Lompat ke isi

Romania

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
(dialihkeun ti Roumania)
România
Romania
Bandéra Romania Lambang Romania
Lagu
Deşteaptă-te, române!
Location of Romania
Location of Romania
Lokasi  Romania  (héjo)

– di buana Éropa  (héjo ngora & kulawu kolot)
– di Uni Éropa  (héjo ngora)  —  [Legenda]

Ibu kotaBukares (Bucureşti)
44°25′N 26°06′E
Kota panggedéna Bukares
Basa resmi Romania
Grup étnis  89.5% Romania, 6.6% Hungaria, 2.5% Rom, 1.4% grup minoritas lianna
Pamaréntah Républik kahijian semi-présidénsial
 -  Présidén Klaus Iohannis
 -  Perdana Menteri Nicolae Ciuca
Ngadeg
 -  Transilvania Abad ka-10 
 -  Wallachia 1290 
 -  Moldavia 1346 
 -  Unifikasi kahiji 1599 
 -  Réunifikasi Wallachia jeung Moldavia 24 Januari 1859 
 -  Pangakuan kamerdékaan ti Kasultanan Utsmaniyah 13 Juli 1878 
 -  Unifikasi sareng Transilvania 1 Désémber 1918 
Asup ka
 Uni Éropa
1 Januari 2007
Aréa
 -  Total 238.391 km² (82)
92.043 mil² 
 -  Cai (%) 3
Populasi
 -  Perkiraan  2021 &&&&&&&019186201.&&&&&019.186.201[1] (61)
 -  Sénsus 2021 20,121,641[2] 
GDP (PPP) Perkiraan 2008
 -  Total $653.903 billion[3] (36)
 -  Per kapita $33,833[3] (44)
GDP (nominal) Perkiraan 2021
 -  Total $289.130 billion[3] (46)
 -  Per kapita $14,968[3] (56t)
Gini? (2020) 33.8 (handap) (21)
HDI (2019) 0.828 (luhur) (63)
Mata uang Leu (L) (RON)
Zona wanci EET (UTC+2)
 -  Usum panas (DST) EEST (UTC+3)
TLD Internét .ro .eu
Kode telepon +40

Romania (ogé diéja Rumania atawa Roumania; basa Romania: România) nyaéta nagara nu aya di Éropa Tenggara, di bagian kalér Samenanjung Balkan jeung tepung wates sareng Laut Hideung.[4] Méh sakabéh délta walungan Donau aya di wewengkon Romania. Nagara ieu tepung wates sareng Hungaria jeung Sérbia di kulon, Ukraina jeung Moldova di wétan-kalér, jeung Bulgaria di kidul.

Sajarah nyatetan yén bangsa Dacia, Kakaisaran Romawi, Kakaisaran Bulgaria, Karajaan Hungaria, jeung Kasultanan Utsmaniyah pernah ngawasaan wewengkon ieu. Salaku hiji nagara, Romania diwangun dina taun 1859 ti panghijian wewengkon Moldavia jeung Wallachia, nu miboga pangakuan internasional dina taun 1878. Dina taun 1918, Transilvania, Bukovina, jeung Bessarabia ngadéklarasikeun ngagabung sareng Romania. Dina ahir Perang Dunya II, Uni Soviét ngawasaan sabagian daérahna (kira-kira ngawengku sakabéh daérah Moldova ayeuna) jeung Romania minangka anggota Pakta Warsawa. Kalawan labuhna Tirai Beusi dina taun 1989, Romania ngamimitian réformasi politik jeung ékonomi. Dina ngalawan masalah ékonomi pasca-révolusi, nagara ieu maké pajak handap dina taun 2005 jeung ngagabung ka Uni Éropa dina 1 Januari 2007. Sanajan tingkat pamasukan Romania kaasup salah sahiji nu panghandapna di Uni Éropa, réformasi geus ningkatkeun kamekaran ékonomina. Romania kiwari kaasup nagara nu miboga pamasukan nengah ka luhur.

Romania mangrupa nagara kalawan téritori nu pangluasna ka-9 jeung jumlah padumuk nu panggedéna ka-7 di Uni Éropa.[5] Ibu kota jeung kota nu panggedéna nyaéta kota Bukares (basa Romania: Bucureşti), nu ogé mangrupa kota nu panggedéna ka-6 di Uni Éropa. Sibiu, hiji kota di Transilvania, dina taun 2007 kapilih minangka Ibu kota Kabudayaan Éropa.[6] Romania gabung ka NATO dina kaping 29 Maret 2004, jeung ogé mangrupa anggota ti Uni Latin, Francophonie, OSCE, jeung CPLP. Nagara ieu méangrupakeun nagara kahijian semi-présidénsial.

Sajarah

[édit | édit sumber]

Sajarah awal

[édit | édit sumber]

Sésa-sésa manusa modérn nu pangkolotna di Éropa geus dipanggih di "Peştera cu Oase", Romania.[7] Titiinggalan éta kira-kira umurna 42.000 taun, jeung meureunan téh sésa-sésa Homo sapiens awal nu asup ka buana Éropa,[8] tapi bukti tinulis kahiji ngeunaan manusa nu ngadumuk di wewengkon Romania asalna ti Herodotus, nu dina bukuna Historia volume IV dina taun 440 SM nulis ngeunaan kaayaan séké-séké Getae.[9]

Bangsa Dacia, nu dianggap bagian ti Getae, mangrupa cabang ti bangsa Trakia nu nyicingan wewengkon Dacia (aya di Romania modérn, Moldova, jeung Bulgaria kalér). Karajaan Dacia miboga puncak kajayaanna dina jaman Raja Burebista kira-kira taun 82 SM. Sanggeus Dacia narajang propinsi Moesia Romawi dina taun 87, Kaisar Trajanus ngayakeun Perang Dacia nu réngsé kalawan meunangna bangsa Romawi taun 106. Akibat kameunangan éta, Dacia robah kana propinsi Dacia Romawi.[10]

Lobana bijih beusi, emas, jeung pérak nu dipanggih di propinsi éta[11] ngakibatkeun bangsa Romawi ngalaksanakeun kolonisasi kana wewengkon Dacia.[12] Prosés kolonisasi mawa sarta basa Latin Vulgar nu nyababkeun dimimitianna période romanisasi, nu salajengna bakal ngahasilkeun basa proto-Romania.[13][14] Dina abad ka-3 séké-séké pangumbara kawas bangsa Goth loba ngalaksanakeun invasi, jadina maksa bangsa Romawi kira-kira taun 271 mundur ti Dacia, jeung nyieunanna propinsi kahiji nu ditinggalkeun ku Romawi.[15][16]

Abad patengahan

[édit | édit sumber]
Istana Bran diwangun dina taun 1212, jeung leuwih katelah minangka Istana Drakula

Sanggeus Romawi ninggalkeun Dacia, wewengkon éta, sacara tumurut, ditarajang ku séké Goth,[17] teras ku séké Hun dina abad ka-4,[18] jeung dipipilu ku séké-séké nomaden nu séjén kawas séké Gepid,[19][20] Avar,[21] Bulgar,[19] Pecheneg,[22] jeung Cuman.[23]

Bangsa Romania salajengna kabagi dina tilu wewengkon kapangéranan nu béda: Wallachia (basa Romania: Ţara Românească), Moldavia (basa Romania: Moldova), jeung Transilvania. Transilvania jadi bagian ti Karajaan Hongaria dina abad ka-11,[24] jeung miboga kamerdékaanna salaku Kapangéranan Transilvania ti abad ka-16[25] nepi ka taun 1711.[26] Kapangéranan Romania lianna ngalawan ancaman Kasultanan Utsmaniyah dina abad ka-14.[27][28]

Moldavia, Wallachia, jeung Transilvania dina ahir abad ka-16

Dina taun 1541, sakabéh samenanjung Balkan jeung méh sakabéh Hongaria jadi bagian ti Kasultanan Utsmaniyah. Sabalikna, Moldavia, Wallachia, jeung Transilvania jadi bagian ti suzerainty Utsmaniyah, kalawan hak otonomi internal.

