Lompat ke isi

Moldova

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Pikeun kagunaan lian ti "Moldova" tempo Moldova (disambiguasi)
Republica Moldova
Républik Moldova
Bandéra Moldova Lambang Moldova
Lagu
Limba noastră  
Basa Urang
Location of Moldova
Location of Moldova
Lokasi Moldova (héjo)
di buana Éropa (kulawu kolot)
Ibu kota
(jeung kota panggedéna)
Kishinév
47°0′N 28°55′E
Basa resmi Moldova
Basa régional Gagauz, Rusia, Ukraina, jeung Bulgaria
Démonim Moldova
Pamaréntah Rapublik parleménter
 -  Présidén Maia Sandu (Майя Санду
 -  Perdana Menteri Natalia Gavrilița (Наталья Гаврилица)
 -  Pupuhu parlemén Igor Grosu (Игорь Гросу)
Konsolidasi
 -  Déklarasi kadaulatan 23 Juni 1990 
 -  Déklarasi kamerdékaan (ti Uni Soviét)
27 Agustus 19912 
Aréa
 -  Total 33,846 km² (139)
13,067 mil² 
 -  Cai (%) 1.4
Populasi
 -  Perkiraan  1 Januari 2011[1][2] 3.560.430 (teu kaasup Transnistria jeung Bender) (1293)
 -  Sénsus 2004 3.383.3324 
GDP (PPP) Perkiraan 2009
 -  Total $10.141 milyar[3] 
 -  Per kapita $2.842[3] 
GDP (nominal) Perkiraan 2009
 -  Total $5.403 milyar[3] 
 -  Per kapita $1.514[3] 
Gini? (2007) 37.1 (medium
HDI (2007) 0.708 (medium) (111th)
Mata uang Leu Moldova (MDL)
Zona wanci EET (UTC+2)
 -  Usum panas (DST) EEST (UTC+3)
TLD Internét .md
Kode telepon +373

Républik Moldova (basa Romania: Republica Moldova) mangrupa nagara nu aya di antara Rumania jeung Ukraina, di Éropa Wétan. Moldova teu miboga aksés ka laut.

Dina jaman baheula, Moldova mangrupa bagian ti Dacia, nu labuh ka kawasa Romawi. Kalobaannana ti wewengkon Moldova mangrupa bagian ti Kapangéranan Moldavia dina abad patengahan. Bagian wétan kapangéranan ieu teras dianéksasi ku Kakaisaran Rusia dina taun 1812 jeung wewengkon ieu kawanoh minangka Bessarabia. Nalika pambubaran Kakaisaran Rusia taun 1917, Républik Démokratik Moldavia diwangun, nu saterasna ngagabung jeung Romania Raya dina taun 1918. Dina taun 1940, Bessarabia dikawasaan ku Uni Soviét, jeung dibagi antara Républik Sosialis Soviét Ukraina jeung Républik Sosialis Soviét Moldova. Kalawan labuhna Soviét taun 1991, Moldova ngadéklarasikeun kamerdékaanna.

Nagara ieu mangrupa nagara démokrasi parleménter, kalawan présidén salaku pupuhu nagara jeung perdana menteri salaku pupuhu pamaréntahan. Moldova mangrupa anggota PBB, WTO, OSCE, GUAM, CIS, BSEC, jeung organisasi internasional lianna. Moldova ayeuna ngusahakeun sangakan ngagabung ka Uni Éropa.[4][5]

Kira-kira ¼ padumuk Moldova masih hirup kalawan pangasilan kirang ti $2 per poé.[6]

Sajarah

[édit | édit sumber]
 Artikel utama: Sajarah Moldova.
Ştefan III ti Moldavia, pangéran Moldavia antara taun 1457 nepi ka 1504.

Dina jaman Néolitik, wewengkon Moldova mangrupa puseur paradaban Cucuteni-Trypillia. Paradaban nu lumangsung ti taun 5500 nepi ka 2750 SM ieu geus nyaho tatanén, ingon, pamoroan, jeung gagarabah.[7] Dina éra klasik, bangsa Dacia nyicingan wewengkon Moldova. Antara abad ka-1 nepi ka abad ka-7, wewengkon ieu dikawasa ku Kakaisaran Romawi. Lantaran aya dina rute antara Asia jeung Éropa, wewengkon Moldova modérn ditarajang turut-tumurut ku séé Goth, Hun, Avar, Magyar, Pecheneg, Cuman, jeung Mongol.

Dina taun 1359, Kapangéranan Moldavia diwangun. Kapangéranan ieu minangka tributary Kasultanan Utsmaniyah kalawan hak otonomi internal taun 1538. Liwat Traktat Bukares 1812, Utsmaniyah masihan wewengkon wétan Moldavia (katelah minangka Bessarabia) ka Kasultanan Utsmaniyah. Bagian kulon Moldavia (nu sanés wewengkon Moldova modérn) tetep minangka kapangéranan otonom, jeung dina taun 1859 bareng jeung Wallachia ngawangun Karajaan Romania.

