Bangkong korodok

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Jump to navigation Jump to search
Bangkong korodok
Status konservasi
Klasifikasi ilmiah
Karajaan: Animalia
Filum: Chordata
Kelas: Amphibia
Order: Anura
Kulawarga: Bufonidae
Génus: Bufo
Spésiés: B. bufo
Ngaran binomial
Bufo bufo
(Linnaeus, 1758)
Tempat hirup bangkong korodok (Eropa)
Sinonim[2]

Bangkong korodok, basa latin ( Bufo bufo), nyaéta bangkong ampibi/hirupna di darat jeung di cai[3] anu mibanda kulit korodok/ngajarendil kawas kutil, kelir kulitna coklat aya ogé anu semu konéng, di mana pindah tempat sakapeung ku jalan ngorondang lalaunan (kawas anu karagok), mimindengna mah aclog-aclogan, bangkong korodok mangsa beurang waktuna dipaké nyumput dina liang atawa sela-sela batu, akar, jeung handapeun kalakay/dangdaunnan anu murag. Mangsa geus datang wanci burit/soré kakara nguniang hudang néangan hakaneun, sabangsaning reungit, rametuk, siraru, atawa gegeremet/invertebrata jeung sajabana nepika isuk-isuk. Bangkong korodok loba kapanggih di sakuliah Indonésia malahan di luar nagara ogé loba kapanggih hirup, saperti di Eropa kajaba di Irlandia, Islandia, jeung sababaraha pulo di Mediterania, Amerika kalér, Afrika kidul ogé aya (henteu pati loba)[3].

Pedaran[édit | édit sumber]

Sanajan sapopoé bangkong korodok hirupna nyorangan bari jeung nyumput, témpona datang usum begér jeung kawin mah, bangkong korodok téh barijil tina panyumputana ngarumpul dina balong, sisi susukan atawa rawa-rawa di mana waé tempat anu mibanda cai, kituna téh bari ramé disarada patémbal-témbal. Bangkong jaluna paheula-heula marebutkeun bikang. Endog bangkong korodok ngambang luhureun cai, laleutik hideung kawas siki sosin/selasih narapel kana tali anu ngagebay kawas kenur tina ager, dina waktuna ieu endog tuluy megar jadi anak bangkong anu disebut buruy. Sababaraha bulan tiharita buruy téh ngalaman metamorfosis tayalian parobahan anu aya dina awakna dicirikeun ku bijilna suku hareup jeung tukang, éta buruy robah ngarana jadi bancét. Hirupna mimiti kaluar ti cai, pindah tihiji tempat ka tempat séjén ku jalan aclog-aclogan [1][3].

Taxonomy[édit | édit sumber]

Shoulder girdle
Tulang tina taktak bangkong
1 suprascapula, 2 scapula, 3 clavicle,
4 procoracoid

Bangkong korodok téh ku ahli biologi urang Swedia Carl Linnaeus dingaranan Rana bufo dina bukuna ''10th edition of Systema Naturae'' taun 1758.[4] dina ieu panalungtikana, sakabéh bangkong kumanéhna di asupkeun kana hiji genus ngarana Rana, ka béhdieunakeun nincak taun 1768 saurang naturalis urang Austria ngarana Josephus Nicolaus Laurenti mertélakeun yén ieu genus kudu di jentré-jentré deui/dipilah-pilah, hasilna tayalian ti iéu bangkong korodok di asupkeun kana genus Bufo, ngarana Bufo bufo.[5][6] genus bangkong korodok ieu diasupkeun kana kulawarga Bufonidae.[2]

Sababaraha ''subspesies'' tina Bufo bufo , bangkong kaukasia hirup tur maneuh di pagunungan kaukasus kungsi digolongkeun kana Bufo bufo verrucosissima. mibanda genom leuwih gedé ti batan Bufo bufo morfologis kiwari digolongkeun kana Bufo verrucosissimus .[7] aya deui bangkong anu cucukan, ieu mimitina digolongkeun kana Bufo bufo spinosus. kapanggih hirup di daérah Mediterania awakna leuwih badag mibanda kulit spinier ti batan batur-baturna anu hirup dibeulah kalér intergrades [8] kiwari digolongkeun kana Bufo spinosus [9] aya deui bangkong Gredos, Bufo bufo gredosicola , ngan aya hirup di daérah Sierra de Gredos wungkul, di pagunungan anu aya di Spanyol tengah. Bangkong iéu awakna kacida badag paratoid kelenjar tur awakna borontok [10] sakapeung mah sok di sakompétkeun jeung Bufo spinosus [11]

