Lompat ke isi

Karéta api Mataram

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Mataram
KA Mataram ngaliwat di daérah Bekasi, nu tos ngagunakeun rangkaian karéta New Generation Stainless Steel, 2025
Informasi
Sistem Karéta api jarak jauh
Kelas Éksekutip-Ékonomi
Status Beroperasi
Lokal Daop 6 Jogja
Stasion awal Pasar Senén
Stasion ahir Solo Balapan
Operasi
Dibuka 15 Juni 2017 (minangka KA Mataram Prémium)

17 Pébruari 2019 (minangka KA Mataram Éksekutip-Bisnis)

Dipiboga ku Kereta Api Indonesia
Operator Daérah Operasi VI Yogyakarta
Lokomotip CC201/CC203/CC204/CC206
Data téhnis
Lébar sepur 1.067 mm
Gancangna operasional 70-120 km/jam

Karéta api Mataram (Aksara Sunda Baku: ᮊᮛᮦᮒ ᮃᮕᮤ ᮙᮒᮛᮙ᮪; Basa Jawa: ꦱꦼꦥꦸꦂ​ꦩꦠꦫꦩ꧀ , Sepur Mataram) nyaéta karéta api kelas éksekutif jeung ékonomi anu ngalayanan ruteu Stasion Solo BalapanStasion Pasar Senén.[1] Karéta ieu dioperasikeun ku Daérah Operasi VI Yogyakarta.[1]

Mimitina, karéta api ieu dioperasikeun pikeun angkutan lebaran di taun 2017, ngabantuan tugas KA Bogowonto, KA Gajah Wong, KA Jaka Tingkir, jeung KA Progo anu ngalayanan ruteu nu sarua.[2]

Mimiti 17 Pébruari 2019, rangkéan karéta api Mataram Prémium anu asalna mangrupa ékonomi prémium (K3 2017) diganti jadi karéta campuran éksekutip-bisnis. Sedengkeun urut rangkéanna dimutasi ka Bandung pikeun dipaké rangkéan Karéta api Pangandaran. Ti tanggal 1 Désémber 2019, lintasan karéta api ieu dipanjang nepi Stasion Solo Balapan.

Spésifikasi karéta

[édit | édit sumber]
  • Lokomotip CC 201/CC 203/CC204/CC206
  • 7 karéta ékonomi (K3 24 SLO)
  • 1 karéta makan (M1 SLO)
  • 2 karéta éksékutip (K1 24 SLO)
  • 1 karéta pembangkit (P1 SLO)

Stasion nu dilayanan

[édit | édit sumber]
Péta ruteu karéta api Mataram dina Gapéka 2025

Karéta ieu gaduh waktos dina perjalanan salama kirang langkung 7 jam 48 menit. Jadwal anu leuwih lengkepna tingali di luhur.

Tingali ogé

[édit | édit sumber]

Rujukan

[édit | édit sumber]
  1. a b c Informasi KA Mataram (id)
  2. Aditya, Ivan (13 Juni 2017). "KA Mataram Premium Lempuyangan - Pasar Senen beroperasi 15 Juni 2017". KRJogja.com. Diaksés tanggal 16 April 2018. Archived 16 April 2018 di Wayback Machine

Tumbu kaluar

[édit | édit sumber]

(id) Situs resmi PT Kereta Api Indonesia Archived 2016-12-07 di Wayback Machine