Daratan Asia Kidul Wétan

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Daratan Asia Kidul Wétan
ᮓᮛᮒᮔ᮪ ᮃᮞᮤᮃ ᮊᮤᮓᮥᮜ᮪ ᮦᮝᮒᮔ᮪

ឧបទ្វីបឥណ្ឌូចិន (Basa Khmer)
ອິນດູຈີນ (Basa Laos)
အရှေ့တောင်အာရှ ကျွန်းဆွယ်ဒေသ (Basa Burma)
อินโดจีน (Basa Thai)
Đông Nam Á đất liền (Basa Viétnam)

Sumananjung Indochina
Indochina


upright=1
Luhur :
Peta Topografis Daratan Asia Kidul Wétan
Handap : ██ Indochina sacara spésipik (Indochina Prancis) ██ Sakabéh Indochina
Koordinat: 14°N 102°E / 14°N 102°E / 14; 102Koordinat: 14°N 102°E / 14°N 102°E / 14; 102
Nagara nu kaasupKamboja Kamboja
Laos Laos
Myanmar Myanmar (Burma)
Thailand Thailand
Viétnam Viétnam
Lega
 • Total2.151.688 km2 (830,771 sq mi)
Pangeusi
 • Total269,700,000 jelema
Zona wanciUTC +7 (Indochina Time disingget ICT)
Peta Indochina anu nandaan nagara malaysia ku warna beureum kusabab malaysia mah jarang diasupkeun kana sumananjung ieu

Daratan Asia Kidul Wétan (atawa Sumananjung Indochina) mangrupa salah sahiji bagéan tina buana Asia Kidul Wétan. Perenahna aya di wétaneun buana India jeung kiduleun Cina sarta wawatesan jeung Samudera Hindia di beulah kulon jeung Samudera Pasipik di beulah wétan. Nagara-Nagara anu kaasup kana Sumananjung ieu diantarana nyaéta Kamboja, Laos, Myanmar (Burma), Sumananjung Malaysia, Thailand jeung Vietnam.

Istilah Indochina (asalna Indo-Cina) diciptakeun di mimiti abad ka-19. Anu hartina yén daérah ieu loba narima pangaruh budaya ti paadaban India jeung paadaban Cina. Istilah ieu tuluy dipaké pikeun ngaranan wewengkon jajahan Prancis Indochina (Kiwari dipikawanoh minangka Kamboja, Vietnam, jeung Laos).

Cindekna, aya 2 jéntréan ngeunaan Indochina, anu heuruet jeung anu lega:

Sumananjung Malaysia kadang diasupkeun ka wewengkon ieu, tapi wewengkon Sumananjung Malaysia mah leuwih mindeng diasupkeun ka Asia Kidul Wétan Maritim.

Istilah[édit | édit sumber]

Peta Indochina taun 1886, dina Majalah Géografi Skotlandia

Asal-usul ngaran Indo-Cina biasana patumbu jeung sebutan anu dibére ku ahli géograpis Dénmark-Prancis nyaéta Conrad Malte-Brun, anu nyebut wewengkon ieu salaku indo-chinois dina taun 1804, jeung ogé aya ahli basa Skotlandia ngarana téh John Leyden, anu maké istilah Indo-Cina pikeun ngajéntrékeun kaayaan wewengkon jeung basa nu dicaturkeun ku masarakat nu aya di dinya dina taun 1808.[1] Pamadegan ilmiah dina mangsa harita ngeunaan pangaruh sajarah Tiongkok jeung India di daérah éta sipatna kontropérsial, jeung istilahna ogé kontropérsial — antukna Malte-Brun eureun maké istilah éta dina Géografi Universal nu manéhna dina édisi anu satuluyna, alesanna téh yén istilah éta leuwih ngutamakeun pangaruh Cina, nu matak tungtungna manéhna nyarankeun istilah Chin-India.[2] Ngan hanjakalna, istilah Indo-Cina geus kapalang mibanda daya taji sarta mindeng dipaké pikeun ngaganti istilah alternatip anu séjénna kayaning India Satuluyna jeung Sumananjung di saluareun Gangga. Ngan satuluyna, nalika Perancis ngadegkeun wewengkon jajahanna nyaéta Indochina Perancis, pamakéan istilah ieu ngaheureutan jadi ngan sawaréhna, nyaéta wewengkon anu kaasup kana koloni Prancis wungkul,[3] Kiwari mah daérah ieu biasana disebut Daratan Asia Kidul Wétan.[4]

Lokasi[édit | édit sumber]

Héjo: Nagara Indochina sacara umum
Biru kolot: Anggota resmi ASEAN
Biru ngora: Anggota panoong ASEAN

Sumananjung ieu mibanda lega kira kira 2 juta km2. Indochina diwatesan ti beulah kulon ku Teluk Benggala jeung Sagara Andaman di jaladri Hindia, selat Malaka di beulah kidul, jeung di wétanna ku Sagara Tiongkok Kidul, teluk Thailand jeung teluk Tonkin (Bakbo) anu kaasup kana jaladri Pasipik. Wates di beulah kalérna biasana dimimitian ti délta walungan Gangga jeung Brahmaputra nepi ka délta walungan Hongha. Tungtung kidul Indochina di kiduleun Kra Isthmus ngabentuk Sumananjung Malaka anu manjang ka kidul.