Bufo bufo mangrupa hiji bagéan tina sakumpulan ''spesies'' anu kacida loba jeung rumit, hiji spesies jeung anu séjéna aya patula patalina tur henteu mibanda wates anu jentré [1] Sababaraha spesies modérn kawasna masih kénéh aya patula patalina tina hiji kumpulan kuno . takson ti susukan preglacial. Nyaéta bangkong cucukan ( Bufo ; spinosus ), Bangkong kulit (Bufo verrucosissimus]] ) jeung bangkong korodok Jepang ( Bufo japonicus ). Bangkong korodok Eropa ( Bufo bufo ) karék kapanggih kadieunakeun <nama Ref = Birstein> kromosom. polimorfisme Bufo bufo : kariotipe dan pola C-pita . B. b verrucosissima . Kesalahan: Bad DOI specified. </ref> kawasna ti wétan nepi ka kulon pangawakan bangkong kawas kieu téh nepika Asia ogé aya ngan kahalangan ku ayana gurun tengah Miosen [12] hubungan taksonomina ieu spesies ogé tacan kanyahoan juntrungana. Hiji panalungtikan serologi dina taun 2011 anu diguar ka masarakat ngeunaan bangkong anu aya di Turki, protéin serum getih Bufo verrucosissimus jeung Bufo spinosus . Kanyahoan éta dua bangkong téh henteu béda jauh ku kituna di synonymized kana golongan anu paneuri/pang anyarna [13]

Hiji panalungtikan anu diayakeun dina taun 2012 ngeunaan hubunganna spesies bangkong korodok Afrika jeung Eurasia anu aya di beulah kalér mibanda hubungan sajarah anu panjang. Tilu belas juta taun anu geus kaliwat, bangkong korodok Bufo eichwaldi, anu kiwari hirup described species asalna ti Azerbaijan kidul jeung Iran, papisah jeung garis katurunan anu utamana. Dituluykeun ku divisi anyar nyaéta Bufo spinosus kurang leuwih lima juta taun anu geus kaliwat mangsa Pyrenees mimiti kaangkat, ngabalukarkeun ka isolasina semenajung Iberia jeung sakabéh Eropa. Turunan anu aya di Eropa : Bufo bufo jeung Bufo verrucosissimus tulu juta taun anu geus kaliwat mangsa Pleistocene.[14] Mindeng bangkong korodok hybridizes [15]

Ciri mandiri[édit | édit sumber]

Bangkong korodok dewasa panjangna kurang leuwih 15 cm. Bangkong anu bikangna biasana leuwih gedé batan jaluna, ditempo tina spesimen ti beulah kidul bangkong korodok téh pangawakan leuwih baradag ti batan beulah kalér. Bangkong korodok huluna dempak bahamna lébar di luhureun biwirna mecenghul dua liang irung. Henteu mibanda huntu. Matana buleud nolol mibanda colat/hihideung panon (iris) kagigir kelirna konéng kawas tambaga. Tukangeun matana aya anu ngajendul nyaéta kelenjar parotis, anu mibanda kandungan matak bahaya atawa racun ogé katelah bufotoxin, ieu hadé pikeun ngajaga bangkong tina panarajang musuh atawa sato séjén predators. Huluna nyambung jeung awakna, henteu mibanda beuheung. Awakna némprak wangunna kawas keur cingogo anu ditahan ku dua leungeuna (suku hareupna). Sukuna anu tukang nilep kajero kitu ogé jeung ramo-tamo sukuna. Suku anu hareup leuwih pondok batan suku anu tukangna, Ramo-ramo sukuna mibanda selaput. Henteu mibanda buntut. Kulitna garing tur dipinuhan ku jendilan laleutik kawas kutil. Kelir kulitna umumna coklat sakapeung aya anu semu héjo atawa coklat kolot.[15][16][17]

