  2. Régangna dimangpaatkeun pikeun nyieun rupa-rupa karajinan, régangna beunang neukteukan pondok diuntun paselang jeung siki hanjeli bisa dijieun geulang atawa kongkorong.[8]
  3. Tamiang bisa ogé dipaké pikeun bahan nyieun sumpitan atawa paranti nyumpit .[9]
  4. Urang Dayak ngagunakeun awi tamiang beunang mencosan anu diperenahkeun di jero pitapak, pikeun néwak sato leuweung.[10]
  5. Urang NTT ngamangpaatkeun awi tamiang pikeun songsong mangsa mirun seuneu anu katelahna hulo angi.[7]

Tempo ogé rupa-rupa awi

[édit | édit sumber]
  1. Awi wulung
  2. Awi bunar
  3. Awi surat
  4. Awi haur
  5. Awi buluh
  6. Awi bitung
  7. Awi temen
  8. Awi tali
  9. Awi krisik


Dicutat tina

[édit | édit sumber]
  1. a b Uluk, Asung; Made Sudana,Eva Wollenberg (2001). Perhiasan Tradisional Indonesiaa. Bogor: CIFOR. ISBN 979-8764-74-9. 
  2. Luthfiyani, Lulu (2016). Kamus Genggam Bahasa Sunda. Yogyakarta: HutaMedia. ISBN 978-602-6475-27-5. 
  3. a b Banoe, Pono (2003). Kamus musik. Yogyakarta: Kanisius. ISBN 978-979-497-338-7. 
  4. Mustapa (R.), Hasan (1913). Bab adat2 oerang Priangan djeung oerang Soenda lian ti eta. Cornell University: Kantor Tjitak Kangdjĕng Goepĕrnĕmen. 
  5. a b c d e "Schizostachyum aequiramosum". Royal Botanic Garden. 2016-2-3. Diakses tanggal 2017-06-21. 
  6. Rosidi, Ajip (2000). alam, manusia, dan budaya, termasuk budaya Cirebon dan Betawi. Jakarta: Pustaka Jaya. 
  7. a b Atmadibrata, Enoch; Nang Hendi K. Danumiharja, Yuli Sunarya (2006). Khazanah seni pertunjukan Jawa Barat. Jakarta: Dinas Kebudayaan dan Pariwisata Jawa Barat. 
  8. Husni, Muhammad; Tiarma Rita Siregar (2000). Perhiasan Tradisional Indonesiaa. Jakarta: Direktorat Jenderal Kebudayaan. 
  9. Pendidikan, Departemen (1987). Perhiasan Tradisional Indonesiaa. Jakarta: Departemen Pendidikan dan Kebudayaan, Proyek Inventarisasi dan Dokumentasi Kebudayaan Daerah. 
  10. Melalatoa, M. Junus (1995). Ensiklopedi Suku Bangsa di Indonésia Jilid L-Z. Jakarta: Direktorat Jenderal Kebudayaan. 




Wikimedia Commons logo
Wikimedia Commons logo
Wikimedia Commons mibanda média séjénna ngeunaan