Kapangéranan Wallachia, Moldavia, jeung Transilvania dipingpin ku pangéran Wallachia, Mihai Viteazul, dina taun 1600. Mihai Vitéazul nyobian rék ngahijikeun tilu kapangéranan éta,[29] tapi kasempetan unifikasi hancur ku sabab rajapati Mihai ku tentara Austria.

Sanggeus pupusna, salaku nagara vassal, Moldavia jeung Wallachia geus miboga otonomi internal pinuh, nu ahirna leungit dina abad ka-18. Dina taun 1699, Transilvania jadi daérah kakaisaran Austria sanggeus meunangna Austria ti Turki dina Perang Turki Raya. Austria ngalaksanakeun paluasan kakawasaan lianna ka wewengkon Wallachia jeung Moldavia, jeung Kakaisaran Rusia ngawasaan Bessarabia taun 1812.

Kamerdékaan jeung Monarki

[édit | édit sumber]
Wewengkon nu dicicingan bangsa Romania saméméh Perang Dunya I

Dina période kakawasaan Austria-Hongaria di Transilvania, jeung suzerainty Utsmaniyah di Wallachia jeung Moldavia, status bangsa Romania nyaéta padumuk kelas dua (atawa malah sanés padumuk)[30] di wewengkon tempat bangsa aranjeunna jadi bangsa mayoritas.[31][32] Di sababraha kota di Transilvania, kawas Braşov, bangsa Romania dilarang tinggal di jeroeun témbok kota.[33]

Sanggeus gagalna Révolusi 1848, nagara-nagara gedé teu ngadukung usaha unifikasi Romania, jadina aranjeunna kapaksa joang sorangan ngalawan Kasultanan Utsmaniyah. Éléktor di Moldavia jeung Wallachia milih Alexandru Ioan Cuza minangka pangéran (Domnitor dina basa Romania) dina taun 1859.[34] Pamilihan Alexandru Ioan Cuza minangka domnitor hasil ngahijikeun Wallachia jeung Moldavia minangka Romania, tapi Transilvania masih encan kénéh kaasup kana wewengkon Romania. Di Transilvania, bangsa Hungaria aya di kelas luhur, jadina bangsa Romania ngamimitian palawanan ka Hongaria.

Dina kudéta taun 1866, Cuza diasingkeun jeung digantikeun ku Pangéran Karl ti Hohenzollern-Sigmaringen, nu katelah minangka Pangéran Karol ti Romania. Dina Perang Rusia-Turki 1877-78, Romania ngadukung Rusia,[35] jeung dina Traktat Berlin 1878, kamerdékaan Romania diakuan.[36] Gagantina, Romania méré tilu distrik kidul di Bessarabia ka Rusia jeung meunangan wewengkon Dobrogea. Dina taun 1881, kapangéranan robah kana karajaan.

Période 1878-1914 mangrupa période kastabilan jeung kamajuan pikeun Romania. Dina Perang Balkan Kadua, Romania ngagabung jeung Yunani, Sérbia, Monténégro, jeung Turki ngalawan Bulgaria, jeung dina Traktat Bukares (1913), Romania miboga kakawasaan dina wewengkon Dobrogea Kidul.[37]

Perang Dunya

[édit | édit sumber]

Dina Agustus 1914, basa Perang Dunya I, Romania ngumumkeun nétral. Dua taun saterasna, dina tekenan Sakutu (utamana Perancis nu hayang muka front anyar), dina 14/27 Agustus 1916, Romania gabung ka Sakutu jeung ngadéklarasikeun perang ka Austria-Hongaria. Lantaran kitu, liwat konvénsi militér rahasia, Sakutu jangji méré dukungan ka Romania dina usaha ngahijikeun sadaya rahayat Romania.[38]

Kampanye militér Romania ahir kalawan karusuhan pikeun Romania sabab Blok Séntral nalukkeun 2/3 téritori Romania dina wanci opat bulan, tapi Moldavia tetep aya dina kawasa Romania sanggeus invasi eureun dina taun 1917. Dina ahir perang, Austria-Hongaria jeung Kakaisaran Rusia ngalaman disintegrasi, jadina Bessarabia, Bukovina, jeung Transilvania ngadéklarasikeun panghijian jeung Karajaan Romania.

Dina Perang Dunya Kadua, Romania ngadéklarasikeun nétral deui, tapi dina 28 Juni 1940, Romania narima ultimatum ti Uni Soviét.[39] Dina tekenan Mosow jeung Bérlin, Romania kapaksa mundur ti Bessarabia jeung Bukovina Kalér pikeun nyingkahan perang.[40] Kajadian ieu, ditambih ku sababaraha faktor nu lian, nyieunan pamaréntah Romania gabung ka Blok Poros. Akibat kaputusan blok Poros, Dobrogea kidul dibéré ka Bulgaria, samentara Hongaria miboga Transilvania Kalér.[41] Dina perang, Romania mangrupa sumber minyak nu penting pikeun Nazi,[42] jadina Sakutu ngalaksanakeun pamboman. Sanggeus invasi Jérman ka Uni Soviét, Romania ngarebut deui Bessarabia jeung Bukovina Kalér ti Soviét.

Sanggeus Raja Mihai I ti Romania diistrénan jeung ngalabuhkeun Ion Antonescu, Romania ngagabung ka Sakutu, tapi lakuannna dina nalukkeun Jérman Nazi teu diakuan ku Konferénsi Parapihan Paris taun 1947.[43] Wates kulon Romania balik deui kawas saméméhna, tapi Bukovina Kalér jeung Bessarabia tetep dikawasaan ku Soviet.