Bangkong umurna kawilang panjang, bisa hirup sababaraha taun tur bisa di ingu/kukut, ieu sahenteuna geus puluhan taun kaliwat bangkong-bangkong ngahaja dipiara ku manusa.[18] di alam liar, bangkong bisa hirup nepika umur 10-12 taun, umur ieu bangkong bisa kanyahoan tina jumlah tulangna tulang cincin pertumbuhan tahunan phalanges.[19]

Tempat hirup[édit | édit sumber]

Bangkong anu loba kapanggih hirup tayalian common frog (Rana temporaria), tuluy edible frog (Pelophylax esculentus) ogé smooth newt (Lissotriton vulgaris), Bangkong korodok mangrupa bangkong dina undakan ka opat anu loba kapanggih hirup di Eropa.[15] sahenteuna ieu loba kapanggih di sakuliah Eropa, kajaba di Islandia beulah kalér ku lantaran mibanda suhu anu tiis. Scandinavia, Irlandia jeung sababaraha pulo Mediterania. Tayalian ti Malta, Crete, Corsica, Sardinia katut Balearic Islands. Beulah wétan tur ngalegaan ka Irkutsk di Siberia anu ngawengku ka beulah kidul jeung kulon Afrika di pigunungan beulah kalér Morocco, Algeria jeung Tunisia. Aya deui anu kaasup baraya deukeutna hirup di Asia beulah wétan Jepang.[15] bangkong korodok kapireungeuh hirup jeung baranahan di dataran anu mibanda 2,500 metres (8,200 ft) utamana dibeulah kidul, ku lantaran loba kénéh leuweung jeung daérahna jemlék.[17] ogé hirup di tegalan, taman, jeung kebon-kebon..[15]

Kabiasaan dina hirup[édit | édit sumber]

A common toad adopts a defensive stance
Bangkong korodok mangsa keur nyingareupan anu ngaganggu
Dihakan ku oray Grass snake, Czech Republic

Bangkong korodok di mana ingkah ti hiji tempat ku jalan ngorondang lalaunan atawa ngaclog ku opat sukuna, sapopoé nyumput dina liang, handapeun batu, sela-sela akar atawa handapeun dangdaunnan. di mana geus sore maju ka peuting bangkong korodok kakaran aringkah nyiar hakaneun, komo mangsa usum hujan bangkong korodok resepeun pisan. Tempo geus isuk-suk bangkong korodok baralik deui kana sayangna pikeun nyumput Kahakananna sabangsaning, hileud, cacing taneuh, silaru, rametuk, jeung sajabana.[20][21] néwak mangsa anu leutik ku jalan di létak ku létahna anu panjang tur cepel.[20][22] Bangkog korodok bisa nempo hakaneun/mangsa sanajan dina poék mongkléng, di mana manusa mah teu nempo nanaon bakatning ku poék.[23] Bangkog korodok ngalaman megar/ganti kulit dina sababraha waktu.[20]

Infected with larvae of Lucilia bufonivora
Keuna ku panyakit Lucilia bufonivora, Poland

Baranahan[édit | édit sumber]

Amplexus
Bangkong jalu nangkod kanu bikang keur Amplexus

Bangkong korodok kaluar tina tapa ''hibernasi'' wanci datang usum kembang "musim semi" ngabring ngajugjug hiji tempat biasana balong atawa susukan ngadon balegér jeung kawin. Bangkong korodok ngumpul dina hiji tempat/balong anu bérésih jeung merenah bari ngarojay disarada patembalan.[20] Bangkong anu déwasa geus arapal deui di mana lebah-lebahna balong paranti ngarumpul spawned.[24] Ieu bangkong-bangkong bisa ajog katempat anu dituju ngandelkeun isyarat magnetik tina irungna. Sahenteuna ieu dikuatkeun ku hiji bukti (eksperimen )kahiji bangkong ku jalan masang hiji alat pangindra/pelacak, kanyahoan ieu bangkong bisa manggihan balong paranti ngumpul jeung begér ti jarak leuwih ti tilu kilo ( dua mil ) . [25]

Bangkong jaluna datang pangheulana tur nyicingan éta tempat dina waktu mang minggu-minggu sedengkeun anu bikangna ngan datang pikeun ngendog wungkul. Bangkong jaluna raéng disarada méré tanda ka jalu séjén.[26] sanajan ti kitu angger waé aya waktuna ieu bangkong jaluna pasarandog anu antukna garelut.[27] ku lantaran bangkong jaluna leuwih loba batan bikangna. Hiji panalungtikan anu diayakeun di Swedia manggihan bangkong bikang leuwih gedé resiko paeh batan jaluna 41 % bikangna datang ka balong paranti ngumpul biasana sataun sakali. [28]