Iklim[édit | édit sumber]

Iklimna nyaéta monsun subéquatorial, ékuator di Sumananjung Malaka. Di bagéan daratan, suhu rata-ratana biasana henteu kurang ti 20 ° C, di musim semi, lamun di musim panas mah suhuna bisa nepi ka 28-30 ° C. Ari di bagéan gunungna mah, suhuna turun nepi ka kurang ti 15 ° C.

Di tutugan gunung anu ngangin kulon, curah hujan turun 2,5-5 rébu mm per taun. Di wewengkon pedalaman sumananjung, di sababaraha tempat curah hujanna kurang ti 1.000 mm unggal taun. Di basisir wétan Indocina, usum tiris mangrupa usum kalawan curah hujan panglobana, nyaéta bisa nepi ka 2.000 mm per taun.

Sajarah[édit | édit sumber]

Jaman Prasajarah[édit | édit sumber]

Indochina geus dicicingan ti saprak jaman prasajarah, sakumaha dibuktikeun ku dipanggihna Sai Yok (Thailand), Bac Son jeung Hoa Binh (Viétnam) anu ngungkap paadaban anu geus wanoh kana budaya tuar duruk jeung ngangon bagong ti milénium ka-4 SM nepi ka milénium ka 2 SM anu ilahar ku budaya tani jeung dumuk dina tempat anu tetep salaku bagéan tina paadaban Longshan, dibuktiken ku sababaraha situs kaasup situs Phung Nguyen di Viétnam; kabéh situs ieu perenahna di dataran, utamana di délta walungan atawa di papasiran héndép. Masarakat anu nyaturkeun basa Austro-Asiatic (hususna urang Khmer jeung Mon) geus dumuk di sumananjung ieu ti abad ka 9 M anu tuluy ngamekarkeun kabudayaan Dong Son, maranéhna geus bisa ngolah béas anu dibuktikeun ku kapanggihna dreum badag anu dijieunna tina parunggu.[5]

Awal abad ka-10[édit | édit sumber]

Nalika mimiti awal abad ka-10, urang Tibet-Burma ti beulah kalér geus dumuk di bojong walungan Irrawaddy, sedengkeun wewengkon anu ayeuna kaasup kana nagara bagéan Fou-nan, gedé kamungkinan diadegkeun ku urang Khmer, tuluy karajaan Champā diadegkeun ku salah saurang panyorang ti Austronésia, karajaan ieu bijil di beulah kidul jeung wétaneun sumananjung. Dina mangsa harita, pangaruh paadaban India loba anu asup bareng jeung asupna ageman Hindu. Dina abad ka 6, karajaan pangheula Khmer nyaéta Funan dijajah ku Chenla, sedengkeun urang Mon ngadegkeun karajaan Dvaravati. Tuluy di abad ka-9 Chenla digantikeun ku kakaisaran Khmer anu ibukotana di Angkor, dina waktu harita ogé bijil karajaan di wewengkon Burma di beulah kalér, anu perenahna di Pyu di lembah Irrawaddy nyaéta Karajaan Pagan. Sacara babarengan, ageman Buddha nyebar di sumananjung anu dénominasi utamana nyaéta ageman Buddha Theravada atawa Hīnayāna anu lalaunan ngagantikeun Hinduismeu.

Abad ka-13 nepi abad ka-15[édit | édit sumber]

Taun 1257, saurang "khagan" (sajinis raja) nyaéta Möngke ti Mongolia, nalika masih kénéh aya dina périodeu Kakaisaran Mongol, nginvasi daérah Tonkin. Ngan, nurutkeun pamadegan ti Jean-Paul Roux, pangjajahan ieu sipatna rada teu pasti jeung teu ngaruh kana kaayaan wewengkon éta kusabab teu pati loba dominasi anu dibalukarkeun ku ayana invasi éta.[6]

Abad ka-13, urang Thai ti beulah kidul ngulon China, ngadegkeun karajaan Sukhothai jeung Lanna. Di beulah wétan, sabada réngséna samilénium "Dominasi Tiongkok Di Tatar Viétnam", antukna Viétnam merdika sakalian ngalegaan wewengkonna ka beulah kidul ku cara ngajajah karajan Champa jeung kakaisaran Khmer di délta Mekong beulah handap. Abad ka-15 mulai daratang para padagang ti Arab, Éropa jeung Cina anu mekar di sapanjang basisir: Komunitas Tionghoa (utamana anu asalna ti béh kiduleun Cina) dararumuk di palabuan, masarakat ti Nagara-nagara Islam ngarumpul di Arakan/Rakhine (Burma) tur Malaysia, ageman Kristen mimiti ngakar di pos-pos padagangan Éropa (Malaka, Johor jeung Singapura, dipiheulaan ku Katolik anu dibawa ku Portugis, tuluy disusul Protéstan anu dibawa ku Walanda).