Komunisme

[édit | édit sumber]

Dina taun 1947, kaum komunis maksa Raja Mihai I lungsur jeung angkat ninggalkeun nagara. Romania diproklamasikeun minangka républik rahayat.[44][45] Romania tetep aya dina panjajahan militér jeung kontrol ékonomi Uni Soviét nepi ka ahir taun 1950-an. Dina période ieu, sumber daya Romania diserep[46] ku pausahaan Soviét-Romania (SovRoms).[47][48]

Nicolae Ceauşescu

Pamaréntahan komunis ngawangun rézim nu utamana dilaksanakeun liwat Securitate (pulisi rasiah anyar). Aranjeunna ngalaksanakeun kampanye pikeun maraéhan "musuh nagara", jadina aya rajapati atawa ditangkepna individu-individu ku alesan politik jeung ékonomi.[49] Hukuman ngawengku déportasi, pangasingan internal, gawé paksa, atawa dipanjarakeun. Catetan sajarah nyatet rupa-rupa kasus panyiksaan jeung rajapati, boh ka musuh politik atawa rahayat biasa.[50]

Dina taun 1965, Nicolae Ceauşescu mimita ngawasa jeung ngalaksanakeun kawijakan indepénden, kawas jadi sahiji-hijina nagara Pakta Warsawa nu teu satuju kana invasi Soviét ka Cékoslowakia taun 1968, neruskeun hubungan ka Israél sanggeus Perang Genep Poé tahn 1967, sarta muka hubungan diplomatik jeung ékonomi sareng Jérman Kulon.[51] Romania ogé miboga hubungan nu deukeut kalawan nagara-nagara Arab, nyieun Romania maénkeun laku penting dina prosés parapihan IsraélMesir jeung Israél–Paléstina.[52]

Ku sabab hutang luar nagri Romania naék drastis antara taun 1977 nepi ka 1981 (ti 3 nepi ka 10 miliar dollar AS),[53] pangaruh organisasi monetér internasional kawas IMF jeung Bank Dunya ningkat, nu teu cocog jeung kawijakan autarki Nicolae Céauşescu. Anjeunna ngusahakeun mayar hutang kalawan netepkeun kawijakan nu miskinkeun rahayat jeung nyieun ékonomi Romania leuleus. Salian ti éta, anjeunna ngaluasan kakawasaan Securitate. Akibatna, popularitas Céauşescu ngirang, nu ahir kalawan labuhna Céauşescu dina Révolusi Romania 1989.

Romania kiwari

[édit | édit sumber]

Sanggeus Perang Tiis ahir, Romania mekarkeun hubungan nu leuwih deukeut sareng Eropa Kulon. Romania ngagabung ka NATO dina taun 2004, jeung jadi tuan bumi patepungan puncak NATO di Bukares taun 2008.[54] Romania ogé gabung ka Uni Éropa dina 1 Januari 2007.[55]

Sabab kahéséan hirup sanggeus déprési ékonomi taun 1990-an, muncul diaspora gedé Romania. Tujuan émigrasi utama nyaéta Spanyol, Italia, Austria, Jérman, Britania Raya, Kanada, jeung Amérika Sarikat.[56]

Politik jeung pamaréntahan

[édit | édit sumber]

Konstitusi Romania dijieun dumasar kana Konstitusi Perancis[57] jeung ditarima liwat réferéndum nasional dina 8 Désémber 1991.[57] Hiji panyandakan sora nu diayakeun dina Oktober 2003 narima 79 amandemén konstitusi, nyieunannna cocog jeung législasi Uni Éropa.[57] Romania téh mangrupa républik démokratis multipartéy. Fungsi éksekutif dilaksanakeun ku présidén jeung perdana menteri. Présidén Romania dipilih liwat pamilihan umum saban lima taun. Présidén nunjuk perdana menteri, nu mingpin pamaréntahan.[57] Présidén hirup di Istana Cotroceni, samentara Perdana Menteri jeung pamaréntahan Romania kantorna di Istana Victoria.

Cabang législatif pamaréntahan Romania, nu kawanoh minangka Parlemén (Parlamentul României), diwangun ti dua majelis, Senat (Sénat), nu miboga 137 anggota (dina 2005), jeung Camera Deputaţilor (majelis handap), nu miboga 332 anggota (dina 2004). Anggota ti dua majelis ieu dipilih saban opat taun.

Institusi nu pangluhurna dina sistem hukum Romania nyaéta Pangadilan Luhur Kasasi jeung Kaadilan (Înalta Curte de Casaţie şi Justiţie), nu mangrupa mahkamah ageung Romania.[58] Sistem hukum di Romania loba kapangaruh ku hukum di Perancis.[57][59]

Hubungan luar nagri

[édit | édit sumber]

Ti Désémber 1989, Romania terus ngiatan hubungan sareng Kulon, utamana jeung Amérika Sarikat jeung Uni Éropa. Romania ngagabung ka North Atlantic Treaty Organisation (NATO) dina 29 Maret 2004, Uni Éropa dina 1 Januari 2007, Dana Monetér Internasional jeung Bank Dunya dina taun 1972, jeung ngagabung ogé ka World Trade Organization.

Pamaréntah Romania ayeuna ngusahakan ngiatan hubungan jeung nagara-nagara Eropa Wétan (utamana Moldova, Ukraina, jeung Géorgia).[60] Romania ogé ngadéklarasikeun dukunganna ka Turki, Kroasia, jeung Moldova pikeun gabung ka Uni Éropa.

Dina Désémber 2005, Présidén, Traian Băsescu, jeung Sekretaris Nagara Amérika Sarikat, Condoleezza Rice, nandatanganan pasatujuan nu ngijinkeun hadirna militér AS di sababaraha fasilitas Romania, utamana di bagian wétan nagara.[61] Dina Méi 2009, Sekretaris Nagara AS, Hillary Clinton, nyebutkeun yén "Romania mangrupa salah sahiji batur nu paling dipercaya jeung paling dihormat ku Amérika Sarikat".[62]

Hubungan diplomatik antara Romania jeung Moldova jadi istiméwa[60] sabab duanana miboga basa jeung sajarah nu sarua. Gerakan pikeun unifikasi Romania jeung Moldova muncul dina awal taun 1990-an sanggeus kadua nagara bébas ti kakawasaan komunis,[63] tapi leungit sabab pamaréntah Moldova nu anyar hayang tetep merdika ti Romania.[64] Romania katarik jeung Moldova jeung sacara resmi nolak Pakta Molotov-Ribbentrop, pajangjian nu nyababkeun direbutna sabagian wewengkon Romania ku Uni Soviét[63]. Tapi dua nagara ieu teu bisa tepung ka pasatujuan dina pajangjian bilateral.[65]

Militér

[édit | édit sumber]

Angkatan Pakarang Romania diwangun ti angkatan darat, laut, jeung udara, jeung dipingpin ku panglima pangluhurna. Présidén Romania mangrupa panglima nu pangluhurna ti angkatan pakarang dina masa perang. Romania miboga 90.000 tentara.[66]

Romania miboga anggaran patahanan 2.05% ti PDB, nyaéta kira-kira 2.9 miliar dollar, tapi tentara Romania bakal ngagunakeun kira-kira 11 miliar dollar dina 2006 2011 pikeun modérnisasi jeung akuisisi palengkepan anyar.[67] Angkatan pakarang Romania geus kalibet dina sababaraha perang, kawas misi NATO di Apganistan.