Egg strings of common toad
Endog bangkong korodok napel dina benang

Bangkong jaluna nangkod dina tonggong bikangna, sukuna anu hareup muntang kana palebah kelek bikangna dina basa ilmiahna disebut amplexus. Bangkong jaluna katempo leuwih sumanget, Sakapeung leuwih ti dua bangkong patangkod-tangkod, Unggal bangkong jalu usaha sabisa-bisa nangkodan bangkong anu bikangna. Ieu kaayaan kacida pisan rame, matak ripuh teu saeutik aya anu nembahan pati (paéh).[15] Bangkong jalu anu bisa nangkodan bikangna pikeun di amplexus bisa nepika sababaraha poé nangkodna, Bikangna, ngaluarkeun endog anu narapel dina tali kawas ager, bari jeung di buahi ku sperma jaluna. Unggal kantétan 3.000-6.000 endog lamun di batek éta tali endog bangkong panjangna nepika 4.5 metér éta benang katétan nyangked kana tatangkalan atawa akar anu aya dina balong pamijahan.[1][20]

Tali anu dibijil tina bangkong bikangna nyerep cai kalawan ukurana ngagedéan, endog bangkong megar jadi buruy dua nepika tilu minggu. mimiti megar ieu buruy téh masih kénéh narapel dina tali anu kawas ager tur ieu jadi kahakanan anu munggaran pikeun hirup buruy. di mana geus lalesot tina tali ieu buruy-buruy téh ngarojay nyarumput dina handapeun dangdaunnan atawa tatangkalan cai anu hirup dina éta balong pamijahan. Buruy bangkong korodok dina pangawakanamah sarua waé jeung bangkong séjéna ( Rana temporaria) ngan bédana kelirna leuwih hideung. Buruy bangkong korodok bahamna leuwih lebar, sbabraha minggu tiharita buruy-buruy ieu mimiti ngagedéan awakna tur buntutna jadi mondokan. Nincak umur dua belas minggu buruy téh geus robah jadi bangkong leutik atawa anu katelah bancet Citakan:Mengkonversi tur geus bisa ninggalkeun balong anu salila ieu jadi tempat hirupna.[20]

Undakan hirup bangkong[édit | édit sumber]

Tadpoles of common toad
Buruy, Germany

Bangkong déwasa tur meujeuhna beger maturity dina umur tilu nepika tujuh taun.[15][29] Setelah beberapa bulan dari infeksi cacing berat, beberapa remaja dalam sebuah penelitian yang hanya setengah berat seperti [ [ control Ilmiah | remaja control ] ] . parasit diinduksi [ [ anoreksia nervosa | anoreksia ] ] mereka menyebabkan penurunan asupan makanan dan beberapa meninggal .[30] Ditaluntik ogé ngeunaan pangaruh ngagunakeun gemuk/pupuk nitrogen mangaruhan jeung henteu kana hirup bangkong ti mimiti buruy kénéh, Pikeun nyingkahan akibat goréngna ku alatan maké gemuk nitrogennya dijieun waé hiji campuran amonium nitrat. Kanyahoan dina campuran anu geus ditangtukeun, bisa ngaronjatkeun kana waktu metamorfosis buruy.[31][32]

Pindah tempat/Migrasi[édit | édit sumber]

Tunnel for toads
Torowongan pameuntasan bangkong, Germany

Bangkong korodok pindah tempat/migrasi milu kana aliran cai susukan, teu saeutik tina éta susukan meuntasan jajalaneun mobil, motor jeung anu leumpang. ku ieu pisan loba bangkong korodokanu paeh ku jalan kacilakaan mangsa susukana ngaliwatan luhureun jajalaneun. Di Eropa hususna loba pisan ampibi anu cilaka dijalan mangsa migrasi usum beger jeung kawin.[33] Di sababaraha tempat di Jerman, Belgia, Inggris, Italia kaler jeung Polandia, diwangun hiji torowongan anu husus dijieun paranti bangkong jeung anu séjéna meuntas jalan anu aya di luhureuna. di tempat anu séjéna, aya anu tugas husus "patroli kodok", newakan bangkong /ampibi anu aya dina pameuntasan jalan-jalan anu rame ku kandaraan di wadahan kana ember pikeun dianteurkeun kana tujuana. 5 °C (41 °F). Pada malam basah hangat yang mereka dapat terus bergerak sepanjang malam tapi jika dingin, mereka mungkin berhenti sebelumnya [34] kitu ogé an dilakukeun ku urang Belanda pikeun ngaping bangkong-bangkong anu ngadon pindah tempat.[35]