Abad ka-17 nepi abad ka-19[édit | édit sumber]

Abad ka-17 mangrupa mangsa di mana karajaan Thailand keur ngalaman kajayaan kalawan wewengkonna anu beuki lega, sedengkeun kerajaan Burma (Ava, Pegu), Khmer jeung Viétnam (Tonkin, Annam) keur ngalaman mangsa karuntagan. Satuluyna, abad ka-19 mangrupa mangsa kolonisasi Inggris (Arakan, Tenasserim, Malaysia, Pegu, Ava) jeung Prancis (Indochina Prancis) anu ngabalukarkeun kondisi anyar di mana ékonomi lokal leuwih mentingkeun kakawasaan kolonial, ngarobah struktur masarakat tradisional. Salian éta pangjajahan ngabalukarkeun ageman-ageman heubeul hirup babarengan jeung ageman anu dibawa ku urang Éropa (anu geus kaasupan unsur singkrétismeu).

Périodeu Modéren[édit | édit sumber]

Dina abad ka-20 geus mulai bijil sumanget nasionalismeu lokal anti-kolonial jeung konsérvatip, tuluy sacara lalaunan digantikeun ku idéologi totalitér: kahiji, anu aya hubunganna jeung ékspansi Jepang kalawan proyékna nyaéta Asia Wétan Raya, tuluy nu kadua nyaéta komunismeu anu sanggeus Perang Dunya Kadua ngamonopoli tuntutan kamerdikaan anu dibantuan ku Uni Soviét dina kontéks Perang Tiis. Di Indochina ogé aya gerakan pikeun nangtang Prancis, Thailand, jeung pamaréntahan konsérvatip anu aya dina pasukan komunis (anu ménéjemenna mindeng dilatih di Paris). Antagonismeu ideologis ieu ngabalukarkeun perang wewengkon anu ngagetih jeung serangan téroris.

Perang Dékolonisasi[édit | édit sumber]

 Tempo ogé: Indochina Prancis.
Tempat cicingna gupernur Prancis di Hanoi, kira-kira taun 1920
Peta Indochina Prancis taun 1945
Peta Indochina taun 1954

Dina mangsa ieu, Uni Soviet, Amérika Sarikat, jeung Republik Rahayat Tiongkok pipilueun dina prosés dékolonisasi anu dituturkeun ku rupa-rupa konflik: Perang Indochina Prancis, tuluy Perang Viétnam-Amerika, Perang Sadulur Laos jeung Perang Sadulur Kamboja. Indochina Prancis nggeus jadi koloni Prancis ti saprak taun 1887. Dina taun ieu geus kaciri ayana Pahijian Indochina, anu ngawengku Kamboja (koloni Prancis ti 1884 ), Annam (protéktorat ti 1884), Tonkin (ogé protektorat ti 1884), jeung Concinchina (koloni ti 1867). Laos anu ogé mangrupa protéktorat Prancis, ngagabung jeung Pahijian Indochina taun 1893. Diadegkeunna pahijian ieu dikasangtukangan ku dasar féderal, kantor pusatna aya di Hanoi anu dipingpin ku saurang gupernur. Sistim atikan ala Prancis diwawuhkeun jeung universitas Prancis dibuka di Hanoi. Titik fokus pikeun ngalawan pangjajahan nyaéta Annam jeung Tonkin, di mana pasukan gerakan nasionalis gumelar taun 1920-an. Ngan dina mangsa anu sarua, Pamahulaan Nghe Tinh (1930-31) di Viétnam keur lumangsung sacara indepénden anu mangrupa pamahulaan para patani anu nyababkeun tiwasna kira-kira 10.000 jelema jeung ngabalukarkeun dideportasikeunna 50.000 jelema.

Dina bulan Séptémber 1940, Jepang narima konsési militér jeung ékonomi ti pamaréntah Vichy, kaasup pamakéan bandara jeung palabuan sacara gratis. Hasilna, militér Jepang jadi sasaran utama gerakan nasionalis anu dipingpin ku Viétnam ti taun 1943, sangkilamg Jepang can pernah sacara resmi nempatan daérah éta. Dina tanggal 9 Maret, Duta Badag Jepang Matsumoto méré ultimatum ka Gupernur Jean Decoux (wd), anu tungtungna mah teu diwaro ku anjeunna. Isukna, 750 tentara Prancis dipenjara, 400 di antarana maot. Antukna, Kamboja, Laos jeung Viétnam ngaproklamasikeun kamerdikaanna sorangan-sorangan. Tanggal 19 Agustus, pasukan Ho Chi Minh ngabaris ke Hanoi jeung maksa kaisar Viétnam Bảo Đại pikeun ngundurkeun diri.

6 Maret 1946, Prancis mikaaku otonomi Viétnam, Kamboja jeung Laos, anu bisa dirasakeun dina Féderasi Indochina, anu mangrupa anggota tina Uni Perancis. Sabada perang Indochina kahiji, Prancis antukna narima kemerdikaan Kamboja jeung Laos jeung ogé mulangkeun kabéh pasukanna ti Vietnam.

Rezim komunis ngawasa di Viétnam Kalér sarta rezim tradisional ngawasa di Viétnam Kidul, anu jadi pamicu lumangsungna perang sadulur anu kaasup kana Perang Indochina Kadua. Salian tii éta, aya ogé konflik anu ngalibatkeun antara Kamboja jeung Vienam anu mana pamaréntah Kamboja anu pro-Viétnam ngalawan Khmer Beureum. Tungtungna mah tina sakabéh konflik anu geus aya di luhur ngabalukarkeun salila ampir satengah abad, wewengkon-wewengkon éta ngalaman kadiktatoran, répresi, kaheurasan, pangrusakan jeung génosida.

