Ki hiang

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Loncat ke navigasi Loncat ke pencarian
Ki hiang
Doon Siris (Albizia procera) at Jayanti, Duars, West Bengal Im Picture 211.jpg
Status konservasi
Not evaluated (IUCN 3.1)
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
(unranked):
(unranked):
(unranked):
Ordo:
Kulawarga:
Génus:
Spésiés:
A. procera
Ngaran binomial
Albizia procera
(Roxb.) Benth. (1844) [1]
Sinonim

Mimosa procera Roxb. (1799)[2]
Mimosa elata Roxb. (1832)
Mimosa coriaria Blanco (1837)


Ki hiang nyaéta hiji tangkal kai anu asalna tina kulawargga Fabaceae.[3] Loba kapanggih hirup ti mimiti India kulon , Asia Tenggara, Tiongkok kidul, Nusantara, nepika Australia kalér.[3]

Ngaran séjén[édit | édit sumber]

Dina basa Inggris dipiwanoh sabagé white siris, forest siris, tall albizia atawa brown albizia; ieu tangkal ogé mibanda ngaran séjén, saperti: oriang (Mal.), akleng parang (Fil.), thington, suan (Thai), sit, kokko-sit (Burma), jeung réa-réa deui[3]. Sebutan dina basa daérahna kayaning: ki hiang (Sd.); weru, wangkal (Jw.); beru, bangkal (Md.)[4]. Epitet spesifikna, procera, asalna tina basa Latin procerus anu hartina “jangkung”, dumasar kana dedegan ieu tangkal ki hiang. [5].

Pedaran[édit | édit sumber]

Buahna ngawujud polongan
Régang aya daunna
Tangkal

Tangkal anu ukuran sedeng, jangkungna nepika 30 m kalayan buleudan tangkalna 35(–60) cm. Dahan heunteu aya régang, panjang nepika 9 m, lempeng aya ogé anu ngeluk. Kulit tangkal lemes, di luarna kulawu héjo pias, coklat semu konéng, nepika semu coklat, ngarangkadak, kulit sakapeung molotok wujud aripis; bagéan jerona oranyeu, tukuy héjo, jeung konéng jarami atawa beureum jambu di bagéan jerona. Régang - régang buleud jeunng dugul. Tajukna renggang.[3]

Daun majemuk menyirip berganda, kalayan 2–5 pasang cécépét anu méh pasingareup-singareup; tulang daun utama 10–30 cm, gundul, aya kelenjar 1–2,5 cm di luhur puhu gagang daun; kelenjar wujudna lonyod ngaleutikan ka tungtung, panjang 4–10 mm, napel,katempona rata tapi aya ogé anu kewung. Cécépét 12–20 cm panjangna, gundul, aya 5–11 pasang anak daun, gagangna pendék 2 mm; anak daun pasingareup-singareup, buleud endog asimetris malahan aya anu ampir kawas kupat dibeulah, 2–4,5(–6) cm x 1–2,2(–3,2) cm, kawas kertas anu jegjreg atawa rada heureut jangat, aya bulu lemes saeutik.[3]

Kembang majemuk dina bongkol, gagangna (0,8–)1,5—2(–3) cm, aya 15–30 kuntum kembang napel dina pendulna. Kembang-kembang berkelamin dua, bilangan-5; kelopak ngawujud pipa atawa corong purek, 2,5–3 mm, gundul, héjo ngora, taju juru tilu méncos; mahkota kawas corong, 6–6,5 mm, bodas semu héjo, kalawan tabung gundul, taju jorong runcing 2–2,5 mm; benangsari loba, ngahiji dina puhuna wujudna tabung anu leuwih panjang tibatan tabung mahkota. Buah wujudna polong lempeng, ipis rata, saperti pita kertas, 11,5–20 cm × 2–2,5 cm, gundul, coklat kolot aya ogé semu beureum, dina palebah anu aya sikian katempo béda, meleték sorangan. Siki gepéng, wujudna lonyod aya ogé buleud, 7,5–8 mm × 4,5–6,5 mm × 1,5 mm.[3]

Ékologi jeung agihan[édit | édit sumber]

Ki hiang menyebar utamana di leuweung, tegalan, lahan taneuh nu teu dipiara pirogenik, nepi ka leuweung rawa leutik anu usum-usuman. Tangkal ieu ogé loba kapanggih di leuweung sekunder anu teu pati kékép sarta di wewengkon anu usum halodona leuwih lila. Sanajan kitu ieu tangkal bisa hirup kalawan subur di daérah anu turun hujanna leuwih ti 2.500 mm dina sataun tur rata-rata suhu dina 21–32 °C. Ki hiang bisa ngababadeg di tegalan (Imperata cylindrica).[5]