Bufotoxin[édit | édit sumber]

Hiji substansi anu ngandung racun ayana dina kelenjar parotoid jeung kulit bangkong korodok disebutna bufotoxin ieu mimiti di wanohkeun ku Heinrich Wieland jeung babaturanna tina taun 1922, dua puluh taun tiharita maranéhna kakara manggihan struktur tina éta racun .[36] Sagigireun ti éta kapanggih ogé cara pikeun ngisolasi senyawa tina inti steroid bufotalin tina bangkong anu aya di Jepang ( Bufo japonicus ). Dina taun 1986, para élmuwan di Arizona State University geus bisa nga sintetis bahan racun bangkong bufotalin, bufalitoxin jeung bufotoxin.[37] Rumus kimia tina bufotoxin :

C40H60N4O10.[38]

Dina dosis anu saeutik bisa ngaronjatkeun gerakan jantung utamana dipaké ngabantu mangsa gubaran kasakit jantung gagal jantung kongestif. Kulit bangkong korodok mibanda racun anu baris ngabalukarkeun hiji kaayaan anu bahaya malahan nepi ka maotna.[39] Balukar tina karacunan bangkong bisa katembong tina iritasi mata, baham, irung jeung tikoro, jantung jeung ambekan/ngarenghap, lumpuh jeung jeung ker, ngacay wae, utah, hiperkalemia , sianosis jeung halusinasi atawa sasar/ngalindur.[39] Tacan kapanggih ubarna.[39] Ubar pikeun sesek jeung kardiovaskular, bisa waé dimangpaatkeun pikeun nyingkahan pangaruh tina elektrokardiografi. Atropin, fenitoin , cholestyramine jeung lidocaine .[39]

Kabudayaan[édit | édit sumber]

Devil's coat of arms
Gambaran bangkong dina jubah tukang sihir

Di Eropa, bangkong korodok geus heubeul dianggap hiji totondén/pertanda goréng. Aya patalina jeung alam gaib, jurig, dedemit, jeung sajabana. Meureun dumasar kana kaayaan éta bangkong korodok : hirupna bisa di darat jeung di cai,kulitna anu korodok semu hideung nimulkeun rasa geuleuh pikeun anu nempo, ngorondang lalaunan kawas anu ngadodoho, tara kanyahoan ujug-uug bijil tinu poék. Di Eropa dina Abad Pertengahan, Bangkong korodok dikait-kaitkeun jeung hiji ageman Kristen ngeunaan ayana iblis jeung sétan, ku kituna nya dijieun waé jubah anu dipapaésan ku tilu bangkong ngahaja ieu dijieun mangrupakaeun hiji panangkal/panyinglas sétan .[40] pada mikanyaho yén bangkong korodok bisa ngabalukarkeun racun pikeun manusa, ku alatan ieu pisan bangkong korodok jadi hiji sato anu geus remen dipaké dina prak prakan ngajalankeun élmu sihir/tenung, ku alatan dianggap mibanda hiji kakuatan gaib. Malahan ngamangpaatkeun bangkong korodok anu digaringkeun pikeun diarah hampru/empedu, kotoran jeung getihna .[41] Di sababaraha daérah percaya lamun seug aya bangkong korodok ngulampreng ka imah éta méré totonden ayana pangaruh sihir atawa anu ngadon demit .[41] Dalam Basque Country, dipercaya cenah bangkong korodok téh maké jubah anu gagah/elegan. digiring-giring ku barudak anu keur dialajar elmu sihir. kurang leuwih taun 1610 jeung 1612, hiji Inkuisisi/hukum numutkeun cara-cara gereja [42] Spanyol Alonso de Salazar Frias ngayakeun panalungtikan ngeunaan prakték sihir di éta tempat tuluy ngadatangan hiji imah anu disangka tukang nyihir anu mibanda bangkong maké jubah TAPI NYATANA HENTEU KAPANGGIH .[43] These witches were reputed to use undomesticated toads as ingredients in their liniments and brews.[43]

