Wikipedia:Gambar petingan/Daptar Gambar petingan 2010
Daptar Gambar petingan nu kapilih dina taun 2010:
Dua mojang panari Bali (potrét dijieun taun 1929).
Sumber: Wikimedia Commons
Basisir Glass di Fort Bragg, Kalifornia, AS.
Sumber: Wikimedia Commons
Gajah Laut Pakidulan (Mirounga leonina) ngora di Georgia Kidul.
Sumber: Wikimedia Commons
Bikang andromorf (kelir jalu) Papatong Jarum (Enallagma cyathigerum) mangsa sanggeus usum hujan di Ahlenmoor, Jérman.
Sumber: Wikimedia Commons
Mobil listrik "Audi e-tron" midang munggaran dina Pagelaran Motor Internasional 2009 di Frankfurt, Jérman.
Sumber: Wikimedia Commons
Astronot Piers J. Sellers, manukna dina misi STS-121, ngarayap di luar Stasiun Luar Angkasa Internasional dina rintakan katilu sakaligus mungkas kagiatan luar wahana (extravehicular activity, EVA). Para astronot bulak-balik migunakeun pesawat ulang alik Discovery anu bisa euntreup di éta stasiun.
Sumber: Wikimedia Commons
Simeut Gastrimargus musicus nubruk pager kawat cucukan. Ieu spésiés bisa dibédakeun ku kelir jangjang jerona anu konéng polét hideung anu katempo pas keur hiber (ku kituna di Tatar Sunda aya nu nelahkeun 'simeut kukupu', da siga kukupu). Dina ieu gambar kabeneran pisan sakadang simeut nu keur hiber katempo jangjangna nubruk kawat cucuk.
Sumber: Wikimedia Commons
Panorama kota kolot Mostar di Bosnia-Hérzégovina. Ieu poto dicokot ti munara Masjid Koski Méhméd Pasha, némbongkeun Rawayan Kolot luhureun walungan Neretva.
Sumber: Wikimedia Commons
Kuntul triwarna (Egretta tricolor) keur nyiar lauk di Green Cay Wetlands, Basisir Boynton, Florida.
Sumber: Wikimedia Commons
Imah Nyengceling. Gambar dijieun maké Blender 3D.
Sumber: Wikimedia Commons
Pulo leutik di Situ Vuoksa, wilayah (oblast) Leningrad, Rusia.
Sumber: Wikimedia Commons
Kidang Beureum, Cervus elaphus (bikang) di Taman satwa Wisentgehege Springe, deukeut Springe, Hanover, Jérman.
Sumber: Wikimedia Commons
Tapak anjing laut dina lambaran és nu ngambang di Samudra Antartika.
Sumber: Wikimedia Commons
Gambar nu némbongkeun bagbagan awak (anatomi) reungit (Culex pipiens).
Sumber: Wikimedia Commons
Bungkeuleukan tilu diménsi tina sisi koin 1-euro: bentuk béntang nu nonjol asalna tina salah sahiji béntang (aya dua welas dina unggal sisi) dina koin 1 euro. Profil 3D diukur migunakeun mikroskop cahya konfokal µsurf ti NanoFocus. Nu diukur legana 800 µm x 800 µm pasagi (0,8 mm x 0,8 mm), anapon jerona kira 60 µm (0,06 mm). Kelir dina beungeutna némbongkeun luhurna, luyu jeung skala katuhueun gambar. Grafikna dijieun maké MATLAB.
Sumber: Wikimedia Commons
Simeut Schistocerca americana anu katelah Simeut Amérika. Green Swamp, Florida.
Sumber: Wikimedia Commons
Piton Alit atawa Petit Piton (739 m lbl), Situs Warisan Dunia UNESCO, ditempo ti réstoran Hotél Ladera. Ieu téh hiji ti dua gunung anu aya di Basisir Soufrière, bagian kulon-ngidul Saint Lucia. Perenahna di tengah basisir, kiduleun kota Soufrière, kaléreun gunung pasanganana: Piton Ageung (Gros Piton, 771 m lbl).
Sumber: Wikimedia Commons
Légé Cetonia aurata ti Prancis, ukuran 4,4 cm x 2 cm.
Sumber: Wikimedia Commons
Andradit: kristal tunggal (4,2 cm) - Diakon, Nioro du Sahel Circle, Wilayah Kayes, Mali.
Sumber: Wikimedia Commons
Kastil Montezuma di Arizona, titinggal kaadaban Sinagua kira-kira sarébu taun kalarung.
Sumber: Wikimedia Commons
Merak keur midang, mébérkeun buntutna anu warna-warni.
Sumber: Wikimedia Commons
Sumber: Wikimedia Commons
Ubur-ubur Bulan (Aurelia aurita Linnaeus, 1758) dina akuarium Pairi Daiza di Bélgia.
Sumber: Wikimedia Commons
Lokomotif 7 ti Vitznau-Rigi-Bahn, sigana kari hiji-hijina di sakuliah dunya anu hirup kénéh, keur ngarayap ka Gunung Rigi, antara Grubisbalm jeung Freibergen.
Sumber: Wikimedia Commons
Adi-lanceuk barudak Afghanistan di jalan Qala-i-Shada, Kabul.
Sumber: Wikimedia Commons
Cakung Panon-Beureum (Agalychnis callidryas), dipoto deukeut Playa Jaco, Kosta Rika.
Sumber: Wikimedia Commons
Imah panggung Yuga Batu jeung Perunggu néolitik di Musieum Pfahlbau Unteruhldingen, Bodensee, Jérman.
