Lompat ke isi

Calingcing

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Averrhoa bilimbi
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
Divisi:
Kelas:
Ordo:
Kulawarga:
Génus:
Spésiés:
A. bilimbi
Ngaran binomial
Averrhoa bilimbi

Calingcing Averrhoa belimbi L (aya ogé anu nyebut balingbing wuluh, belimbing sayur, balingbing buluh, balingbing botol, balingbing beusi, atawa balingbing haseum) kaasup suku balingbing (Oxalidacéae). Ilaharna dipelak di buruan, mibanda buah anu rasana haseum kacida. Tangkalna leutik, mibanda jangkung nepikeun ka 5 méter[1] Tangkalna kasar tur ngajarendil, ukuranna teu pati gedé kurang leuwih 30 séntiméter. Dahanna ngan saeutik tur laleceng ka luhur dahan anu ngora kénéh mibanda bulu lemes [2] Daunna laleutik lonyod jiga endog tungtungna méncos kelirna daun beulah luhur héjo jeung hejo ngora daun beulah handapna. Ukuran daunna kurang leuwih: 2-10 cm × 1–3 cm. Daunna mibanda gagang dina sagagang aya sababaraha hiji daun ngéntép pasanghareup-sanghareup, jumlahna henteu panceg/ganjil.[3].[2] Kembangna ngaranggeuy kaluar tina tangkal anu badag, dina saranggeuy (panjangna 5–20 cm[3]). Laleutik jiga béntang kelirna gandaria semu beureum [2].[1] Kembang leutik, biasana mecenghul ti batang utama atawa cabang-cabang; kembang pulas héjo, makuta beureum gandola. Buahna kaasup buah buni, aya anu lonyod, masagi tur anu buleud, panjangna 4-6,5 cm, kelirna héjo semukonéng, sajeroeun buahna loba ngandung cai anu mibanda rasa haseum. Buahna biasana ngagantung dina batang atawa daun. Salian ti éta sikina lalonyod, gepéng.[2]. Ieu tangkal loba kapanggih di sakuliah nagara Indonesia, Filipina, Sri Lanka, Myanmar, jeung Malaysia.

Mangpaat

[édit | édit sumber]
Calingcing

Buah calingcing dimangpaatkeun pikeun sayur, ubar, sakapeung dipaké nyampuran bahan jajamu sarta pikeun ngabersihkeun kokotor dina pakéan atawa barang loyang atawa tambaga. Di Jawa Barat, tangkal ieu leuwih mindeng ditepungan minangka pepelakan liar, tapi teu arang ogé aya anu ngabudidayakeunana minangka pepelakan pakarangan. Réproduksina bisa ku siki atawa cangkokan. Buahna ngandung réa vitamin C; biasa dipaké pikeun samara angeun haseum atawa samara angeun séjénna, aya ogé anu dijieun manisan. Balingbing wuluh mibanda rupa rupa mangpaat utamana pikeun ubar ogé bisa dipaké pikeun kaséhatan kulit supaya lemes turcahayaan .[4] Sababaraha mangpaat balingbing wuluh keur kaséhatan, nyaéta:[4]

Budidaya balingbing wuluh

[édit | édit sumber]
Balingbing wuluh

Balingbing wuluh bisa dibudidayakeun atawa dipelak ku jalan nancebkeun tangkalna (stek) [5]

  1. Tinggali tangkal anu mibanda buah leubeut
  2. Teukteuk dahanna anu teupati ngora tur teu kolot teuing
  3. Keueuman éta dahan kana cai salila sapeuting
  4. Siapkeu tempat pikeun melakna nyaéta campuran taneuh anu subur jeung gemuk.
  5. Tancebkeun dahan meunang ngeueuman tadi
  6. Melak tangkal balingbing wuluh leuwih alus dinamangsa usum hujan, supaya terus kacebor.[6]

Ngaran séjén

[édit | édit sumber]
  • Bugis Soppeng: Caleneng
  • Bahasa Acéh : Liméng eungkot, boh liméng
  • Bahasa Gayo : selemeng
  • Bahasa Batak : asom, belimbing, balimbingan
  • Bahasa Nias : malimbi
  • Bahasa Minang : balimbieng
  • Bahasa Melayu : belimbing asam
  • Bahasa Lampung : balimbing
  • Bahasa Sunda : calincing, balingbing

Dicutat tina

[édit | édit sumber]
  1. a b Sastrapradja et al. 1981, p. 17.
  2. a b c d Dalimartha 2008, pp. 6-10.
  3. a b Dharma 1987, pp. 45-46.
  4. a b Belimbing Wuluh[tumbu nonaktif] diakses 3 Februari 2016
  5. Cara menanam Belimbing Wuluh Archived 2017-07-16 di Wayback Machine diakses 3 Februari 2016
  6. Damayanti, Dewi; dr Prapti utami, Novi Widianti, Nina Wulandari, Agung Sugiarto, Tinton Dwi Putra (2008). Buku Pintar Tanaman Obat: 431 jenis tanaman penggempur aneka penyakit. Jakarta: AgroMedia. p. 63. ISBN 9789790061941. 

Baca ogé

[édit | édit sumber]
  • Dalimartha, Setiawan (2007). Atlas Tumbuhan Obat Indonesia 4. Jakarta: Puspa Swara. ISBN 979-1133-14-X. 
  • Dharma, A.P. (1987). Indonesian Medicinal Plants [Tanaman-Tanaman Obat Indonesia] (dalam Inggris). Jakarta: Balai Pustaka. ISBN 979-407-032-7. 
  • Sastrapradja, Setijati; Lubis, Siti Harti Aminah; Djajasukma, Eddy; Soetarno, Hadi; Lubis, Ischak (1981). Proyek Penelitian Potensi Sumber Daya Ekonomi:Sayur-Sayuran 6. Jakarta: LIPI bekerja sama dengan Balai Pustaka. OCLC 66307472. 

Rujukan

[édit | édit sumber]
  • Ensiklopedi Sunda: Alam, Manusa, Budaya (Rosidi, dkk: 2000)