Balukar tina Konflik[édit | édit sumber]

Balukar tina konflik dina périodeu ieu kaitungna beurat pisan, contona dina mimiti abad ka-21, nalika diadegkeunna padaméian ti saprak taun 2000, pamakéan sanjata kimia nyésakeun yutaan ranjo darat jeung pélor bedil anu ngabahayakeun lingkungan jeung kaséhatan pangeusi, anu matak ngabalukarkeun kacacatan puluhan rébu jelema jeung maéhan sababaraha ratus jelema unggal taun; euweuh nagara Indochina anu mibanda sistim démokrasi anu gumuna, malah sanajan enya ogé aya rezim parleméntér anu mikawasa, mangka geus bisa dipastikeun rézim éta bakal katelah gagal jeung ngalaman pangwangunan sosial anu laun pisan, tur padagangan narkoba jeung jelema masih loba kénéh sarta pangbajakan jeung éksploitasi sumber daya darat tur sagara.

Biogéografi[édit | édit sumber]

Peta Biorégion Indo-Malayalam
Pitulung peta Biorégion Indo-Malayalam

Dina biogéografi, biorégion Indocina mangrupa wewengkon utama dina Alam Indomalayam, sarta ogé mangrupa Pitogéograpi wewengkon floristic dina Oriental Paléotropikal Badag. Anu eusina ngasupkeun kabéh flora jeung fauna asli ti nagara-nagara di luhur. Wewengkon Malésia anu padeukeut ngawengku nagara-nagara maritim Asia Wétan Kidul, jeung ngaliwatan wewengkon Indomalayan jeung Australasian.[7]

Dunya sasatoan[édit | édit sumber]

Gajah India di Thailand

Sumananjung Indochina kaasup kana kawasan zoogeografi Indo-Malaya anu mibanda kaanékaragaman hayati anu beunghar. Lolobana jenis sato leuweung, diantarana nu paling umum nyaéta monyét (owa jeung kera), lemur, gajah India, maung Indo-Cina, jeung sajabana. Sato mamanukan diantarana: manuk céndrawasih, manuk béo, manuk merak, manuk pegar jeung hayam leuweung, ari di bagéan délta walungan mah kacaturkeun aya bango, flamingo jeung buhaya.

Végétasi[édit | édit sumber]

Végetasi di Délta Walungan Mékong, Viétnam

Végétasi alami Sumananjung Indochina dicirian ku leuweung tropis anu lembab tur mibanda komposisi anu kompléks. Mangrove ngadominasi di sapanjang basisir rawa-rawa. Di dataranna, tutuwuhan anu ilahar diantarana nyaéta paré jeung karét

Géologi[édit | édit sumber]

Tambang timah jeung tungsten pangbadagna aya di Sumananjung Malaka.

Géografi[édit | édit sumber]

Walungan Mékong

Sumananjung Indocina ngaruntuy ka kidul ti buana Asia. Sarta ngandung sababaraha rentang gunung nepi ka Dataran Luhur Tibét di beulah kalér, diheuleut ku dataran handap anu lolobana ngagaringan kusabab tilu sistem walungan utama anu ngalir ka arah kalér nepi ka kidul: Walungan Irrawaddy (Myanmar), Walungan Chao Phraya (Thailand ), jeung Mékong (aliranana ngaliwatan wewengkon beulah wétan-kaléreun Thailand, Laos, Kamboja jeung Vietnam). Di tungtung beulah kidul ngabentuk Sumananjung Malaya, nyaéta di Thailand Kidul jeung Sumananjung Malaysia; anu kiwari sacara variatif dianggap bagéan tina Daratan Asia Kidul Wétan atawa misah jadi bagién tina Asia Wétan Kidul Maritim.

Sacara leuwih spésipik, di beulah kalér ilaharna mah didomnasi ku tonggoh sedengkeun di kidul mah didominasi ku lebak. Taneuh di kalér mangrupa Tonggoh Shan kuna, anu jangkungna 1.500 nepi ka 2.000 méter di luhur pamukaan sagara. Loba pagunungan anu manjang ti kidul ka kalér bentukna kaciri kawas kipas anu ngabentuk struktur topografi tonggoh Shan jeung sebaran pagunungan kalawan lebak walungan. Pagunungan utama anu ngaruntuy ti kulon ka wétan nyaéta pagunungan Naga, pagunungan Arakan; Pagunungan Daen Lao, pagunungan Tenasserim, pagunungan Bilauktaung jeung Pagunungan Truong Son.

Sumananjung Indochina mibanda tilu ciri anu cukup écés. Kahiji, lolobana dataranna jangkung di kalér jeung héndép di kidul, sabagéan badagna dieusian ku pasir jeung tonggoh, pagunungan jeung walungan ilaharna mah arahna ti kalér ka kidul, malahan mah pagunungan jeung walungan téh silih patali. Kadua, médan anu geus kakikis pikeun mangsa anu lila, anu matak nyampakna bentuk semi-polos nyaéta topografi karst anu mekar. Aya ogé fénoména di jero gerakan gunung pangwangun di wewengkon Indo-Malaysia nalika périodeu térsiér. Katilu, délta sabagéan badag kasebar di wewengkon basisir kidul ngétan, utamana di dataran aluvial jeung pasagitilu kontinéntal. Di bagéan hilir walungan nyampak aréa anu cukup lega.