Sumber: Wikimedia Commons
Keuyeup Xantho poressa bikang dina mangsa endogan (ngagayot dina beuteungna) di Laut Hideung.
Sumber: Wikimedia Commons
Konjungsi Mérkurius jeung Vénus, lempeng luhureun Bulan, deukeut Observatorium Paranal.
Sumber: Wikimedia Commons
Supa Mycena interrupta di Leuweung Myrtle, Collinsvale, Tasmania, Australia.
Sumber: Wikimedia Commons
Cinyusu Thermes-Xanthi, Préféktur Xanthi, Yunani.
Sumber: Wikimedia Commons
RhB Ge 4/4 III mawa karéta Regio Express ti St. Moritz ka Chur dina sasak luhureun walungan Landwasser, Suis. Dina ieu lokomotif dipasang iklan jalur karéta Albula jeung Bernina anu ku UNESCO dianggap warisan dunya. Gambar dina lokomotif téh sasak anu keur diliwatan. Dua gerbong nu hareup jandélana panoramik, biasana dipaké di jalur Bernina.
Sumber: Wikimedia Commons
Radiometer Crookes anu diwangun ku bohlam anu vakum parsial. Di jerona aya kolécér anu dipasang dina kumparan. Kolécérna muter lamun kasorot cahya, tapi ari marga lantaranana anu pasti mah para élmuwan ogé can sapuk.
Sumber: Wikimedia Commons
Talaga Lüner ditempo ti Gn. Saulakopf (2.517 m) di Austria. Di beulah kénca Gn. Schafgafall (2.414 m), beulah katuhu Gn. Seekopf (2.698 m). Anu di tukangeun talaga, Gn. Kanzelköpfe (2.437 m) jeung Gn. Girenspitze (2.394 m) mah kaasup wilayah Suis.
Sumber: Wikimedia Commons
Anak manuk Turdus merula umur dua poé.
Sumber: Wikimedia Commons
Badak Hideung (Diceros bicornis) di Cagar Alam Ngorongoro, Tanzania.
Sumber: Wikimedia Commons
Lauk Héjopanon Chlorophthalmus agassiz disorot maké lampu bodas (luhur) jeung ultrabungur (handap), nu némbongkeun fluoreséns héjo tina panonna. Para panalungtik ngumpulkeun rupa-rupa spésimén pikeun ngulik optika di laboratorium dina jero kapal.
Sumber: Wikimedia Commons
Lauk Helcogramma striata dina karang Diploastrea heliopora.
Sumber: Wikimedia Commons
Modél imah Sunda anu dipidangkeun ku paviliun Hindia Walanda dina Pameran Dunya (World Fair) di Paris, Perancis, warsih 1900.
Sumber: Wikimedia Commons (Collectie Tropenmuseum)
Batik tulis Cirebon ti mimiti abad 20, bahan lawon katun, koleksi Akademi Seni Honolulu.
Sumber: Wikimedia Commons
Maung bodas di Taman Safari Indonésia, Cisarua, Jawa Kulon.
Sumber: Wikimedia Commons
Kincir angin di Consuegra, La Mancha, Spanyol.
Sumber: Wikimedia Commons
Manuk Kuntul atawa Manuk Belekok (basa Jawa), Yogyakarta, Indonésia.
Sumber: Wikimedia Commons
Dataran Luhur Tengger di Jawa Tengah, Indonésia, waktu panonpoé medal némbongkeun Gunung Bromo (kawah badag anu ngaluarkeun haseup) sarta Gunung Semeru (haseup di palebah tukang).
Sumber: Wikimedia Commons
Aula Kulon Institut Teknologi Bandung, wangunan titilar mangsa pangjajahan Walanda jeung wangun hateupna anu has. Rarancang arsiték Henri Maclaine Pont.
Sumber: Wikimedia Commons
Tahu Gejrot kadaharan has di Cirebon, Jawa Kulon, Indonésia.
Sumber: Wikimedia Commons
Aksara Sunda Kuna nujul ka hiji sistim ortografi masarakat Sunda nu ngawengku aksara jeung sistim kaaksaraan pikeun nuliskeun basa Sunda. Aksara Sunda Kuna dipaké sahanteuna ti abad ka-14 nepi ka abad ka-18, contona dina Prasasti Kawali.
Sumber: Wikimedia Commons & Wikimedia Commons
Aurora Borealis, dina basa Sunda hartina "cahya kalér", kasampak di luhur Dano Bear, Pangkalan Angkatan Udara Eielson, Alaska, Amérika Sarikat.
Sumber: Wikimedia Commons
Bandara San Fransisco, Amérika Sarikat, ti peuting.
Sumber: Wikimedia Commons
Peta Walanda kuna anu némbongkeun lokasi Pakuan, puseur dayeuh kuna ti karajaan Sunda Pajajaran, deukeut Bogor di Jawa Kulon.
Sumber: Wikimedia Commons
Kaulinan angklung jumplukan Daeng Udjo di Discovery Mall, Kuta, Bali. Maranéhanana arulin antara séjén lagu Michael Jackson "Heal The World".
Sumber: Wikimedia Commons
Kentang nyaéta pepelakan anu umumna tumuwuh kalayan alus di tempat anu iklimna tiis sarta beueus, sanajan sawatara varietas bisa tumuwuh dina skala leutik di wewengkon anu iklimna keur.
Sumber: Wikimedia Commons