Babagian administratif

[édit | édit sumber]
Babagian administratif di Romania

Romania dibagi kana 41 judeţe, sarupa propinsi, ditambih munisipalitas Bukares (Bucureşti). Saban judeţe miboga déwan judeţe (consiliu judeţean), nu boga tanggung jawab pamaréntahan daérah. Judeţe dibagi kana kota (tung. oraş, jam. oraşe) jeung komune (tung. comună, jam. comune). Aya 319 kota jeung 2686 komune di Romania.[68] Saban kota jeung komune miboga walikota (primar) jeung déwan daérah (consiliu local).

Ieu daptar judeţe/propinsi Romania (alfabétis):

Géografi

[édit | édit sumber]
Peta topografi Romania

Kalawan téritori saluas 238,391 square kilometres (92,043 sq mi), Romania mangrupa nagara nu pangluasna di Eropa Tenggara jeung nu panggedéna ka-12 di Éropa.[69] Kalobaannana ti wates Romania jeung Serbia sarta Bulgaria diwangun ti Walungan Donau. Walungan Donau ngalir ka Laut Hideung liwat wewengkon Romania, ngawangun Délta Donau, délta nu panggedéna kadua di Éropa, nu jadi Situs Warisan Dunya UNESCO.[70] Walungan penting lian nyaéta Siret, Olt jenung Mureş.[69]

Topografi Romania dibagi antara pagunungan, papasiran, jeung dataran handap. Pagunungan Carpathia ngadominasi puseur Romania, kalawan 14 puncakna nu nepi ka kaluhuran leuwih ti 2.000 méter.[69] Gunung nu pangluhurna di Romania nyaéta Puncak Moldoveanu (2,544 m (8,346 ft)*). Di Romania kidul bagian tengah, pagunungan robah ka papasiran. Divérsitas géografi nyababkeun divérsitas flora jeung fauna di Romania.[69]

Ékosistem

[édit | édit sumber]
Danau glasial di Taman Nasional Retezat

47% wewengkon Romania diwangun ti ékosistem natural jeung semi-natural.[71] Ku sabab méh saparo leuweung di Romania (13% téritori) geus diatur pikeun konsérvasi Daérah Aliran Walungan tinimbang produksi, Romania miboga salah sahiji wewengkon leuweung nu panggedéna di Éropa.[71]

Aya kira-kira 10,000 km2 (3,900 sq mi) wewengkon nu dilindung di Romania.[72] Cagar Biosfer Donau mangrupa komplék lahan baseuh nu panggedéna jeung paling saeutik diruksak di Éropa, ngawengku wewengkon saluas 5,800 km2 (2,200 sq mi).[73] Pentingna biodivérsitas di Délta Donau geus diakuan di dunya, jadina didéklarasikeun minangka Situs Warisan Dunya UNESCO dina Désémber 1991.[74] Aya dua cagar biosfer lian di Romania, nyaéta Taman Nasional Retezat jeung Taman Nasional Rodna.

Flora jeung fauna

[édit | édit sumber]
Pelikan di Délta Donau

Di Romania aya 3.700 spésiés tutuwuhan. 23 geus disebutkeun minangka monumén alam, 74 spésiés hilang, 39 spésiés kaancam, 171 spésiés pikacilakaeun, jeung 1.253 spésiés dianggap langka.[75] Tilu zona végetasi utama di Romania nyaéta zona alpine, zona leuweung, jeung zona stépa. Végetasi nyebar dumasar kana karakteristik taneuh, iklim, jeung kaluhuran.

Fauna di Romania diwangun ti 33.792 spésiés, 33.085 spésiés mangrupa invértébrata jeung 707 spésiés mangrupa vértébrata.[75] Spésiés vértébrata diwangun ti 191 spésiés lauk, 20 spésiés ampibi, 30 spésiés réptil, 364 spésiés manuk, jeung 102 spésiés mamalia.[75] Fauna nyebar dumasar kana rupa végétasi di mana maranéhna aya.

Romania miboga iklim transisional antara iklim sedeng jeung kontinéntal. Rarata suhu di Romania nyaéta 11 °C (52 °F) di kidul jeung 8 °C (46 °F) di kalér.[76] Suhu pangpanasna nu pernah dicatet nyaéta 44.5 °C (112.1 °F) di Ion Sion 1951 jeung suhu pangtiisna nu pernah dicatet nyaéta -38.5 (−37 °F) di Bod 1942.[77]

Di Romania aya opat usum, nyaéta usum semi, panas, gugur, jeung tiis. Usum panas biasana haneut pisan atawa panas, kalawan rarata suhu dibukares kira-kira 28 °C (82 °F).[78] Usum semi boga ciri isuk jeung peuting nu tiis, jeung siang nu haneut. Usum gugur boga ciri garing jeung tiis, upami usum tiis miobga rarata suhu nu pangpanasna teu leuwih ti 2 °C (36 °F).[79]

Rarata curah hujan di pagunungan kulon Romania nyaéta 750 mm (30 in) per taun. Di wewengkon kidul bagian tengah (sakurilingeun Bukares), tingkat curah hujan nepi ka 600 mm (24 in),[80] ari di Délta Donau, curah hujan leutik pisan, kalawan rarata 370 mm.

Démografi

[édit | édit sumber]
Peta pasebaran étnis di Romania dina taun 2011

Dumasar kana sénsus taun 2002, Romania miboga populasi 21.698.181 jeung kira-kira bakal ngirang. 89.5% padumuk Romania mangrupa bangsa Romania. Étnis minoritas nu panggedéna nyaéta Hungar, nu ngawangun 6.6% populasi jeung Rom nu ngawangun 2.46% populasi. Dumasar kana sénsus resmi, 535.250 urang Rom tinggal di Romania. Hungar, nu mangrupa minoritas di Transilvania, jadi mayoritas di county Harghita jeung Covasna. Bangsa Ukraina, Jérman, Lipovan, Turki, Tatar, Sérbia, Slowakia, Bulgaria, Kroasia, Yunani, Rusia, Yahudi, Céko, Polandia, Italia, Arménia, jeung sababaraha grup étnis lianna ngawangun 1.4% populasi.[81]

Basa resmi Romania nyaéta basa Romania. Basa Romania mangrupa basa asli pikeun 91% padumuk Romania, jeung basa Hongaria sareng Rom minangka basa minoritas nu pangpentingna, dipaké ku 6.7% jeung 1.1% padumuk.[81] Di tempat étnis minoritas ngawangun 20% populasi, basa minoritas éta bisa dipaké dina administrasi jeung hukum. Basa Inggris jeung Perancis mangrupa basa asing utama nu diajarkeun di sakola-sakola. Basa Inggris digunakeun ku 5 yuta padumuk Romania, Perancis ku 4–5 yuta[nu bener?] padumuk, jeung Jérman, Italia, jeung Spanyol dipaké ku 1–2 yuta padumuk.[82] Saméméhna, basa Perancis mangrupa basa asing utama di Romania, tapi basa Inggris geus ngagantina. Basa Jérman diajarkeun di Transilvania lantaran kakawasaan Austria-Hongaria di propinsi ieu sebelumnya.

Romania mangrupa nagara sékulér, jadina teu boga agama nasional. Agama nu loba diagem nyaéta Garéja Orthodox Romania (86.7%). Agama penting lianna nyaéta Katolik Roma (4.7%), Protéstan (3.7%), Péntakosta (1.5%), jeung Garéja Katolik-Yunani Romania (0.9%).[81] Islam ogé diagem jeung museur di Dobrogea. Salian ti Islam, agama Yahudi ogé diagem ku sabagian padumuk Romania.