Lingker pagunungan jeung tonggoh di sumananjung Indochina lolobana mibanda lingker gunung Naga, lingker gunung Arakan di kulon, anu mangrupa lingker pagunungan anu ngabentuk busur anu ngajorok ka béh kulon, sabagéan badag jangkungna aya kana 1.800 méter di luhur pamukaan sagara. Ka luhur, panjangna kira-kira aya kana 1.100 kilométer, kaasup loba pagunungan paralél anu mangrupa papanjangan tutuluyan ti tonggongan Himalaya kidul, tur tuluy manjangan ka kidul. Taneuh di wétan mibanda lingker pagunungan Truong Son sacara ngurut sapanjang leuwih ti 1.000 kilométer, ngarah ka kulon kalér, wawates antara Viétnam, Laos jeung Kamboja, geger kulon lingker pagunungan lumayan landai, tur tuluy ngereuyeuh pindah ka tonggoh di gigir Laos jeung Kamboja, misalna, Tonggoh  Xieng Khouang, Tonggoh Hua Phan, Tonggoh Kham Muon jeung Tonggoh Bolaven; Geger béh wétan gunung rada curam lungkawing, ampir vértikal, deukeut jeung basisir, ngabentuk loba gawir anu ngajulang jangkung jeung ujung anu ngajulang ka sagara. Di tengah mangrupa lanjutan tina bagéan kidul rangkéyan pagunungan Hoanh Doan, jeung gunung Daen Lao, pagunungan Tenasserim jeung gunung Bilauktaung di pawatesan Myanmar jeung Thailand, manjang ka kidul nepi ka sumananjung Malaya, massip di jero nagri Myanmar anu lega tur jangkung Tonggoh geus jadi wewengkon panglegana di Asia Kidul Wétan-Tonggoh Shan, di béh wétaneun Thailand aya Tonggoh Khorat.

Taneuh papasiran tur tonggoh di sumananjung Indocina geus lila kasilih, sabagian badag puncak sampak ngalingker, pamukaan tonggoh anu nyilih mekar biak. Sumananjung Malaya jeung Sumananjung Indochina ilaharna maké Isthmus Kra salaku pawatesan. Diténjo tina segi topografi téhtonik, Sumananjung Malaya mangrupa bagian tina Massif Indo-Malayu, daratanna manggunung-gunung di tengah, nurun ka arah wétan jeung kulon, sumananjung Indocina ngawengku 8 pagunungan di beulah kulon. Kabéhna sajajar antara hiji jeung nu lainna, ngawentang di sapanjang arah kalér-kidul, kusabab erosi jangka panjang, kajangkunganna teu badag, nyampakkeun babatuan nu sabagéan badag mangrupa granit, talawengkar, jeung batugamping, puncak pangjangkungna Gunung Tahan ngan 2.187 méter. Kajangkungan di luhur pamukaan sagara ti dataran jangkung Shan nyaéta ti 1.000 nepi 1.300 méter, utamana kusabab lapisan batu kapur di Paleozoikum jeung Mesozoikum , jeung kamungkinan granit nu ngaganggu . Di dataran jangkung éta, nyampak loba ngarai jeung puncak nu jero nu ngaleuwihan 800 nepi 900 méter di luhur pamukaan taneuh. Pagunungan jeung walungan pasalingsingan, taneuh kasilih parah, taneuh kulon mibanda pitesan badag sapanjang 600 nepi 700 kilométer di arah kalér-kidul. Dataran jangkung Khorat di bagian wétan Thailand. Sabagian badag mibanda kajangkungan 150 nepi 300 méter di luhur pamukaan sagara, kusabab komposisi batu keusik beureum, médanna déngdék ka arah kulon ka wétan, sanepi pamukaan taneuh teu rata. Di dataran jangkung Shan bareng jeung dengan tanah kalér Vietnam jeung Laos , kasebar di médan karst, mangrupa kawasan lanskap anu kawentar.