Sanggeus Révolusi Rusia 1917, Républik Démokratik Moldavia diproklamasikeun. Salajengna, républik ieu ngahiji jeung Romania Raya taun 1918. Dina 28 Juni 1940, basa Perang Dunya II, Romania narima ultimatum ti Uni Soviét.[8] Romania kapaksa masihan Bessarabia jeung Bukovina Kalér ka Soviét pikeun nyingkahan perang.[9] Ku Soviét, wewengkon éta teras dibagi antara Républik Sosialis Soviét Ukraina jeung Républik Sosialis Soviét Moldova. Dina taun 1991, Uni Soviét éléh, jeung Moldova ngadéklarasikeun kamerdékaanna dina 27 Agustus 1991.

Dina Séptémber 1990, pamaréntahan séparatis diwangun di Transnistria (wewengkon Moldova). Sanggeus [[Perang Transnistria|perang taun 1992]], Transnistria sacara de facto merdéka, tapi euweuh anggota PBB nu ngakuan kamerdékaanna.

Politik jeung pamaréntahan

[édit | édit sumber]
Parlemén Moldova.

Moldova ngalaksanakeun pamaréntahan républik parleménter nu démokratis jeung répréséntatif. Konstitusi Moldova 1994 ngatur lumangsungna pamaréntahan.[10]

Badan législatif Moldova nyaéta Parlemén Moldova (Parlament), nu miboga 101 korsi jeung anggotana dipilih saban opat taun. Pupuhu nagara Moldova nyaéta présidén, nu dipilih ku parlemén. Présidén bisa nunjuk perdana menteri nu kagungan tugas salaku pupuhu pamaréntahan jeung bisa nunjuk kabinét. Institusi yudikatif dilaksanakeun ku Pangadilan Konstitusional Moldova.

Hubungan luar nagri

[édit | édit sumber]

Sanggeus miboga kamerdékaanna, Moldova mimiti muka hubungan jeung nagara-nagara Éropa. Moldova ngagabung ka Déwan Éropa, PBB, OSCE, NACC, WTO, IMF, Bank Dunya, Francophonie, jeung European Bank for Reconstruction and Development. Moldova ogé ngusahakeun néang paréngséan rapih dina konflik di Transnistria kalawan ménta bantosan médiasi internasional.

Géografi

[édit | édit sumber]
Pamandangan lebak Dniester

Moldova mangrupa nagara nu aya di Éropa Wétan. Posisi Moldova aya dina koordinat 45°28' - 48°28' kalér jeung 26°40' - 30°06' wétan.[11] Luas nagara Moldova nyaéta 33.843 km², kalawan luas wewengkon daratan kira-kira 33.371 km² jeung luas caina 472 km².[11]

Kalobaannana ti wewengkon Moldova aya di antara dua walungan, nyaéta Walungan Dniester jeung Prut. Wates kulon Moldova diwangun ku walungan Prut, samentara walungan utama di wétan nyaéta Dniester nu ngalir ti kalér ka kidul.

Nagri ieu teu boga aksés ka laut sanajan aya di deukeut Laut Hideung. Kalobaannana ti wewengkon Moldova loba papasiran, tapi kaluhuran teu pernah leuwih ti 430 m (1,411 ft). Puncak pangluhurna di Moldova nyaéta Pasir Bălăneşti. Papasiran di Moldova mangrupa bagian ti Dataran Luhur Moldavia, nu sacara géologis asalna téh ti Pagunungan Carpathia. Di kidul Moldova aya dataran handap nu disebut dataran Bugeac.

Moldova miboga 745 rupa taneuh, jeung 75% di antarana chernozem, 10% taneuh leuweung soklat jeung kulawu, 7% taneuh dataran caah jeung padang jukut, sarta 8% mangrupa rupa taneuh nu séjén.[11] 53% taneuh Moldova dipaké pikeun ngawuluju taneuh, 14% pikeun tatanén gandum, 13% pikeun ladang pastura, 9% leuweung jeung 11% sésana pikeun kagunaan kagunaan lian.[11]

Végétasi utama Moldova nyaéta stépa leuweung, nu diwangun ti tegal jeung leuweung.[12] Dina abad ka-19, wewengkon leuweung Moldova ngirang drastis lantaran dikonvérsi kana lahan tatanén. Di Moldova aya kira-kira 2.300 rupa tutuwuhan, 68 rupa mamalia, 270 rupa manuk jeung kira-kira 10.000 rupa invértébrata.

