Surah Al-Kafirun
| Al Kafirun الْكَافِرُونَ |
|
|---|---|
| Informasi | |
| Harti | Jalma-jalma Kafir |
| Golongan | Makkiyah |
| Surah ka | 109 |
| Juz | Juz 30 |
| Statistik | |
| Jumlah ruku' | 1 ruku' |
| Jumlah ayat | 6 ayat |
Surat Al Kafirun (basa Arab:الْكَافِرُونَ) nyaéta surat ka-109 dina Al Qur'an. Surat ieu diwangun ku 6 ayat sarta kaasup kana surat Makkiyah. Ngaran Al Kaafiruun (jalma-jalma kafir) dicokot tina kecap anu mecenghul dina ayat kahiji surat ieu. Poko eusi surat ieu téh henteu dibeunangkeunana kompromi dina wangun nyampuradukkeun ajaran agama.
Kasang Tukang
[édit | édit sumber]Dina mangsa sumebarna Islam di Mekah, kaum Quraisy anu nangtang Rosulullah SAW teu eureun-eureun néangan cara pikeun ngeureunkeun ajaran Islam nu ngancam kapercayaan karuhun maranéhanana. Dina salah sahiji usaha kasebut maranéhanana upaya ngusulkeun kompromi ka Rosulullah SAW di mana maranéhanana nawarkeun: lamun Rosulullah daék muja pangéran maranéhanana, mangka maranéhanana baris muja Pangéran sakumaha konsép Islam. Saterusna surat ieu diturunkeun pikeun ngajawab hal éta.
Eusi jeung Tarjamah
[édit | édit sumber]| Ayat ka | Tulisan Arab | Tarjamah basa Sunda |
|---|---|---|
| 1. | قُلۡ يَـٰٓأَيُّہَا ٱلۡڪَـٰفِرُونَ |
Pok caritakeun (Muhammad): “Yeuh jalma-jalma kafir! |
| 2. | لَآ أَعۡبُدُ مَا تَعۡبُدُونَ |
Kaula mola nyembah kana naon anu ku arandika disarembah. |
| 3. | وَلَآ أَنتُمۡ عَـٰبِدُونَ مَآ أَعۡبُدُ |
Jeung arandika ogé lain nu nyarembah ka nu ku kaula disembah. |
| 4. | وَلَآ أَنَا۟ عَابِدٌ۬ مَّا عَبَدتُّمۡ |
Jeung kaula lain nu nyembah cara arandika nyarembah. |
| 5. | وَلَآ أَنتُمۡ عَـٰبِدُونَ مَآ أَعۡبُدُ |
Jeung arandika ogé lain nu nyarembah cara kaula nyembah. |
| 6. | لَكُمۡ دِينُكُمۡ وَلِىَ دِينِ |
Agama arandika keur arandika, agama kaula keur kaula.” |
Tumbu kaluar
[édit | édit sumber]- Al Kafirun Léarn Surah Al Kafirun with Audio at MountHira.com
Rujukan
[édit | édit sumber]- Al-Amin Al-Quran Tarjamah Sunda ku K.H. Qamaruddin Shaleh, C.V. Penerbit Diponegoro, Bandung, 2003.
- Al Quran dan Terjemahnya, Departemen agama, C.V. Toha Putra, Semarang, 1971
| Surat sateuacanna: Al Kautsar |
Surat 109 | Surat saparantosna: An Nasr |
| Al Qur'an | ||
|
1 2 3 4 5 6 7 8 9 10 11 12 13 14 15 16 17 18 19 20 21 22 23 24 25 26 27 28 29 30 31 32 33 34 35 36 37 38 39 40 41 42 43 44 45 46 47 48 49 50 51 52 53 54 55 56 57 58 59 60 61 62 63 64 65 66 67 68 69 70 71 72 73 74 75 76 77 78 79 80 81 82 83 84 85 86 87 88 89 90 91 92 93 94 95 96 97 98 99 100 101 102 103 104 105 106 107 108 109 110 111 112 113 114 | ||