Universitas Bukares

Ti Révolusi Romania 1989, sistem atikan Romania terus diréformasi.[83] Dumasar kana Undang-Undang Atikan nu dipaké dina taun 1995, sistem atikan diatur ku Kamentrian Atikan jeung Panalungtikan. TK mangrupa atika opsional pikeun barudak nu yuswana 3 nepi ka 6 taun. Sakola dimimiti dina yuswa 7 taun (kadang-kadang 6), jeung wajib nepi ka kelas 10 (dina yuswa kira-kira 16 atawa 17).[84]

Dumasar kana Academic Ranking of World Universities, dina taun 2006 euweuh universitas di Romania nu asup ka 500 universitas nu pangalusna di dunya.[85] Dilaporkeun yén universitas nu pangalusna di Romania, Universitas Bukares ngan miboga peunteun saparo ti universitas nu miboga tingkat ka-500.[86]

Ékonomi

[édit | édit sumber]
Pabrik baja ArcelorMittal di Galaţi

Kalawan PDB $264 miliar jeung PDB per kapita (PPP) $12.285[87] dina taun 2008, Romania mangrupa nagara kalawan pamasukan nengah ka luhur[88] jeung geus jadi bagian ti Uni Éropa ti 1 Januari 2007.

Sanggeus rézim komunis labuh dina taun 1989, nagara ieu ngalaman dékade panurunan jeung kateustabilan ékonomi, disababkeun ku labuhna basis industri jeung kirangnya réformasi struktural, tapi ti taun 2000, ékonomi Romania robah kana ékonomi kalawan kastabilan ékonomi makro, jeung ciri kamekaran ékonomi luhur, tingkat pangangguran handap jeung ngirangna inflasi. Dina taun 2006, Romania nyitak kamekaran ékonomi 7.7%, salah sahiji nu panggedéna di Éropa.[89] Kamekaran ékonomi turun ka 6.1% dina taun 2007,[90] tapi nepi ka 8.9% dina salapan bulan awal taun 2008. Kamekaran ékonomi labuh ka 2.9% dina triwulan ka-4 jeung kamekaran ékonomi Romania dina taun 2008 jadi 7.1%. Hal ieu disababkeun ku ayana krisis finansial global.[91]

Romania miboga tingkat pangangguran 3.9% dina Séptémber 2007,[92] nu lumayan handap lamjun dibandingkeun jeung nagara Éropa lianna, kawas Polandia, Perancis, Jérman, jeung Spanyol. Utang luar nagri Romania ogé lumayan handap, kalawan jumlah 20.3% ti PDB.[93] Tingkat ékspor Romania ogé terus ningkat dina sababaraha taun ieu, kalawan komoditas nu diékspor nyaéta tékstil, mesin industri, pakakas éléktronik, produk métalurgi, bahan atah, mobil, pakakas hipu, farmasi, bahan kimia, jeung produk agrikultur (bungbuahan, sayur, jeung kembang). Romania loba ngalaksanakeun dagang sareng nagara-nagara Uni Éropa, kalawan Jérman jeung Italia salaku mitra dagang nu panggedéna, tapi Romania ngalaman défisit dagang nu gedé, nu ningkat 50% dina taun 2007.[94]

Sanggeus privatisasi jeung réformasi dina ahir taun 1990-an jeung awal 2000-an, intervénsi pamaréntah dina ékonomi Romania leuwih handap dibandingkeun nagara-nagara Éropa lianna.[95] Dina taun 2005, pamaréntah ngagentos sistem pajak progrésif Romania jadi sistem pajak tetep 16%, jadina Romania miboga tanggung jawab fiskal nu panghandapna di Uni Éropa,[96] faktor nu ngabantu tumuwuhna séktor swasta. Ékonomi Romania leuwih ngagantung dina jasa (55% ti PDB), sanajan industri (35% ti PDB) jeung agrikultur (15% ti PDB) ogé boga pangaruh. Salian ti étu, 32% padumuk Romania gawé dina séktor agrikultur jeung produksi.[93]

Ti taun 2000, Romania geus narik perhatosan invéstor ti luar nagri jeung jadi tujuan invéstasi nu panggedéna di Éropa Tengah jeung Tenggara. Dina taun 2006, jumlah total arus asup foreign direct investment di Romania nyaéta €8.3 miliar.[97]

Transportasi

[édit | édit sumber]
Peta jaringan jalan di Romania

Ku lantaran lokasina, Romania mangrupa simpangan pikeun patukeran ékonomi internasional di Eropa, tapi lantaran kirangna invéstasi, pangurusan jeung paropéaan infrastruktur transportasi Romania teu minuhan kabutuhan pasar jeung katinggal ti Eropa Kulon.[98] Tapi, kondisi ieu terus ngabener jeung standar jaringan transportasi Trans-Eropa terus diudag. Sababaraha proyék geus dimimitian kalawan dana ti Instrument for Structural Policies for Pre-Accession (ISPA) jeung injeuman ti International Financial Institutions (Bank Dunya, IMF, jsb.).

Bank Dunya ngira-ngira yén jaringan rél karéta api nu aya di Romania dina taun 2004 nepi ka 22.298 km, nyieunanna jaringan karéta api nu panggedéna ka-4 di Éropa.[99]

Istana Budaya di Iaşi diwangun antara taun 1906 jeung 1925.

Romania miboga budaya nu unik, nu kacipta ti géografi jeung sajarahna. Idéntitas Romania mimiti kawangun ti pangaruh budaya Romawi jeung Dacia. Ti abad patengahan, pangaruh budaya muncul ti bangsa Slavia nu migrasi di deukeut Romania.[100] Budaya modérn Romania mekar dina pangaruh budaya Kulon, utamana Perancis[101] jeung Jérman.[101]

Seni jeung sastra

[édit | édit sumber]

Sastra Romania mimiti évolusi sanggeus révolusi Wallachia 1848. Murid Romania mimiti neuleuman di Perancis, Italia, jeung Jérman. Filsafat Jérman jeung budaya Perancis kaintegrasi kana sastra Romania modérn jeung muncul inohong kawas Mihai Eminescu, George Coşbuc, jeung Ioan Slavici. Sanajan aranjeunna kirang kasohor di luar Romania, aranjeunna diapresiasikeun pisan di Romania sahah nyieun sastra Romania. Di antara aranjeunna, Eminescu dianggap salaku panyair Romania nu pangpentingna, jeung karyana masih dipikaresep, utamana puisi Luceafărul.[102] Panulis lian nu méré kontribusi dina abad ka-19 nyaéta Mihail Kogălniceanu, Vasile Alecsandri, Nicolae Bălcescu, Ion Luca Caragiale, jeung Ion Creangă.

