Lompat ke isi

Srikandi

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Srikandi
Déwanagari: शिकण्ढी
Éjahan Sansakerta: Śikhaṇḍin; Śikhaṇḍinī
Ngaran séjén: Sikandin; Sikandini;

Bismahanta

Asal: Karajaan Pancala

Srikandi (Sansakerta: शिकण्ढी; Śikhaṇḍī) nyaéta salah saurang anak Raja Drupada jeung Déwi Gandawati ti Karajaan Pancala anu mecenghul dina wiracarita Mahabarata. Manéhna mangrupa panitisan Déwi Amba anu tiwas alatan panah Bisma. Dina buku Mahabarata manéhna dicaritakeun lahir sabagé wanoja, tapi diasuh jiga lalaki, atawa kadangkala boga bagapurusa netral (waria). Dina vérsi pawayangan Sunda jeung Jawa lumangsung hal anu ampir sarua, tapi dina pawayangan Sunda jeung Jawa mah dicaritakeun yén manéhna lakirabi jeung Arjuna sarta hal ieu mangrupa béda anu pohara jauh lamun dibandingkeun jeung carita Mahabarata vérsi India.

Harti ngaran

[édit | édit sumber]

Dina basa Sansakerta, Srikandi diejah Śikhaṇḍin, wangun feminimnya nyaéta Śikhaṇḍinī. Sacara harfiah, kecap Śikhandin atawa Śikhandini hartina "ngabogaan rarawis" atawa "anu ngabogaan jambul".

Srikandi dina Mahabarata

[édit | édit sumber]

Dina kahirupan saméméhna, Srikandi lahir sabagé wanoja nu ngaranna Amba, anu ditampik ku Bisma pikeun lakirabi. Alatan ngarasa kahina sarta hayang ngabales dendam, Amba ngadoa sangkan jadi cukang lantaran patina Bisma. Kahayangna katedunan mangsa Amba nitis ka Srikandi.

Dina waktu lahir, bapana ngasuh Srikandi jiga ka budak lalaki. Mangkana Srikandi hirup kawas lalaki, diajar élmu perang sarta satuluyna ngawin wanoja. Dina peuting munggaran lakirabi, pamajikanana ngahina dirina sanggeus nyaho hal anu sabenerna. Sanggeus mikiran cara maéhan manéh, Srikandi kabur ti Pancala, tapi disalametkeun ku saurang Yaksa anu satuluyna nukurkeun bagapurusana ka Srikandi. Srikandi balik sabagé lalaki sarta hirup bagja babarengan jeung pamajikanana sarta mibanda anak. Sanggeus pupus, bagapurusana dipulangkeun deui ka Yaksa.

Perang di Kurusétra

[édit | édit sumber]

Waktu perang di Kurusétra, Bisma sadar yén Srikandi nyaéta titisan Amba, sarta alatan manéhna henteu hayang narajang "saurang wanoja", manéhna ngaragragkeun pakarangna. Nyaho yén Bisma baris laku kitu ka Srikandi, Arjuna nyumput di tukangeun Srikandi sarta narajang Bisma ku panahna. Mangka ti éta, ngan ku bantuan Srikandi, Arjuna bisa ngéléhkeun Bisma. Ahirna Srikandi ditelasan pati ku Aswatama dina poé ke-18 Baratayuda.

Srikandi dina Pawayangan Sunda jeung Jawa

[édit | édit sumber]

Srikandi lahir alatan kahayang kadua kolotna, nyaéta Prabu Drupada jeung Déwi Gandawati, hayangeun boga anak nu lahir kalawan normal. Dua lanceukna, Déwi Drupadi sarta Dréstajumena, dilahirkan ngaliwatan pamujaan. Drupadi dilahirkan tina seuneu pamujaan, samentara haseup seuneu éta ngajanggélék jadi Dréstajumena.

Déwi Srikandi pohara resep kana olah kaprajuritan sarta mahér dina ngagunakeun pakarang panah. Kapinterna kasebut dipibandana sabot manéhna guguru ka Arjuna, anu satuluyna jadi salakina. Dina lakirabi kasebut manéhna henteu boga anak.

Déwi Srikandi jadi conto pikeun prajurit wanoja. Manéhna jadi pananggung jawab kasalametan sarta kaamanan kasatrian Madukara jeung sagala eusina. Dina perang Baratayuda, Déwi Srikandi maju jadi sénapati perang Pandawa ngagantikeun Resi Séta, satria Wirata anu geus gugur dina nyanghareupan Bisma, sénapati agung balatentara Kurawa. Kalayan ngagunakeun panah, Déwi Srikandi bisa niwaskeun Bisma, luyu jeung supata Déwi Amba, puteri Prabu Darmahambara, raja nagara Giyantipura, anu teu kahaja tiwas ku Bisma.

Dina ahir riwayatna, Déwi Srikandi dicaritakeun tiwas ditelasan pati ku Aswatama anu nyulusup ka keraton Astinapura sanggeus lekasanana perang Baratayuda.

Tempo ogé

[édit | édit sumber]
Wiracarita Mahabarata ku Krishna Dwaipayana Wyasa
Para palaku
Dinasti Kuru Palaku séjén
Santanu | Bisma | Satyawati | Citrānggada | Wicitrawirya | Ambika | Ambalika | Widura | Dréstarata | Gandari | Sangkuni | Subadra | Pandu | Kunti | Madrim | Yudistira | Bima | Arjuna | Nakula | Sadéwa | Duryodana | Dursasana | Yuyutsu | Dursala | Drupadi | Arimbi | Gatotkaca | Ahilawati | Utara | Utari | Ulupi | Citrānggadā Amba | Barbarika | Babruwahana | Irawan | Abimanyu | Parikesit | Wirata | Kicaka | Krépa | Dorna | Aswatama | Ékalaya | Kertawarma | Jarasanda | Satyaki | Mayasura | Durwasa | Sanjaya | Janaméjaya | Abiyasa | Karna | Jayadrata | Kresna | Baladéwa | Drupada | Arimba | Dréstajumena | Burisrawa | Salya | Adirata | Srikandi | Rada
Jejer pamungkas
Pandawa Lima | Kurawa | Astinapura | Indraprahasta | Karajaan dina Mahabarata |
Perang di Kurusétra | Bagawad Gita | Karajaan Kuru | Silsilah Pandawa jeung Kurawa