Di Inggris aya deui dongéng ngeunaan bangkong korodok ieu nyaritakeun hiji nini-nini tukang sihir, anu ditagih duit séwa imah kunu boga taneuh. lain mayar kalahka malik ngéwa ku alatan ngarasa kaganggu ku anu boga taneuh, ku jalan maké élmu sihir pikeun, ngutuk anu boga tanah jeug sakabéh harta kakayaana. Kakocap di imah nu boga taneu teu kungsi lila, tiharita pamajikana karagragan bangkong korodok nepika labuhna. Gentak éta bangkong dicokot lung dialungkeun kana durukan, tapi édas éta bangkong bisa kénéh kabur sanajan awakna geus kabeuleum sawaréh. Sawatara ti éta, imah nini-nini tukang sihir téh kahuruan ogé nepika runtuh. Isukna bangkong jeung tukang sihirna geus palastra ngababatang jadi banusan, tur ébréh urut kabeuleum anu aya dina éta awak nini-nini sarua lebah-lebahna jeung bangkong korodok anu kamari kabur tina durukan. [44]

Witch feeding toads
1579 Tukang sihir keur ngamangpaatkeun bangkong

Ciduh bangkong korodok dipercaya mibanda racun/peurah anu disebut "sweltered" cenah dipercaya bangkong morodok bisa nyiduhkeun seuneu anu ngandunung racun. Bangkong korodok sok dihubung-hubungkeun jeung setan Paradise Lost , [ [ John Milton ] ] digambarkan [ [ Setan ] ] minangka katak ketika ia menuangkan racun ke [ [ Eve ] ] telinga ' s .[41] Pertama Penyihir di William Shakespeare Macbeth mertélakeun sarat jeung katangtuan ngagunakeun campuran bangkong korodok tur maké parancah jeung jangjawokan:[45] Aya deui anu percaya cenah dina hulu bangkong korodok téh aya hiji mustika "toadstone", di mana éta mustika umpama dipaké, bakal ngabejaan anu makena lamun seug aya anu demit atawa ngaracun kamanéhna.[46]

Dicutat tina[édit | édit sumber]