Pagunungan Naga jeung Pagunungan Rakhine anu jangkungna kira-kira 3.000 méter di luhur pamukaan sagara jeung panjangna 1.100 kilométer, mangrupa témbok nu misahkeun Myanmar, India jeung Bangladesh, di antara pagunungan éta nyampak sababaraha gunung, nu baheulana dipaké jalan utama pikeun masarakat buhun. Gunung Daen Lao, Pagunungan Tenasserim jeung Pagunungan Bilauktaung nu ngawentang di sapanjang pawatesan Myanmar jeung Thailand , terdapat beberapa gunung kawentar di tengah gunung nu mangrupa gerbang berbahaya operasi militer antara Myanmar jeung Thailand dalam hal sejarah. Gunung Luangprabang , Gunung Dong Phaya Yenjeung Gunung Sankamphaeng ngawentang di sapanjang tengah sumananjung, ngabagi lanskap nu béda di bagian wétan jeung kulon sumananjung. Pagunungan Truong Son di wétan mibanda kejangkungan normal kurang ti 1.500 méter di luhur pamukaan sagara, ngaanjang terus menerus selama lebih ti 1.000 kilométer, mangrupa sirkuit pagunungan nu ngaisahkan tiga negara Vietnam - Laos - Oranye, sela di gunung Hoanh, wewengkon bagian ieu nyaéta jalan pintas lemes antara pantéy wétan jeung Mekong di Cina. Di antara pagunungan tersebut, nyampak loba dataran jangkung, nu paling kawentar nyaéta Dataran jangkung Shan , Dataran jangkung Xieng Khouang, Dataran jangkung Hua Phan , Dataran jangkung Kham Muon , Dataran jangkung Bolaven jeung Dataran jangkung Bolaven.Dataran jangkung Dak Lak nu kesemuanya mibanda arti khusus dalam hal geomorfologi , iklim , sejarah , suku , transportasi jeung produksi pertanian , serta pemeliharaan ternak .

Karakteristik iklim[édit | édit sumber]

Sebagian badag sumananjung Indochina berada antara 10 ° - 20 ° Lintang kalér, termasuk dalam iklim muson tropis nu khas. ti Maret nepi Mei setiap taun nyaéta musim panas , musim dingin jeung musim panas menurun, iklim panas, suhu rata-rata bulanan mencapai 25 - 30 ℃; satu taun dibagi menjadi dua musim: musim kemarau jeung musim hujan, ti Juni nepi Oktober nyaéta musim hujan, monsun kulon daya nu berlaku , curah hujan melimpah; ti November nepi Mei taun depan nyaéta musim kemarau, cuacanya kering dengan sedikit hujan. Karakteristik iklim: suhu jangkung sapanjang taun, curah hujan didistribusikan utamana di musim panas.

Iklim monsun tropis kasebar di tempat-tempat kayaning Asia kidul jeung sumananjung Indochina, karakteristiknya suhu jangkung sapanjang taun, suhu rata-rata bulan terdingin juga 18℃ atau lebih, curah hujan saling berhubungan . arah angin , musim dingin wétan sagara monsun nu berlaku berasal ti daratan. curah hujan lebih sedikit, musim panas terjadi pada musim kulon daya ti Samudera Hindia , curah hujan melimpah, jumlah curah hujan setiap taun nyaéta 1.500 nepi 2.000 miliméter di sebagian badag wewengkon, tetapi ada beberapa daerah bahkan lebih jeung lebih panjang ti angka tersebut. Curah hujan taunan kusabab geomorfologipangaruh, kedéngdékan angin mencapai 5.000 miliméter, tetapi di lereng kiri kurang ti 2.000 miliméter. Beberapa lereng angin individu jeung kawasan Sumananjung Malaya ngabentuk lanskap hutan hujan tropis , beberapa delta jeung lembah walungan di bagian dalam ngabentuk sabana tropis .

Hidrologi[édit | édit sumber]

walungan utamana Irrawaddy, Salween, walungan Chao Phraya, walungan Mekong jeung walungan beureum , ngalir ti kalér ke kidul naik tajam, sangat jauh ke hulu, airnya sangat panjang. Hulu walungan sebagian badag ngaalir melalui Dataran jangkung Shan , lembah walungan ngabelah dataran jangkung menjadi beberapa blok, misalnya, Dataran jangkung Burma wétan antara walungan Irrawaddy jeung walungan Salween , Dataran jangkung Chiang Mai antara walungan Salween jeung walungan Mekong Kong , Dataran jangkung Laos antara walungan Mekong jeung walungan beureum, nyaéta campuran khas pagunungan jeung walungan, didistribusikan secara vertikal. Dataran basin dalam contoh tengah jeung bawah ti beberapa walungan jeung delta muara ti walungan nyaéta pertanian jeung demografi area fokus utama.

Di antara perbukitan jeung dataran jangkung, walungan jeung bahkan di Asia menyapu di bawah mejeung ti kalér ke kidul ngaalir ke sagara, ti wétan ke kulon dengan walungan beureum , Mekong , walungan Chao Phraya , Salween jeung Irrawaddy . Di antara walungan-walungan badag tersebut, walungan nu paling loba ngaalir di negara - negara tersebut nyaéta walungan Mekong , nu akhirnya bermuara ke sagara - samudra di Vietnam. Ada loba segitiga di sumananjung Indochina, kawentar dengan Segitiga walungan Mekong , Segitiga walungan Irrawaddy , jeung Segitiga walungan beureum.jeung Segitiga walungan Chao Phraya. Segitiga ieu dibentuk oleh walungan aluvial, area nu luas, mejeung datar, jaringan walungan nu padat di segitiga, loba kolam jeung laguna , ekspansi cepat ke arah sagara.