Moldova miboga lahan tatanén nu alus, tapi ngan miboga saeutik sumber daya mineral.[13] Sumber daya alam Moldova mangrupa material wangunan, bahan atah semén, kaca, jeung beusi. Di nagara ieu aya ogé saeutik lahan minyak jeung gas.[11]

Babagian administratif

[édit | édit sumber]
Babagian administratif Moldova.

Moldova kabagi kana 32 distrik (raionul), tiga munisipalitas (Bălţi, Kishinev, Bender) jeung dua wewengkon otonom (Gagauzia jeung Transnistria). Aya 65 kota jeung 917 komune di Moldova.

Di handap ieu nyaéta daptar distrik di Moldova:

Status ahir Transnistria masih dipaséaan sabab pamaréntah puseur heunteu ngawasaan wewengkon éta.

Ékonomi

[édit | édit sumber]
 Artikel utama: Ékonomi Moldova.
Leu Moldova.

Kalawan PDB per kapita (PPP) $2.842,[3] Moldova mangrupa nagara nu pangmiskinna di Éropa.[14] Moldova teu miboga sumber daya mineral nu gedé, janten ékonomina ngagantung kana agrikultur.

Taneuh nu subur jeung iklim nu sedeng ngajadikeun Moldova salaku panyuplai utama produk agrikultur di Éropa Tenggara. Nagara ieu katelah kana wine-na. Moldova miboga lahan anggur saluas 147.000 héktar.

Nagri ieu kedah ngimpor minyak bumi, batu bara, jeung gas alam pikeun minuhan kabutuhan énerginya. Kalobaannana ti sumber daya diimpor ti Rusia. Moldova masih ngusahakeun néangan invéstor dina widang énergi.[15]

Di Moldova, aya jalur karéta api sapanjang 1,138 km (707 mi) jeung jalan bébas sapanjang 12,730 km (7,910 mi)*. Jalan asup utama ka Moldova liwat udara nyaéta Bandar Udara Internasional Kishinev.

Démografi

[édit | édit sumber]
Komposisi étno-linguistik Moldova taun 2004

Dumasar kana sénsus taun 2004,[16] Moldova dikira-kira miboga populasi 3.938.679 jiwa (kaasup Transnistria jeung Bender). 69.62% ti padumuk Moldova mangrupa bangsa Moldova. Étnis lian di Moldova nyaéta Ukraina (11.23%), Rusia (9.39%), Gagauz (3.85%), Romania (1.87%), Bulgaria (2.02%), Rom (0.32%), Yahudi (0.12%)[17], Polandia (0.11%), jeung sababaraha grup étnis lianna (1.46%).

Konstitusi Moldova nyebutkeun yén basa resmi Républik Moldova nyaéta basa Moldova, jeung panulisanna dumasar kana aksara Latin,[18] samentara déklarasi kamerdékaan Moldova nyebutkeun yén basa resmi Moldova nyaéta basa Romania.[19][20]

Aya kontrovérsi ngeunaan idéntitas étnis Moldova. Sababaraha ahli satuju yén basa Moldova jeung Romania mangrupa basa nu sarua. Pamikiran ieu ogé diageman ku sababaraha politikus Moldova.[21] Dina 29 Séptémber 2009, Perdana Menteri Moldova Vlad Filat janten pamingpin Moldova kahiji nu sacara kabuka nyebatkeun yén basana nyaéta "basa Romania.[22]

Basa Rusia diberé status "basa pikeun komunikasi antarétnis" di Moldova. Dina praktikna, basa ieu sacara luas digunakeun dina masarakat jeung pamaréntahan.[23] Basa Gagauz jeung Ukraina miboga jumlah panyatur nu lumayan loba.

Agama nu loba diageman di Moldova nyaéta Ortodoks Wétan (93.3%). 2% populasi Moldova ngageman agama Protéstan, 1.2% agama lian, 0.9% iréligius jeung 0.4% atéis.[16]

 Artikel utama: Budaya Moldova.
Hiji perangko Moldova.

Budaya Moldova mangrupa campuran ti budaya Romania jeung Soviét. Idéntitas budaya Romania sorangan kawangun ti pangaruh budaya Romawi jeung Dacia, dibeungharan ku pangaruh budaya Slavia dina abad patengahan.[24] Figur penting dina kamekaran budaya Moldova nyaéta Varlaam, Dosoftei, Grigore Ureche, Miron Costin, Petru Movilă, Nicolae Milescu-Spãtaru, Dimitrie Cantemir, Ion Neculce, Gavriil Bănulescu-Bodoni, Alexandru Hîjdău, Alexandru Donici, Constantin Stamati, Costache Negruzzi, Bogdan P. Hasdeu, Ion Creangă, jeung Mihai Eminescu.