  1. a b c d Agasyan, A.; Avisi, A.; Tuniyev, B.; Isailovic, J. C.; Lymberakis, P.; Andrén, C.; Cogalniceanu, D.; Wilkinson, J.; Ananjeva, N.; Üzüm, N.; Orlov, N.; Podloucky, R.; Tuniyev, S.; Kaya, U. (2009). "Bufo bufo". IUCN Red List of Threatened Species. Version 2014.2. International Union for Conservation of Nature. 
  2. a b Frost, Darrel R. (2011-01-31). "Bufonidae". Amphibian Species of the World: an Online Reference. Version 5.5. American Museum of Natural History. Diakses tanggal 2012-08-24. 
  3. a b c Ampibi nyaéta
  4. von Linné, Carl, translated by William Turton (1806). A General System of Nature,: Through the Three Grand Kingdoms of Animals, Vegetables, and Minerals, Systematically Divided Into Their Several Classes, Orders, Genera, Species, and Varieties (Volume 1). Lackington, Allen, and Co. pp. 648–649. 
  5. Laurenti, J. N. (1768). Specimen medicum, exhibens synopsin Reptilium emendatam cum experimentis circa venena et antidota Reptilium austriacorum (dalam Latin). Viennae: Joan. Thom. Nob. de Trattnern. pp. i–ii + 1–215, plates 1–5. 
  6. Dubois, Alain; Bour, Roger (2010). "The nomenclatural status of the nomina of amphibians and reptiles created by Garsault (1764), with a parsimonious solution to an old nomenclatural problem regarding the genus Bufo (Amphibia, Anura), comments on the taxonomy of this genus, and comments on some nomina created by Laurenti (1768)". Zootaxa 2447: 1–52. 
  7. Kuzmin, Sergius L. (2008-09-19). "Bufo verrucosissimus". AmphibiaWeb. Diakses tanggal 2012-09-17. 
  8. Eine neue Eidechsengattung aus der Familie der Leposterniden. 
  9. Citakan:Cite. web
  10. Mitteilungenyüber mati Herpetofauna der Iberischen Halbinsel. Über Salamandra salamandra almanzoris, n. ssp. und Bufo bufo gredosicola , n. ssp, zwei neue Amphibienrassen aus der Sierra de Gredos. 
  11. Frost, Darrel R. (2013/01/09). [http: // penelitian.. amnh.org/vz/herpetology/amphibia/?action=references&id=2946 " Bufo spinosus Daudin, 1803"]. American Museum of Natural History. Diakses tanggal 2013/01/24. 
  12. filogenetik molekuler dan biogeografi sejarah kodok umum barat-Palearctic ( Bufo bufo spesies kompleks). PMID 22214922. 
  13. A penyelidikan serologis dari Bufo bufo (Anura, Bufonidae) populasi di Southern Marmara (Manyas, Bahkesir) dan Timur Laut Hitam (Çamhhemşin, Rize) daerah. Kesalahan: Bad DOI specified. 
  14. Recuero E.; Canestrelli D.; Voeroes J.; Szabó, K.; Poyarkov, N. A.; Arntzen, J. W.; Crnobrnja-Isailovic, J.; Kidov A. A. et al. (2012). "Multilocus species tree analyses resolve the radiation of the widespread Bufo bufo species group (Anura, Bufonidae)". Molecular Phylogenetics and Evolution 62 (1): 71–86. doi:10.1016/j.ympev.2011.09.008. PMID 21964513. 
  15. a b c d e f g Arnold, Nicholas; Denys Ovenden (2002). Reptiles and Amphibians of Britain and Europe. Harper Collins Publishers. pp. 73–74. ISBN 978-0-00-219964-3. 
  16. Naish, Darren. "Toads of the world: first, (some) toads of the north". Tetrapod zoology. Diakses tanggal 2012-06-23. 
  17. a b "Bufo bufo: Common toad". AmphibiaWeb. Diakses tanggal 2012-05-04. 
  18. "The common toad (Bufo bufo)". The Amphibian and Reptile Conservation Trust. Diakses tanggal 2012-05-04. 
  19. Hemelaar, A. S. M.; van Gelder, J. J. (1979). "Annual growth rings in phalanges of Bufo bufo (Anura, Amphibia) from the Netherlands and their use for age determination". Netherlands Journal of Zoology 30 (1): 129–135. doi:10.1163/002829680X00069. 
  20. a b c d e f Stokeo, W. J. (1980). The Observer's Book of British Wild Animals. Frederick Warne. pp. 213–217. ISBN 978-0-7232-1503-5. 
  21. Daniel Winchester. "Common Toad". Surrey Amphibian and Reptile Group. Diakses tanggal 2012-05-03. 
  22. Ewart, J. P. (1987). "Neuroethology of releasing mechanisms: Prey-catching in toads". Behavioral and Brain Sciences 10 (3): 337–405. doi:10.1017/S0140525X00023128. 
  23. Larsen, Lis Olesen; Pedersen, Jan Nyholm (1981). "The snapping response of the toad, Bufo bufo, towards prey dummies at very low light intensities". Amphibia-Reptilia 2 (4): 321–327. doi:10.1163/156853882X00248. 