Awal abad ka-20 dianggap minangka jaman kajayaan budaya Romania.[103] Inohong penting nu geus mangaruhan budaya dunya nyaéta Constantin Brâncuşi, figur utama gerakan modérn, panaratas abstraksi jeung panganyar skulptur dunya.[104] Salah sahiji karyana, "Bird in Space" , kajual $27.5 yuta dina taun 2005.[105][106] Dina période antar perang dunya, inohong kawas Tudor Arghezi, Lucian Blaga, Eugen Lovinescu, Ion Barbu, Liviu Rebreanu ngusahakeun nyinkronisasikeun sastra Romania jeung sastra Éropa. George Enescu, panembang Romania nu kasohor, ogé asalna ti période ini.[107]

Sanggeus perang dunya réngsé, komunisme mawa panyénsoran gedé. Kabébasan nepikeun pamikiran dilarang, tapi inohong kawas Gellu Naum, Nichita Stănescu, jeung Marin Sorescu hasil lolos ti panyénsoran, jeung mangrupa pamingpin "Renaissance" leutik pikeun sastra Romania.[108] samentara teu loba karya nu hasil lolos ka dunya internasional lantaran panyénsoran, karya figur kawas Constantin Noica, Paul Goma, jeung Mircea Cărtărescu dipublikasikeun di luar nagri sanajan aranjeunna dipanjarakeun lantaran rupa-rupa alesan politik. Sababaraha senima milih ninggalkeun nagara jeung nyumbang karyana dina pangasingan, kawas Eugen Ionescu, Mircea Eliade, jeung Emil Cioran.

Tempo ogé

[édit | édit sumber]