Kabudayaan[édit | édit sumber]

Kaayan linguistik di Daratan Asia Kidul Wétan

Budaya nu aya di Daratan Asia Kidul Wétan béda pisan jeung Budaya di Asia Kidul Wétan Maritim, biasana dumasar kana pangalompokan gaya hirup masarakat daratan di Indochina jeung gaya hirup masarakat kapuloan di wewengkon Malayu jeung Pilipina, ogé gurat pamisah antara Austroasiatic, Tai – Kadai, jeung Sino-Tibét (dicaturkeun di Daratan Asia Kidul Wétan) jeung basa Austronésia (dicaturkeun di Asia Kidul Wétan Maritim). Basa-basa di daratan ngawangun daérah linguistik Asia Kidul Wétan: sanajan kaasup kana sababaraha rungkun basa mandiri, basa-basa ieu geus ngariung sapanjang sajarahna jeung saling patuker sababaraha kamiripan tipologis.

Nagara-nagara daratan Asia Kidul Wétan narima pangaruh budaya ti India jeung Cina dina darajat anu bararéda.[8] Sababaraha budaya, contona jiga budaya Kamboja, Laos, Thailand jeung Malaysia leuwih kapangaruhan ku India tibatan kapangaruhan ku Cina. Sabalikna, budaya anu aya di nagara anu séjénna jiga Vietnam, leuwih kapangaruhan ku budaya Tiongkok tibatan kapangaruhan ku India, Komo deui nalika ékspansi Vietnam ti kalér anu ngajajah Champa di beulah kidul Viétnam.

Kiwari, lolobana nagara-nagara ieu nunjukkeun ogé pangaruh budaya ti Kulon anu cukup katara, dimimitian ku impérialismeu Éropa di Asia jeung kolonialismeu di Asia Kidul Wétan.

Ageman[édit | édit sumber]

Phra Samut Chedi, Buddhismeu di Thailand

Wewengkon hilir walungan Irrawaddy di sumananjung Indocina, dicicingan ku urang Mon ti saméméh jeung sanggeus Maséhi. Harita, urang India nyebut daérah ieu salaku "Suvarnabhumi", anu hartina "taneuh emas". Loba jelema anu ngomong yén urang India anu asup ka Myanmar ngan ukur ka daérah basisir jeung dataran tengah Myanmar hungkul, ngan ukur dumasar kana "Kahanu Nasional Hoa Duong" dina abad ka-4, urang India ogé nyicingan daérah pagunungan di kota éta. Ledo, nagara bagéan Assam, anu meuntasan pagunungan jeung leuweung pikeun ngasupan jalan-jalan di béh kalér Myanmar, jauh ka Myanmar di kalér-wates antara Myanmar jeung Cina, pangaruh anu jero pisan.

Sakumaha nu dikatakan para sarjana kulon, nu ngabuat orang bertanya-tanya nyaéta bahwa Myanmar - negara nu mibanda hubungan perdagangan jeung diplomatik nu erat dengan China sejak paruh pertama Masehi, terlepas ti pergerakannya atau teu, teu terpangaruh oleh China dalam hal budaya . ieu sabenerna mangrupa hasil ti praktik budaya Cina jeung India nu geus ngahasilkeun pangaruh nu sangat berbeda di Myanmar .

Di Cina ngan aya dua jenis agama anu bisa disebut agama primitip, hiji nyaéta Konghucu - mikawaris langsung musik budaya Konghucu jeung sistem pamujaan, siswa ngabawa harta Khonghucu itu. Agama ngan setuju untuk ngaberikan suatu wewengkon nu teu berbeda dengan budaya Tionghoa atau pernah menjadi bagian ti China , dengan tegas teu menyebarkannya secara sembarangan. Salah satu jenisnya nyaéta Taoisme - tradisi pemujaan di kalangan masarakat Taoisme, ulama sebelumnya ngaatakan struktur organisasi Taoisme (secara religius ngan mangrupa struktur keagamaan nu lengkap jeung sistematis). Pada masa Wang Chongnu , sekarang disimpulkan bahwa itu nyaéta pada periode Dinasti Keenam menurut buku-buku literatur nu digaliDunhuang , provinsi Gansu , tetapi pada saat itu agama-agama India pada dasarnya telah menyebar ke suku atau negara di wewengkon kayaning Asia kidul , Asia Tengah , Asia wétan , jeung Asia Kidul Wétan . Menurutnya penularan sangat sulit, hal ieu kusabab metode infiltrasi bertahap agama untuk melakukan indoktrinasi budaya.

Selama dinasti kuno di sumananjung Indochina, hubungan antara daratan tengah (dinasti tengah) jeung perbluhuran terpencil (provinsi pinggiran atau milik negara) nyaéta semacam hubungan " peta manusia" . -La "terpisah. Jenis struktur politik ieu nyaéta struktur diskrit dengan kekuatan kondensasi populasi nu sangat rendah.