  24. Reading, C. J.; Loman, J.; Madsen, T. (1991). "Breeding pond fidelity in the common toad, Bufo bufo". Journal of Zoology 225 (2): 201–211. doi:10.1111/j.1469-7998.1991.tb03811.x. 
  25. Sinsch, Ulrich (1987). "Orientation behaviour of toads (Bufo bufo) displaced from the breeding site". Journal of Comparative Physiology A 161 (5): 715–727. doi:10.1007/BF00605013. 
  26. Davies, N. B.; Halliday, T. R. (1978). "Deep croaks and fighting assessment in toads Bufo bufo". Nature 274 (5672): 683–685. doi:10.1038/274683a0. 
  27. Davies, N. B.; Halliday, T. R. (1979). "Competitive mate searching in male common toads, Bufo bufo". Animal Behaviour 27 (4): 1253–1267. doi:10.1016/0003-3472(79)90070-8. 
  28. "Studies conducted at Lund University on amphibian research recently published". Science Letter (via HighBeam Research). 2010-12-21. http://www.highbeam.com/doc/1G1-244690474.html. Diakses pada 2012-04-18 
  29. Goater, Cameron P.; Semlitsch, Raymond D.; Bernasconi, Marco V. (1993). "Effects of body size and parasite infection on the locomotory performance of juvenile toads, Bufo bufo". Oikos 16 (1): 129–136. doi:10.2307/3545205. JSTOR 3545205. 
  30. Goater, C. P.; Ward, P. I. (1992). "Negative effects of Rhabdias bufonis (Nematoda) on the growth and survival of toads (Bufo bufo)". Oecologia 89 (2): 161–165. doi:10.1007/bf00317213. JSTOR 4219866. 
  31. Xu, Q.; Oldham, R. S. (1997). "Lethal and sublethal effects of nitrogen fertilizer ammonium nitrate on common toad (Bufo bufo) tadpoles". Archives of Environmental Contamination and Toxicology 32 (3): 298–303. doi:10.1007/s002449900188. PMID 9096079. 
  32. Hemelaar, Agnes (1988). "Age, growth and other population characteristics of Bufo bufo from different latitudes and altitudes". Journal of Herpetology 22 (4): 369–388. doi:10.2307/1564332. JSTOR 1564332. 
  33. Santos, X.; Llorente, G. A.; Montori, A.; Carretero, M. A.; Franch, M.; Garriga, N.; Richter-Boix, A. (2007). "Evaluating factors affecting amphibian mortality on roads: the case of the common toad Bufo bufo, near a breeding place" (PDF). Animal Biodiversity and Conservation (The Natural Science Museum of Barcelona) 30 (1): 97–104. http://abc.museucienciesjournals.cat/files/ABC-30-1-pp-97-104.pdf. 
  34. "What we do". Toad watch: Helping toads to survive. Diakses tanggal 2012-04-30. 
  35. Gelder, J. J. (1973). "A quantitative approach to the mortality resulting from traffic in a population of Bufo bufo L". Oecologia 13 (1): 93–95. doi:10.1007/BF00379622. http://www.springerlink.com/content/wv524277w3w32564/. 
  36. Chen, K. K.; Jensen, H.; Chen, A. L. (April 1932). "Action of Bufotoxins". Proceedings of the Society for Experimental Biology and Medicine. 7 29 (907). doi:10.3181/00379727-29-6141. ISSN 1535-3699. "Wieland and Alles isolated bufotoxin from the skin of B. vulgaris or B. bufo bufo." 
  37. Pettit, G. R.; Kamano, Y.; Drasar, P.; Inoue, M.; Knight, J. C. (1987). "Steroids and related natural products. 104. Bufadienolides. 36. Synthesis of bufalitoxin and bufotoxin". Journal of Organic Chemistry 52 (16): 3573–3578. doi:10.1021/jo00392a014. 
  38. "Bufotoxin". Merriam-Webster Dictionary. Diakses tanggal 2012-05-26. 
  39. a b c d "Toad toxins". Textfiles.com. Diakses tanggal 2012-05-26. 
  40. Peddle, S. V. (2007). Pagan Channel Islands: Europe's Hidden Heritage. Robert Hale. p. 118. ISBN 0-7090-8248-7. 
  41. a b c Burns, William E. (2003). Witch Hunts in Europe and America: An Encyclopedia. Greenwood Publishing Group. p. 7. ISBN 978-0-313-32142-9. 
  42. Inkuisisi
  43. a b Burns, William E. (2003). Witch Hunts in Europe and America: An Encyclopedia. Greenwood Publishing Group. pp. 20–21. ISBN 978-0-313-32142-9. 
  44. Hunt, Robert (1865). Popular romances of the West of England; or, the drolls, traditions, and superstitions of Old Cornwall, Volume 2. Hotten. p. 105. 
  45. Shakespeare, William (1605–1606). "Macbeth, Act IV, Scene I". Poets.org. 
  46. Wanner, Noel (2011). "Frogs: Frog myths across cultures". The Exploratorium. The museum of science, art and human perception. Diakses tanggal 2012-08-23. 

Tutumbu kaluar[édit | édit sumber]


Nulis.jpg