Catetan suku

[édit | édit sumber]
  1. "Populația rezidentă la 1 Ianuarie 2021" [The usually resident population on 1 January 2021] (PDF). Insse.ro (dalam Romanian). National Institute of Statistics. Diakses tanggal 3 December 2021.  Archived 14 Nopémber 2021 di Wayback Machine
  2. Salah ngutip: Tag <ref> tidak sah; tidak ditemukan teks untuk ref bernama CensusRef
  3. a b c d "World Economic Outlook Database, April 2021 Edition". IMF.org. International Monetary Fund. Diakses tanggal 3 December 2021.  Archived 7 April 2021 di Wayback Machine
  4. "North Atlantic Treaty Organization". NATO. Diakses tanggal 2008-08-31.  Archived 2017-05-25 di Wayback Machine
  5. Romanian Statistical Yearbook (PDF). Romanian National Institute of Statistics (2007). Retrieved on 2008-01-20.
  6. Report on the Nominations from Luxembourg and Romania for the European Capital of Culture 2007 (pdf). The Selection Panel for the European Capital of Culture (ECOC) 2007 (2004-04-05). Retrieved on 2008-08-31.
  7. Trinkaus, E. (2003). "Early Modern Human Cranial remains from the Peştera cu Oase". Journal of Human Evolution 45: 245–253. doi:10.1016/j.jhevol.2003.08.003. 
  8. Zilhão, João (2006). "Neanderthals and Moderns Mixed and It Matters". Evolutionary Anthropology 15: 183–195. doi:10.1002/evan.20110. 
  9. Herodotus (1859). The Ancient History of Herodotus By Herodotus. Derby & Jackson. pp. 213–217. Diakses tanggal 2008-01-10.  Archived 2023-02-11 di Wayback Machine
  10. Assorted Imperial Battle Descriptions. De Imperatoribus Romanis, An Online Encyclopedia of Roman Emperors. Retrieved on 2008-01-10.
  11. Dacia-Province of the Roman Empire. United Nations of Roma Victor. Retrieved on 2008-01-10.
  12. Deletant, Dennis (1995). Colloquial Romanian. New York: Routledge. p. 1. ISBN 9780415129008. 
  13. Matley, Ian (1970). Romania; a Profile. Praeger. p. 85. 
  14. Giurescu, Constantin C. (1972). The Making of the Romanian People and Language. Bucharest: Meridiane Publishing House. pp. 43, 98–101,141. 
  15. Eutropius; Justin, Cornelius Nepos (1886). Eutropius, Abridgment of Roman History. London: George Bell and Sons. Diakses tanggal 2008-08-31.  Archived 2009-02-20 di Wayback Machine
  16. Watkins, Thayer. The Economic History of the Western Roman Empire. Retrieved on 2008-08-31. “"The Emperor Aurelian recognized the realities of the military situation in Dacia and around 271 A.D. withdrew Roman troops from Dacia leaving it to the Goths. The Danube once again became the northern frontier of the Roman Empire in eastern Europe"”
  17. Jordanes (551 A.D.). Getica, sive, De Origine Actibusque Gothorum. Constantinople. Diakses tanggal 2008-08-31.  Archived 2008-10-07 di Wayback Machine
  18. Iliescu, Vl.; Paschale, Chronicon (1970). Fontes Historiae Daco-Romanae II. Bucureşti. pp. 363, 587. 
  19. a b Teodor, Dan Gh. (1995). Istoria României de la începuturi până în secolul al VIII-lea 2. Bucureşti. pp. 294–325. 
  20. Bóna, István (2001). Köpeczi, Béla, ed. "History of Transylvania: II.3. The Kingdom of the Gepids" 1. New York: Institute of History of the Hungarian Academy of Sciences. Diakses tanggal 2008-08-31.  More than one of |distributor= dan |publisher= specified (bantuan) Archived 2008-12-06 di Wayback Machine
  21. Bóna, István (2001). Köpeczi, Béla, ed. "History of Transylvania: II.4. The Period of the Avar Rule" 1. New York: Institute of History of the Hungarian Academy of Sciences. Diakses tanggal 2008-08-31.  More than one of |distributor= dan |publisher= specified (bantuan) Archived 2008-12-10 di Wayback Machine
  22. Constantine VII, Porphyrogenitus. Constantine Porphyrogenitus De Administrando Imperio. Constantinople. Diakses tanggal 2008-08-31.  Archived 2008-10-23 di Wayback Machine
  23. Xenopol, Alexandru D. (1896). Histoire des Roumains i. Paris. p. 168. 
  24. Makkai, László (2001). Köpeczi, Béla, ed. "History of Transylvania: III. Transylvania in the Medieval Hungarian Kingdom (896–1526)" 1. New York: Institute of History of the Hungarian Academy of Sciences. Diakses tanggal 2008-08-31.  More than one of |distributor= dan |publisher= specified (bantuan) Archived 2008-12-10 di Wayback Machine
  25. Köpeczi, Béla, ed. (2001). "History of Transylvania: IV. The First Period of the Principality of Transylvania (1526–1606)" 1. New York: Institute of History of the Hungarian Academy of Sciences. Diakses tanggal 2008-08-31.  More than one of |distributor= dan |publisher= specified (bantuan) Archived 2008-12-10 di Wayback Machine
  26. Várkonyi, Ágnes R. (2001). Köpeczi, Béla, ed. History of Transylvania: VI. The Last Decades of the Independent Principality (1660–1711) 2. New York: Institute of History of the Hungarian Academy of Sciences. Diakses tanggal 2008-08-31.  More than one of |distributor= dan |publisher= specified (bantuan) Archived 2008-04-30 di Wayback Machine
  27. Ştefănescu, Ştefan (1991). Istoria medie a României I. Bucharest. p. 114. 
  28. Predescu, Lucian (1940). "Enciclopedia Cugetarea"..  
  29. Rezachevici, Constantin (2000). "Mihai Viteazul: itinerariul moldovean" (dalam bahasa Romanian). Magazin istoric (5). http://www.itcnet.ro/history/archive/mi2000/current5/mi5.htm. Diakses pada 2008-08-31.  Archived 2007-09-26 di Wayback Machine
  30. The Magyarization Process. GenealogyRO Group. Retrieved on 2008-08-31.
  31. Kocsis, Karoly; Kocsis-Hodosi, Eszter (1999). Ethnic structure of the population on the present territory of Transylvania (1880-1992). Diakses tanggal 2008-08-31.  Archived 2008-02-22 di Wayback Machine
  32. Kocsis, Karoly; Kocsis-Hodosi, Eszter (2001). Ethnic Geography of the Hungarian Minorities in the Carpathian Basin. Simon Publications. p. 102. ISBN 193131375X. 
  33. Prodan, David (1971). Supplex Libellus Valachorum= Or, The Politicle Struggle of Romanians in Transylvania During the 18th Century. Bucharest: Academy of Social Republic of Romania. 
  34. Bobango, Gerald J (1979). The emergence of the Romanian national State. New York: Boulder. ISBN 9780914710516. 
  35. San Stefano Preliminary Treaty (1878). Retrieved on 2008-08-31.
  36. The Treaty of Berlin, 1878 - Excerpts on the Balkans. Internet Modern History Sourcebook (Berlin: Fordham University). July 13, 1878. Diakses tanggal 2008-08-31.  Archived 2008-06-08 di Wayback Machine
  37. Anderson, Frank Maloy; Hershey, Amos Shartle (1918). Handbook for the Diplomatic History of Europe, Asia, and Africa 1870-1914. Washington D.C.: Government Printing Office. 
  38. Horne, Charles F. (Horne). "Ion Bratianu's Declaration of War Delivered to the Austrian Minister in Romania on August 28, 1916" V. Source Records of the Great War. Diakses tanggal 2008-08-31.  Archived 2008-12-07 di Wayback Machine
  39. Ioan Scurtu, Theodora Stănescu-Stanciu, Georgiana Margareta Scurtu (2002). Istoria Românilor între anii 1918-1940 (dalam Romanian). University of Bucharest. Diarsipkan dari versi asli tanggal 2007-11-13.  Archived 2007-11-13 di Wayback Machine
  40. Nagy-Talavera, Nicolas M. (1970). Green Shirts and Others: a History of Fascism in Hungary and Romania. Hoover Institution Press. p. 305. 
  41. M. Broszat (1968). "Deutschland — Ungarn — Rumänien. Entwicklung und Grundfaktoren nationalsozialistischer Hegemonial- und Bündnispolitik 1938-1941" (dalam bahasa German). Historische Zeitschrift (206): 552–553. 
  42. "The Biggest Mistakes In World War 2:Ploesti - the most important target". Diakses tanggal 2008-08-31.  Archived 2008-09-18 di Wayback Machine
  43. Eugen Tomiuc (May 6, 2005). World War II – 60 Years After: Former Romanian Monarch Remembers Decision To Switch Sides. Archived from the original on 2007-09-30. Retrieved on 2008-08-31.
  44. "Romania". CIA - The World Factbook. Diakses tanggal 2008-08-31.  Archived 2020-05-15 di Wayback Machine
  45. "Romania - Country Background and Profile". ed-u.com. Diakses tanggal 2008-08-31.  Archived 2008-12-10 di Wayback Machine
  46. Rîjnoveanu, Carmen (2003). "Romania's Policy of Autonomy in the Context of the Sino-Soviet Conflict" (PDF). Czech Republic Military History Institute, Militärgeschichtliches Forscheungamt. p. 1. Diakses tanggal 2008-08-31.  Archived 2008-06-24 di Wayback Machine
  47. Roper, Stephen D. (2000). Romania: The Unfinished Revolution. London: Routledge. p. 18. ISBN 9058230279. 
  48. Cioroianu, Adrian (2005). "On the Shoulders of Marx. An Incursion into the History of Romanian Communism" (dalam Romanian). Bucharest: Editura Curtea Veche. pp. 68–73. ISBN 9736691756. 