Setelah melakukan survei jeung penelitian tentang konteks budaya jeung pola sejarah perkembangan politik Asia Kidul Wétan awal , sarjana Inggris Oliver William Wolters telah ngaemukakan semacam teori "What" Circles of Kings "(Circles of Kings), atau disebut" Theory of Mandala ". "Keberadaan struktur politik 'kerajaan' nyaéta fenomena umum di awal sejarah Asia Kidul Wétan ," kata Wolters.Peta politik awal Asia Kidul Wétan nyaéta ti perkembangan organisasi tipe jaringan kelompok pemukim pada zaman prasejarah, apalagi dalam catatan sejarah menunjukkan situasi bagian mandala nu tumpang tindih atau tambal sulam nu "melingkari raja". Di dalam setiap mandala, ada seorang raja nu mibanda semua kekuatan para dewa jeung alam semesta. Dia ngaklaim otoritasnya luhur sekutu-sekutunya jeung para panguasa agung lainnya nu secara nominal telah menaklukkannya di dalam kerajaan. "

Dalam konotasi "teori mandala" ada dua poin penting nu mendasar: pertama, ti sudut panjeungg agama, panguasa berbagi otoritas ketuhanan, nu melalui ritual keagamaan ngabuat tuhan sendiri ngauduskan, menarik pangikut; kedua, secara politis, "pangepungan kerajaan" mewakili situasi politik tertentu nu teu stabil dalam wewengkon geografis tanpa bluhur tetap, loba pusat kekuasaan. Kekuasaan di dalam "kerajaan" bergantung pada hubungan kepercayaan pribadi nu ngabentuk "jaringan kesetiaan politik. ". Dalam situasi ieu, peran panguasa terjangkung sabenerna bukanlah sebagai diktator ( tiran ), tetapi sebagai mediator nu dapat ngapangaruhi jeung menjaga perdamaian.kota-negara bagian ). Dengan demikian, kendali admieustratif panguasa luhur "kerajaan" biasanya terbluhur pada wewengkon di bawah pangaruh langsungnya. Hal ieu ngabuat pangaruh politik ti monarki pusat di "kerajaan" sangat teu mungkin berlanjut untuk jangka waktu nu lama, atau ngaalami perubahan nu terkait dengan peralihan kekuasaan, keilahian jeung kekuasaan politik, senepi ngaarah pada reorganisasi ruang politik nu berkelanjutan. ".

Cindekna, aacara umum masarakat di Daratan Asia Kidul Wétan loba anu ngageman agama Budha.[9][10][11][12][13]

Kaayaan latar liwat[édit | édit sumber]

Ujung kidul di sumananjung Indochina ngontrol tempat pasimpangan di sagara wétan, Selat Singapura jeung Selat Malaka, mangrupa jalur latar liwat penting pikeun industri transportasi sagara internasional jeung mibanda kapentingan strategis jeung latar liwat.

Loba kota-kota badag di basisir anu kahubungkeun ku palabuan-palabuan utamana ku palabuan Hai Phong, Da Nang, Nha Trang, palabuan Saigon, palabuan Sihanoukville, palabuan Sattahip, palabuan Bangkok, palabuan Singapura, palabuan Klang, palabuan Penang, palabuan Mawlamyine, palabuan Myeik jeung palabuan nuon. Unggal nagara di sumananjung geus bisa dipastikeun mibanda hubungan sajarah jeung budaya anu patali pageuh jeung China atawa India.

Tempo ogé[édit | édit sumber]

Portal Portal Portal Portal

Konsép régional anu patali[édit | édit sumber]

  • Daérah linguistik Asia Kidul Wétan Daratan
  • Massif Asia Kidul Wétan
  • Zomia

Subregions[édit | édit sumber]

  • Chersonese Emas
  • Mekong Badag Subregion
  • Sumananjung Malaya

Référénsi [édit | édit sumber]

  1. Vimalin Rujivacharakul, ed. (2013). Architecturalized Asia : mapping a continent through history. Hong Kong University Press. p. 89. ISBN 9789888208050. 
  2. Malte-Brun, Conrad (1827). Universal Geography, Or, A Description of All the Parts of the World, on a New Plan, According to the Great Natural Divisions of the Globe: Improved by the Addition of the Most Recent Information, Derived from Various Sources : Accompanied with Analytical, Synoptical, and Elementary Tables, Volume 2. A. Finley. pp. 262–3. 
  3. Wesseling, H. L. (2015). The European Colonial Empires: 1815–1919. Routledge. ISBN 9781317895060. 
  4. Keyes, Charles F. (1995). The golden peninsula : culture and adaptation in mainland Southeast Asia (Pbk. reprint ed.). University of Hawaii Press. p. 1. ISBN 9780824816964. 
  5. Severynse, Marion, ed. (1997). The Houghton Mifflin Dictionary Of Geography. Houghton Mifflin Company. ISBN 0-395-86448-8. 
  6. Paul Roux, Jean (2002). Gallimard, ed. Genghis Khan jeung Kakaisaran Mongol. ISBN 2-07-076556-3. 
  7. "Biogeographic region - Fauna". Encyclopedia Britannica. 
  8. Marion Severynse, ed. (1997). The Houghton Mifflin Dictionary Of Geography. Houghton Mifflin Company. ISBN 0-395-86448-8. 
  9. "Malaysia". The World Factbook. (2016-09-28). Central Intelligence Agency. 
  10. "Thailand". The World Factbook. (2016-09-28). Central Intelligence Agency. 
  11. "Myanmar". The World Factbook. (2016-09-28). Central Intelligence Agency. 
  12. "Cambodia". The World Factbook. (2016-09-28). Central Intelligence Agency. 
  13. "Vietnam". The World Factbook. (2016-09-28). Central Intelligence Agency. 

Bacaan satuluyna[édit | édit sumber]

Tumbu kaluar[édit | édit sumber]