Tempo ogé

[édit | édit sumber]

Catetan suku

[édit | édit sumber]
  1. National Bureau of Statistics of Moldova Archived 2009-11-13 di Wayback Machine
  2. 2004 census of Transnistrian region Archived 2006-04-23 di Wayback Machine
  3. a b c d e "Moldova". International Monetary Fund. Diakses tanggal 2010-04-21.  Archived 2011-05-04 di Wayback Machine
  4. "Moldova will prove that it can and has chances to become EU member,". Moldpress News Agency. June 19, 2007.  Archived Maret 3, 2016, di Wayback Machine
  5. "Moldova-EU Action Plan Approved by European Commission". moldova.org. 14 December 2004. Diakses tanggal 2 Juli 2007.  Archived 13 Januari 2009 di Wayback Machine
  6. Human development indices Archived 2020-05-20 di Wayback Machine
  7. [|Constantinescu, Bogdan]; [|Bugoi, Roxana]; Pantos, Emmanuel; Popovici, Dragomir (2007). "Phase and chemical composition analysis of pigments used in Cucuteni Neolithic painted ceramics". Documenta Praehistorica (Ljubljana: Department of Archaeology, Faculty of Arts, University of Ljubljana) XXXIV: 281–288. ISSN 1408-967X. OCLC 41553667. Diarsipkan dari yang asli on 14 May 2011. http://web.archive.org/web/20110514095641/http://193.2.104.55/documenta/pdf34/DPConstantinescu34.pdf. Diakses pada 29 November 2009.  Archived 14 Méi 2011 di Wayback Machine
  8. Ioan Scurtu, Theodora Stănescu-Stanciu, Georgiana Margareta Scurtu (2002). Istoria Românilor între anii 1918-1940 (dalam Romanian). University of Bucharest. Diarsipkan dari versi asli tanggal 2007-11-13.  Archived 2007-11-13 di Wayback Machine
  9. Nagy-Talavera, Nicolas M. (1970). Green Shirts and Others: a History of Fascism in Hungary and Romania. Hoover Institution Press. p. 305. 
  10. Parliament of the Republic of Moldova. The Constitution of the Republic of Moldova Archived 2008-05-01 di Wayback Machine 2000. Diakses pada 11-14, 2007.
  11. a b c d e Moldova’s geography Archived 2010-01-16 di Wayback Machine, allmoldova.com
  12. Concept of National Ecological Network of the Republic of Moldova Archived 2015-11-23 di Wayback Machine
  13. Dimireva, Ina (Citakan:ISO date/fr1). "Moldova: Economy Overview". EUbusiness. http://www.eubusiness.com/europe/moldova/econ. Diakses pada 3 Juni 2008  Archived 2010-07-12 di Wayback Machine
  14. "Europe's poorest country Moldova holds election". Europarl.europa.eu. 2009-04-13. Diakses tanggal 2009-10-07.  Archived 2009-08-21 di Wayback Machine
  15. "INOGATE website".  Archived 2019-11-18 di Wayback Machine
  16. a b (Romania) National Bureau of Statistics of Moldova Archived 2008-11-18 di Wayback Machine
  17. Jewish Virtual Library: "Moldova Archived 2005-11-03 di Wayback Machine".
  18. "Article 13, line 1 - of Constitution of Republic of Moldova".  Archived 2008-05-01 di Wayback Machine
  19. (Romania) Declaraţia de independenţa a Republicii Moldova Archived 2008-02-05 di Wayback Machine, Moldova Suverană
  20. A Field Guide to the Main Languages of Europe - Spot that language and how to tell them apart, on the website of the European Commission
  21. "Marian Lupu: Româna şi moldoveneasca sunt aceeaşi limbă". Realitatea .NET. Diakses tanggal 2009-10-07.  Archived 2015-12-22 di Wayback Machine
  22. In Brussels on September 29, Filat became the first Moldovan leader in a decade to publicly announce abroad that his language is "Romanian" Archived 2010-09-09 di Wayback Machine
  23. (Romania) "Concepţia politicii naţionale a Republicii Moldova" Parlemen Moldova
  24. Lucian Boia, James Christian Brown (2001). Romania: Borderland of Europe. Reaktion Books. pp. 13, 36–40. ISBN 9781861891037. 

Tumbu kaluar

[édit | édit sumber]
Pék paluruh émbaran nu leuwih loba ngeunaan Moldova ku jalan nyungsi proyék sabaraya Wikipédia
Définisi kamus ti Wiktionary
Buku téks ti Wikibooks
Cutatan ti Wikiquote
Téks sumber ti Wikisource
Gambar jeung média ti Commons
Warta ti Wikinews
Sumber pangajaran ti Wikiversity

   Tempo ogé Moldova di Wikivoyage