Ki hiang nyebar ku manéh di Nepal, India, Burma, Thailand, Kamboja, Laos, Tiongkok, Taiwan, Vietnam, Malaysia, Indonesia, Brunei, Filipina, Papua Nugini, jeung Australia. Ieu tangkal diintroduksi ka Amerika Tengah (Panama, Puerto Rico, Bahama, Barbados, Haiti, Jamaica, Kuba, Republik Dominika, Trinidad dan Tobago dll.) katut Afrika (Sudan, Tanzania, Zimbabwe).[5]

Siki

Kai[édit | édit sumber]

Kai ki hiang kagolong kana kai sedeng nepikeun ka beurat, kalayan dénsitas 600–950 kg/m³ dina kadar cai 15%[6], kuat, awét, jeung tahan tina serangan rinyuh[7]. Kelir kaina coklat aya ogé coklat ngora, katempo gurat caang jeung poék; hésé mun diragaji alatan ayana haramay kai anu ngagunduk[7]. Heyne nulis yén kai ki hiang mibanda beurat sedeng nepi ka rada beurat, rada teuas, rada padet, berserat kasar, coklat ngagurilap nepi ka coklat semu hideung, sarta kualitét lumayan (kaasup kelas kuat II jeung kelas awét II)[4]. Di Pilipina aya hiji parcobaan ngubur kai A. procera tahan nepika 10 taun, kai A. saponaria (langir) tahan 3 taun jeung kai A. chinensis (séngon ) ngan nepi 16 bulan[6].

Di Jawa, kai ki hiang dipuji alatan sipat anu awét, kakuatan, kitu deui kaéndahana; dipikaresep pikeun nyieun parabot rumah tangga, wangunan imah jeung jambatan, pakakas tatanén jeung sajabana[4]. Kai ki hiang ogé dipaké pikeun nyieun keréta, roda, parahu, mebel, peti, tihang, jeung ukiran; bisa ogé pikeun bubur kertas/ pulp jeung kertas anu hadé kualitétna. [7].

Mangpaat Agroforestri[édit | édit sumber]

A. proceraremen dipelak pikeun tangkal sarwaguna: pangiuhan, parab ingon-ingon, suluh, areng, tangtuna kai bahan bangunan jeung mebel. Ki hiang bisa dipelak pikeun tangkal pangiuh dina perkebunan teh. Daun-daun jeung régangna dimanfaatkeun pikeun héjoan anu loba mibanda protein parab ingon-ingon saperti sapi, munding, domba, onta, jeung ogé gajah, di Asia Selatan jeung Pilipina; ngan di Nusa Tenggara daun-dauna ieu langka dimangpaatkeun.[7]

Ki hiang ogé dipelak pikeun ngahias jalan, nahan gelebugna angin, sarta pikeun ngarehabilitasi lahan-lahan anu kritis jeung ngarandapan erosi. Sagigireun ti kitu dipaké ngiuhan tankal ntéh jeung kopi. Akarna bisa nunda nitrogen sarta ngaronjatkeun kasuburan taneuh, sarta nahan cai jero taneuh.[3]

Pikeun parab ingon-ingon, daun-dauna mibanda loba serat/fiber sarta lignin, ngajadikeun ieu daun hésé dicerna ku ingon-ingon. Kandungan nutrisi anu cukup: N, K, Ca jeung Mg, ngan kurang dina unsur Na jeung P; anu matak kudu dicampur jeung bahan pakan anu séjén. Salian ti éta, niley énérgi ki hiang pikeun suluh nunjukeun 20.500–21.000 kJ/kg.[3]

Dicutat tina[édit | édit sumber]

  1. Bentham, G.. 1844. Lond. J. Bot. 3: 89
  2. Roxburgh, W.. 1799. Pl. Corom. 2: 12, i. 121
  3. a b c d e f g h Van Valkenburg, J.L.C.H. 1997. Albizia procera (Roxb.) Benth. [Internet] Record from Proseabase. Faridah Hanum, I & van der Maesen, L.J.G. (Editors). Auxiliary Plants.: Plant Resources of South-East Asia 11: 65-68. PROSEA (Plant Resources of South-East Asia) Foundation, Bogor, Indonesia. Accessed from Internet: 25-Jan-2013
  4. a b c Heyne, K. 1987. Tumbuhan Berguna Indonesia 2: 872-874. Badan Penelitian dan Pengembangan Kehutanan, Bogor.
  5. a b c ICRAF Agroforestry Tree Database: Albizia procera Benth., diakses pada 25/01/2013
  6. a b Rojo, J.P. 1998. Albizia Durazz. in M.S.M. Sosef, L.T. Hong and S. Prawirohatmodjo. Timber Trees: Lesser known timbers. Plant Resources of South-East Asia (PROSEA) 5 (3): 58-62. PROSEA Foundation, Bogor. ISBN 979-8316-19-3
  7. a b c d Winrock Fact Sheet: Albizia procera Benth., diaksés pada 25/01/2013
Nulis.jpg



Tutumbu ka luar[édit | édit sumber]

Wikimedia Commons logo
Wikimedia Commons mibanda média séjénna ngeunaan