  49. Caraza, Grigore (2004). Aiud însângerat (dalam Romanian). Chapter IV. Editura Vremea XXI. ISBN 9736450503. 
  50. Cicerone Ioniţoiu (2000). Victimele terorii comuniste. Arestaţi, torturaţi, întemniţaţi, ucişi. Dicţionar (dalam Romanian). Bucharest: Editura Maşina de scris. ISBN 973-99994-2-5. 
  51. "Romania: Soviet Union and Eastern Europe". Country Studies.us. Diakses tanggal 2008-08-31.  Archived 2009-07-05 di Wayback Machine
  52. Middle East policies in Communist Romania. Country Studies.us. Retrieved on 2008-08-31.
  53. Deletant, Dennis. "New Evidence on Romania and the Warsaw Pact, 1955-1989". Cold War International History Project e-Dossier Series. Diakses tanggal 2008-08-31.  Archived 2008-10-29 di Wayback Machine
  54. "NATO update: NATO welcomes seven new members". NATO. http://www.nato.int/docu/update/2004/04-april/e0402a.htm. Diakses pada 2008-08-31  Archived 2008-09-11 di Wayback Machine
  55. "EU approves Bulgaria and Romania". BBC News. http://news.bbc.co.uk/1/hi/world/europe/5380024.stm. Diakses pada 2008-08-31  Archived 2008-12-03 di Wayback Machine
  56. "Romania". focus-migration.de. Diakses tanggal 2008-08-28.  Archived 2009-02-07 di Wayback Machine
  57. a b c d e Romania. The Europa World Year Book 2 (48 ed.) (London and New York: Routledge). 2007. pp. 3734–3759. ISBN 9781857434125. 
  58. Presentation. High Court of Cassation and Justice - —Romania. Retrieved on 2008-08-31.
  59. Romanian Legal system. CIA Factbook (2000). Retrieved on 2008-01-11.
  60. a b "Foreign Policy Priorities of Romania for 2008" (dalam Romanian). Romanian Ministry of Foreign Affairs. Diakses tanggal 2008-08-28.  Archived 2008-09-14 di Wayback Machine
  61. "Background Note: Romania - U.S.-Romanian Relations". U.S. Department of State.  Archived 2009-06-10 di Wayback Machine
  62. http://www.bucharestherald.com/politics/34-politics/3116-hillary-clinton-romania-one-of-the-most-trustworthy-and-respectable-partners-of-the-usa- Archived 2009-05-12 di Wayback Machine
  63. a b Gabriel Andreescu, Valentin Stan, Renate Weber (1994-10-30). "Romania'S Relations With The Republic Of Moldova". International Studies (Center for International Studies). http://studint.ong.ro/moldova.htm. Diakses pada 2008-08-31.  Archived 2008-02-23 di Wayback Machine
  64. Stefan Ihrig. "Rediscovering History, Rediscovering Ultimate Truth" (PDF). Diakses tanggal 2008-09-17.  Archived 2008-10-01 di Wayback Machine
  65. "Moldova urging Romania to sign basic political treaty". Romania News Watch. 2007-12-16 
  66. Ministry of National Defense of Romania (2003-01-21). Press conference. Rilis pérs. Diaksés dina 2008-08-31. Archived 2008-04-03 di Wayback Machine
  67. MoND Budget as of 2007 (Romanian). Ziarul Financiar (2006-10-30). Retrieved on 2008-08-31.
  68. Administrative Organisation of Romanian Territory, on December 31, 2005 , Romanian National Institute of Statistics. (Report). Retrieved on 2008-08-31. Archived 2007-09-27 di Wayback Machine
  69. a b c d "Geography, Meteorology and Environment" (PDF) (dalam Romanian). Romanian Statistical Yearbook. 2004. Diakses tanggal 2009-09-07.  Archived 2007-09-27 di Wayback Machine
  70. Danube Delta. UNESCO's World Heritage Center. Retrieved on 2008-01-09.
  71. a b Romania's Biodiversity. Ministry of Waters, Forests and Environmental Protection of Romania. Retrieved on 2008-01-10.
  72. Protected Areas in Romania. Romanian Ministry of Waters, Forests and Environmental Protection. Retrieved on 2008-01-10.
  73. Danube Delta Reserve Biosphere. Romanian Ministry of Waters, Forests and Environmental Protection. Retrieved on 2008-01-10.
  74. Danube Delta. UNESCO's World Heritage Center. Retrieved on 2008-01-10.
  75. a b c "Flora si fauna salbatica" (dalam Romanian). enrin.grida.no. Diakses tanggal 2009-09-07.  Archived 2009-02-23 di Wayback Machine
  76. Romania: Climate. U.S. Library of Congress. Retrieved on 2008-01-10.
  77. Romania: climate. Climate. Retrieved on 2008-01-10.
  78. The monthly average climate parameters in Bucharest. WorldTravels. Retrieved on 2008-01-10.
  79. Permafrost Monitoring and Prediction in Southern Carpathians, Romania. CliC International Project Office (CIPO) (2004-12-22). Retrieved on 2008-08-31.
  80. "The 2004 Yearbook" (PDF) (dalam Romanian). Romanian National Institute of Statistics. Diakses tanggal 2008-08-31.  Archived 2007-09-27 di Wayback Machine
  81. a b c Official site of the results of the 2002 Census . (Report). Retrieved on 2008-08-31. Archived 2008-03-25 di Wayback Machine
  82. Outsourcing IT în România (Romanian). Owners Association of the Software and Service Industry. Retrieved on 2008-08-31.
  83. The Romanian Educational Policy in Transition . UNESCO. (Report). Retrieved on 2008-08-31. Archived 2008-10-02 di Wayback Machine
  84. The Romanian Educational Policy in Transition . UNESCO. (Report). Retrieved on 2008-08-31. Archived 2008-10-01 di Wayback Machine
  85. Academic Ranking World University 2006: Top 500 World University . (Report). Retrieved on 2008-08-31. Archived 2012-02-05 di Wayback Machine
  86. Răzvan Florian Romanian Universities and the Shanghai rankings , Cluj-Napoca, România: Asociaţia Ad Astra a cercetătorilor rom âni, 7–9. (Report). Retrieved on 2008-08-31. Archived 2006-10-23 di Wayback Machine
  87. IMF World Economic Outlook April 2008 - Central and Eastern Europe. IMF (April 2008). Retrieved on 2008-08-31.
  88. Country Classification Groups. World Bank (2005). Retrieved on 2008-08-31.
  89. GDP in 2006 (PDF) (Romanian). Romanian National Institute of Statistics. Retrieved on 2008-01-10.
  90. World Bank: In 2008 Romania will have an economic growth of 5.9% (Romanian). Retrieved on 2008-01-13.
  91. "Creşterea economică din 2008 a frânat brusc în T 4". Curierul National (dalam Romanian). Diakses tanggal 2009-09-07.  Archived 2009-10-30 di Wayback Machine
  92. "Main Macroeconomic Indicators, September 2007" (PDF) (dalam Romanian). National Institute of Statistics of Romania. Diakses tanggal 2008-08-31.  Archived 2008-08-27 di Wayback Machine
  93. a b Romania. CIA World Factbook (2006). Retrieved on 2008-08-31.
  94. Romania at A Glance - January 2008. Romania Economy Watch (January 2008). Retrieved on 2008-01-10.
  95. Index of Economic Freedom: Romania. heritage.org. Retrieved on 2008-08-31.
  96. (2007-06-26) Taxation trends in the EU , Eurostat. (Report). Retrieved on 2008-08-31. Archived 2007-06-28 di Wayback Machine
  97. Romania: FDI reached over EUR 8.3 bn. Retrieved on 2008-08-31.
  98. "Prezentarea generală a reţelei de drumuri" (dalam Romanian). cnadnr.ro. Diakses tanggal 2009-09-07.  Archived 2010-02-11 di Wayback Machine
  99. Reteaua feroviara (Romanian). cfr.to. Retrieved on 2009-09-06.
  100. Lucian Boia, James Christian Brown (2001). Romania: Borderland of Europe. Reaktion Books. pp. 13, 36–40. ISBN 9781861891037. 
  101. a b "Cultural aspects". National Institute for Research & Development in Informatics, Romania. Diakses tanggal 2008-08-28.  Archived 2008-03-07 di Wayback Machine
  102. Mihai Eminescu (Romanian). National Institute for Research & Development in Informatics, Romania. Retrieved on 2008-01-20.
  103. Mona Momescu. "Romanian Cultural Debate of the Summer: Romanian Intellectuals and Their Status Groups". Romanian Club @ Columbia University. Diakses tanggal 2008-08-28.  Archived 2016-06-24 di Wayback Machine
  104. Constantin Brâncuşi's bio. Brancusi.com. Retrieved on 2008-01-20.
  105. Brancusi's 'Bird in Space' Sets World Auction Record for Sculpture at $27,456,000. Antiques and the Arts Online. Retrieved on 2008-01-20.
  106. November 9, The price record for a Brancusi masterpiece was set up in 2005 when “Bird in Space” was sold for USD 27.5 M. Romanian Information Center in Brussels. Retrieved on 2008-01-20.
  107. George Enescu, the composer. International Enescu Society. Retrieved on 2008-01-20.
  108. Ştefănescu, Alex. (1999). Nichita Stănescu, The Angel With A Book In His Hands (dalam Romanian). Maşina de scris. p. 8. ISBN 9789739929745. 

Tumbu kaluar

[édit | édit sumber]
Pék paluruh émbaran nu leuwih loba ngeunaan Romania ku jalan nyungsi proyék sabaraya Wikipédia
Définisi kamus ti Wiktionary
Buku téks ti Wikibooks
Cutatan ti Wikiquote
Téks sumber ti Wikisource
Gambar jeung média ti Commons
Warta ti Wikinews
Sumber pangajaran ti Wikiversity



t·s·é
Nagara nu tepung wates jeung Laut Hideung